Jejak Kata :
Home » » RENGGANIS 2

RENGGANIS 2

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 23.10


Mangle no 2531, 11-17 Juni 2015

Aya saenyana pikiran pikeun mundur. Meureun enya, anjeun mah béda kelas jeung kuring. Mun seug dibéjakeun ka sobat-sobat kuring, pasti pada satuju. Saha atuh anjeun, bet wani nolak ka kuring? Pasti béda gaul. Apan liburan ogé kuring mah ka manca nagara. Ngider Eropa, ngaprak Amerika, ngadon reureuh di Australia. Ari anjeun, paling ogé niis di curug Cindulang, jalan-jalan ka kebon entéh Ciwidéy, popotrétan di Lémbang.
Tapi ari ras deui inget, maksud anjeun mah lain ka dinya. Béda kelas anu dimaksud ku kuring mah saukur dibédakeun ku pakaya. ‘Naon anu ku anjeun dinikmati can tangtu bisa dinikmati ku kuring,’ anu ku anjeun diucapkeun, lain urusan pakaya anu ngabédakeunana.
Enya, kudu jujur waé, kuring téh henteu ngarti naon anu ku anjeun diucapkeun. Komo diémbohan, geuning kuring henteu bisa mopohokeun anjeun. Unggal waktu anjeun asa beuki ngajungjurigan. Isuk-isuk, beurang, soré, peuting; anjeun asa beuki kumawani. Keur kuring sasarap anjeun imut dina taplak méja. Keur mandi anjeun ngagalindeng dina séah cai. Keur disapatu anjeun ngeurad dina tali sapatu. Matakna saminggu henteu manggihan anjeun, henteu neuteup anjeun, asa kasiksa.
Saha atuh ari anjeun, Rengganis? Keur kuring, henteu hésé hayang nyaho saha-sahana hiji mojang. Tinggal kumpulkeun sobat anu asana téh leuwih pas disebut pakacir. Isukna apan kuring ogé geus nyakuan catetan. Ngaran anjeun téh Rengganis Putri. Imah anjeun di jalan Lokananta no. 2. Bapa anjeun Yana Bengawan, juragan cilok anu boga saratus roda dorong.
Lantaran henteu kuat, hiji soré mah kuring lahlahan nélépon anjeun. Sakadar nanyakeun séhat-henteuna, jeung nepikeun kahayang... hayang panggih deui jeung anjeun. Tangtu waé kuring reuwas basa anjeun ngamanggakeun. Biasana apan anjeun nolak ku basa anu ngareunah.
“Pami hoyong tepang mah, wengi ayeuna abdi aya kegiatan sareng réréncangan. Akang ngiring waé atuh,” ceuk anjeun. “Upami hoyong ngiring pangajianana, sumping sateuacan Isya. Tapi upami hoyong tepang, teras ngiring acara nasi bungkus cinta, sumping waé kinten tabuh sapuluhan.
Saenyana kuring hayang apal naon waé kagiatan anjeun. Tapi ngadon campego ngadéngékeun pangajian mah asa beurat haté téh. Pangajian, kecap anyar éta téh dina hirup kuring mah. Matak kuring mah datang jam sapuluh waé. Ti imah téh nyalsé. Jalan aya ku simpé. Simpé anu biasa. Mun seug unggal beurang siga kieu, meureun bisa babalapan unggal waktu.
Di teras masjid anjeun keur ngariung jeung sobat-sobat pangajian anjeun. Basa kuring turun tina mobil, kakara engeuh anjeun téh keur misah-misahkeun nasi bungkus. Diitung téh ku haté aya kana dua ratusna nasi bungkus téh. Anjeun nyampeurkeun basa ningali kuring. Terus ngenalkeun kuring ka sobat-sobat anjeun. Sobat anjeun anu lalaki mah ngarajak sasalaman bari teu weléh sareuri jeung arunggeuk. Ari sobat anjeun anu awéwéna, saukur unggeuk jeung imut. Asa inget ka anjeun. Apan anjeun ogé unggeuk jeung imut basa diajak sasalaman téh.
