DUA SOBAT


Carpon Yus R. Ismail
Mangle no. 2542, 10-16 September 2015

Kévin jeung Udin sosobatan ti leuleutik. Mimiti wawuhna basa Kévin pakanci ka ninina di Ciwening. Ibu Hajah Nani, ninina Kévin, kaasup jelema beunghar. Sawah jeung kebonna lega. Nuju jenatna Bapa Haji Somad, akina Kévin, aya kénéh mah malah kagungan pabrik aci sagala. Ngan sabada ngantunkeun pabrik acina diical da henteu aya anu ngokolakeunna.
Mang Asip, bapana Udin, mindeng dihiras lamun usum nyawah atawa pepelakan palawija di kebon Ibu Hajah Nani. Udin mindeng ulin ka kebon atawa sawah nuturkeun bapana. Basa pakanci téa, basa Kevin jeung kulawargana curak-curak di sawah, ngadon meuleum lauk emas jeung ngaliwet; Udin ogé aya. Mang Asip harita keur macul galengan sawah. Bi Iyam, indungna Udin, harita mah aya ogé da dipiwarang ngaliwet, nyambel sareng bulam-beuleum ku Ibu Hajah Nani.  
Kévin kataji basa ningali Udin motongan awi tamiang.
“Keur nyieun naon?” ceuk Kévin.
“Suling.”
“Naha bisa kitu?”
“Nya bisa, Bapa uing apan tukang nyieun suling. Ngan hanjakal awi tamiang ieu rarengat.”
“Ngala deui waé atuh. Tuh, apan tangkal awi mah réa.” Kévin nunjuk dapuran awi tali anu ngajajar ngawatesan pasawahan.
Udin seuri. “Lain awi siga kitu atuh. Awi anu biasa dipaké suling mah awi tamiang, anu kieu, ruasna apan paranjang. Ngalana ogé awi tamiang mah kudu ka sisi leuweung,” ceuk Udin nerangkeun. “Engké beurang ogé uing arék ka ditu, nungguan heula babaturan.”
“Meunang ngilu?” Kévin curinghak. Manéhna ngabayangkeun, resep sigana ulin ka sisi leuweung.
“Meunang waé, asal diidinan ku Ibu Haji.”
Anu dimaksud Ibu Haji téh Ibu Hajah Nani, ninina Kévin. Berengbeng Kévin lumpat ka saung, bébéja ka indung-bapa jeung ninina.
“Henjig waé rék ka sisi leuweung mah, tapi tong jauh teuing nya,” saur Ibu Hajah Nani. “Udin, talingakeun Kévin nya?”
Udin unggeuk sababaraha kali. Basa babaturan Udin daratang, terus maranéhna arindit ka sisi leuweung. Awi tamiang geus jarang di sisi leuweung ogé. Atuh da anu ngalana ampir unggal poé alabring-abringan bari henteu merhatikeun dapuranana anu méhméhan tumpur. Urang Ciwening anu réréana buruh tani apan sok nyambil nyieunan suling. Suling téh dibeulian ku bandar, terus dijual di tempat-tempat wisata.
Lantaran hésé néangan awi tamiang anu alus pisulingeun, babaturan Udin naraék deui ka jero leuweung. Udin mah henteu wani nuturkeun. Manéhna inget pangwadi Ibu Hajah Nani, entong jauh teuing. Enya ogé hésé néangan awi tamiang anu lantas, anu hadé pisulingeun, Udin milihan ogé awi tamiang anu kira-kira bisa dijieun suling.
Kévin milu milihan awi tamiang. Suku Kévin kacepét awi. Kévin ngajerit. Udin reuwas. “Aya naon, Jang Pin?” ceuk Udin bari nyampeurkeun. Horéng lain saukur kacepét awi, suku Kévin diseureud kalajengking. Kévin gancang disangkéh, didiukkeun dina jukut. Tatu tapak seureud kalajengking dibanjuran ku cai bari diberesihan. Terus disedot jeung diburakeun getihna.
“Naha disedot kitu?” ceuk Kévin bari ngabirigidig gilaeun.
“Ngarah peurahna henteu nyaksrak. Ayeuna henteu nanaon téh, engké peuting mah Jang Empin bakal panas tiris.”
“Lamun disedotan mah getihna moal panas tiris?”
“Saeutikna aya peurah anu kapiceun,” témbal Udin bari luak-lieuk néangan anu bisa dipaké ngabeungkeut suku Kévin. Tapi kokotéténgan ka ditu ka dieu ogé henteu aya anu kira-kira bisa meungkeut suku Kévin. Tungtungna Udin mencrong kaos gambar Ipin Upin anu dipakéna anu suék lebah bujalna.
“Naha suku kuring dibeungkeut?” ceuk Kévin.
“Apan ngarah peurahna henteu nyaksrak. Ayeuna urang kudu gancang balik. Hayu, disangkéh bisi henteu kuat mah.”
Tapi Kévin henteu bisa leumpang. Manéhna héran, naha sukuna henteu bisa diléngkahkeun. 
“Sok atuh ka dieu, Jang Empin digandong wé,” ceuk Udin bari cingogo di hareupeun Kévin. Kévin asa-asa naék kana tonggong Udin. Basa Udin cengkat, manéhna nolonjong. Puguh wé, enya ogé maranéhna saumur kakara genep taun, Kévin mah apan mani bayuhyuh, sedeng Udin cengkrang. Tapi enya ogé cengkrang, tanaga Udin mah rosa. Kévin anu beuratna ampir dua kalieun awakna digandong.
Enya ogé jalan téh mudun, tapi Udin sababaraha kali nolonjong da beurateun. Lamun geus teu kuat pisan Kévin diécagkeun. Leguk Udin nginum cai bekelna mani ngalekik. Késang renung dina tarang, ngucur dina beuheung, maseuhan kaosna anu dekil. Sanggeus awakna karasa seger, Udin terus ngagandong deui Kévin. Kituna téh aya kana opat kalina nepi ka wates kampung. Di wates kampung kakara panggih jeung Mang Sohim anu keur macul di kebon. Sanggeus nyahoeun Kévin diseureud kalajengking, Mang Sohim gancang ngagandong Kevin, dicandak ka bumi Ibu Hajah Nani. Harita kénéh Kévin dicandak ka dokter Puskesmas, diobatan antiracun, énjingna sabihara-bihari deui.
Ti harita Kévin embungeun mulang ka kota.
“Kévin mah hoyong sakola di dieu waé,” ceuk Kévin ka indung-bapana. “Sakola sareng Udin.”
“Udin mah acan sakola. Udin mah henteu sakola ka TK,” saur bapana. “Sakola ka SD-na ogé taun payun Udin mah.”
“Pami kitu, Kévin ogé sakola SD di dieu waé sareng Udin.”
Indung-bapana Kévin tungtungna mah ngidinan. Bapana Kévin téh pangusaha meubel di kota kabupatén. Jujur jeung towéksa ka sasama pangusaha meubel jeung pagawé meubel bapana Kévin mah. Matak basa diayakeun pamilihan Ketua Organisasi Pengusaha Meubel, bapana Kévin dipilih ku saréréa.
Dua taun sabada kapilih jadi Ketua Organiasi Pengusaha Meubel, bapana Kévin diajukeun ku salah sahiji partéy pikeun nyalon bupati. Mimitina mah bapana Kévin kéképéhan. Puguh atuh da rumasa henteu bisa nanaon dina ngokolakeun pamaréntahan kabupatén mah. Tapi sanggeus dipaksa, dirojong ogé ku sababaraha organisasi séjén, bapana Kévin léah pikeun maju nyalon bupati. Henteu disangka ku réa pangamat, bapana Kévin kapilih jadi bupati. Najan bapana Kévin kampanye saayana, rahayat anu milih henteu kasamaran tingal. Ari kituna, ti keur jadi Ketua Organisasi Pengusaha Meubel kénéh bapana Kévin mah geus biasa asruk-asrukan mikeun sumbangan ka anu keuna musibah. Ka tempat urug, kahuruan leuweung, banjir, apan bapana Kévin mah indit sorangan ngawakilan organisasi.    
Henteu anggeus sapériode jadi bupatina ogé bapana kévin mah. Kakara tilu taun jadi bupati, terus ditunjuk ku presiden anyar pikeun jadi salah saurang mentri. Tungtungna nganjrek di Jakarta. Enya ogé kitu, Kévin mah angger sakola di SDN Ciwening, ayeuna téh geus kelas tilu.
Ampir unggal poé Kévin ulin jeung Udin. Kévin atoh kacida basa Udin ngajarkeun ngurek di sawah, nyirung hui di kebon, nyieun suling jeung empét-empétan. Lamun pareng ulin di imah, Kévin ngajarkeun Udin maén games dina laptop jeung maca buku-buku dongéng.    
Enya ogé ampir unggal poé ulin bareng, aya hiji tempat di Ciwening anu acan kungsi dijugjug ku Kévin. Leuwi Kiara saenyana henteu jauh-jauh teuing. Barudak Ciwening mah mindeng kokojayan di leuwi anu caina canémbrang herang téh. Henteu jero teuing deuih Leuwi Kiara mah matak barudak wani kokojayan ogé. Udin kungsi ngadongéngkeun kumaha resepna ulin di Leuwi Kiara.
“Cai di Leuwi Kiara mah hérang jeung haneut,” ceuk Udin. “Pamandanganna ogé éndah. Walungan téh katingali nepi ka jauhna. Lamun usum hujan, di Leuwi Kiara mah réa kembang bakung anu marangkak. Aya kembang anu beureum, aya anu bodas, aya anu kayas.”   
Tapi unggal Kévin hayang diajak ulin ka Leuwi Kiara, Udin gideug waé. “Apan saur Ibu Haji ogé ulah,” ceuk Udin méré alesan. Ari Ibu Hajah Nani ngaulah-ulah téh pédah cenah Leuwi Kiara mah sanget. Leuwi Kiara téh mangrupa jungkrang. Kolot mah pasti réa kahariwang ningali barudak ngarajleng tina tangkal kiara ka leuwi.
“Sakali wé ajak ka Leuwi Kiara.” Kévin mindeng ngarenghik lamun Udin tas ngadongéngkeun Leuwi Kiara téh. “Si Enin ogé da moal nanaon asal entong terangeun.”
Mimitina mah Udin henteu wanieun baha kana panyaram Ibu Hajah Nani. Tapi hiji waktu mah Udin ngajangjikeun. “Poé minggu hareup atuh urang ka Leuwi Kiara,” ceuk Udin. “Jang Empin wawartos ka Enin badé ka sawah kituh. Padahal mah urang ka Leuwi Kiara, urang ngojay sawaregna.”
Kévin atoh. Tapi rencana dua sobat téh kapaksa bolay. Guru-guru di SDN Ciwening unggal poé Saptu ngajak murid kelas tilu nepi ka kelas genep pikeun olah raga ka lapang maén bal. Lapang maén bal téh ayana di pasir, rada jauh ti sakola mah. Matakna unggal Saptu murid kelas tilu nepi ka kelas genep mah sok bebekelan sangu jeung cai. Sabada olah raga téh saréréa balakécrakan di sisi lapang.
“Barudak, poé ayeuna mah urang diajar ngarasakeun nasib babaturan. Carana, urang silih tukeuran bebekelan,” saur Ibu Guru Ana.
Kévin nukeurkeun bebekelanana jeung bebekelan Udin. Kévin mekel sangu dina misting, ceplok endog jeung sosis. Udin mekel sangu timbel jeung sayur iwung. Mimitina mah barudak balakécrakan saruka bungah. Tapi sanggeus sababaraha huap, Kévin ongkék-ongkékan. Udin reuwas. Babaturan anu séjénna ogé reuwas. Guru-guruna ogé reuwas. Kévin gancang dibawa ka Puskesmas. Ibu Hajah Nani dibéjaan yén Kévin karacunan kadaharan.
“Tempo heula budak ka dieu! Poé ayeuna!” saur Ibu Hajah Nani ka bapana Kévin. “Entong saukur karir waé anu diurus téh, ari budak kalantar.”
Basa indung-bapana Kévin nepi ka bumi Ibu Hajah Nani, Kévin mah geus sabihara-bihari deui. Mang Asip mani totonggéngan ménta dihampura.
“Hapunten Ibu Haji, Bapa, Ibu, abdi henteu terang barudak téh badé silihraosan bekel. Jang Empin mah pasti henteu biasa kana tedaeun abdi sakulawargi,” ceuk Mang Asip. “Béas raskin sasih ayeuna mah muhun bau hapeukna mani nataku. Pun bojo henteu kasiwer nyangu nganggé bungbu. Biasana mah nyangu téh sok nganggé daun salam, séréh, sareng upami aya mah bawang. Punten Ibu Haji, Bapa, Ibu.”
Sangu timbel jeung sayur iwung bekel Udin dipariksa ku pulisi. Enya henteu aya racun dina sangu jeung sayur iwung téh. Kévin ngan henteu biasa wungkul. Tapi lantaran kajadian éta kapaksa Kévin kudu pindah ka Jakarta. Poé éta kénéh Kévin dibawa ka Jakarta.
Udin ningali mobil CRV ngadius di jalan renjul. Kebul muter kaanginkeun. Aya anu nyérését dina haténa basa gugupay, ngarep-ngarep Kévin nempoeun tina kaca mobil. Saenyana Kévin ogé keur gugupay, tapi kaca mobil apan ti luar mah henteu sidik.
Ti harita Udin henteu bérag. Gawéna hulang-huleng. Los ka Leuwi Kiara, ngadon diuk dina batu. Leuwi Kiara téh asa henteu saéndah sasarina. Jungkrangna asa leuwih lungkawing. Galituk batu, patulayah pangpung, asa kolalotor. Tangkal kiara anu ngaroyom ka leuwi téh asa geueuman. “Lamun Jang Empin kungsi ulin ka dieu mah meureun Leuwi Kiara téh bakal tetep éndah,” gerentes haté Udin. Henteu karasaeun dina kongkolak panonna aya anu ngeyembeng, terus nyurudut kana pipina.
Ratusan kilo métér ti tempat Udin diuk, Kévin keur melong layar laptop. Tapi saukur melong kosong. Unggal poé manéhna searching  Leuwi Kiara dina Google, tapi can kungsi aya anu nga-upload. Padahal Leuwi Kiara téh tempat ulin pangéndahna keur barudak Ciwening mah. Lamun geus déwasa engké, Kévin hayang ulin ka Leuwi Kiara. Motrétan jungkrangna anu cenah éndah, luak-léokna walungan, tangkal kiara anu ngaroyom ka leuwi. Terus nga-upload ka internét. Dunya téh kudu apal yén di salah sahiji lembur aya tempat éndah anu ngaranna Leuwi Kiara.
Ah, tapi saenyana lain acan kungsi ulin ka Leuwi Kiara anu nyababkeun cimata Kévin ngalémbéréh. Tapi kaleungitan sobat sabageur Udin.  
***

15 Mei 2015

Subscribe to receive free email updates:

2 Responses to "DUA SOBAT"