TAMU
Tribun Jabar, MUAT 10-12 Maret 2015)
Ingin membaca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik saja DI SINI
Tengah peuting aya anu
keketrok kana panto. Ngoréjat. Reuwas. Hideng ngarérét jam dingding, jarum
panjang jeung jarum pondok ngarangkep dina angka dua welas. Saha anu namu wayah
kieu?
Hordéng dibuka
lalaunan. Tamu téh unggeuk bari seuri. Henteu wawuh. Tapi ningali penampilanna
mah henteu aya anu nyurigakeun. Beungeut beresih, marahmay, seuri jeung rengkuh
hadé budi. Papakéan sopan, kaméja tangan panjang dikancingkeun. Ceuk haté ogé
asa henteu kudu sieun nanaon.
Tapi panto mah dibuka
saeutik. Taki-taki, bisi niat jahat, nodongkeun péso atawa naon waé, tinggal
nutupkeun deui panto jeung ngonci.
“Badé ka saha?” ceuk
kuring.
“Muhun, badé ka
Juragan.”
Ngan sakilat mikir téh.
“Oh, ka Juragan anu gaduh bumi?” pok téh.
“Muhun, leres.”
“Antos sakedap.”
Panto ditutup jeung
dikonci deui. Ngahuleng sakeudeung di tengah imah. Enya tamu téh katingalina
mah sopan jeung henteu nyurigakeun. Tapi asa haroréam nyanghareupanana. Wayah
kieu namu, kurang ajar pisan. Untung kapikiran, api-api jadi kacung sakeudeung
mah henteu nanaon.
Panto téh dibuka deui
saeutik. Kuring nolol. Tamu téh unggeuk jeung seuri deui.
“Punten, Juraganna
masih tunduheun. Engké deui atuh ka dieu deui.”
“Oh, muhun mangga
atuh.”
Panto ditutup jeung
dikonci henteu ngadagoan tamu téa ngaleos. Golédag deui waé kana risbang,
gigireun jikan anu keur tibra. Lima ménit mah nyileuk. Arék naon tamu téh bet
wayah kieu? Henteu dipanjangkeun mikir téh da kaburu reup deui. Ngimpi malahan
mah. Ngimpi keur paduduan jeung kabogoh. Lain jikan. Tapi Néng Rani, kabogoh
jaman sakola, putrana juragan jéngkol di pasar Caringin.
Keur di Dago Pakar
rarasaan téh. Tatangkalan kasorot panonpoé isuk-isuk aya ku hégar. Hawa seger.
Manuk récét.
“Urang jalan-jalan
hayu, Néng,” pok téh.
“Ka mana?”
“Ah, ka mana waé ogé
sami waé, asal sareng Néng Rani.”
Dilak anu geulis, matak
deungdeuleueun. Kembang plamboyan anu sumedeng ligar ogé éléh éndah. Dilak
jeung imut anu geulis mah matak ngajedud kana haté.
Duka sabaraha jauh
leumpang paduduaan téh. Sagala diobrolkeun bari henteu aya anggeusna. Asa resep
ngobrolkeun naon waé ogé. Kahayang mah jalan téh manjangan deui. Nepi ka Afrika
ogé henteu nanaon. Tapi tungtungna mah jalan leuweung téh parat. Bras ka...
geuning lain Maribaya. Ieu mah asa... Situ Bagendit. Keun waé, anu maca entong
protés, apan ieu mah ngaranna ogé ngimpi.
“Urang rarakitan hayu,
Néng.”
“Moal sieun tigujubar?”
“Tigujubar ogé wios
atuh, apan sareng Akang.”
Dilak anu geulis, matak
henteu kadéngé tukang rakit. Duka sabaraha mayarna, da inget téh rakit geus
ngageuleuyeung. Kuring sorangan anu ngawelah dayungna. Cai anu ngagenclang
oyag. Lauk sagedé-gedé sendal capit silihudag. Euleuh, geuning éta mah anak
lumba-lumba.
Bobogohan téh asa dina
lukisan China. Rakit ngageuleuyeung di talaga wening. Pantesna anu lalaki bari
nyintreukan kacapi. Anu awéwé nembangkeun sajak Wang Wei atawa Li Tai Po. Diteuteup
téh Néng Rani, bet sarimbag jeung Gong Li.
“Néng, kersa upami ku
Akang dicandak ka nagri Chi....” Henteu anggeus ngomong téh da kagareuwahkeun
ku anu keketrok. Jikan geus henteu nyampak di gigireun. Ngoréjat téh basa
ningali jam dingding, geuning geus tabuh tujuh.
Panto téh dibuka rada
lébar ayeuna mah. Tamu unggeuk jeung seuri. Lain anu peuting. Tapi sarua
sopanna mah.
“Badé ka saha?” pok
téh.
“Muhun, badé ka
Juragan.”
Asa diingetan ngadéngé
jawabanna. Matak gancang nanya, “Oh, ka Juragan anu gaduh bumi?”
“Muhun, leres.”
“Antos sakedap.”
Di tengah imah
ngahuleng. Asa horéam nyanghareupan tamu henteu wawuh. Gancang balik deui ka
hareup.