“Unggal malem Jumaah, saatos pangajian, kami biasa ngabagikeun nasi bungkus cinta,” ceuk anjeun nerangkeun. “Nasi bungkusna mah ti saha waé anu badé nyumbang. Seueur donatur anu unggal malem Jumaah masihkeun nasi bungkus ka dieu. Kami ti pangajian remaja masjid ngabagikeun ka saha waé anu sakirana layak dipasihan. Seueur di empéran toko atanapi di taman kota anu patinggalolér da teu gaduh tempat anu matuh. Aya ogé anu damelna wengi sapertos pegawai kebersihan jalan, penjaga pintu rél keréta api, sareng anu sanésna. Ah, pokona mah ngiring waé. Wios mobil mah parkir waé di dieu. Sadayana ogé ngaranggé motor, urang konpoy ngurilingan kota.”
Kuring diboncéng ku Nathan. Rombongan motor téh ngabring. Di péngkolan misah samotor-samotor. Réngsé ngabagikeun nasi bungkus cinta téh kuring mah mulang. Tapi bet sapeupeuting henteu bisa saré. Peuting isukna kitu kénéh waé.
Ras inget basa nuturkeun Nathan, ngageuingkeun saurang ibu jeung dua urang budakna anu umurna paling ogé lima jeung tujuh taun, anu keur pating raréngkol di empér toko. Sarung jeung bantalna anu ledrek kaangseu bau hapeuk. Basa maranéhna beunta, ningali tilu pincuk nasi bungkus, belenyéh seuri. Seuri anu henteu weléh ngalangkang dina ingetan kuring. Kuring hareugeueun, molohok ngarakacak, basa ningali maranehna terus harudang, ngumbah leungeun ku cai mineral, terus ngahuap nasi bungkus mani cecelebekan. Basa maranéhna ningali ka kuring anu molohok, maranehna seuri siga anu éra. Duka kumaha rarasaan kuring harita. Naha héran, sedih, asa aya anu nyelek kana tikoro, asa aya anu ngarakacak kana haté. Ah, kuring henteu bisa ngagambarkeun rarasaan sorangan.
Sapanjang jalan balik, pikiran kuring mah duka aya di mana. Ampir unggal peuting jalan-jalan di kota téh diliwatan. Tapi si ibu jeung dua urang budakna anu patingraréngkol di empér toko henteu kungsi katingali. Ah, pasti lantaran kuring henteu merhatikeun maranéhna. Maranéhna téh euweuh dina uteuk kuring mah. Da mun seug aya, kumaha carana bisa nikmat ajojing atawa suka-seuri di karaoké?
Saentas pangalaman peuting harita saré henteu tibra dahar henteu puguh. Ngan ka anjeun kuring balaka siga kieu. Kuring yakin, anjeun mah moal nyeungseurikeun. Nyeungseurikeun pedah dina haté téh rabeng pananya; si ibu jeung dua budakna anu patingraréngkol di émpér toko naha unggal peuting maranéhna peureum bari beuteungna mah kukurubukan? Apan seuri siga anu éra maranéhna, carana ngahuap, matak nyérédét ningalina. Sabaraha ratus, atawa ngarébu, malah ngajuta mungkin waé; anu nasibna siga kitu? Basa kuring dahar lantaran lapar geus henteu katahan, kabayang deui seuri si ibu jeung dua budakna. Kumaha bisana kuring dahar ngeunah atawa ulin hura-hura saperti biasana lamun rarasaan siga kieu?
Ingetan ka anjeun ogé asa éléh nyérédétna, Rengganis. Aya samingguna kuring henteu ka kampus, henteu kamamana. Kuring asa jadi Sidharta dina film Little Budha. Sidharta, putra raja anu kakara engeuh horéng di luareun agréngna istana karajaan, rabeng kasangsaraan. Basa hiji isuk kuring ka kampus da aya jadwal ujian, anjeun nungguan di tangga ruang kuliah.  
