KALAKAY MUGURAN DI BURUAN MASJID
Tribun Jabar, 30 Juni – 2 Juli 2015
Réngsé solat lohor téh
terus ngalangeu di téras masjid. Angin ngahiliwir mépés poé anu morérét. Bulan
Ramadhan taun ieu mah bareng jeung usum halodo. Hawa karasa leuwih panas.
Kekebul mulek di unggal jalan lamun kaparengan aya mobil atawa motor ngaliwat
téh.
Leuleumpangan ti tabuh
salapanan bari henteu puguh anu dijugjug. Los ka sakolaan jaman keur SD. Sakola
téh karosong. Puguh keur pakanci ayeuna téh. Ngajanteng salila-lila di tukangeun
sakola. Baheula mah di dieu téh aya émpang. Caina tara kungsi saat enya ogé
halodo entak-entakan. Ayeuna mah émpang téh jadi sagedé balong. Caina
ngolétrak. Sisina mah geus gararing, leutakna bareulah.
Méngkol ka jalan Tiis
Dingin. Ngajanteng deui di pos ronda. Keur budak mah di jalan ieu téh ngajajar
tangkal rambutan. Lamun keur usumna, rambutan téh ngagarayot. Atuh balik sakola
téh sok ngahaja ngawadahan batu leutik atawa talawéngkar keur pamalédog. Kolot
anu aya di dinya ogé tara ngambek. Sakapeung mah sok dipangalakeun rambutan
téh. Ngan nyaram malédogan téh sieun batuna murag kana kenténg. Ayeuna mah
tangkal rambutan téh dibabad. Aya ogé di buruan imah satangkal dua tangkal.
Jalan Tiis Dingin téh henteu tiis deui.
Tikoro karasa garing.
Henteu jauh leuleumpangan téh. Tapi mani hanaang. Basa ningali hp, geuning geus
tabuh 11.30. Gagancangan muru ka masjid agung. Rarasaan téh tujuan ti imah anu
utama mah ka dieu. Enya wé keur abdas ogé terus kadéngé anu adan. Sorana
ngalanglaung. Nembus ka langit, nyérédét kana haté.
**
Masjid téh kaasup
agréng keur ukuran masjid agung kacamatan mah. Térasna lega. Buruanana laluasa.
Tatangkalan baradag jarangkung. Mahoni, flamboyan, caringin, duka sabaraha taun
umurna. Da flamboyan sakitu jangkungna, lamun pareng kembangan téh matak waas
ningalina. Mahoni sakitu liuhna. Atuh caringin geus jaranggotan anu ku barudak
mah sok dipaké gugulayunan.
Di téras masjid téh
ngajajar anu reureuh. Di juru aya anu keur ngaderes Al-Qur’an. Aya ogé barudak
rumaja keur ngariung, duka ngabahas
naon. Gigireun kuring aya anu dadapangan bari mariksaan bon penjualan, séles
sigana mah.
Kuring masih ngahuleng
bari neuteup ka jauhna. Masih baluweng. Naon atuh anu ditéangan téh? Ti saur
kénéh haté mah marojéngja, hayang geura ngalangeu di téras masjid. Tapi ayeuna
sanggeus ngahuleng di dieu, ngararasakeun angin ngahiliwir, neuteup ka jauhna,
asa teu aya raratan nanaon.
Tas gandong téh dibuka.
Buku diudulan. Keretas buram paragi kutrat-kotrér disiapkeun jeung pulpénna.
Buku téh ditengetan hiji-hiji. Sakabéhna ngeunaan sajarah nabi Muhammad SAW.
Aya karangan Muhammad Husain Haikal, Khalid Muhammad Khalid, Martin Lings, Terjemah
Al-Qur’an anu dilengkepan ku tafsir At-Tabari jeung Ibnu Katsir jeung hadist
ngeunaan ayat-ayat pilihan.
Sakitu ogé bahan bacaan
téh asa leuwih ti lengkep. Saenyana ieu téh pagawéan taun kamari. Aya penerbit
anu ngahubungi ménta novel bacaeun barudak tapi ngeunaan sajarah nabi Muhammad
SAW. Disanggupan wé caritana mah enya ogé henteu ngajangjikeun waktuna. Dina
haté mah geus diajam, ngetik téh rék digancangkeun. Puguh keur butuh atuh.
Saenyana acan lila sok
kurung-karang deui téh. Kakara dua taunan ngamimitianana ogé. Ari reureuhna
henteu ngarang aya kana sapuluh taunan. Matak basa ngamimitian campego dina
komputer téh asa utag-atog deui. Nganggeuskeun hiji carpon ogé dua poé dua
peuting téh lain bohong. Ngetik saalinéa, ngahuleng. Dibaca deui ti mimiti.
Nambahan deui saalinéa, ngahuleng deui, ngabukaan kamus da bisi salah kecap anu
dituliskeun téh. Dibaca deui ti mimiti bari dirarasakeun ngeunaheun henteuna kalimah
téh.
Tapi ari ku unggal poé
mah terus dileukeunan, ngagancangan ogé ngarang téh. Mukaan kamus, bacaan
séjénna, henteu mindeng teuing. Ngetik carpon waé mah sajam dua jam ogé anggeus
asal jalan caritana geus anggeus dina pikiran. Ceuk batur mah kuring téh
pangarang produktif.
Baheula keur budak
diajar ngarang téh kajurung ku resep. Ari ayeuna maksakeun diajar deui ngarang téh
ditambahan ku alesan butuh ku honorna. Sanggeus usaha sorangan bangkrut, usaha
réréongan jeung sobat ditinggalkeun, henteu aya deui pangabisa téh iwal ti
ngarang. Modalna saukur komputer téh lain heureuy. Da buku-buku mah ti baheula
ogé nungtutan meuli. Ari keur anu ngarang, buku téh apan papasanganana.
Héséna mah moal
didongéngkeun ngarang téh. Anu puguh mah karangan kuring téh mimiti dimuatan di
ditu di dieu, dina koran jeung majalah. Ari honor anu lumayan biasana tina
buku. Kakara dicitak ogé, surat kontrak ditéken, biasana aya panjer. Matak
dipénta nulis novel bacaeun budak ngeunaan sajarah nabi Muhammad SAW téh mani
haget disanggupan. Buku keur bahanna gancang dipisahkeun, anu acan aya ngahaja
ka Palasari kukurilingan. Tapi sabada dibaca bahan bacaan téh, asa geus
ngolotok jalan carita mah, malah outlane ogé geus dituliskeun ngarah aya
patokan; bet ngahunted di hareupeun komputer. Henteu ngahuleng memenitan atawa
jam-jaman saperti keur ngamimitian deui ngarang, tapi sapoé jeput henteu ngetik
nanaon. Lantaran ku penerbit ogé henteu ditatanyakeun, campleng sataun ngarang
téh henteu maju-maju.
**
Ari kamari, saminggu
saacan puasa, sobat ti penerbit téh ngahaja datang. Basa didongéngkeun kumaha
héséna ngarang, manéhna kalah ngahuleng.
“Apan Akang téh ngarang
dina koran mah sakitu produktifna,” cenah.
“Nyaéta Akang gé teu
ngarti. Ngarang anu séjén mah bisa dibereg.”
“Panginten... ngeunaan
sajarah nabi mah... kedah solat, Kang,” pokna deui bari seuri.
“Akang mah tos belasan
taun solat téh henteu saukur anu lima waktu.”
Tungtungna mah
patingharuleng. Keur kuring, pangalaman ieu téh salah sahiji kaahéngan salila
ngarang. Sanggeus balik tamu ti penerbit mah, gancang dibukaan deui hanca
pagawéan téh. Sanggeus dibacaan saperluna, maksakeun ngetik deui. Tapi asa
henteu ngeunaheun ngarang téh. Kalimah-kalimah téh asa dipaksakeun. Tungtungna
ngahuleng deui. Ingetan téh bet ngacacang ka Ramadhan sataun ka tukang, ka
buruan masjid ieu. Aya naon atuh di buruan masjid téh? Haté bet waas ku
pamandangan ngalangeu di buruan masjid sabada solat lohor.
Ngagebeg téh basa aya
kalakay kabawa angin, hiber muter angkleng-angkleungan, terus murag kana rambut
kuring. Kalakay téh ditengetan, diusapan. Kalakay téh bet misah jeung anu mayak
di buruan. Enya, puasa taun kamari mah aya anu leukeun mulungan kalakay.
Salambar-salambar dipulungna téh, terus diwadahan kana pelastik kérésék. Nini-nini
cetuk huis. Tara kaliwat unggal bada lohor. Pamandangan si nini mulungan
kalakay éta meureun anu ditéangan ku kuring téh.
Puasa taun kamari ogé
saenyana geus karasa ahéngna. Lamun keur di imah atawa keur ulin ka mana waé
ogé, deukeut ka lohor mah sok gura-giru ka masjid agung. Réngsé solat téh terus
ngalangeu di téras masjid bari nyérangkeun si nini mulungan kalakay. Asa
jararauh panineungan ningalina. Sakapeung katingali carinakdak si nini téh.
Lamun anu nengetan mah, pasti apal sakapeung aya cisoca anu ngagulusur kana
pipina anu karijut, terus murag kana taneuh.
Lain kuring sorangan
anu nyérangkeun si nini mulungan kalakay téh. Anu aya di teras mah pasti
ningalieun. Réa anu patingkecewis mangkarunyakeun. Keur panas poé atuh mulungan
kalakay, asa henteu puguh gawé. Naha henteu disapukeun waé, atawa dirawu ngarah
téréh anggeus. Tapi kuring mah henteu kitu. Asa ngarti, asa ngilu ngarasakeun
naon anu dirasakeun ku si nini téh.
Patingkecewis anu
mangkarunyakeun si nini meureun nepi ka pangurus masjid. Da hiji isuk mah
dipiheulaan ngalingihan buruan téh. Kalakay disapukeun, disédok ku pengki, brus
wé kana tong runtah. Bada solat lohor kuring ngalangeu téh di teras masjid
buruan geus lingih. Reuwas basa ti jero masjid aya anu ngagoak. Anu aya di
téras mah kabéh muru ka jero masjid. Horéng si nini keur ngagukguk, terus
midangdam manghanjakalkeun kalakay geus disapukeun. Isukna pangurus masjid téh
henteu wanieun deui nyapukeun kalakay.
Hanjakal puasa taun ieu
mah geuning si nini téh henteu témbong. Ngong adan asar, si nini mah acan jol
kénéh waé. Biasana mah adan asar téh waktuna si nini eureun mulungan kalakay. Isukna
bada solat lohor téh ngahaja megat merebot. Si bapa téh ngahuleng basa kuring
nanyakeun si nini anu sok mulungan kalakay.
“Saé ka Pa Ustad waé
atuh narosna,” cenah bari ngajak kuring ka tukangeun masjid.
Pa Ustad ogé kalah
neuteup salila-lila. “Naha bet naroskeun si Nini?” pokna kalah nanya.
“Éta wé abdi mah asa
waas ningalina. Abdi mah sanés mangkarunyakeun, da sapertosna mah si Nini téh
menikmati padamelanana.”
“Nyaéta ngawitanana mah
pangurus masjid téh hémeng ku kalakuan si Nini bet mulungan kalakay
salambar-salambar. Tapi basa kalakay téh dipayunan disapukeun, si Nini
midangdam manghanjakalkeun, nembé si Nini téh ngadongéng,” saur Pa Ustad
nerangkeun. “Tapi pokna téh: henteu nanaon Ustad mah apal, asal tong
dibetuskeun ka sasaha. Engké wé lamun Nini geus teu aya dikieuna betuskeun mah.
Pasti aya anu nyusud kalakuan Nini téh.”
Kuring ngabandungan,
henteu lemék henteu nyarék.
“Ayeuna mah si Nini téh
tos ngantunkeun. Janten henteu sawios upami didadarkeun kunaon si Nini bet
mulungan kalakay salambar-salambar. Utamana mah ka anu ngahaja nanaroskeun
sapertos Bapa.”
Pa Ustad téh ngarahuh
bari neuteup ka jauhna. Siga anu jararauh panineungan anjeunna téh.
“Saur si Nini téh kieu:
Nini téh jelema bodo, Ustad. Amal ibadah Nini anu henteu sabaraha ogé duka
teuing bener duka teuing henteu. Nini téh sieun cilaka di ahérat. Matakna Nini mulungan
kalakay. Unggal salambar kalakay dipulung Nini ngagereyemkeun salawat dina haté.
Ngan ku syafaat Kangjeng Nabi, ku kacinta Anjeunna, Nini reugreug ngahadep ka
Anu Murbéng Alam. Keun kalakay anu nyaksian salawat Nini, ngarah engké Nini ogé
dijemput ku Anjeunna.”
Molohok sakedapan bari
haté mah ngarakacak. Éta anu acan aya dina haté téh. Ngadongéngkeun Rasulullah
henteu cukup ku data-data. Tapi anu utama mah ku haté anu réla ngalaipkeun
diri, ngarendahkeun diri, ngarumasakeun amal-amalan henteu sabaraha, ku rasa
cinta anu tanpa pamrih.
“Pamugi kalakay di
buruan masjid téh henteu kedah disapukeun... abdi anu badé mulunganana,” pok
téh bari biwir mah ngadégdég, haté mah geus miheulaan ngagukguk.
Pa
Ustad nangkeup pageuh pisan. Karasa kana punduk aya anu ngeclak. Cisocana
kawasna mah. ***
15-17 Juni 2015, mapag
Ramadhan 1436 H
0 Response to "KALAKAY MUGURAN DI BURUAN MASJID"
Posting Komentar