BUMI PANYILEUKAN
Tribun Jabar, 8-10 Maret 2016
Duka sabaraha lila uing ngimeutan imah anu di
hareupna aya tangkal buah aromanis téh. Imah gedong dua tingkat anu aya
balkonan. Meureun resep lamun ngalangeu di balkon, bari ningali pamandangan.
Pamandangan alam anu sok leuwih éndah lamun ditingali ti kajauhan. Komo lamun
dibaturan cai entéh pait jeung brownies coklat.
Panon téh eunteup deui kana tulisan dina témbok
imah.
DIJUAL
TANPA PERANTARA
Asa-asa saenyana mah. Tapi suku téh ngaléngkah ogé.
Uluk salam téh rarasaan henteu pati tarik, tapi ti jero imah langsung aya anu
némbalan. Kabeneran anu boga imah aya duanana, jaler istri.
“Abdi téh hoyong ningalian bumi. Kaleresan gaduh
rencana hoyong ngagaleuh bumi,” cekéng téh sanggeus diuk dina korsi empuk di
ruang tamu.
“Oh, mangga. Saleresna mah bumi ieu téh nembé
dirénovasi.” Si Bapa nangtung, ngajakan ningalian naon waé anu aya di éta imah.
“Tapi Bapa nembé pangsiun. Hoyong suasana anu langkung tenang. Di kampung
sapertosna mah langkung tiis ceuli hérang mata.”
Kuring saukur unggeuk, henteu ngoméntaran, basa si
Bapa nuduhkeun dapur, kamar-kamar, loténg, sakedapan ngalangeu di balkon, jeung
ruangan séjénna anu aya di ieu imah. Sanggeus sakabéhna diterangkeun, tuluy
dariuk deui dina korsi empuk di ruang tamu. Si Ibu nanggeuy baki eusi cai entéh
jeung brownies coklat. Asa kaanteur kahayang téh. Henteu lila ogé susuguh téh
diasaan.
“Sabaraha kinten-kintenna pangaos anu dipikahoyong
ku Bapa?” pok téh sanggeus brownies sapotong jeung satengah cangkir cai entéh
nyegerkeun beuteung anu tiis can kaeusian ti isuk kénéh.
“Da ieu mah henteu ngalangkungan perantara, salerasna
genep ratus ogé dipasihkeun,” ceuk si Bapa anu kira-kira umurna kakara genep
puluh taunan.
Uing déhém sababaraha kali.
“Kieu saleresna, Pa, Ibu,” ceuk uing bari angger
sora téh ngageter unggal ngedalkeun lebah dieu. “Abdi hoyong ngagaleuh bumi
ieu. Tapi... artos abdi mah mung aya lima puluh rébu rupiah.”
Anu boga imah téh mencrong henteu ngarti. Siga anu
reuwas. Siga anu hémeng. Siga anu henteu percaya kana dadanguanana.
“Maksadna?” ceuk si Bapa.
“Muhun, abdi téh hoyong ngagaleuh bumi Bapa. Tapi
abdi gaduh artos téh mung lima puluh rébu rupiah.”
“Manéh téh ngaheureuykeun?”
“Henteu pisan-pisan, Pa. Abdi mah serieus.”
Si Bapa anu awakna masih keker téh nangtung. Manéhna
blus ka kamarna. Ngan sababaraha detik geus kaluar deui bari nodongkeun péstol.
“Kaluar siah! Bisi ditémbak ku aing!” pokna téh garihal.
Tangtu waé uing reuwas. Gancang ngajleng, kaluat ti
éta imah.
**
Pangalaman anu tadi dicaritakeun téh anu kasapuluh
kalina. Da kitu anu kudu dilakukan, saperti ceuk guru uing.
“Datangan sapuluh imah anu arék dijual, omongkeun
manéh niat meuli, jeung béjakeun manéh boga duit sabaraha,” ceuk guru uing.
Mimitina mah tangtu uing ngarepkeun kajadian anu
ahéng. Aya anu mikeun imahna dibeuli ku pangaji lima puluh rébu rupiah. Tapi
nepi ka sapuluh imah didatangan, kabéhanana ngusir uing bari nyarékan laklak
dasar. Jelema gélo, sinting, sétan, anjing, belegug, kungsi dipokkeun anu boga
imah pikeun ngaganti ngaran uing.
Sanggeus sapuluh urang anu boga imah ngusir, uing
sadar, guru téh henteu balég, sakadar ngulinkeun, ngalejokeun. Nginget-nginget
deui ti imah kahiji anu didatangan, beuki atra, nyaan uing téh bodo, belegug.
Matakna nyel wé ambek ka si guru.
Guru? Ke sakedap.... Saenyana manéhna téh jelema
saliwat. Hiji subuh, saperti biasa, uing apruk-aprukan néangan suung ka
pakebonan. Sapeupeuting hujan ngecrek. Siraru rabeng nyalampeurkeun kana lampu.
Éta téh kila-kila suung bakal loba. Enya waé, batur-batur uing mah meunang
loba. Aya anu nimu lima siki, genep siki, dalapan siki, bari suungna ogé garedé
jeung rarubak.
Ari uing, sué téh siga anu napel dina diri. Nepi ka
béak pakebonan henteu nimu hiji-hiji acan. Basa babaturan marulang, uing mah
nuluykeun ka sisi leuweung. Uing kudu nimu suung dua siki mah. Lamun nyamos
téh, kumaha anu di imah bisa nyangu? Geus euweuh béas sakeprul-keprul acan,
komo kadaharan séjénna.
Di tungtung langit warna kayas patingarudat, mimiti
nyaangan alam ramé. Beu cilaka, beuki caang mah néangan suung téh beuki hésé. Tah,
basa uing béak pangharepan, lungsé satulang sandi, bari tina juru panon merebey
cimata ari ras inget ka barudak anu tiluan, henteu kanyahoan ti mana jolna aya
patani anu manggul pacul ngajanteng di jajalanen.
“Néangan suung mah sakapeung perlu usaha nepi ka
wates putus harepan. Tapi sakapeung saukur sakiceupan atawa sababaraha léngkah
urang geus manggihan anu nyugemakeun haté,” pokna téh.
Uing reuwas. Sakedapan mah saukur melong bari henteu
ngarti. “Maksudna?” pok téh.
“Tuh, téang di tukangeun batu itu, ngarah anjeun
henteu deui marudah.”
Bari baluweng uing néang panuduhna. Ngajenghok
sakedapan basa ningali suung siga anu kembar, dua sagedé-gedé piring. Haté anu
bungangang nyaliara ka sakujur tubuh, jadi imut dina biwir.
Niatna mah saukur ngucapkeun nuhun kana
panuduhanana. Tapi uing terusna kalah ngadongéngkeun kasusah.
“Abdi téh tos puluhan taun diririweuh ku imah
kontrakan,” ceuk uing. “Padahal mah imah saung acan anggeus di kampung mencil,
mayarna ogé ngan lima ratur rébu sataun, tapi ari waktuna mayar téh mani asa
dibeungbeuratan batu sagedé munding. Ari kituna, tong boro mikirkeun mayar
kontrakan, apan keur balanja béas sapopoé ogé saukur ngandelkeun tina suung anu
katimu poé ayeuna. Duka kumaha lamun dina saminggu ieu uing henteu meunang duit
lima ratus rébu. Anu boga imah geus pok deui pok deui, wayahna cenah kudu indit
lamun uing henteu mawa duit dina waktuna. Deudeuh teuing, karunya ka barudak
lamun seug téh kudu asruk-asrukan.”
“Ayeuna mah tong loba pikiran, jual éta suung,” ceuk
anu manggul pacul téh. “Hasilna bikeun satengahna ka pamajikan, satengahna deui
bawa keur meuli imah. Datangan sapuluh imah anu arék dijual, dongéngkeun anjeun
niat arék meuli, bari sebutkeun ogé duit anu anjeun boga.”
Kitu mimitina mah. Suung anu dua siki téh dibawa ka
sisi jalan. Henteu lila ngagigiwing suung téh, kaburu aya mobil sédan anu nyisi,
kacana turun lalaunan, henteu nawar heula golosor wé saratus rébu rupiah
sakumaha anu dihargakeun ku uing.
Puguh waé uing beuki percaya ka patani anu manggul
pacul téa. Guru uing téh nyebutna ogé saterusna mah. Tapi geuning urusan meuli
imah mah manéhna téh saukur ngalejokeun. Sapuluh urang anu boga imah ngusir
uing bari nyebut anu lain-lain. Ari kituna, ku pikiran waras mah henteu
kaharti, kumaha bisana aya jelema anu ngajual imah ku harga lima puluh rébu
rupiah?
**
Tapi sanggeus adu hareupan mah jeung guru téa, uing
henteu bisa kukumaha. Kaambek, asa dilejokeun, asa dibodokeun, lir ruhay anu
dicéos cai. Pareum henteu tapakan.
“Naha anjeun diusir anu boga imah? Lantara anjeun
henteu nepi kana haténa. Anu boga imah téh henteu kabeuli haténa,” ceuk guru
téh. “Aya hiji bumi anu moal kabeuli ku duit sakumaha lobana ogé. Bumi
panyileukan saréréa. Bumi anu éndah jeung pikabetaheunana henteu bisa dicaritakeun.
Keur nyicinganana, saukur perlu kanyaah jeung kadeudeuh anu gaduhna. Henteu
perlu duit sapésér gowéng.”
“Naha aya anu kungsi dibéré bumi panyileukan siga
kitu?” ceuk uing panasaran.
“Tuh, téang ka kota anu aya di tukangeun pasir itu.
Di ditu anjeun bakal panggih jeung nini-nini cetuk huis. Anjeunna anu mampuh
ngageterkeun kanyaah jeung kadeudeuh anu gaduh bumi panyileukan.”
Uing terus nikreuh nanjak ka puncer pasir. Anéh bin
ajaib, di satukangeun pasir téh aya kota anu rarasaan uing kakara nempo. Mobil
balawiri, jelema riweuh ku pagawéanana masing-masing. Jalan aspal campur taneuh
anu ka pasisian ngebul unggal aya kandaraan anu ngaliwat. Dangdaunan gararing.
Malah réa tangkal anu kari régangna. Halodo sigana geus mangbulan-bulan.
Ti hiji wawangunan aya awéwé kaluar, leumpang
dadaligdeugan. Mabok sigana mah. Taneuh ngebul kasapu ku suku anu leumpangna
henteu jejeg. Di deukeut tempat runtah awéwé téh ngarandeg. Pononna
dibelél-belélkeun ningali sato anu ngudupruk di sisi tempat runtah. Anjing kampung
anu sakujur awakna pinuh ku budug téh keur sakarat. Létahna elél-elélan,
meureun hanaang. Awéwé anu mabok téh bet ngaleketey haténa ningali anjing budug
sakarat. Gancang manéhna muru sumur rada jauh ti dinya, sumur di sisi mushola. Gayung
eusi cai téh dibawa leumpang gancang, brek deku hareupeun anjing anu sakarat.
Sakeclak-sakeclak anjing téh diinuman. Anjing anu geus ngalempréh téh jagjag
deui sanggeus cai sababaraha keclak ngamalir kana tikorona. Terus nginum tina
gayung ponyo pisan. Basa anjing téa ngaléos neruskeun lalampahanana, sakeclak
cipanon murag tina pipi awéwé mabok téa.
“Éta téh pangalaman Nini puluh-puluh taun kaliwat,”
ceuk si Nini basa uing manggihan anjeunna di hiji imah resik tur asri. Angin
ngahiliwir nyegerkeun sakujur awak. Ari kituna, imah téh diiuhan ku
tatangkalan. Bibit-bibit tatangkalan ngajajar rapih di sabudeureun imah.
“Pangalaman anu nyababkeun Nini eureun ngalacur,
pagawéan anu kapaksa dilakonan ti bubudak.” Si Nini téh neuteup ka jauhna. Tina
juru socana merebey cai maseuhan kulitna anu karijut. “Hirup téh rarasaan geus
tenang ayeuna mah.”
“Naha atuh Nini téh bet nangis?” ceuk uing
panasaran.
“Unggal inget kana lalampahan hirup anu poék jaman
keur ngora, haté téh bet gumeter. Unggal inget aya mahluk anu katalangsara
saperti anjing sakarat téa, haté téh bet gumeter. Ah, meureun anjeun mah acan
bisa ngabayangkeunna,” ceuk si Nini bari rambisak. Kakara katangen, aya ku
beresih pameunteu si Nini, aya ku ngagenclang deungdeuleueun cisoca anu
ngalémbéréh maseuhan pipina.
Pasosoré uing amitan. Henteu balik ka imah, da haté
kaburu hayang panggih jeung guru.
“Si Nini téh enya éndah, pangalamanana aya ku éndah.
Tapi bumina asa sederhana teuing pikeun bumi panyileukan saréréa.”
“Bumi panyileukan mah da lain anu saperti
katingali jeung dibayangkeun ku anjeun,” ceuk guru. “Bumi panyileukan mah ayana
dina haté si Nini. Bumi anu nyababkeun pameunteuna cahayaan. Bumi anu merebeykeun
cisocana. Cisoca anu éndah ngamalir dina pipi beresih. Kaéndahan bumi
panyileukan mah moal bisa dibayangkeun ku anjeun, sabab rasa jeung pikir anjeun
moal nepi. Bumi panyileukan mah anu gaduhna Gusti Anu Murbeng Alam.”
“Kumaha bisana si Nini bisa ngeleterkeun kanyaah
Gusti? Manéhna mah apan loba dosa, rucah ti bubudak.”
“Kanyaah jeung kadeudeuh Gusti mah sarua jeung bilangan
enol. Sabaraha lobana ogé dosa, lamun dikali enol, hasilna bakal enol. Kanyaah
jeung kadeudeuh Gusti téh karampa basa si Nini méré nginum anjing budug anu
sakarat. Lain méré nginumna anu ngamalirkeun kanyaah Gusti, tapi ihlasna. Éta
anu hésé, anu henteu bisa dijieun-jieun, anu jadi Cahaya Gusti, anu saukur
Gusti anu uninga.”[1]
Uing mulang bari haté mah ngageter béda ti biasa. Da
puguh sapanjang leumpang téh haté mah norowéco ngado’a: Gusti, henteu sawios
abdi disesahkeun ku saung pangreureuhan di dunya ieu. Asal abdi dipasihan
kasempetan ngaraoskeun kanyaah sareng kadeudeuh Anjeun. Abdi hoyong bumi
panyileukan saréréa, Sawarga téa panginten kasebatna.
Di imah anu témpo kontrakna saukur tilu poé deui,
pamajikan, barudak, jeung saurang tamu, geus nungguan.
“Bapa téh Ketua RT di hiji kota,” ceuk tamu anu
cenah ti isuk-isuk nungguan. “Aya warga, si Nini anu gawéna ngipuk pepelakan di
sabudeureun bumina, ngajurung Bapa ka dieu. Ari kaperyogianana, si Nini téh
ngawasiatkeun pikeun ngawariskeun bumi sareng tanah sabudeureunana ka Bapa
sakulawargi di dieu. Ieu sertipikat sareng surat wasiatna. Punten nembé ayeuna
didugikeun. Puguh saréréa ogé hémeng sareng bingung, da Bapa salaku anu hak
nampi warisan, mung disebatkeun: hiji lalaki tukang néangan suung anu kukurilingan
arék meuli imah ku duit lima puluh rébu rupiah.”
“Dupi ayeuna, si Nini aya di mana?”
“Parantos ngantunkeun, puluhan taun kapengker.”
***
Pamulihan, Agustus 2015 / Pebruari 2016
[1] Carita awéwé tukang jinah
anu dihampura dosa-dosana sanggeus méré nginum anjing anu hanaang, dipasieup tina
hadis anu diriwayatkeun ku Bukhori jeung Muslim ti Abu Hurairah. Réa tafsir
kana ieu hadis. Presiden Soekarna kungsi hémeng ku ieu hadis, kumaha bisana
jelema loba dosa dihampura saukur ku méré nginum anjing? Jawaban nu nyugemakeun
presiden kahiji téh ti guru sufi Prof.Dr. Kadirun Yahya anu nyebutkeun kanyaah
Gusti mah, Cahaya Gusti, sarua jeung bilangan enol. Sabaraha réana ogé lamun
dikali enol mah hasilna bakal enol.
0 Response to "BUMI PANYILEUKAN"
Posting Komentar