UDIN WAYANG
Ngaranna mah Baharudin
Narayana. Kasép. Awak jangkung tegep, da puguh resep olah raga, tara ngaroko. Lamun
nepikeun pamadegan atawa pamanggih ngeunaan hiji hal, capétang jeung perténtang.
Karasa pinterna. Smart ceuk Asri mah.
Di kampus mah, saha anu
bireuk. Najan henteu safakultas, pasti apal ka manéhna. Enya, manéhna mah
kaasup populér. Ngan ceuk kuring, populérna kaasup negatif. Saha-saha ogé pasti
imut, seuri, lamun nyebut ngaranna. Meureun lantaran karesepna kana wayang
dianggap prototife manusa jadul alias jaman baheula, tradisional, henteu
ngindung ka jaman. Kampungan. Jadul ceuk Tukul Arwana mah. Matak lalandianana
ogé apan Udin Wayang.
“Mimitina mah lantaran sering
ngaréncangan Aki. Pun Aki téh di bumina nyalira. Tah, upami malem minggu, Aki
mah tara kakantun siaran wayang golék dina radio,” ceuk Udin Wayang di ruang
kuliah basa Pa Andan, dosen mata kuliah basa Indonesia, nitah ngadongéngkeun
karesepna. Tangtu waé babaturan réa anu sareuri, ngageuhgeuykeun, terus
ngeprokan.
Puguh
atuh, karesep kana wayang mah apan hiji hal anu anéh, kampungan, keur barudak
tahun 2014 mah. Selvie apan karesepna nari balét, Kevin karesepna snorkling,
Dean jeung Asri resep produksi film-film péndék, Elizabeth karesepna nyanyi
bari apal lagu-lagu pop ayeuna. Ari ieu, Baharudin, resep wayang, jajaka ti
jaman mana atuh manéhna téh?
“Ngaran
kuring Narayana, apan éta té nenehna Batara Kreshna waktu keur ngora. Ari
Batara Kreshna, apan jelema pinter, titisan dewa, anu ngatur peperangan rongkah
Baratayudha,” cenah. “Réa hal anu bisa dipaké eunteung tina carita pewayangan.
Ngeunaan perilaku manusa, ngeunaan kahadéan jeung kagoréngan, ngeunaan....”
Ti
harita ngarannaa dilandi jadi Udin Wayang. Tapi manéhna siga anu henteu
miroséa, malah aya kesan atoh. Angger akrab jeung mahasiswa ti fakultas mana
waé
ogé. Manéhna saukur imut lamun aya anu ngageuhgeuykeun karesepna kana wayang.
**
Kitu
gambaran manéhna ceuk kuring. Apan kuring ogé saukur nalingakeun ti
kaanggangan. Horéam deukeut teuing jeung manéhna. Meureun ngan kuring anu
henteu pati akrab jeung manéhna. Lamun panggih di koridor kampus, apan kuring
mah osok gancang ngaléos. Kitu ogé lamun manéhna aya di jero ruangan kuliah
saacan dosén datang, kuring mah tara asup. Kajeun nungguan heula di luar.
“Kunaon
sih mani siga anu alergi ka Udin Wayang?” ceuk Asri basa kuring henteu jadi
asup ka ruangan kuliah lantaran aya manéhna. “Itu mah sakitu bageurna.”
“Ah,
henteu nanaon.”
“Ditaksir
nya ku Udin Wayang?” Asri seuri, ampir ngagakgak lamun henteu ditungkup mah
biwirna.
“Lamun
sarua bogoh tinggal layanan. Lamun henteu tinggal tolak.” Biwir Asri henteu
bisa dieureunan.
“Geus
ah, tong ngabahas éta. Cua ngadéngéna ogé.”
“Lamun
ceuk Asri....”
“Kumaha?”
“Mending
tarima waé. Apan engké téh lamun lalajo wayang, bari disarung, jajan bajigur,
bisa duaan, hahaha....” Asri ngagakgak henteu kaampeuh.
“Gandéng
ah!”
**
Enya, mimitina
mah lantaran Udin Wayang nulis dina inbox akun facebook kuring. “Sri, anjeun
téh mirip Srikandi. Terang apan saha ari Srikandi?” Kitu tulisanna téh. Tangtu
waé kuring henteu apal. Manéhna ogé henteu nerangkeun keur chating mah. Ngan
isukna, di kampus, manéhna nerangkeun.
“Srikandi
téh istri anu geulis, pinter, tapis mentangkeun panah,” cenah. Tangtu waé
kuring seuri. Oh, Srikandi téh tokoh dina carita wayang. Tapi kalimat saterusna
anu ngajadikeun kuring balem.
“Unggal
neuteup anjeun, Sri, kuring sok ngalamun jadi Arjuna. Anjeun terang saha ari
Arjuna?”
Kuring
gideug.
“Arjuna
téh suamina Srikandi.”
Ti
harita kuring ngajauhan Udin Wayang. Kerja kelompok tara daék bareng. Rugina
mah éta ogé aya. Di antara babaturan, anu pinter nulis, anu daék maca buku, anu
ngarti rada jero komputer jeung internét, apan manéhna. Ah, tapi keun baé.
Daripada éra....
Ras
inget kana obrolan babaturan basa keur jajan baso di kantin.
“Kumaha
tah, lamun seug anu balaka bogoh téh Udin Wayang?” ceuk Selvie ka Agnes. Agnes
seuri ngabarakatak. “Naha kalah seuri?”
“Wah,
ampun. Lalaki mah kajeun wajahna biasa waé tapi henteu katro alias kampungan
siga Udin Wayang. Anjeun mah resep, nya?”
Selvie
ayeuna mah anu seuri. “Ngadéngéna ogé mani gararéték. Wayang, anéh ogé nya bet
aya kénéh lalaki kasép anu resep.”
Kitu
sababna kuring ngajauhan Udin Wayang. Tapi najan kuring ngajauhan, inboxna dina
akun facebook kuring taya towongna. Enya ogé ku kuring tara dilayanan deui,
komo chating mah. Cenah, Arjuna mah henteu ngan saukur percéka mentangkeun
panah biasa, tapi ogé panah asmara. Tapi ku kuring tara dibales deui. Malah
ngaranna terusna mah didelete.
1. Mangle no.2513, 5-11
Februari2015)
“Pokona
entong aya deui anu apaleun!” ceuk kuring tandes. Asri ngabarakatak.
“Naha kunaon?”
“Maké
nanya sagala. Asri daék kitu ditaksir Udin Wayang?”
Asri
kalah ngahuleng.
“Aya
naon?” Kuring henteu ngarti.
“Aya ku
anéh ari nasib jelema nya. Udin Wayang téh kasép ceuk Asri mah. Sopan, bageur,
pinter deui. Naha bet loba mojang anu henteu daékeun dideukeutan lantaran resep
kana wayang.”
Kuring
balem.
“Karunya
ogé nya.”
“Lamun
Asri daék mah, bogohan atuh...”
Asri
ngabéléhém. “Nyaéta, sigana Asri ogé sarua jeung Sri, éra reureujeunganana,”
cenah. “Jaman ayeuna, jaman sarwa teknologi mutahir, resep wayang... teu
kabayangkeun.”
**
0 Response to "UDIN WAYANG"
Posting Komentar