“Tos lima dinten abdi ngantosan,” ceuk anjeun. “Manawi téh rarieut da henteu biasa tumpak motor wengi-wengi.”
“Ieu ogé masih rarieut,” témbal téh.
“Alhamdulillah ayeuna tos tiasa ka kampus. Asa hoyong ngadongéng ka Sam téh. Tapi henteu ngobrol langsung. Asa beurat, henteu ngidinan ieu haté, upami kedah paduduaan. Abdi ngintun email waé.”
Kuring unggeuk. “Mangga. Tapi anjeun masih lepat. Akang téh masih rarieut.”
Anjeun imut, duka naon hartina.
**

BAGIAN TILU
Assalamualaikum warahmatullaahi wabarakaatuh
Sam, kamari mah aya rasa kasieun, sieun anjeun kateterusan rarieut. Naha lantaran tumpak motor tengah wengi? Abdi ngadoa, mudah-mudahan anjeun henteu kitu. Alhamdulillah, anjeun tadi aya ka kampus.
Bingung ogé saenyana, kedah ngawitan ti mana ngadongéng téh. Anu jelas mah, punten, sanés badé takabur atanapi sombong, upami abdi ngadongéngkeun ngabagikeun nasi bungkus cinta téa. Tos lami abdi sareng kelompok pangajian ngabagikeun nasi bungkus cinta unggal malem jumaah. Sering abdi mah bari nahan anu nyelek dina haté sareng kongkolak panon. Sabada ngabagikeun nasi bungkus cinta téh, saatosna di bumi, sok teras solat tahajud. Tah nuju tahajud mah anu nyelek téh tara kabendung deui. Abdi sok ngagukguk, kanyenyerian, bari henteu paham pisan naon sababna. Haté téh henteu weléh guligah. Ah, kumaha atuh Sam ngadongéngkeun perasaan sapertos kieu?
Malem Jumaah kamari ngahaja ngajak anjeun téh. Ngarah anjeun terang sabagian dunya abdi. Naha anjeun menikmati ngabagikeun nasi bungkus cinta? Maksadna, sanés menikmati jalan-jalanna, atanapi sakadar terang yén seueur anu miskin di kota urang ogé. Tapi leuwih kana perasaan terharu, guligah. Kumaha perasaaan anjeun, Sam?
Ah, meureun anjeun mah biasa waé. Atawa malahan asa kasiksa, tiris, bari kutuk-gendeng. Anjeun mah apan henteu biasa tumpak motor ngurilingan kota. Anjeun mah apan ka mana-mana biasa tumpak mobil méwah, pésta-pésta, hiburan malam, diskotik, kleub-kleub anu baleunghar. Lamun seug abdi siga anjeun, pasti abdi mah asa kasiksa. Kumaha tiasana menikmati anu salami ieu biasa ku anjeun dilakukeun? Asana téh moal tiasa da abdi mah kantos ngalémbéréh cimataan basa ningali saurang aki-aki anu keur ngaréngkol di émpér toko ngoréjat gugah basa ningali nasi bungkus anu disimpen gigireunana, teras ngahuap rusuh siga anu sono pisan kana sangu.
Punten, Sam, sakali deui, sanés abdi takabur atanapi sombong. Ngadongéng téh saukur hoyong ngadugikeun wungkul, urang téh dipisahkeun ku dunya anu béda. Naon anu ku abdi dinikmati teu acan karuhan tiasa dinikmati ku anjeun. Naon anu ku anjeun dinikmati tiasa janten malah nyiksa keur abdi mah. Apan salain ngabagikeun nasi bungkus cinta, abdi mah janten voluntir, sukarélawan, di rumah singgah, di organisasi siap tanggap bencana. Abdi mah tos biasa berangkat rombongan ka tempat bencana.
Rarasaan téh, abdi mah moal tiasa ngécagkeun janten sukarélawan siga kitu. Da abdi mah menikmati. Dasarna mah meureun urang ogé sami, Sam, réa kakurangan. Abdi mah jalmi anu réa kakurangan. Meureun merhatikeun ka sasama anu katideresa téh pedah pangalaman.
Abdi téh putra kukutna Pa Yana. Ti umur tujuh taun abdi dicandak ka kota, disakolakeun, dipikanyaah teu béda ti ka putra pituin. Aslina mah abdi téh urang kampung manjang-munjung, kampung mencil di sisi gununung. Kulawarga abdi; apa, ema, sareng saurang adi anu nembé opat taun, ngantunkeun basa aya longsor.
Di lembur abdi, kampung Nangtawing katelahna, upami halodo garing téh karasa dugi kana tikoro. Upami usum hujan, asa dina tungtung cilaka. Longsor, gelap, saperti tungtung balati anu tiasa nancleb iraha waé.
Tapi pikeun barudak Nangtawing, henteu aya lembur pangimpian iwal ti Nangtawing. Ti mimiti dijurukeun, abdi ngarasakeun sangu huma Nangtawing, ngaleguk cai anu mancer tina taneuhna, nyeuseup hawana. Samiskin kumaha ogé Nangtawing, dina haté abdi mah nempatan bagian anu éndah.
Upami hiji waktu anjeun aya niat ka Nangtawing, Sam, tong ngabayangkeun siga anjeun ngajugjug ka pakampungan séjénna. Ti jalan raya téh naék angdés dugi ka jalan désa anu batuna renjul téa geuning. Teras kana ojég, aya kana sajamna. Jalanna nanjak, renjul, laleueur upami ngijih mah. Moal lebet mobil da lébarna ogé sed wé sakedik ti jalan satapak.
Tapi jarang aya urang Nangtawing anu wani tumpak ojég, da puguh mayarna ogé dugi ka saratus rébuna. Artos sakitu téh mending dipésérkeun kana uyah, tarasi, tarigu, emih, anu henteu tiasa dipelak di Nangtawing.     
Upami badarat, satengah dinten nembé dugi. Éta ogé upami henteu aya istilah kalangsu saperti anu anyaran ka Nangtawing bari henteu dianteur ku urang dinya. Salaku barudak Nangtawing, abdi henteu tiasa leupas tina kanyaah ka lembur. Matakna abdi mah hoyong geura diwisuda, didamel bari ngumpulkeun artos kanggo engkéna ngajar barudak di Nangtawing. Sakola anu ayeuna aya apan kedah dijugjug ngalangkungan sisi leuweung, pasawahan, walungan, aya kana dua jamna. Barudak Nangtawing mah tos biasa deui guyang meuntas walungan bari nanggeuy acuk seragam sareng buku da sieun kabaseuhan. 
Kitu Sam, abdi mah meureun tos biasa menikmati perasaan anu katideresa. Matakna abdi téh asa henteu pararuguh ogé dicaketan ku anjeun, malah terasna mah nyebatkeun cinta. Cinta téh naon anu aya dina pikiran sareng perasaan anjeun, Sam? Cinta mah sanés anu jolna tina soca, tapi anu karaos dina haté. Kukumaha ogé urang téh kedah ngalatih cinta sapertos kitu.
Jujurna mah, abdi kaganggu ku anjeun, Sam. Abdi mah gaduh impian téh hoyong geura wisuda, geura tiasa milarian artos anu seueur, pikeun ngangkat darajat saha waé anu katideresa. Barudak kalantar, yatim piatu, barudak kampung saperti Nangtawing. Janten, hapunten Sam, abdi ngaharep, tong ngaganggu deui ka abdi upami saukur katarik-ati ku penampilan abdi, pameunteu atanapi imut abdi. Tapi upami anjeun milarian abdi, milarian perasaan anu aya dina haté abdi, abdi mah aya dina imut sareng kasedih jalmi-jalmi anu katideresa. Abdi aya di antara maranéhna, dina haté maranéhna. Upami anjeun peka mah Sam, perasaan kitu téh nyampak ogé dina haté anjeun, dina bagian haté anjeun anu poék sareng kotor da boa anjeun tos mangtaun-taun henteu nyaangan sareng ngaberesihanana.
Tong sedih upami email ieu henteu nyugemakeun. Hapunten abdi.
Baktos
Rengganis
**

Kumaha carana kuring bisa mopohokeun anjeun, Rengganis? Kuring apan geus kalangsu dina perasaan anjeun anu nguwak-ngawik. Nasi bungkus cinta téh titik-balik keur kuring mah. Apan saentas ngabagikeun nasi bungkus cinta kuring henteu bisa saré tibra henteu ngareunah dahar. Sakabéhna kagantian ku cimata anu sering nyurudcud. Kumaha kuring bisa mopohokeun anjeun sanggeus haté kuring ogé kieu? Kuring réla ngaleupaskan kabiasaan salila ieu sangkan bisa menikmati perasaan anjeun. Ogé, kumaha bisana menikmati ulin, hura-hura, sanggeus perasaan siga kieu?
Matakna kuring guligah basa anjeun henteu aya waé di kampus. Kakara kuring sadar, kunaon kampus jadi simpé, apan mimiti libur seméster. Lahlahan kuring ka imah anjeun, ngobrol jeung bapa angkat anjeun anu bageur jeung akuan. Cenah, anjeun keur aya di Nangtawing pakanci ayeuna téh. Ari kuring, hayang geura jonghok jeung anjeun. Rarasaan téh asa réa rencana anu hayang ditepikeun ka anjeun.
Isukna kuring miang ka Nangtawing anu petana dituliskeun bapa angkat anjeun. Hujan awal usum ngijih ngecrek ti kuring turun di jalan raya. Ojég henteu bisa laju da sering tisorodot. Kapaksa kuring badarat, dianteur ku si bapa anu bakal nuduhkeun jalan. Harita téh adan lohor acan lila ngalanglaung.
Nepi ka Nangtawing téh geus poék mongkleng. Adan magrib aya kana satengah jamna. Pakéan sarwa baseuh da kuring henteu mawa jas hujan. Ngan tas eusi laptop jeung kaméra anu kabunian téh. Sabataé, nepi ka Nangtawing ogé meureun bisa mandi terus siduru, ceuk haté.
Tapi kumaha bisa reureuh, siduru bari ngopi, da Nangtawing henteu waé masih diguyur ku hujan jeung burinyay gelap, tapi ogé diguyur ku cimata jeung jerit kanyenyerian. Anu tadi sora ngaguruh téh geuning longsor anu ngubur sababaraha imah. Ari anjeun di mana, Rengganis? Kuring tumanya ka ditu ka dieu. Tapi ibu-ibu anu ditanya kalah ngaringhak narikan. Lalaki ngagarali longsong ku pacul jeung alat séjénna. Cenah, barudak maranéhna ogé acan kanyahoan nasibna. Barudak téh keur dialajar di saung anu karuang longsor. Anjeun apan anu ngajarna, Rengganis.
Peuting harita kuring ngilu ngagali taneuh, terus ngagali. Hujan tinggal girimisna. Gelap tinggal burinyay di kajauhan. Tapi sora anu careurik beuki narikan, ngagukguk kanyenyerian. Kuring terus ngagali longsor. Bari haté mah henteu puguh rasakeuneunana. Enya ogé kuring yakin, yakin pisan, anjeun aya di dieu, imut aya ku éndah, ngabaturan saha waé anu katideresa.
Dina haté kuring.
**** 

Pamulihan, 6-7 Pebruari 2015

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni