KICIWIS


Tribun Jabar 5-10-2015 MUAT 27-29 Oktober 2015

Acan ogé ngaliwat ka lebah dapuran awi, bulu punduk Mang Asip geus carengkat. Muriding téh lain saukur sabulu-bulu, tapi haténa ogé seseblakan. “Ah, kawas lain kolot waé,” gerentesna. “Ngaliwat ka lebah dinya téh lain kakara, apan geus ratusan kali.” Leungeunna hideng ngodok hp dina saku. Tabuh 11.35 peuting. Poék téh mani henteu kadeuleu curuk-curuk acan. Batré anu geus kurang setrum saukur enyay-enyayan, saukur ngabantuan henteu ngatog wungkul.
Sukuna hideng ngarandeg sababaraha detik. Rék ngaliwat ka lebah dapuran awi éta mah ti baheula ogé sok rada nyiak. Tong boro peuting, beurang ogé apan sok aya waé muriding mah. Ari kituna, dapuran awi téh apan ngajajar sapanjang sisi kebon, ratusan méter. Anu ngabukbak jalan meureun baheula ngitungna ngarah iuh ari pabeubeurang, jeung ngarah deukeut wé kétang ka lembur.
“Ti baheula, enya ogé bulu punduk nyiak, da tara aya nanaon. Bismillah wé,” gerentes Mang Asip. Tapi barang blus ka lebah dapuran awi, Mang Asip ngagebeg. Suku katuhuna ngajengkat bakat ku reuwas. Éta pedah manéhna ngadangu aya anu ciciakan. Laun sabenerna mah sorana. Tapi peuting téh aya ku jempling. Kalakay awi murag waé kadangu.
Sora ciciakan téh beuki jéntré. Tapi lain sora anak hayam, sada anak éntog ieu mah. Bulu punduk Mang Asip beuki carengkat. “Moal salah deui, ieu mah jurig kiciwis,” gerentes Mang Asip. Enya manéhna téh can kungsi nempo bungkeuleukanna, komo ngalaman panggih mah. Tapi dongéng kolot ti manéhna leutik geus ngawanohkeun ka jurig kiciwis. Jurig anu tétéléndénan sagedé anak éntog, tapi lamun ditajong terus ngagedéan nepi ka sagedé gajah bareuh bari reuneuh.
Mang Asip téh geus apal sagalana ka jurig kiciwis. Tapi basa aya anu néléndén kana sukuna, manéhna reuwas ogé. Batréna gancang disebrotkeun. Enya ogé cahaya batré reyem-reyem, tapi sidik ari kana sato leutik anu teterelengan kana suku mah. Ceuk dongéng, jurig kiciwis mimitina sagedé anak hayam atawa anak éntog. Tapi da henteu siga anak hayam atawa éntog. Ieu mah duka sato nanahaon. Warnana bodas, buluna lemes matak géték matak kukurayeun matak ginggiapeun. Siga anu lindeuk tapi linghas. Ku batré ogé hésé kasebrotna.
Lantaran ngahalangan léngkah anu hayang rusuh, ngalékéték anu henteu hayang heureuy, nyingsieunan anu keur kukurayeun; nyel wé Mang Asip ambek. Komo basa si pikasebeleun téh meulit kana suku, tapi basa ditajong kalah ngoloyong basa disepak kalah ngadupak basa disurung kalah murungkut. Mang Asip muserkeun tanagana kana suku. Basa si kiciwis téa néléndén, ngan habek wé ditalapung nepi ka ngapung. Duka sabaraha puluh métér ragragna. Daun awi nepi ka maralak, tangkalna oyag, ngarekét paadu jeung dahan séjén. Barang pluk murag, pudigdig téh si kiciwis ngagedéan nepi ka sagedé bal beliter.
Si kiciwis téléndén deui nyampeurkeun Mang Asip. Lain sieun ayeuna mah anu ngawasa rarasaan Mang Asip téh, tapi ambek anu ngagugudug. Rénghap Mang Asip raranjugan. Apal manéhna ogé, perbawa jurig kiciwis mah kitu, matak ambek anu teu kaopan, ngahudang amarah anu henteu sadrah, ngajurung napsu anu bangkenu. Tapi manéhna henteu bisa kukumaha. Napsu geus ngalimpudan badan sakujur.
Komo basa si kiciwis anu sagedé bal beliter téh néléndén ngagokan léngkahna, ingetan Mang Asip teng téh ka pamajikanana. Kukumaha ogé pamajikanana anu pikasebelen mah. Nyaho peuting téh keueung, komo ka pakebonan anu ditinggalkeun ku sasaha ogé, kalah ngajujurung. “Cébor pelak cabé tanjung téh saeutik mah. Lebar bisi kagaringan. Sugan wé atuh kajadian panén keur hargana mahal,” pokna téh. Teu mikir manéhna mah salaki keueung, salaki horéam, salaki capé téh. Ongkoh manéhna ogé anu nitah-nitah ngebon cabé keur meumeujeuhna halodo entak-entakan. Teu parok jeung batur! Loba sabenerna mah pikasebeleunna pamajikan téh. Lamun kurang duit baeud, kahayangna dipungpang pundung, céréwédna alah batan penyanyi rép, digeunggeureuhkeun kalah ngaheureuykeun, timburu ka sasaha siga ka maru.
Matak basa si kiciwis meulit dina suku, Mang Asip ngawahan nompo bongohna. Barang si kiciwis néléndén, habek ditajong satakerna. “Tah, hakan! Meujeuhna siah awéwé pikasebeleun mah!” gorowok Mang Asip. Si kiciwis ngalayang, bluk murag, pudigdig deui awakna ngabadagan nepi ka sagedé anak embé. Téléndén deui nyampeurkeun Mang Asip.
Basa si kiciwis meulit kana sukuna, teng ingetan Mang Asip ayeuna mah eunteup ka anakna. Enya, anakna ogé pikasebeleun! Lain budak atah warah da diwarah mah mindeng. Budakna waé anu mantangul. Dipapatahan kalah ngalawan, teu ngarti kolot keur rungsing, kahayangna teu ngukur ka kujur. Ari kituna, budak téh boga nini-aki pikasebeleun. Enya, mitohana anu mindeng mapanas mah. Pajar téh incu batur mah kitu-kieu ari incu sorangan kurang diwowoy jeung dibéayaan bapana. Heueuh ka déwék éta téh maksudna. Mitoha pikasebeleun! Ongkoh deuih ti keur bobogohan kénéh, calon mitoha kénéh, geus karasa pikasebeleunna! Ah, kétang lain saukur mitoha, kolot sorangan ogé pikasebeleun. Ti leuleutik mapatahan kudu kieu kudu kitu. Hirup batur diatur bari sagala kurang. Lamun henteu sieun siga si Malinkundang anu disupata jadi batu atawa sieun ku agama anu ngahormat-hormat, meureun ti baheula ogé dipungpang.
Dada Mang Asip ngagolak. Rarasaan jeung pipikiranana cus-cos ka ditu ka dieu anu ngahudang amarah. Basa si kiciwis téa néléndén, habek Mang Asip nalapung sataker kebek. Henteu pati ngapung ayeuna mah. Tapi ari blug mah murag, pudigdig kiciwis téh ngagedéan jadi sagedé anak sapi.
Téléndén deui si kiciwis téh nyampeurkeun, terus ngalétakan jeung nyiuman. Sagala babauan mulek dina irung Mang Asip. Matak ongkék. Ras manéhna inget basa keur jadi RT. Loba jelema anu matak ongkék téh. Kuwu apan sababaraha kali ngajual béas raskin, ngahakan duit PNPM, jeung anu séjénna. Rejeki ajangkeuneun jelema malarat waé dihakan, apan éta téh matak ongkék. Saha anu rék ngageunggeureuhkeun ka kuwu siga kitu? Batur-baturna sasama RT apan dibéré sautak-saeutik ogé jarempé. Anu di luhur, ah saha anu mikirkeun rahayat saenya-enyana? Apan wawakil di legislatif saukur riweuh ngatur-ngatur anggaran keur sorangan. Pajabat yudikatif weureu ku proyék itu proyék ieu anu dipotong sababaraha peresén.
Mang Asip rénghap-ranjug nahan amarah. Ari kituna, saha jelemana anu henteu pikasebeleun? Kabéh jelema ogé bangkawarah. Buktina mah talingakeun wé dunya ieu. Cai walungan ngagibleg hideung ku limbah industri limbah rumah tangga limbah kalakuan teu uni. Gunung barutak situ saraat ciséké tinggal bangké. Sakabéhna apan lantaran kalakuan bangkawarah jelema.
Bari amarah teu kawadahan, Mang Asip ngawahan, jekuk wé si kiciwis sagedé anak sapi téh ditajong. Ngangkat éta ogé awakna sajengkal mah. Ari bru nincak lemah, pudigdig deui awakna ngagedéan jadi sagedé gajah bareuh bari reuneuh. Téléndén deui ka Mang Asip, nyiuman bari ngalétakan. Atuh Mang Asip tijengkang. Atuh Mang Asip beuki napsu. Tapi rék najong deui henteu kauntup. Malah sakali sedot ogé awakna ngageblos kana sungut si kiciwis. Mang Asip ngocéak, tapi ngan sakocéak, terusna mah jempling.
**
Mang Asip rungah-ringeuh. Siga hudang saré. Basa ingetanana ngumpul, manéhna aya di hiji tempat anu ahéng jeung anéh. Bakat ku ahéng jeung anéh, nepi ka henteu bisa dituliskeun ku kekecapan kumaha ahéng jeung anéhna. Mani atoh Mang Asip basa ningali aya jelema keur ngahuleng handapeun tangkal kai anu ngan hiji-hijina di sabudeureun éta.
“Kang, ari ieu téh di mana?” ceuk Mang Asip. “Di ahérat atawa di nagri kiciwis?”
Jelema anu ngahuleng téh ngalieuk. Mang Asip reuwas. Éta pameunteu aya ku pias. Panon celong. Sigana téh sagala sieun sagala keueung sagala rémpan sagala honcéwang sagala melang. Rasa anu lalaunan pindah kana haté Mang Asip. Puguh wé manéhna beuki sieun, sieun siga si Pias.
“Duka di mana-manana mah,” témbal si Pias. “Ngan ieu téh tempat si jurig kiciwis ngaburakeun anu ditelegna.”
“Kumaha lamun hayang balik ka lembur sorangan. Kumaha carana?”
“Carana mah babari. Tinggal ngaliwat wé ka jalan ujian. Hayu dituduhkeun, urang talingakeun ti kaanggangan. Tuh, ti mumunggang itu ogé katingali.”
Barang nepi ka mumunggang panuduhan si Pias, Mang Asip ngahuleng ngaraga meneng. Di handap aya pamandangan anu ahéng jeung anéh. Lantaran di dieu mah ahéng jeung anéhna téh penting dipikanyaho, jadi kapaksa kudu digambarkeun ku kekecapan.
“Tuh, di belah kénca, jelema blas-blus ka gapura. Ti barang bus ka gapura, maranéhna diheureuyan jeung diganggu jeung digoda ku kiciwisna masing-masing. Tuh, geuning haré-haré saréréa ogé. Da puguh nyanghareupan amarah jeung napsu sorangan, matak bobor karahayuan.”
“Geuning henteu maju-maju leumpangna téh?”
“Da maranéhna mah beunang kagoda ku kiciwis. Tuh, geuning kiciwis sagedé bal pingpong téh terus ngagedéan nepi ka sagedé gajah bareuh bari reuneuh. Tuh, diteleg wé tungtungna mah ku amarah jeung napsuna sorangan. Tah sorana, kocéak dengék diteleg mah. Diburakeun deui ku si kiciwis. Rék bisa kumaha maju lamun kagoda deui mah.”
“Ari anu salamet anu kumaha?”
“Tuh, di lebah katuhu aya anu geus laleumpang rada jauh. Henteu kagaroda ku si kiciwis maranéhna mah. Tapi matak ampun ningalina. Tuh, geuning aya anu ngagukguk kanyenyerian, aya anu sasambat ampun-ampunan. Éta téh bakat ku parna panggoda si kiciwis. Da puguh rarasaan mah sarua saréréa ogé, hayang sabek-bekeun ka si kiciwis téh, hayangna mah ngalajur kana napsu téh. Lamun salamet nepi ka tungtung jalan, nya bisa balik ka lembur sorangan.”
“Hayu atuh urang nyobaan ngaliwat?”
Si Pias ngajenghok. Pameunteuna beuki pias. “Nyaéta kuring mah can kungsi wani rék ngaliwatna ogé,” pokna ngalengis.
**
Di hiji imah di hiji lembur singkur, aya anu keur ngariung. Ari anu diriung-riung, Mang Asip anu ngajehjer teu inget-inget. Pamajikanna, barudakna, kolot-kolotna, careurik mani raéng. Anu séjénna patingpolohok jeung silihtanya da puguh henteu ngarti.
“Ustad, cik atuh parancahan. Ieu mah kasibat ku jurig kiciwis sigana mah,” ceuk kokolot lembur.
“Nyaéta Wa, abdi mah apan ustad persis, tara ngurus jurag-jurig,” témbal ustad anu ogé alona kokolot. “Kedah ka ustad nahdliyin urusan kiciwis mah.”
“Ah, siah ustad mah ustad wé. Qur’an cecepenganana.”
Di jero imah anu ngariung ribut. “Olot, ka dieu. Mang Asip geus sadar yeuh,” ceuk saurang anu nempo Mang Asip keukeureuceuman. Olot gancang ka tengah imah.
“Olot, ari ayeuna lila kénéh ka Lebaran?” ceuk Mang Asip ujug-ujug.
“Puguh wé atuh Mang. Apan kamari téh kakara Idul Kurban,” témbal Kokolot teu ngarti.
Mang Asip rarat-rérét ka sakuriling. Barang ningali indungna, Mang Asip hudang, terus nangkeup ka indungna, ngagukguk dina lahunanana. “Ma, hapunten Asip,” pokna bari nyiuman leungeun indungna. Indung Mang Asip puguh waé reuwas. Atoh bari geumpeur jeung teu ngarti. Pokna téh, “Ari manéh kunaon, Kasip? Weureu gadung atawa diteureuy kiciwis?”

Pamulihan, 20 September / 4 Oktober 2015  


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KICIWIS"

Posting Komentar