Jejak Kata :
Home » » ARI UING AYA?

ARI UING AYA?

Written By Mang Yus on Minggu, 17 April 2016 | 20.14

Mangle no 2413, 21-27 Pebruari 2013
Ingin baca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik saja DI SINI
Nepi ka sawah téh kakara carangcang tihang. Tapi anu dibuat mah geus ngahanca dua kotakan gedé. Nu ngarit maksud téh. Da anu ngagebotna mah acan ngamimitian. Masih ngariung di sisi jalan. Naranggeuy timbel. Eh, lain timbel meureun disebutna, da bungkusna ogé keretas.
Disampeurkeun téh anu keur ngarit.
“Mang, ari uing aya?” cekéng téh.
Nu ngarit ngajanteng sakedapan. Leungeun katuhuna masih nyekelan arit. Leungeun kéncana ngaranggeum sadapuran paré.
“Naha da ti kamari ogé henteu ka dieu deui.”
“Berarti kungsi ka dieu atuh?”
“Puguh wé. Ti mimiti dibuat ogé manéhna mah pulang anting ka dieu. Ari tos ngalangeu téh dina galengan geuning mani sok anteng. Tungtungna mah humandeuar, ngananaha, duka ka saha. Kunaon cenah dibuat téh ayeuna mah henteu saramé baheula. Baheula mah sawah téh jadi tempat sagalana. Tempat ulin. Tempat harepan, harepan saréréa. Tempat macangkrama. Tempat bujang jeung lanjang ocon, silih pihapekeun haté, tungtungna mah sabada dibuat téh apan ka bale nyungcung anu batu turun keusik naék mah. Tempat sukan-sukan, moro manuk békér, moro hahayaman, kokolécéran, ngagelikkeun suling, sisindiran. ”
“Teras?”
“Ari ayeuna, dibuat téh mani siga anu diudag-udag bagong bayangan. Dapuran paré disabetan ku arit. Terus digebot. Tangtu digebot mah leuwih gancang batan diirik. Kajeun paréna sawaréh ngaracleng, kajeun nu gacong téh moal deui ngalaman pasosoré ngirik paré bari ngadéngékeun dongéng Si Andi Jago Tutugan. Atuh hasil gacongna, apan geus ditungguan di sisi jalan ku mobil bandar. Jadi ka imah téh henteu mawa paré, tapi mawa duit. Hancengan sapopoé angger waé kana béas raskin anu dijualbeulikeun.”
Anu ngarit téh nyelang heula neundeun arit jeung beubeunanganana.
“Pokpokanana téh mani siga anu jararauh panineungan. Ceuk Mamang téh, da kieu pajamananana atuh, Jang. Praktis apan ari nyandak artos mah. Atuh pangabutuh, henteu ngan béas jeung lauk asin wungkul. Apan ayeuna mah kudu aya télévisi, vidéo player, hénpon. Beu atuh upami henteu rurusuhan mah moal matak kapésér anu bieu. Sok anteng ngalamun dikitukeun téh. Anu panungtungan mah pokna téh kieu: ‘Nyaéta, Mang, sanés ngananaha kana jaman anu robah, tapi ngananaha ka urangna anu robah. Mani sagala gagancangan, siga anu baralap apan urang téh. Bari dina haté mah aya anu leungit, diapilainkeun. Tah urang téh kaleungitan éta, Mang, kaleungitan anu dina haté, tapi urangna apan siga anu henteu hayang nyaho, henteu tetelepék maluruh anu leungit téa.’ Tos nyarios kitu mah ngaléos wé anjeunna téh.”
“Teras ka mana?”
“Duka. Ngan saurna badé démo.”
Moal salah, lamun démo mah pastina ogé ka kota. Apan di kota anu loba masalah mah. Maksud téh, anu loba kapentingan miara tukang démo. Enya wé di buruan kantor gubernur anu démo keur ayeuh-ayeuhan. Cenah mah ngadémo rumah sakit pédah mayarna mahal. Basa anu gogorowokan di hareup turun, diganti ku baturna, éta anu disampeurkeun téh.
“Ari uing aya?” cekéng téh.
Nu démo téh ngahuleng. Neuteup ka jauhna. Duka naon anu aya dina pikiranana. Komo dina haténa.
“Ari uing aya?”
“Puguh gé kamari mah matak ramé. Anu démo téh apan unggal poé ogé aya rébuna. Atuh anu didémona, ngajajar masalah, moal anggeus-anggeus. Rumah sakit mahal, obat generik bagikeuneun dijualan. Duit pajak milyar-milyar digerejud, diawur-awur ka anu rék néwak, apan nya pulisi nya jaksa teu béntés da kabagéan. Korupsi teu anggeus-anggeus. Leuweung dibukbak. Laut ditawu. Minyak, emas, batubara, disedot ku deungeun-deungeun. Aya mentri nyarios asal engab. Législatif apan piknik unggal waktu ka mancanagara, ngamonyah-monyah duit nagara milyar-milyar. Ah, pokona mah moal séép démoeun mah. Tah, kamari téh manéhna datang, terus ka hareup ngomandoan démo. Tapi pok-pokanana téh siga kieu.”
Tukang démo téh ngahuleng sakedapan.