“Punten, Juraganna nuju
siap-siap badé angkat damel. Engké deui waé atuh ka dieu deui.”
“Oh, muhun mangga
atuh.”
Panto gancang ditutup
henteu ngadagoan tamu téa ngaléos. Padahal mah gawé nanahaon. Unggal poé ogé
kuring mah aya di imah. Da kasab téh saukur dagang kartu pulsa dina internét.
Kaluar ogé paling ngirimkeun kartu ka jasa pengiriman. Kitu ogé apan aya pagawé
duaan.
Sanggeus solat subrang
(subuh padahal beurang téa), terus mencét remot tipi. Jikan datang nanggeuy
kopi jeung pisang goréng.
“Pa Wali téh janten
ditahan nya,” ceuk jikan.
“Atuh da geus kacerek
deleg ngagasab dana proyék stadion, maenya teuing henteu ditahan. Nyolok mata
buncelik téa kasebutna lamun kitu mah.”
Henteu némbalan jikan
téh. Terus ngaléos deui ka dapur.
Unggal isuk-isuk
ningali berita tipi, bari saenyana mah geus bisa nebak naon anu diberitakeun.
Lamun lain ngeunaan korupsi, paling ogé artis anu kawin atawa pepegatan,
narkoba, jeung bencana.
Saenyana mah, di urang,
loba perkara anu tungtungna mah meulit kana korupsi deui korupsi deui. Ari
korupsi, lain waé geus ngabaju, tapi geus ngabudaya. Loba masarakat anu
nganggap lain korupsi kana korupsi. Geura wé apan sosogok, bura-béré,
dianggapna da geus kitu ilaharna. Basa meuli imah jeung kebon di Cinangka, anu
bogana méré alesan kunaon imah jeung kebonna dijual kieu, “Eta pun anak hoyong
janten guru, saurna kedah nyepeng wé 75 juta mah.” Tarip kitu téh terus
manjang, hayang jadi pulisi kudu nyepeng saratus juta, hayang jadi kepala
sakola kudu nyepeng dalapan puluh juta, hayang jadi pagawé pemda kudu nyepeng
tujuh puluh juta. Anu anéh, hayang jadi honorér di PLN atawa di Disdik, anu cenah honorna téh ngan
tilu ratus réwu sabulan, kudu nyepeng ari sapuluh juta mah.
Ari kituna, hésé di
urang mah manggihan kepala dinas, atawa kepala bagian wé, anu hirupna pas-pasan.
Apan imah bisa boga di ditu di dieu, ka mamana momobilan, eujeung... rekeningna
bisa gendut tanding munding. Contona waé Sutardi, kabag sejarah di disdik
kabupatén, apan rékeningna mah bayuhyuh. Unggal proyék anu diajukeun ku manéhna
bisa kabagéan satengahna. Pengusaha rékanan mah bisa fiktif. Atawa pengusaha
anu geus diarah mah tanaga jeung pangabogana, tinggal ditajong.
Ari kuring apal kana
bubuk leutikna kana korupsi téh. Jaman ayeuna atuh, saha anu bisa nyumput dinu
buni. Ku internét mah apan bisa disusud, dibolékérkeun. Anu hésé nyusud mah anu
nyumput dinu caang. Apan kuring mah unggal poé ogé ngagugulung internét.
“Pah, bilih badé tuang,
tos siap,” ceuk jikan ti lawang panto. “Mamah ngadamel gulé salmon sareng opor
burung unta.”
Ngagebeg. Geuning geus
beurang deui. Kitu kabiasaan kuring mah. Sasarap kopi jeung gogoréngan tabuh
tujuhan, dahar tabuh sapuluhan. Réngsé dahar kakara ngabuka laptop. Mariksa
email, website, facebook, jeung surfing ka réa alamat. Sok anteng ari geus kitu
téh. Sok poho waktu. Éta wé keur anteng-anteng kagareuwahkeun ku anu keketrok
kana panto.
Dibuka téh panto, geus
aya deui tamu anu henteu wawuh. Tapi lain anu tadi isuk atawa tadi peuting.
Papakéanana mah sarua sopan.
“Badé ka saha?” pok
téh.
“Muhun, badé ka
Juragan.”
“Oh, ka Juragan anu
gaduh bumi?”
“Muhun, leres.”
“Antos sakedap.”
Di tengah imah
ngajanteng. Ngarah dipercaya waé ngalaporkeun ka anu boga imah. Geus kira-kira
lima menit mah terus wé ka hareup deui.
“Punten, Juraganna nuju
leleson, capé tos damel. Engké deui waé atuh ka dieu deui.”
“Oh, muhun mangga
atuh.”
Panto ditutupkeun
henteu nungguan manéhna ngaléos. Terus nguliat bari ngabeubeutkeun manéh kana
sofa.
“Pah, asa teu acan
katingali solat lohor,” ceuk jikan.
“Ah, nembé gé adan.”
“Ari si Papah, tingali
tos satengah tilu. Unggal dinten téh kitu waé ih. Solat subuh menuju siang,
solat lohor menuju asar.”
