SALAH HARTI


Mangle no. 2562, 29 Januari – 3 Pebruari 2016

Rais jeung Euis téh pangantén anyar. Kasebutna pangantén anyar, hayangna téh paantel-pagégéyé salawasna. Ka ditu ka dieu paduduaan. Mun bisa mah dunya téh dieusi ku duaan. Keun waé batur mah, parindah wé ka planét séjén. Enya, najan maranéhna ngontrak imah leutik sisi sawah, tapi rarasaanana téh éta imah pangéndahna. Gedong sigrong anu jlug-jleg di ditu di dieu mah dianggapna téh saukur iimahan.
Atuh Rais, jadi sarwa inggis ningali Euis pajauh jeung manéhna. Basa balik balanja ti warung Euis aya anu nanya. Kabeneran Rais ningalieun. Atuh Rais téh lajag-léjég teu ngeunah cicing. Rabeng pananya dina mastakana. Nanaonan lalaki éta nanya ka Euis, naon maksudna, kumaha hubunganana, wawuhna ti iraha, jeung ngabring pananya anu séjénna.
“Euis, Bageur, Geulis, anu tadi naros téh saha?” ceuk Rais.
“Anu naroskeun jalan tadi?” Euis rungah-ringeuh. “Duka atuh, da tos ditunjukeun mah jalan anu dipilarina, ngan nganuhunkeun teras ngaléos.”
“Oh,” ceuk Rais bari nyakuan deui batu ali anu tadina rék dipaké nonjok lalaki anu disangkana ngaheureuyan Euis.
**

Bulan kadua sanggeus panganténan, Euis hariweusweus basa Rais balik ti pagawéan.
“Kang, Euis téh geus telat,” ceuk Euis bari umat-imut.
“Telat? Telat kamana?” Rais kalah malik nanya.
“Si Akang mah, sanés telat anu kitu. Ieu mah telat sabulan.”
“Oh...” Rais ogé seuri bakat ku atoh. Terus duaan kukudaan. Rais jadi kudana. Euis anu tumpakna. Terus anu kukudaan téh ngurilingan kamar bari ayeuh-ayeuhan seuseurian. Basa ganti anu jadi kudana Euis, Rais anu tumpakna, caritana disénsor.
Kacaritakeun isukna, Euis keur nyayur kacang di dapur, aya anu pupuntenan. Basa Euis muka panto, horéng téh pagawé PLN.
“Maaf, Bu, Ibu ini sudah telat satu bulan,” ceuk pagawé PLN.
Euis atuh mani ngagebeg. Ceuk pikirna, saha ieu jelema, ngaku-ngaku apal telat sabulan sagala.
“Bapa terang ti mana abdi telat sabulan?” tanya Euis bari ngadégdég.
“Aya datana, Bu.”
“Bapa gaduh datana? Naha terang ti saha?”
“Apan diparios. Tah, ieu alat pamariosna.” Pagawé PLN téh némbongkeun detektor méteran.
Euis mani ngagebeg. “Ku alat kitu? Kumaha mariosna?”
“Kantun dilempengkeun kana hihideungna, engké ogé kabaca.”
Euis mani tipepereket ngarapetkeun diukna.
“Wartoskeun ka suami Ibu nya, tos telat sabulan kituh,” ceuk pagawé PLN saméméh amitan.
Euis nginghak bakat ku reuwas. Sakanyahona, manéhna mah saukur dipariksa ka Puskesmas. Anu mariksana ogé Ibu Bidan. Ari ieu bet aya anu nyaho manéhna telat sabulan, lalaki deui.
**
Rais reuwas ningali pamajikanana nginghak di kamar. Basa ditanya, barabat Euis ngadongéngkeun kadatangan tamu.
“Jadi manéhna téh pagawé PLN?” ceuk Rais semu ambek.
“Muhun Kang,” témbal Euis halon. “Éta anu matak abdi hémeng mah, naha maké terangeun telat sabulan sagala. Apan éta téh tos ikut campur rumah tangga urang.”
“Puguh deui atuh Euis. Anu matak, isukan ku Akang dijorag tah ka kantor PLN. Bangkawarah pisan. Tumah jelema modél kitu mah.”
Isukna Rais ijin henteu gawé. Manéhna indit ka kantor PLN. Tapi napsu anu ti kamari ngagugudug téh, nepi ka kantor PLN mah kalah parangkat-purungkut. Ditanya ku satpam waé mani rengkah-rengkuh bakat ku éra. Ari kituna, saumur hirupna Rais can kungsi aya perlu ka kantoran siga kantor PLN. Manéhna téh sakola ogé tamat SD. Atuh gawé ngahampelas korsi di toko meubel.
“Antos waé Pa di ruang tunggu, engké ogé aya karyawan PLN anu ngabantosan Bapa,” ceuk satpam sanggeus nanya alamat Rais.
Henteu lila nungguan di ruang tunggu téh. Barang jol ogé karyawan PLN téh langsung waé pok: “Muhun Pa, tos telat sasasih.”
Rais mani ngagebeg ngadanguna.
“Janten abdi kedah kumaha, Pa?” ceuk Rais bingung.
“Bapa kedah mayar. Upami tos mayar mah moal telat deui.”
Rais beuki reuwas. Atuh henteu telat mah sarua wé jeung ngabangkarkeun anu aya dina rahim Euis. Moal, Rais moal satuju ngalakukeun siga kitu najan kumaha waé ogé kajadianana.
“Upami henteu mayar kumaha, Pa?” tanya Rais deui.
“Upami henteu mayar, wayahna anu Bapa dipotong.”
Bujur Rais ngajengkat bakat ku reuwas. Manéhna ngahuleng. Bingung anu henteu manggih tungtung. Mayar matak henteu telat deui, henteu mayar matak anu manéhna dipotong. Diléma téa anu kitu téh. Saperti nyanghareupan buah simalakama. Didahar matak maot indung, henteu didahar matak maot bapa. Euweuh piliheun tangtuna ogé.
**
Rais jeung Euis sapeupeuting henteu bisa saré. Duanana digugulung kabingung. Atuh peuting harita téh peuting anu jempling. Peuting anu henteu aya euyah-euyahan sareng seuseurian da henteu aya anu kukudaan. Kasubuhnakeun maranéhna mupakat, kukumaha ogé kudu pindah imah kontrakan.
Anu boga imah mimitina mah ngahiap-hiap kadatangan Rais jeung Euis téh. Tapi sanggeus apal naon maksud pangantén anyar téa, anu boga imah bangkenu.
“Apan nembé dua sasih ngontrak téh, naha tos hoyong pindah deui?” ceuk anu boga imah. “Mayarna ogé apan nembé satengahna. Bapa sareng Ibu téh apan jangji, sésa pembayaranana sasasih. Ayeuna tos dua sasih. Hartina, tos telat sasasih.”
“Muhun, éta ogé kumargi abdi tos telat sasasih,” ceuk Euis.
“Henteu nanaon kétang pindah ogé, mangga waé pindah.” Anu boga imah nyungkun. “Supados Ibu henteu telat deui.”
“Janten, upami pindah moal telat deui?” Euis reuwas.
“Muhun, moal telat upami pindah mah.”
Euis ngarérét ka Rais. Rais sarua bingungna.
“Tapi da tos henteu tiasa nanaon deui, pindah téh kedah,” ceuk Rais.
“Enya, mangga waé pindah. Tapi moal diuihkeun sagemblengna. Anu Bapa pasti dipotong, satengahna.”
Rais ngagebeg. Pangantén anyar téh terus amitan. Sajajalan paungku-ungku bari ceurik bakat ku bingung. ***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SALAH HARTI"

Posting Komentar