Jejak Kata :
Home » » PUKAHNA DUA SOBAT

PUKAHNA DUA SOBAT

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 22.59


Mangle no. 2556, 17-23 Desember 2015

Sakadang bango jeung sakadang Anjing sosobatan dalit pisan. Ka ditu ka dieu teu weléh duaan. Ceuk anu bohong mah, huluna cenah anjing téh da buntutna mah bango. Êta téh bakat ku tara manggihan sakadang anjing indit sorangan atawa sakadang bango ulin sorangan.
Ngan aya hanjakalna sosobatanna téh. Ulin mah bisa bareng ka mana-mana. Tapi lamun geus nepi kana masalah kadaharan, katempona sewang-sewangan pisan. Mimitina mah sakadang bango sok ngagéhan atawa ngalungan lamun pareng manggihan lauk loba di sawah kasaatan. Ngan palebah sakadang anjing, lamun meunang lauk atawa kaparengan bisa maok kéré tina pamoéan, tara pisan barang béré. Basana téh, “Kuring mah meunang lauk ngan ukur hiji, atuh kéré ngan sageblég, hésé ngabagina.”
Hiji poé bango nganjang ka imah anjing. Ngahaja nganjangna isuk-isuk, meujeuhna waktu sasarap. Maksudna, bango téh hayang ngajaran disuguhan ku anjing. Harita saenyana anjing geus nyieun bubur keur sasarap. Tapi rék disuguhkeun téh manéhna sieun henteu seubeuh.
Basa nyelang ka dapur api-api rék ka cai, nyéh wé anjing téh seuri. Manéhna boga ide. Gancang bubur téh dibawa ka tengah imah, disuguhkeun ka bango.
“Ayeuna mah urang sasarap heulaa wé, Sakadang Bango. Sok tong asa-asa da uing gé acan sasarap ieu téh,” ceuk anjing bari celebek miheulaan ngadahar bubur.
Bango ukur meureudeuy nempo sobatna cacamuilan bangun anu lapar. Puguh atuh da manéhna mah henteu bisa nanaon. Bubur téh apan diwadahanana kana piring cépér.
“Ah, Sakadang Bango mah sok éraan. Naha diantep waé. Lamun embung mah, cing atuh urang béakeun ku uing. Teu nanaon pan, Sakadang Bango? Rido?”
Sakadang bango téh kapaksa unggeuk.
“Uh, bubur sakieu ngeunahna Sakadang Bango mah. Naha anjeun téh geus seubeuh atawa keur nyeri huntu?”
Sakadang bango mah nyenghél wé seuri konéng. Geus kitu mah terus wé manéhna amitan.
Usum halodo datang. Keur bango mah waktuna pésta. Sabab rawa jeung sawah nyaatan. Atuh lauk leuwih babari ngalana. Nempo sakadang bango nyorokcok macokan lauk, sakadang anjing kabitaeun ogé.
“Cing atuh alungan ka dieu, Sobat. Ti tadi kuring mah acan meunang lauk hiji-hiji acan,” ceuk anjing ti sisi rawa.
“Hisss, henteu bisa ieu mah. Arek dikumpulkeun. Apan dua poé deui kuring arék sukuran.”
“Baruk? Naha sukuran naon?”
“Biasa wé, nyukuran usum halodo.”
“Atuh kuring diondang?”
“Puguh wé diondang mah.”
Sakadang anjing banget ku satuju. Pokna teh saacan ngaléos, “Nya ari kitu mah, dua poé deui kuring arék datang ka imah anjeun.”
Dua poé anu ditangtukeun, sakadang anjing datang ka imah sakadang bango. Mimitina mah maranéhna ngobrol ngalér-ngidul. Sanggeus karasa lapar, tuan rumah undur arék nyiapkeun kadaharan. Henteu lila sakadang bango mawa lauk anu melenghir seungit dua wadah.
“Sok ah, langsung wé, geuning ieu beuteung geus ngurubuk kieu,” ceuk bango bari kecok ngamimitian dahar. Tuluyna mah tuan rumah nyorokcok macokan lauk mani ni’mat pisan.
Sakadang anjing melengek wé nempo sobatna nyorokcok téh. Puguh atuh lauk téh diwadahan kana ruas awi.
“Sok atuh sakadang anjing, tong asa-asa,” ceuk bango. Gebeg téh sakadang anjing reuwaseun. Êta téh kekecapan manéhna basa nyuguhan bango ku piring cépér. Ceuk haténa, meureun bango téh naur. Matak enya ogé manéhna lapar, mani kumétap nempo sobatna kecok deui kecok deui kana lauk, henteu wanieun ngomong nanaon.
“Ah, Sakadang Anjing mah sok éraan. Naha diantep waé ti tadi. Lamun embung mah, cing atuh urang béakeun ku kuring. Teu nanaon pan, Sakadang Anjing? Rido?”
Sakadang anjing kapaksa unggeuk.
“Uh, pasakan sakieu ngeunahna Sakadang Anjing mah. Naha anjeun téh geus wareg atawa keur nyeri huntu?”
Sakadang anjing mani beureum beungeutna bakat ku éra. Kekecapan bango téh sarua pisan jeung anu dikedalkeun manéhna basa nyuguhan bango ku wadah piring cépér. Ceuk haténa, ngartieun meureun sakadang bango téh kana maksudna.
Sanggeus kadaharan beak, anjing amitan. Sakadang anjing balikna rarampéolan, leuleus da lapareun pisan. Handeueul manéhna geus koret ka batur. Geuning dikoretan jeung diakalan batur téh nyeri haténa. Pasti teu béda ti kitu haté bango ogé basa disuguhan ku wadah piring cépér téa.
           Ti harita sosobatan bango jeung anjing téh mimiti pukah. **

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni