HILEUD DINA KANGKUNG



Aki Pangebon bisa disebut patani anu ahéng. Tadi isuk anjeunna manggihan hileud dina daun kangkung anu ngajajar di sisi balong. Patani karéréan pasti nyapit éta hileud atawa miteskeun daun anu aya hileudan, terus dileyek semu ambek.  

Tapi Aki Pangebon mah kalah nutupan hileud ku daun kangkung séjénna. Ngarah henteu kanyahoan ku manuk atawa hayam. Ceuk pikirna, hileud dina daun kangkung téh boga hak hirup ogé. Sarua jeung mahluk anu kumelendang di alam dunya séjénna. Anjeunna yakin, hileud téh moal méakeun kangkung anu héjo seger subur. Lamun terusna hileud téh baranahan, manuk pasti nganyahoankeun, ngawatesan jumlah populasina.

Lantaran kitu Aki Pangebon katelah jalma mahiwal. Sedeng anjeunna ngarasa biasa waé. Biasa keur anu ngalaman pangalaman ahéng. Mangsa bolon umur sapuluh taun kungsi milu moro careuh di sisi leuweung. Ari pék anjeunna kalangsu, misah ti anu moro séjénna. Sabada capé asruk-asrukan, sahing-hingeun ceurik lantaran hariwang, ari pék anjog ka hiji buruan imah leutik. Campernik. Imah di tengah leuweung.

Keur puluhak-polohok nempoan sakuriling anu asri, aya anu nyerangkeun bari imut di handapeun tangkal kupa. Aki Sireum, kitu Aki Pangebon keur bolon nyebutna, ngagupayan. Rugag-regog loba kasieun mimitina Aki Pangebon téh basa diajak diuk dina babaléan hareupeun imah. Tapi sabada golosor cai entéh tiis jeung beuleum sampeu dipurulukan kukurudan gula kawung haneut kénéh, rasa halabhab anu kaubaran nyieuhkeun kacangcaya jeung kahariwangna. Sainget Aki Pangebon, cai entéh jeung beuleum sampeu dipurulukan gula kawung harita minangka lalawuh pangnikmatna anu kungsi diasaan.

Tapi sanés cai entéh jeung beuleum sampeu dipurulukan gula kawung anu nyababkeun anjeunna molohok mata simeuteun. Aki Pangebon ngahuleng ngaraga meneng molohok kembang kadu basa ningali si aki nyimpenan pupurulukan sampeu di sakuriling unggal liang sireum.

“Kanggo naon, Aki?” ceuk Aki Pangebon harita, sabada rasa héranna henteu katahan deui.

Tapi si aki henteu ngawalon. Kalah terus ngagupayan, ngajak dongko merhatikeun beuleum sampeu laleutik di sakuriling liang sireum. Enya wae, henteu lila aya sireum hideung kaluar tina liangna. Sabada ungas-ingus, beuleum sampeu téh digusur. Tapi meureun beurateun, beuleum sampeu sagedé tungtung nyéré téh dileupaskeun, tuluy sireum hideung téh asup deui kana liang. Teu kungsi lila barijil sireum, ngagotong beuleum sampeu ka jero liangna.

“Sireum mah mindeng ngalaman kacilakaan, malah nepi ka hanteuna, mangsa néangan rejeki. Katinggang régang mah, katincak, kasapukeun, jeung réa deui. Tapi lamun kadaharanana aya di deukeut liangna, pasti maranéhna leuwih aman,” saur si aku anu terusna nelah Aki Sireum.

Eta anu nyababkeun Aki Pangebon keur bolon pulang anting ka bumina Aki Sireum. Ampir unggal minggu, mangsa pere sakola, Aki Pangebon resep ngabaturan Aki Sireum di bumina.

Pangalaman éta ogé anu ngayakinkeun anjeunna, hileud-hileud moal méakeun tatangkalan anu dipelakna. Malah mah bakal ngadatangkeun kaahéngan séjénna. Hiji waktu aya rombongan urang kota anu ngadon pakanci di pakampungan. Maranéhna ngayakeun acara di hiji villa, isuk-isuk leuleumpangan ngurilingan pakampungan. Basa anjog ka kebon Aki Pangebon, maranéhna ngaborong kangkung, bayem, tomat jeung sayuran séjénna. Maranéhna atoh manggihan daun-daun kangkung saleger héjo bari aya tapak hileud di sababaraha daun.

“Ieu téh tandana sayuran anu henteu disemprot pestisida,” ceuk pemandu rombongan orang kota téa.

Aki Pangebon meunang rejeki anu pohara poé éta.

**

 

Hiji peuting Aki Pangebon ngadangu sora anéh di tukangeun saungna. Ngeteyep anjeunna kaluar, ngintip, horéng aya anu maok sampeu.

“Sampeu di dinya mah laleutik kénéh. Anu geus meujeuhna dibeuleum mah di lebak,” ceuk Aki Pangebon semu ngaharéwos.

Bangsat téh ngagebeg. Sukuna ngadégdég. Késang nyurulung enya ogé peuting téh aya ku tiris. Manéhna saberetek-beretekeun lumpat, tapi ras ka budakna anu ceurik lantaran lapar teu bisa dibébénjokeun deui ku pamajikanana. Teg aya pikiran nékad, rék narajang ka Aki Pangebon, tapi anu boga kebon téh geus teu katémbong deui belegbegna. Beuti sampeu sagedé-gedé jempol leungeun diruang deui ku taneuh, laju diidek ngarah teuas. Terus manéhna ka kebon lebak, masih angger keketeyepan siga anu sieun kanyahoan. Enya waé, satangkal ogé sampeuna aya kana satengah karungna.

Bangsat téh mimitina mah kadesek ku kabutuh anu utama, teu boga béas sapuruk-puruluk acan. Tapi lantaran anu boga kebon nyatana Aki Pangebon, siga anu ngantep, bangsat téh terusna mah pulang-paling ampir unggal peuting. Mimitina sampeu keur ngaganjel beuteung lapar anak-pamajikanana, terus mupu bungbuahan cenah keur cuci mulut, terusna mah naon waé anu bisa dijual dipaling.

Bangsat téh hirupna mimiti neut-neutan. Henteu ngan saukur bisa ngabayuan anak-pamajikanana, tapi ogé mampu ngaréhab imahna anu geus buruk, ngajak pakanci kulawargana, jeung ngajamu sobat-sobatna anu ngahaja diangkir. Sakabéhna tina hasil ngabangsat.   

Tapi hiji isuk bangsat téh reuwas kareureuhnakeun. Manéhna kakara hudang sanggeus sapeupeuting begadang jeung sobat-sobatna, aya anu keketrok ka imahna. Pamajikan jeung budakna keur balanja ka pasar. Basa muka panto bangsat téh reuwas kacida. Beungeutna sepa. Awakna ngadegdeg siga anu nirisan. Biwirna molongo, sapok-pokeun ngomong tapi teu nyoara.

“Hatur lumayan, aya rejekina tina panén usum ayeuna,” ceuk Aki Pangebon bari teu weleh imut.

Bangsat téh teu wani muka kantong pelastik ti Aki Pangebon saacan pamajikan jeung budakna mulang. Basa pamajikanana muka pelastik, eusina béas 4 kg, cau sasikat, jeung amplop eusi duit 100 rébu rupiah.Amplop bodas leutik téh aya tulisan: rejeki halal ti Gusti Nu Murbéng Alam. Enya ogé tulisanna leutik, bangsat téh ngadégdég, aya anu ngagolak dina dadana, késangna rembes kana papakéanana. Rejeki halal rejeki halal rejeki halal, kitu anu ngagereyem dina haténa.

Bangsat téh kakara apal, Aki Pangebon mah unggal usum ogé sok ngabagikeun sawareh hasil panén ti kebonna, ka tatangga-tatanggana nepi ka kampung tatangga. Imah bangsat téh kaasup jauh ti kebon Aki Pangebon, tapi harita mah kabagéan ogé sedekah ti Aki Pangebon. Atuh hasil séjénna, apan dipaké ngabayuan jeung nyakolakeun barudak yatim jeung anu mariskin.  

Aki Pangebon saenyana gaduh budak dua urang. Tapi duanana geus marisah, ngadon itikurih di kota. Ka dua budakna, Aki Pangebon nyarios kieu: “Kebon ieu ku Bapa bakal diwariskeun ka hidep duaan. Tapi engké sanggeus Bapa teu aya di kieuna. Ayeuna, sapanjang Bapa aya kénéh, idinan Bapa pikeun ngokolakeun ieu kebon jadi jalan rejeki keur saréa-réana mahluk. Bapa miharep, tina hasil kebon ieu, engké sabada Bapa taya di kieuna, maranéh sedekah saréa-réana, jauh leuwih réa batan kawajiban zakat.”

Tapi enya ogé bangsat téh beuki apal saha ari Aki Pangebon, manéhna henteu eureun pulang-paling. Kungsi éta ogé kapikiran eureun puak-paok, terus ngalamar gawé ka Aki Pangebon bari ngadongéngkeun kaayaan rumah tanggana, sigana Aki Pangebon gancang ngahiap. Komo bari ngaku naon anu dilakukeunana salila ieu. Tapi éta téh ngan saukur niat. Manéhna sieun buruhan ngabantu-bantu di kebon henteu nyukupan kabutuh anu salila ieu enggeus kacumponan.   

Bangsat téh malah maok leuwih réa. Henteu saukur keur ngabayuan kulawarga jeung hirup basajan, tapi keur kahirupan manéhna anu katingali leuwih jugala. Enya éta ogé sakapeung sok aya kénéh rarasaan henteu ngareunah dina haténa. Tapi bangsat téh gancang nutupan ku mindeng babagi ka tatangga, dulur, jeung kawawuhanana.

Panén Aki Pangebon beuki ngurangan. Aki Pangebon nyalira ngama’lum naon sabab-musababna. Tapi anjeunna angger ngantep. Anjeunna nganggap bangsat téh saperti hileud dina daun kangkung, engké ogé bakal ngurangan lantaran aya anu ngawatesan populasina.

Horéng henteu kitu. Jalma mah henteu bisa disaruakeun jeung mahluk séjénna. Jalma mah kholifah bumi anu taya babandinganana. Bangsat tangtu waé béda jeung hileud. Bangsat mah henteu aya anu ngawatesan talajakna. Manéhna kalah beuki mahabu sanggeus di masarakat katelah sabagé dermawan. Manéhna dirojong masarakat pikeun jadi pamingpin. Mimitina jadi kuwu, terus jadi législatif, jeung anu séjénna.

Imah bangsat téh jadi leuwih agréng. Buruanna mangrupa patamanan anu ditata ku ahlina. Aglonema beureum, anthurium varigata, anjamani, ningalikeun aura méwah jeung megah.

Unggal isuk bangsat téh ka kantorna dianteur ku mobil Range Rover Sport 3.0 HSE anu cenah hargana dua miliar leuwih. Ka mana-mana manéhna dihormat jeung diugung-ugung. Tapi mangsa sorangan neuteup patamanan buruan anu éndah, manéhna ngarasa aya hileud, réa hileud, dina dangdaunan anu marahalna. Hileud-hileud anu terus ngarayap kana sukuna, ngarayap ka sakujur tubuhna, ka jero pikiranana, ka jero haténa. Hileud-hileud anu henteu bisa dikadalikeun jeung diwatesan jumlahna. Komo saukur diwatesan ku alam.

***

 

Rancakalong, 14-3-2020 / 8 Juli 2020

Mangle no no 2791, 30 Juli – 5 Agustus 2020



 

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "HILEUD DINA KANGKUNG"

Posting Komentar