Jejak Kata :
Home » » PANON

PANON

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 12.08


Tribun Jabar, 23-25 September 2014

Lalaki kasép téh anjog ka gapura kota basa panonpoé meleték. Cahaya surya mancawura di langit wétan. Dangdaunan anu masih dibeungbeuratan ku ciibun patinggurilap lir berlian anu ngagarantung. Angin ngahiliwir, ngajakan sabangsaning manuk pikeun tembang, sabangsaning lauk pikeun ngibing.
Tapi sanés éndahna alam anu ngalantarankeun urang kota kalaluar ti imahna, terus molohok matasimeuteun di buruan. Éndahna alam mah biasa pikeun maranéhna. Biasa rumeuk jeung disaput pepedut, da puguh aya anu ruksak dina diri maranéhna. Puluhan taunurang kota éta henteu bisa ningali jeung ngarasakeun pamandangan anu éndah.
Anu ngalantarankeun maranéhna matasimeuteun mah nyatana panon lalaki kasép téa. Panon cureuleuk, dipager bulu anu lalentik, adu manis jeung kucap-kiceupna. Panon anu pas némpél dina pameunteu beresih cahayaan. Bet siga surya meleték, murubmubyar cahaya nira.
Sabada lalaki kasép téa ngaliwat, urang kota mimiti patingkecewis.
“Deuh, aya ku éndah éta panon. Moal salah, panon deungdeuleueun siga kitu mah, bakal bisa ningali pamandangan alam jadi éndah,” ceuk anu saurang.
“Baruk, ceuk saha éta téh?” Anu lain nanya.
“Apan kajeueung ku anjeun ogé kumaha éndahna éta panon. Kakara ayeuna apan urang kawénéhan nyaksian panon saéndah kitu.  Moal salah, panon deungdeuleueun siga kitu mah, bakal bisa ningali pamandangan alam jadi éndah.”
Anu patingkecewis beuki nambahan. Itu ieu cruk-crek tibelat kana panon cureuleuk lalaki kasép anu tadi ngaliwat. Terus maranéhna ngaralamun, ngabayangkeun deui basa lalaki kasép téa ngaliwat. Lamun seug boga panon saéndah kitu, tangtu hirup bakal leuwih sugema, leuwih bagja, leuwih sampurna.
 
**

Kota leutik téh saenyana keuna kana sesebutan kota sasakala. Mimitina mah basa krisis monétér jadi sasalad. Inflasi henteu kaburu katulungan. Hahargaan apung-apungan lir silalatu di imah anu kahuruan. Tong boro sabangsaning lauk, sabangsaning daging, sabangsaning bungbuahan, dalah lauk asin ogé jadi deungeun sangu anu méwah pikeun kalolobaan urang kota. Duka saha anu ngamimitianana, di unggal juru kota loba jalma ngagandong karung, api-api néangan rongsokan, padahal mah ngulincer ngawaskeun anjing. Lamun aya anjing bongoh, gabrug waé dirontok, peletok beuheungna diparieuskeun, terus diwadahan kana karung. Anu séjén ngadepong dina suhunan imah atawa ngulincer témbok gang, ngadodoho ucing. Aya ogé anu asruk-asrukan ka anu bala, ngungudag oray anu sawan. Aya ogé anu ngadodoho di jero got, néwakan beurit dina sayangna. Sasatoan éta téh dijual ka tukang dagang sisi jalan anu geus teu kaduga ngolah gulé atawa saté tina daging sapi atawa daging domba.
Basa warga kota loba anu ngadahar anu henteu ilahar, pagawé pamaréntahan kota mah makmak-mekmek sorangan. Lain rusiah deui lamun unggal proyék pamaréntah dipotong lima puluh persén, tangtu pikeun dibagi-bagi di antara maranéhna. Basa krisis téa ngarayap ka puncerna, loba masarakat anu henteu kaduga meuli béas, pagawé pamaréntahan kota mah ngadon macangkrama ka mancanagara, leleson di vila-vila, balanja sabangsaning barang anu cenah mérekna kawentar sakuliah dunya.
Pasilitas umum raruksak. Tapi saha anu maliré? Asal di imah bararesih, genah, merenah, henteu kudu riweuh runtah patulayah di imah tatangga. Silihtalingakeun silihasah silihasih silihasuh kantun ungkara dina dongéng dina pantun dina wayang. Tong boro jeung papada mahluk Pangéran séjénna, dalah jeung papada jalma ogé, rasa sakanyeri sakapeurih téh henteu karasa deui.
Basa krisis aya di puncerna, gilek panon salingintip salingcuriga salingdodoho. Tungtungna silihpaok silihcopét silihherengan silihsiku silihgégél. Teu pira anu diparebutkeunna mah saukur sahuap dua huap dahareun. Badis waé anjing, badis waé ucing, badis waé oray, badis waé beurit. Tangtunganna mah enya jalma, tapi anu ngaguruh di jero dada, saha anu nyaho anu ngaguruh di jero dada?
Basa krisis téa mimiti neutneutan kaubaran ku hutang trilyunan dollar US ti mancanagara, jujualan sabangsaning kakayaan laut atawa pertambangan, tabéat warga kota mah henteu robah. Jlug-jleg imah gedong. Tempat wisata di mana-mana. Pasilitas umum dioméan. Tapi warga kota henteu bisa ningali deui kaéndahan. Rusiah di antara maranéhna. 