“Kumaha cenah pok-pokanana téh?”
“Kieu cenah: ‘Gampang ngadémo batur mah. Da kasalahan batur mah atra katingali. Kumaha lamun anu didémo téh diri urang sorangan, haté urang sorangan, pikiran urang sorangan. Ka jalan mana urang kudu abring-abringan lamun anu didémo téh diri urang sorangan? Naon anu kudu digorowokeun lamun anu didémona téh haté urang sorangan? Babari nyaliksik kasalahan sorangan ogé, da puguh karasa. Tapi urang iklas ngakuna? Urang wani ngajejeléh diri sorangan?’ Atuh rébuan anu démo téh jep jempé. Gorowok deui manéhna: ‘Hayu ayeuna mah urang ngadémo diri urang sorangan. Bari gawé naon ogé, bari ngadémo batur ogé kaci, tong poho ngadémo diri urang. Apan sakitu ngahunyudna kalakuan urang anu henteu dipikahayang. Sakitu ngaleuyana kahayang urang anu henteu dilakukeun. Tah éta téh kudu didémo. Kudu terus-terusan didémo!’”
“Terasna kumaha?”
“Rébuan anu démo téh mimitina mah enya jarempé. Tapi tungtungna mah cul-cel anu ngomentaran. Ceuk anu saurang, saha éta téh anu biantara? Naha wani-wani ngadémo tukang démo? Ceuk anu saurang, moal salah éta mah oknum. Anu nyusup, anu ngahaja disusupkeun ku musuh. Ceuk anu saurang, turunkeun...! Turun...! Atuh manéhna téh tungtungna pada ngaraponan. Terus dialungkeun ka solokan saat.”
“Ayeuna ka mana?”
“Cenah mah teras ngadémo, ngadémo dirina sorangan.”
“Ka mana?”
“Saurna mah ka tajug sisi sawah.”
Henteu ngengkékeun deui, terus disusul ka tajug. Anu aya téh anu tas macul keur reureuh.
“Mang, ari uing aya?” cekéng téh.
“Puguh matak reureuh di dieu ogé sugan wé aya deui. Ari pék téh geuning nyamos. Kamari mah enya aya di lebet tajug. Solat katingalina mah, teras jikir. Tapi anu atra kakuping mah ngagukgukna. Mani ngareunah ngupingna ogé anu nangis téh. Mani siga anu kanyenyerian. Tapi mani asa plong ngemplong. Enya, Emang gé hoyongna mah siga kitu. Hoyong tiasa nangis ngagukguk siga kitu. Hoyong gaduh waktos kanggo nangis siga kitu. Tapi keur anteng Emang ngupingkeun, anjeunna lugay teras kaluar. Saurna téh: ‘Lain di dieu... lain di dieu tempat uing mah. Tempat uing mah di alam ramé. Loba kénéh parabaneun. Gedé kénéh tanggungjawab anu kudu dianggeuskeun di alam ramé. Lain di dieu...’ Terasna mah angkat waé.”
“Ka mana?”
“Saurna mah ka pasar, badé balantik.”
Di susul téh ka pasar henteu kaburu. Tukang pindang anu ngadongéng téh.
“Enya kamari mah aya dagang di dieu. Tapi da henteu lami. Dagangna tuda mani polos.”
“Polos kumaha?”
“Ari dagang di dieu kedah sagala diketrukeun élmu pangabisa téh. Naha élmu anu lantip atawa élmu anu atra. Kedah sagala dipapatkeun jampé pamaké téh. Atuh anu atrana, kurangan ngilo téh saons mah. Sidik batina pami kitu mah. Eh, da ieu mah polos téa. Daganganana ogé numpuk kénéh waé.”
“Atuh rugi?”
“Rugi pantes. Duka terasna kumaha da henteu nyarios deui perkawis dagang mah. Nyarios ogé badé istirahat heula cenah.”
“Istirahat di mana?”
“Di bumina.”
Imahna téh sisi sawah. Ngareunah keur niis mah. Tapi da panyangka téh lain keur niis. Manéhna téh reureuh tina baluweng.
Diketrokan teu aya anu némbalan. Geuning pantona teu dikonci. Disurungkeun, sirah nolol bari uluk salam.
“Sampurasuunn... punntteenn...! Ari uing aya?”
Taya anu némbalan.
“Ari uing aya...?”
Sora téh asa lalaunan. Tapi kalimah “ari uing aya?” henteu eureun-eureun, bulak-balik di jero imah. Mantul ka ditu ka dieu, mantul kana hordéng mantul kana lalangit mantul kana jandela mantul kana tihang mantul kana meja mantul kana ubin mantul kana témbok... terus nyulusup, nyulusup kana karpét nyulusup kana gelas nyulusup kana lomari nyulusup kana lampu nyulusup kana simbut nyulusup kana piring nyulusup kana baju nyulusup kana kasur... terus ngubeng, ngubeng di jero imah ngubeng di jero kamar ngubeng di jero kendi ngubeng di jero jamban ngubeng di jero dada.
Rarasaan mah, enya rarasaan, geus aya sabulanna uing téh di imah. Sorangan. ***

Griya Bandung Indah, Nopember-Desember 2012
   



Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni