DONGENG

Mangle no 2565, 18-24 Pebruari 2016

Aesop bisa disebutkeun bapa dongéng sasatoan sadunya. Ieu pangarang anu cenah hirup dina taun 500-an saacan Maséhi geus ngumpulkeu ratusan dongéng sasatoan. Ngan lantaran waktuna anu heubeul pisan, henteu écés pisan sabaraha dongéng sasatoan anu bener-bener meunang ngarang manéhna, sabaraha anu saukur nuliskeun deui dongéng anu sumebar sacara lisan dina jaman harita. Da cenah, sakur dongéng sasatoan anu sumebar jaman harita atawa jaman saacanna mah sok disebutkeun meunang Aesop waé. Bakat ku heubeul téa, cenah henteu écés ogé saha ari Aesop sabenerna jeung urang mana. Naha manéhna téh urang Yunani atawa lain, da geuning réa nagara anu ngaku yén Aesop téh lahir jeung hirup di nagarana.
Ngan anu écés, dongéng ti jaman baheula ogé geus dianggap henteu saukur ngabobodo budak céngéng. Aya ajén séjén, pangpangna ngeunaan moral, dina dongéng anu hésé katimu dina élmu pangaweruh séjénna. Apan cenah jelema palinter jaman harita henteu saukur ngagugulung élmu pangaweruh (sains) jeung filsafat wungkul. Socrates, salah saurang filsuf kawentar jamana kuno, basa keur dibui apan ngarang deui dongéng-dongéng Aesop kana wangun sajak. Jalaluddin Rumi, panyajak sufi téa, apan nyelip-nyelipkeun dongéng dina sajak-sajakna anu kawentar téh. Atuh dongéng Aesop jeung Rumi anu terusna dipisahkeun tina sajak-sajakna ditarjamahkeun kana basa-basa séjén, sumebar di tempat-tempat séjén.
Dongéng dipercaya henteu saukur ngahibur barudak. Tapi jadi spirit anu ngahégarkeun budaya di tempat dongéng éta sumebar. Tangtu waé kaasup di urang. Muhammad Musa ngarang buku Dongéng-Dongéng Pieunteungeun anu diterbitkeun taun 1867 ku Kantor Citak Kangjeng Goopernemen. Dongéng-dongéng dina ieu buku téh henteu saukur dongéng sasatoan. Majalah Manglé kungsi ngamuatkeun deui dongéng-dongéng Muhammad Musa, pikeun ngawanohkeun dongéng-dongéng heubeul ieu ka anu maracana, pangpangna ka barudak.
Sigana unggal budak ogé resep kana dongéng. Henteu diwatesan ku jaman. Naha baheula basa hirup karasa simpena, naha ayeuna waktu tehnologi nyiptakeun sagala anu ahéng; dongéng mah tetep dipikaresep. Henteu percaya mah, ngajaran wé ngadongéng ka barudak anu umurna acan lima taun.
Sabada uanggal poé ngadongéng ka barudak, kuring sorangan pirajeunan ngumpulkeun dongéng. Anu dipilih téh dongéng anu ceuk pangrasa alus, naha caritana ramé atawa ajén moralna luhur. Dongéng téh dituliskeun deui, anu panjang teuing dipondokeun anu pondok teuing dipanjangan, dipasieup, dipapantes, ceuk sorangan. Aya anu geus terbit taun kamari anu dijudulan Dongéng Mendidik Dari Dunia Binatang (Laksana Kids, 2015).  
Salila ngimeutan dongéng, réa dongéng di hiji tempat anu sarimbag jeung dongéng di tempat séjén. Dina dongéng Muhammad Musa ogé kapanggih sababaraha dongéng anu sarimbag jeung dongéng Aesop. Ogé aya dongéng anu mirip jeung dongeng Jalaluddin Rumi. Misalna dina dongéng Sobat.
Kieu caritana mah: Aya dua sobat anu geus jangji bakal silihtulungan, sapapait-samamanis. Ari pék panggih jeung baruang, Geus teu bisa kabur. Nu saurang naék kana tangkal kai. Anu saurang deui da puguh teu bisa mingé pisan, gancang papaéhan. Barung ngambeuan anu papaéhan, tuluy indit. “Ari tadi baruang téh ngaharéwos naon?” ceuk anu naék sanggeus nyamperkeun. “Ulah daék deui babarengan jeung sobat nu sok cidra, nu teu daék silih tulungan, ngan mentingkeun salemet sorangan baé, kitu ceuk baruang téh.”
Dongéng éta téh kapanggih ogé dina dongéng Jalaluddin Rumi. Ari Rumi, cenah réa nyutat dongéng panyajak sufi saheulaeunana saperti Fariduddin Attar. Dina dongéng mah geus ilahar ngadongéngkeun deui dongéng anu dianggap alus. Matakna henteu héran lamun dongéng Sangkuriang-Dayang Sumbi dina sasakala Tangkuban Parahu kapanggih ogé “caritana” dina dongéng rahayat di Kalimantan atawa Sumatera. Anu penting mah, kumaha carana nepikeun ajén moral sangkan leuwih écés jeung karasa.
Di batur, dongéng-dongéng baheula téh diraéh deui, dipasieup ku hasil tehnologi anu matak ahéng téa. Ajén moralna diarah, diécéskeun, diwawaas ngarah leuwih karasa. Atuh ngarah kalandep ku manusa jaman moderen, dongéngna diramékeun saperti anu aya dina pikiran manusa moderen. Dina wangun film misalna.
Sataun katukang lalajo film La Belle At La Bete, Beauty And The Beast persi Prancisna. Caritana mah kitu kénéh, ngan konplik ditambah ku karakter lain anu ogé milu ngalalakon. Tapi angger anu utama dina dongéng Beauty And The Beast mah cinta anu ihlas. Éta dongéng heubeul anu geus puluhan kali difilmkeun téh dipasieup deui, dilalajoanan, malah sawaréh anu lalajo maké carinakdak sagala kagagas ku caritana.  
Di urang, media massa hasil tina jaman moderen saperti film, siga-siga anu arék poho kana dongéng baheula. **


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DONGENG"

Posting Komentar