**
Peuting aya ku simpé. Kitu biasana. Mangtaun-taun. Kota téh siga kuburan. Maju ka tengah peuting aya anjing babaung, ngalanglaung. Dituturkeun ku babaung anjing séjénna. Sigana ratusan anjing, rébuan anjing, malah meureun jutaan anjing. Aya ogé sora ucing. Ucing uang-éong. Uang-éong anu api-api bageur padahal licik. Aya ogé sora hereng, hereng ucing ngarebut hancengan batur. Aya ogé sora oray hoshosan. Ngadéngéna matak cengkat sabulu-bulu. Aya ogé sora beurit ciciricitan. Ciricit anu licik, tukang tipu, hawek.
Enya ogé sora-sora sasatoan téh pagaliwota di langit kota, di jalan-jalan mah éstuning combrék. Satpam ngahékok di garduhna. Teu aya saurang ogé anu wani ngulampreng. Komo niatna jalan-jalan, ngararasakeun éndahna peuting. Ongkoh, apan warga kota téh henteu bisa ningali jeung ngararasakeun kaéndahan. Kitu rusiahna.  
Sapeupeuting biasana sora-sora anu matak muringkak téh disaradana. Kakara eureun lamun geus aya sora adan ngalanglaung di kajauhan.
Tapi peuting ieu mah aya anu béda. Sora-sora sasatoan téh dituturkeun ku kalaluarna warga kota ti imahna masing-masing. Maranéhna siga anu euweuh kaéra deui kanyahoan ku tatanggana, dulur-dulurna, kawawuhanana, yén maranéhna babaung, uang-éong, ciciricitan, hushas-hoshos. Maranéhna ngabring, minuhan jalan, ka wates kota.
Horéng maranéhna téh muru saung sisi sawah. Saung anu saukur dicaangan ku lampu tébéng jeung cahaya bulan. Saung tempat pangreureuhan lalaki kasép anu tadi isuk ngaliwat ka tengah kota.  
Di hareupeun saung téh aya pelak kekembangan. Eros, herbras, sedep malem, bakung, malati, dahlia, jeung duka kembang naon deui. Kekembangan anu ngan sakotéap ancur diidek anu daratang. Pa walikota anu jadi pingpinan rombongan ngagedor panto saung. Lalaki kasép anu keur ngagolér dina palupuh, ditilaman ku samak salambar, uyup-ayap kana panto. Terus noong ti sisi panto. Acan ogé sidik saha anu datang, panto locot didudut ku rombongan anu terus babaung, uang-éong, ciciricitan jeung hushas-hoshos. Lalaki kasép téh dicangkalak. Awakna didangheuakeun, panonna dicokél ku séndok.

**

Pa walikota ngajaran panon lalaki kasép téa. Kaleutikan saenyana. Henteu pas panon cureuleuk téh dina pameunteu anu jebag mah. Tapi pa walikota kucap-kiceup, terus ningalian sakuriling. Tatangkalan, langit, bulan, béntang-béntang, cai balong anu gugurilapan katojo bulan, asa euweuh anu robah. Panon lalaki kasép téh henteu bisa ngarobah pamandangan jadi éndah. Bohong béja téh. Béja anu nyebutkeun yén panon éndah lalaki kasép anu duka urang mana jeung arék ka mana téh bisa ningali pamandangan jadi éndah.
Panon téh dicoplokeun tina kongkolak pa walikota, belewer dialungkeun. Pa sékda  rikat nyanggap. Panon téh terus dicobaan. Tapi hasilna sami mawon. Terus pa kepala dinas, pa kabid, ibu camat, pa kuwu, jeung warga kota séjénna, nyarobaan panon éndah téa. Tapi hasilna sami mawon. Panon éndah téh henteu bisa ningali pamandangan anu éndah.
Pa walikota tangtu waé bendu. Asa dilejokeun. Panon lalaki kasép téh dialungkeun kana panci gedé. Nu séjén rikat nyieun hawu jeung ngumpulkeun suluh. Panon éndah téh digodog. Bungbu-bungbuan diasupkeun. Digulé cenah maksudna mah. Gulé panon éndah lalaki kasép anu duka urang mana jeung arék ka mana. Janari leutik gulé téh asak. Terus maranehna botram, balakécrakan. Duka sabaraha mejikom eusi sangu dibawa ti imah-imah.
Pa walikota sugema. Sakabéh warga kota sugema. Gulé téh geuning matak ngalimed. Sapiring metung sangu cukup kakeclakan cai gulé panon éndah téa matak deudeuieun. Rarasaan mah sakabéh warga kota acan kungsi dahar gulé sangeunah kitu. Gulé anu henteu bisa dibandingkeun, da béda kelas, jeung gulé anjing, gulé ucing, gulé oray, gulé beurit. Komo jeung gulé sapi atawa gulé domba.  
Anu balakécrakan patingeureuleu teurab. Terus babaung, uang-éong, hushas-hoshos, ciciricitan. Geus capé mah patinggalolér di sisi jalan. Maranéhna henteu arapaleun, engké sabada lilir, téténjoan maranéhna bakal robah. Maranéhna bakal ningali pa walikota, pa sekda, dulur-dulurna, tatangga-tatanggana, kawawuhan maranéhna, maranéhna sorangan, robah wujudna. Dedeganana mah enya jelema. Tapi sirahna aya anu jadi anjing, jadi ucing, jadi oray jadi beurit.     
Kitu sasakalana.

**

Kacarioskeun lalaki kasép anu duka urang mana jeung badé kamana téa. Anjeunna imut nyalira bari ngalangeu dina jandéla saung. Imut ningali pamandangan alam aya ku éndah. Pamandangan pangéndahna anu kantos ditingalina. Pamandangan pangéndahna anu sapertosna moal tiasa diungkarakeun ku sajak atanapi gambar. Anjeunna yakin, moal aya panyajak atanapi pelukis anu sanggem nyatet kaéndahan sapertos kitu.
Saleresna anjeunna téh salahsaurang warga kota ogé. Kapungkurna, sateuacan warga kota robah kalakuan, anjeunna kenging ilapat. Ilapat yén kota téh bakal robah. Anjeunna tangtu waé alim ngiring robah. Nya gerentes haténa nuduhkeun kedah nyepi di hiji guha. Hirup di jero guha. Mangtaun-taun. Anu dilakukeunna di jero guha saukur ngadoa sareng puasa. Ngadoa sangkan ditingalikeun pamandangan anu pangéndah-éndahna.
Hiji enjing anjeunna lugay. Manahna ngagerentes miwarang lungsur ka kota anu mangtaun-taun dikantunkeun. Teras kajadian anu matak muringkak lumangsung di saung sisi sawah. Socana dicokél ku séndok. Tapi henteu aya getih anu kaluar. Anjeunna dialungkeunka kana rungkun sedep malam. Sabada anu ngarogahala bubar, anjeunna gugah, terus ningali ka sakurilingna. Anjeunna ngahuleng ngaragameneng. Tina kongkolak socana ngalémbéréh cai anu wening. Teras imutna mekar. Kaéndahan téh, kaéndahan anu saenyana téh, geuning nyaksrak saawak-awak. Kaéndahan téh, kaéndahan anu saenyana téh, horéng katingali sabada henteu gaduh soca.    
**

Pamulihan, 14 Maret 2014 / Agustus 2014


Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni