BAJU



Mangle, 8 Nopember 2012
Ingin baca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik DI SINI.

Rap nu itu rap nu ieu, asa teu ngarareunah. Bayeungyang. Hareudang. Mérang. Tujuh setél baju ngalumbuk dina kasur. Naha ku naon ieu téh? Nu kaén sutra hadiah ti Mimi taun tukang asa rétép. Jas meunang ngaput ti disainer kelas nasional, apan langgananana ogé mentri jeung artis, asa baju beusi meunang moé. Kaos oblong jeung calana jéans setélan nganteur budak lir ditémpélan setrikaan. Batik tulis Garutan asa nyanyautan.
“Ku naon Pipi téh?” Pamajikan nu ti tadi meusmeus ngintip meusmeus ngelol, nyampeurkeun.
“Nyaéta teu ngarti.”
“Teu ngartos ku saha? Hoyong kataksir ku saha atuh Pipi téh? Mani samar anggé kitu. Rap itu rap ieu téh asa kirang nécis waé. Padahal apan éta acuk anu saraé sareng arawis.”
“Ari taeun téh. Ieu mah lain heureuy. Enya ogé aralus jeung marahal, baju téh mani euweuh anu ngareunah. Rap itu rap ieu, asa hareudang, arateul, malah aya anu matak nyeri nepi ka nyanyautan sagala.”
Mimi molohok. Teu ngarti meureun. Ari kituna, tong boro manéhna, apan kuring ogé teu ngarti.
“Pipi téh teu damang?” cenah bari ngarampa tarang kuring. “Asa haneut wajar sakieu mah.”
“Nyaéta da asa séhat. Ngan unggal maké baju asa teu ngarareunah. Maenya ka kantor maké kolor jeung kaos sangsang wungkul mah.”
“Huss...!”
**
Bubar kantor téh henteu langsung mulang. Nyimpang heula ka Dokter Hani. Bisi asup angin, kembung, atawa panyakit ringan lainna anu nyababkeun hareudang waé téh. Umur téh meureun geus maju ka ma’lumeun, kasakit saeutik gé bisa karasana parna. Apan ayeuna téh ampir 65 taun.
“Naha da teu aya tanda-tanda panyawat, Pa,” ceuk dokter anu daréhdéh téh.  “Henteu kembung, radang, atanapi demam. Ku abdi diresépkeun vitamin waé. Tapi saéna mah Bapa general check up ka Rumah Sakit.”
“Apan nembé dua minggu kapengker, Néng.” Ngaenéngkeun ka dokter téh, da apan manéhna téh sobat Déti, budak anu nomer dua.
“Kumaha hasilna?”
“Alhamdulillah... sadayana ogé saé, séhat....”
Dokter téh kerung. Tapi teu lila ogé seuri mani marahmay. Pokna téh, “Panginten Bapa téh aya kahoyong anu teu acan....”
“Puguh wé kahoyong mah aya.”
“Sok wé nyarios ka abdi, siap menjaga rusiah,” cenah siga ka babaturanana. Puguh atuh dokter téh ti SMP idek-liher di imah, jadi teu asa-asa deui ngaheureuyan ogé.
“Bapa téh hoyong diacuk....” Ngahaja kalimat téh teu dianggeuskeun. Apan dokter mani nyeukeukeuk seuri. Tadina mah sugan wé kabawa gumbira, ngilu seuri sakeudeung mah. Tapi da piseurieunna ogé asa ngajauhan. “Hoyong diacuk” téh lain heureuy geuning, da jeung enyana.
“Apan Bapa téh ayeuna ogé diacuk.”
“Nyaéta hoyong diacuk anu ngareunaheun, anu matak tiis kana awak, anu matak seger kana pikiran....” 
Dokter Hani ngabetem. Teu ngarti meureun budak téh. Nya puguh, tong boro manéhna, apan kuring gé teu ngarti.
**
Bet panasaran. Enya ogé pikiran mah yakin, ngan rarasaan wungkul hareudang jeung nyanyautan unggal maké baju téh. Tapi unggal poé suku mah ngaléngkah ka pasar atawa ka toko baju. Unggal baju anu ceuk rarasaan perlu dicobaan gancang dicobaan. Meureun geus ngarébu baju nu dicobaan téh. Tapi nu ditéangan mah acan kénéh kapanggih. Nepi ka hiji waktu, duka di toko baju naon ngaranna, bet ditutur-tutur ku pelayan toko.
“Bapa téh hoyong acuk anu kumaha? Di dieu mah sagala aya, modeu anu pangénggalna dugi ka modeu kapungkur, masih aya stokna.”
“Kieu, Neng...,” pok téh kararagok. Da puguh meuli ogé can tangtu. “Bapa mah mung sakadar ningalian sareng nyobian, mésér henteuna mah duka....”
Pelayan téh imut. Mani kayungyun.  
“Teu sawios cios henteuna mésér mah,” pokna mani halimpu. “Abdi mah mung nerangkeun supados Bapa gaduh piliheun anu langkung seueur.”
Pelayan mawa baju sasetél tina lomari.
“Tah anu ieu mah matak gagah anu nganggéna. Cobi geura ku Bapa, abong upami henteu matak sumanget waé, saur Chairil Anwar mah hoyong nambih umur ogé sarébu taun deui. Modeu ieu téh kapungkur kantos dianggo ku Hitler sareng Lenin.”
Teu loba tatanya, baju téh ditampanan, terus diajaran di kamar anu ngan ditutupan ku hordéng. Teu percaya tadina mah aya baju anu modeuna mangaruhan kana awak, atawa kana pikiran meureun. Tapi barang rap baju meunang milih pelayan toko téh dipaké, enya waé mimiti karasa haneut kana awak. Sumanget téh, teuing sumanget keur naon, meureun sumanget hirup, asa jadi rosa. Hayangna mah gancang balik, nganggeuskeun hanca pagawéan, ngarencanakeun deui proyék-proyék keur taun hareup.
Sabaraha ogé hargana baju téh bakal dibeuli. Meureun ieu baju anu ditéangan téh. Tapi acan ogé suku ngaléngkah, awak mani ngadégdég. Baju téh héhéaban, nyongkab, beuki panas. Késang lain deui rembes tapi nyurulung. Mun teu gancang dilaan mah meureun awak téh dibeuleum nyaan.
Nyampeurkeun pelayan toko téh bari haruhah-haréhoh siga anu tas lumpat jauh.
“Wah... teu kiat, Néng. Panas teuing acuk téh!”
Si enéng kalah imut. Manéhna milih deui baju tina lomari.
“Upami anu éta panas teuing mah saé nyobian anu ieu waé. Anu ieu mah matak dingin, seger, nyecep. Modeu ieu téh seueur dipilih ku kiai anu jembar panalarna anu luhung élmuna. Upami tokoh ti mancanagara mah anu kantos nganggo modeu ieu téh Mahatma Gandhi sareng Sidharta Gautama alias Budha téa.”
Baju ditampanan, terus diajaran deui di kamar paragina. Dangdak-déngdék di hareupeun eunteung, baju téh aya ku basajan, tapi mani nyecep kana awak. Asana téh tiisna tembus kana tulang kana daging. Kana pikiran mawa tenang. Kana haté mawa tengtrem. Tapi acan ogé buleud niat rék meuli, baju téh beuki tiis. Tenang jeung tengtrem robah deui. Da awak mimiti ngadégdég, ngagibrig, ngahodhod, tungtungna suku teu bisa ngaléngkah-léngkah acan, meureun ngabeku. Baju téh gancang dilaan.
“Wah, sami waé, Néng. Nu ieu mah tiris teuing acuk téh.”
Tadina mah hayang gancang mulang. Asa teu pararuguh rarasaan. Meureun lain bajuna anu anéh téh, tapi haté jeung pikiran kuring anu gering. Tapi pelayan toko rikat pisan mawa deui baju tina lomari.
“Upami anu tadi teu aya anu saluyu sareng salira Bapa, saéna mah cobian anu hiji ieu. Mudah-mudahan tiasa ngahibur. Biasana anu nuju baluweng milarian acuk mah osok cocog waé sareng modeu anu ieu mah. Ieu téh modeu anu kapungkur mah kantos diaanggo ku Chaplin sareng Bing Slamet.”
Geus horéam saenyana mah ngajaran baju téh. Tapi barang rap, lajag-léjég, kurang kerung, runyah-rényoh, tangtu di hareupeun eunteung, mimiti kuring seuri. Sura-seuri, kuam-keom, umat-imut, masih ditahan-tahan, tungtungna mah ngagakgak, ngagukguk, ngagikgik. Na aya kalakuan téh mani lalucu. Enya kalakuan sorangan. Bet tararémbong sagala anu kungsi dilakukeun. Boa enya hirup téh saenyana mah bobodoran. Da éta wé seuri téh teu aya eureunna. Ngagakgak, ngagukguk, ngagikgik. Ieu beuteung mani sééleun. Cimata nyurulung teu katahan. Caréham cangkeul. Tapi piseurieun teu béak-béak. Matak taak. Ieu awak. Ieu awak lir aya nu nyangkalak.
“Wah, sami waé, Néng. Sanés modeu acukna panginten anu lepat. Tapi awak Bapana anu gering. Wios teu kedah nawisan deui modeu anu énggal. Bapa badé permios waé. Nuhun kana perhatosanna.”
Pelayan toko téh imut. Asa kaubaran haté téh ningalina. Tadina mah sieun manéhna ngambek. Meureun ceuk pikirna, geus mantuan milihan baju, nyobaan wé sababaraha kali, meuli mah henteu.
“Bapa téh hoyongna anu kumaha atuh?” pokna téh mani halimpu, teu aya sari-sari ngambek atawa judes.
“Bapa mah milarian anu cocog sareng awak Bapa, teu kedah anu modeuna bersejarah atanapi up to date.”
“Pami kitu mah Bapa kedah ngaput nyalira, diukur sacekapna badan Bapa. Kaleresan di dieu mah teu aya. Êta mah kedah uih deui ka banjar karang pamidangan. Apan anu nyandak tiis dingin téh hartosna uih deui ka suci, ka fitrah, ka lembur matuh.”
Gebeg, asa aya anu anéh. Aya anu sésélékét kana haté. Gancang amitan. Nepi ka imah gé teu lila. Bébéja ka Mimi rék mulang heula ka lembur, hayang nadran ka Bapa jeung Ema. Teu nungguan manéhna tatanya, da katingalina téh héraneun ku rencana kuring nu ngadadak, kuring gancang ngabiur ka lembur.
**
Di makam Ema jeung Bapa kuring ngalimba. Ngado’a. Réngsé ngado’a haté mah terus ngagerentes: “Ema, Bapa, horéng tungtungna mah lalampahan hirup téh nuduhkeun ka jalan pangbalikan. Apan abdi aya di dieu téh lantaran milarian acuk anu cocog sareng awak sareng lelembutan. Geuning acuk anu cocog sareng unggal diri téh acuk mangsa suci, mangsa bayi. Naha di mana atuh, Ema, acuk cacandakan abdi anu dianggé nuju bayi?”
Undur ti makam kebat ka tukang ngaput. Cenah, keur kuring orok ngaput téh sok di anjeunna. Puguh langganan saréréa anjeunna mah. Langganan mangsa keur orok. Apan Ema keur orok, Bapa keur orok, Aki keur orok, Nini keur orok, Uyut keur orok, jeung luluhur kuring saterusna keur orok, apan ngaputna téh di anjeunna.
“Abdi téh hoyong acuk anu cocog sareng awak. Anu matak tiis kana pikir, matak ngareunah kana manah, matak nyaman kana badan,” cekeng téh.
Enya ogé tos sepuh pisan, tukang ngaput téh mani gesit ngukur awak kuring, ngagambar pola, ngaguntingan, tungtungna ngaput ku mesin jaman baheula pisan. Ngan sajam baju téh anggeus. Kuring mayar jasana ku ngado’a. Da ngan anjeunna tukang ngaput anu teu kersaeun dibayar ku nanaon ogé, iwal ti ku do’a.

**

Peuting harita kénéh kuring amitan. Nepi ka Cibiru kakara inget can ngabales sms. Apan ti beurang mula Mimi nélépon ngan teu diangkat, nga-sms ngan teu dibales. Bisi hariwangeun.
“Pipi tos di Cibiru.” Kitu ngabales sms téh. Paling ogé limalas menit deui nepi ka imah.
“Muhun diantosan. Ieu di bumi tos ramé nu ngabagéakeun. Apan barudak ngumpul. Deti, Leni, Eri, araya jeung incu-incu Pipi.” Tilu menit aya deui sms: “Ogé aya Hani, Santi, Panca, Uday, Rifki.” Nu disebutan pandeuri mah sobat-sobatna barudak. Ti rumaja kénéh maranéhna téh idek-liher di imah, asa geus jadi anggota kulawarga. Pastina ogé Dokter Hani ngadongéng ka anu séjénna.
Bet ras inget kana baju. Ngahaja eureun heula mobil téh. Hayang ngajaran. Barina ogé mending dipaké ti dieu kénéh. Ngarah mun barudak nanya, ku naon Pipi téh siga anu teu damang, ka ditu ka dieu ngadadak bari teu ngajak sasaha? Tah jawabanna téh baju ieu. Pipi téh milarian baju modeu baheula cacandakan keur orok. Baju ieu geuning anu pangareunahna dipaké mah. Kana awak seger, kana pikiran tenang, kana haté lugina.
Enya wé di buruan mani ngajajar mobil. Mobil aralus. Hargana ogé kana dua ratus nepi ka genep ratus jutaan. Enya, barudak téh henteu pikahariwangeun ku matéri mah.
Bél dipencét. Teu lila sada aya nu leumpang. Tapi teu siga ramé. Tayohna mah ngan saurang anu muka panto mah. Nu séjénna pastina ogé narungguan di taman tukang. Boa keur  ngarencanakeun kejutan keur kuring. Enya, barang bray panto muka nu katémbong téh ngan Mimi sorangan.
“Mi, gaya nya. Ieu téh modeu acuk Pipi keur orok. Ngareunaheun ieu mah kana awakna, Mi. Matak nyecep, tiis dingin, tengtrem kana haté ogé.”
Tapi Mimi kalah calawak. Teu lila beretek lumpat ka jero imah bari gogorowokan. “Ay... aya... pocc... poccoongng...!”
Kuring rungah-ringeuh. Terus milu lumpat nuturkeun Mimi. “Manna, Mi, manna poccoongng...?”     
Enya wé di taman tukang keur ngarariung. Anak incu aya puluhna geuning. Dina meja ngabayak dahareun, sagala aya. Tapi barang naringali ka kuring, ngan buriak téh lalumpatan bari tingjarerit. Méja didupak korsi ditincak piring katoél prang préng prong.
“Ay... aya... pocc... poccoongng...! Aya poocccoongng...!”
Nu labuh nu tisolédat nu kasurungkeun brag brig brug. Teu lila panto kamar patingjarablog. Cetrék cétrék sada konci disosikeun. ***
Bandung, September 2012


Mangle, 8 Nopember 2012

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BAJU"

Posting Komentar