NIPU



Galura, Minggu IV Desember 2012

Hotél bintang lima. Tingkat 20. Sagala atra katingali. Ngahaja milih hotél téh anu deukeut alun-alun. Di tengah kota. Maksudna gé lain hayang ningali pamandangan alam. Laut. Gunung. Situ. Curug. Disebut bosen mah henteu. Komo mun nyaksian sun-set jeung Nita. Atawa Nunik, Keukeu, atawa nu anyar kenalan gé teu masalah.
Ieu mah hayang ningali tingkah-polah jelema. Di alun-alun tempatna. Ti subuh mula apan alun-alun mah raména. Nepi ka ampir subuh deui. Ukur sajam dua jam reureuhna téh. Bada subuh nu lari-pagi jul-jol ti ditu ti dieu. Nepi ka jam salapanan mah nu lari-pagi téh loba anu can mulang. Apan tas lari atawa senam téh diteruskeun kana idangan kupat tahu, surabi, bubur ayam, bubur kacang, lontong kari, nasi kuning. Kituna téh bari ngobrol ngalér ngidul jeung pada baturna. Pabeubeurang jul-jol anu ngariuhan. Jajan céndol, cingcaw, es podéng, goyobod. Anu ngadon makan-siang waé aya. Pasosoré mah anu jalan-jalan abring-abringan réana téh. Naha jeung pada batur sakolana, sapagawéan, atawa kulawarga. Kapeutingnakeun awéwé bangor jeung banci teu hésé néangan.  
 Sok baluas unggal noong ku kékeran téh. Nu katoong téh ngan anu nipu jeung anu nipu deui. Meureun pédah pikiran kuring ogé di dinya. Apan ideu téh ti dieu mimitina. Sabada merhatikeun ibu-ibu tengah tuwuh nunungtun budak genep taunan, ka saha ka saha ngaku ditinggalkeun ku salakina bari teu ninggalan duit sapésér gowéng. Atawa bapa-bapa nanawarkeun jam tangan bari ngalengis cénah dompétna dicopét teu aya ongkos. Atawa rabeng anu mamawa kotak amal anu cénah ti panti yatim piatu, panti jompo, pasantrén, rumah singgah. Atawa anu ngabeungkeut suku atawa leungeunna ngarah katingali buntung bari ménta sodakoh.
Enya, ideu téh ti dieu mimitina. Dipraktékeunna mah di imah. Basa aya anu pupuntenan bari mamawa map, geus teg wé éta téh anu rék ménta sumbangan. Biasana mah tara diladénan ku satpam ogé. Tapi ti minggu kamari ditalatahkeun ka satpam, lamun aya anu baramaén atawa ménta sumbangan, sina asup wé ka jero. Ari kituna saha anu percaya atuh. Map lecek téh eusina kop surat lecek ogé, alamatna di Madura, Surabaya, Jember, Malang. Naha jauh-jauh teuing ménta sumbangan bet ka Bandung?
Bapa-bapa tengah tuwuh téh sina asup ku satpam. Basa disampeurkeun ka ruang tamu mani siga anu ngadégdég. Cénah manéhna ti panti yatim piatu di Solo. Ningali béréndélan anu kungsi nyumbang mah réréana sapuluh réwu. Kuring nyimpen duit salambar saratus réwu di luhureun map. Manéhna mani sepa ningali duit téh. Teuing reuwas atawa meureun capé tas kukurilingan. Êta wé basa Bi Cioh nyuguhkeun es jeruk, ku kuring dihempékeun heula sina nginum, sagelas jangkung téh langsung korédas.
Bapa mau nyumbangnya berapa?” cénah ku basa Malayu, rada tatag ngomongna tas nginum mah.
Semuanya.”
Manéhna neureuy ciduh. Reuwas meureun. Leungeunna ngeleper basa nuliskeun ngaran kuring jeung gedéna sumbangan. Geus kitu mah siga anu hayang geura balik. Ku kuring diimplik-implikan saméméh manéhna kaluar panto.
Kalau ada panti, pesantrén, yang mau minta sumbangan, datang saja ke sini.”
Isukna jol deui anu ngaku ti pasantrén di Madura. Taksiran mah masih baturna anu kamari. Da biasana ogé tara sering aya anu kitu téh. Apan ku satpam kénéh ogé  tara meunang asup. Dibéré wé saratus réwu. Geus kitu mah jul-jol anu ménta sumbangan téh. Kabéhanana ogé henteu diiwalkeun. Maranéhna disuguhan bari balikna dibekelan leuwih ti sapaméntana. Atuh anu deukeut, kegiatan RT-RW, kelurahan, karang taruna, organisasi pamuda, mahasiswa, jul-jol ngasongkeun proposal. Êta ogé henteu diiwalkeun, dibéré leuwih ti sapaméntana.
Atuh kuring téh jadi sabiwir hiji. Koran, radio, télévisi, apan ngawawancara. Pamajikan ngokolakeun yayasan pikeun ngaladénan anu marénta sumbangan. Malah ayeuna mah ditambahan ku nyeponsoran kasenian, méré béasiswa, méré anugerah kaélmuan jeung kasusastraan.
Keur kitu wungkul mah geuning sapuluh milyar ogé diancokeun hésé béakna. Enya, anu sapuluh milyar téh diasupkeun kana déposito jeung bursa saham, dicokotan untungna wungkul. Batan béak mah geuning kalah nambahan.
Ti mana atuh waragad anu sapuluh milyar téa? Apan kuring téh pangusaha. Duit sakitu mah henteu sabaraha. Tapi kudu didongéngkeun saeutik, kuring téh asal mah ti kulawarga henteu cukup-cukup acan. Êta wé sakola ogé ngan nepi SMA. Bari bapa jeung ema téh anjuk-hutang. Lulus SMA ngahonor di instansi pamaréntah, jadi tukang jaga kantor jeung beberesih. Honor jauh ka cukup. Nyukupkeunana téh ku narimaan barang ti gudang. Keretas sarim dua rim, printer ruksak, komputer, dipangjualkeun ku kuring. Malah terusna mah milu mangnguruskeun pengadaan barang kaperluan kantor.
Mimiti meunang orderan sorangan basa Pa Kepala bogoheun ka si Fani, babaturan ngahonor bagian narima télépon. Jadi panglayar, malah milu ngatur upama Pa Kepala hoyongeun liburan duaan. Leuwih ti lumayan, orderan ngayakeun komputer geuning batina puluhan juta. Ti harita kakara nyaho, hayang meunang orderan téh geuning kudu boga badan usaha, nyelapkeun amplop ka saha waé, jeung ngabageuran ka sakantor mah.
Lancar jadi pengusaha téh. Komo da terus kuliah, gaul di partéy nepi ka jadi anggota DPR-na. Modal nambahan terus keur ngolo-ngolo sakumaha kahayang nu nangtukeun proyék. Si bapa ieu mah hayangna mobil atawa imah. Si bapa itu mah hayangna anu geulis. Si ibu ieu mah hayangna villa. Atuh usaha gé henteu saukur meunang orderan cetakan atawa komputer wungkul, tapi mimiti meunang proyék ngerjakeun bangunan, ngokolakeun leuweung, pertambangan.
Enya ogé sagala aya, ngirincing dina rékening babarisan dina perhiasan, tapi geuning teu aya waregna. Matak ayeuna jadi dermawan téh aya udagan anu leuwih luhur. Atuh saacan anu pangluhuruna, minimal jadi gubernur heula. Meureun leuwih laluasa ngerukan harta téh.
Tapi sigana henteu laju udagan téh. Pédahna mah hiji soré keur ngalangeu di téras vila, aya anu nangkeup ti tukang. Cici, budak kuring anu panengah. Kuliah semester dua di kedokteran.
“Papah hébat. Saur itu saur ieu Papah téh pengusaha pangdermawanna. Ampir sadayana aktivis di kampus kenal ka Papah. Mangga tuh nyanggakeun, titipan proposal.”
Dirérét téh dina méja, map mani numpuk.
“Papah terang ka Nita? Anu kuliah di fakultas ékonomi universitas anu? Kamari di kampus janten pembicara diskusi. Saurna kuliahna ogé dibayar ku béasiswa ti Papah.”
Ukur unggeuk. Budak téh ngesun, terus ka jero, meureun ka indungna. Pamajikan jeung barudak henteu arapaleun. Nita téh apan béasiswana téh pédah daékeun ngabaturan basa pelesiran ka Pataya. Béasiswa pleus meureun disebutna ogé.
Enya, geuning sasaha gé bisa kabobodo. Tapi beuki dieu téh asa beuki marudah. Matak sering ngahajakeun sosoranganan di hotél bintang lima, tingkat 20, angger nyéwa kamar téh anu nyanghareup ka alun-alun. Nyaksian tukang tipu leuleutikan. Asa leuwih terhormat maranéhna. Meureun nipu téh keur sahuap sakopeun. Ari kuring?
Asa geus hatam ngabohongan batur téh. Tapi beuki hatam beuki karasa, aya anu henteu bisa dibohongan geuning. Aya anu henteu bisa ditipu. Enya, haté sorangan. Kumaha carana nipu haté sorangan? ***
   

    
Désémber 2012





       

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "NIPU"

Posting Komentar