Réngsé solat lohsar
(lohor deukeut ka asar téa) mah terus nitah pagawé ngahirupkeun mobil. “Papah
ka kurir pengiriman heula,” pok téh ka jikan.
“Naha sanés miwarang
waé?”
“Sakali-kali wé bari
jalan-jalan.”
Padahal mah kuring geus
jangjian jeung Asip. Asip téh informen kuring ayeuna. Apan manéhna anu
ngébréhkeun bubuk leutik ngeunaan Sutardi, kabag téa anu cenah ngabogaan
rékening gendut.
“Kabag ieu mah pinter
pisan kana nyedot proyék,” ceuk Asip basa jangjian di kamar hotél. “Ieu nomor
rékeningna anu gendut téa, nomor kartu kredit, alamat facebook, twitter, jeung
pin BB. Mangga teu langkung Bapa carana mah.”
Kuring seuri. Apan
sabenerna kuring téh hacker. Tinggal
diserbu waé ku fishing kana email
jeung facebook. Bari ditalingakeun tangtuna. Seksina Mojang Mabok, kuring méré
judul fishing bari digambaran mojang
keur ngadangkak anu palangkakakanana katutupan baju saeutik. Terus dikirimkeun
kana kronologina jeung kana email Sutardi.
Kitu biasana gawé téh.
Sanggeus itu kauseup, nuliskeun kecap-konci atawa nomer PIN, tinggal ngagasap rékening
atawa kartu kreditna. Dagang kartu pulsa mah saukur miceun salasah.
Tah, panggih ayeuna
jeung Asip téh saukur ménta info saha deui anu boga rékening gendut. Tangtuna
jeung méré bagian ka manéhna da geus hasil ngagasab milyaran rupiah. Sutardi
mah anu isuk-pagéto bakal kékérépéngan da rékeningna béak jeung kartu kredit
bayareun, henteu kudu dipikiran. Keun waé, manéhna ogé tara mikiran kasusah
batur.
Tangtu waé kuring boga
rékening anu bayuhyuh. Apan pakebonan, pasawahan, imah, villa, henteu inget
deui di mana waé kungsi meuli téh. Sertipikatna jeung surat berharga séjénna waé
satumpuk di bank. Ari ulin, apan ngaprak Asia, ngotéktak Eropah, ngurilingan
Afrika, baheula mah unggal usik. Tara jeung jikan ulin mah. Kitu wé ngajak
Agnés, Ayu, Cita, Nikita, Alisa, atawa mojang séjénna anu paling kolot masih
kuliah. Henteu hésé apan ku duit mah anu kitu téh. Jikan mah tara kungsi apaleun.
Nyangkana kuring indit ka mancanagara téh urusan bisnis onlén.
Henteu lila saenyana
mah ngobrol jeung Asip téh. Tapi duka kumaha mimitina, bet bras kana urusan anu
rada ngahuleng.
“Kapungkur mah abdi ogé
upami ameng sareng Risa téh mani asa hoyong paantel waé. Ayeuna mah boro-boro,
hoyong hirup ogé si taeun téh kedah dioprék heula,” ceuk Asip. “Ari kituna,
umur téh apan dua bulan deui ogé genep puluh taun. Kedahna mah abdi tos
pangsiun. Tos seueur anu dicandak sigana kamampuh sareng kani’matan hirup téh.
Panon ngurangan awasna, ambekan sering saresek, cepil ngurangan reungeuna.
Panyakit wé sagala karasa. Éncok, asam urat, koléstérol, diabét, kapungkur mah
asa saukur nguping wungkul. Ari Bapa sabaraha yuswa téh?”
Rada ngagebeg ditanya
umur téh. “Abdi mah tos langkung genep puluh,” pok téh rada ngadégdég.
“Rasululloh ogé apan
mung punjul tilu ti genep puluh yuswana. Rasul mah ti bubudak istigfar. Ari
urang?”
Gebeg téh. Ujug-ujug
asa jadi aki-aki. Aki-aki nurustunjung. Éta atuh da kalakuan, masih tupa-tipu
ka sasaha. Solat di imah apan saukur ngabébénjokeun jikan. Gusti Alloh ogé apan
dibobodo. Kakara karasa, horéng anu ditipu téh diri sorangan.
Henteu lila patingharuleng
jeung Asip téh. Gura-giru balik. Reupreupan nepi ka imah téh. Di teras loba
jelema. Sababaraha urang nyampeurkeun.
“Badé ka saha?” pok
téh.
“Muhun, badé ka
Juragan. Itu ogé sami sadayana, ngarantosan. Éta atuh da Juragan siga anu alim
tepang.”
“Aya peryogi naon, nya?”
“Ah, henteu nanaon, mung
silaturahmi wungkul.”
“Dupi Bapa, saha jenengan
téh?”
“Oh, nami abdi mah...
Huis!”
“Upami abdi... Pikun!”
“Abdi mah... Éncok!”
“Abdi...!”
Teu kadéngé deui anu
ngomong téh, da kuring kaburu katurelengan.
**
Pamulihan, 12 Februari
2015
0 Response to "TAMU"
Posting Komentar