RONDA


Tribun Jabar 23-8-2015 MUAT 25-27 Agustus 2015

Turun ti imah téh tabuh 10 peuting. Girimis ti soré mula nyésakeun tiris, matak horéam kaluar imah. Jempling. Imah-imah anu paanggang mucicid katirisan. Pantesna téh keur ngagarojod di jero simbut. Biasana lamun ngaronda téh turun ti imah tabuh 11-an. Tapi da ayeuna mah di imah ogé euweuh pagawéan. Jikan keur teu bisa dikeukeupan. Mending kaluar, néangan batur ngobrol.
Ronda téh kawajiban. Di lembur apan keur rada harénghéng. Pak RT ngahaja ngadatangan unggal imah. “Ronda téh kudu dihangkeutkeun deui! Sabab di kampung urang mimiti mindeng aya anu kaleungitan,” saur Pa RT.
Ari kituna, geus dua minggu cul-cel anu lapor kaleungitan. Bi Ikah hariweusweus, hayamna sakandang ledis. Mangkaning jajangkar wungkul, sapuluh hulu cenah. Ku tukang karamba gé geus ditawar dua lawéan. Ngan teu dibikeun, da Bi Ikah hayang tilu puluhan. Pa Yayat mah kebon huina aya anu ngaranjah. “Moal mungkin lamun henteu mawa mobil. Kumaha ngakutna hui sakitu lobana?” ceuk Pa Yayat. Mang Didin mah jet-pam paragi nyedot cai sumur anu disimpen di tukangeun imahna aya anu ngabongkar.
Cohagna mah teu aman di lembur téh. Bangsat geus wani ngagadabah barang anu katénjo-katalingakeun ku anu bogana. Matak saréréa sapuk ngaronda.
Tapi dua poé sabada Pa RT ngahaja ngadatangan warga, sapi Mang Asip aya anu ngagusur. Tabuh hiji peuting cenah kajadianana. Éta ogé Mang Asip kagareuwahkeun, da nu ngagusur sapi téh kadéngé blag-blug. Tapi barang ditéang ka kandang sapi geus suwung. Disusul ka jalan, sapi keur ditaékeun kana mobil. Mobil alus, AVV cenah.
“Héy...! Sapi déwék éta tong digubug!” ceuk Mang Asip bari ngalugas bedog. Tapi barang sidik ka bangsat, di hareupeun mobil aya opatan narangtung. Nu tiluan nyekel bedog. Anu saurang mah nyekel péstol.
“Maju saléngkah deui, ku aing didor!” cek bangsat anu nyekel péstol. “Balik siah hayang salamet mah!”
Mang Asip ngajanteng. Henteu bisa kukumaha. Daripada sapi leungit bari bobor karahayuan. Sanggeus mobil bangsat ngabiur nembus poékna peuting, Mang Asip gancang nakol kohkol dititirkeun. Atuh rabul ti saimah-imahna. Tapi bangsat geus teu kasusud tapak-tapakna acan.
**
Ngadurukan téh lain saukur tiris. Tapi asa keueung sorangan di garduh ronda. Mangkaning malem jumaah kaliwon. Cenah, jurig téh sok ariseng. Mindeng kacaritakeun jurig ngaheureuyan anu ngaronda. Aya anu mirupa mojang lenjang bari geulis matak henteu éling anu leumpeuh yuni. Nyi mojang téh hayang dianteur da kapeutingan. Ari pék geuning dianteurna téh ka kuburan. Saleuheung kétang lamun sadar, katingali anu dituju téh kuburan. Apan sok aya ogé anu henteu éling, ngarasa ka imah agréng, diaku ku nyi mojang téh, terus ngobrol nepi ka subuh mah. Sadar sotéh isukna, nyampak saré di tengah kuburan.
Bulu punduk téh ngadadak carengkat. Rada tenang téh sanggeus inget, ieu mah apan lain carpon puriding-puringkak, naha kudu sieun ku jurig sagala?
Jarum jam tangan geus ngarangkep ka angka dua welas. Kamarana batur? Peuting ayeuna téh jadwal mah aya tujuhan. Pa Wawan, Jang Heri, Kang Helmi, Kurdi, Aceng, Guru Jaya, jeung kuring. Biasana mah ti tabuh sapuluhan ogé geus ngarumpul. Apan Kurdi jeung Acéng anu sok nyampeur kuring ogé. Cenah, euweuh kuring mah asa henteu ramé ngaronda téh. Teuing pedah kuring sok ngadongéng lamun euweuh piobroleun anu ahéng mah. Teuing pedah kuring tara hararésé ngaluarkeun ududeun lamun ningali batur ngajentul nganggur téh.
Trong-trong-trong...! Geus nakol kohkol mah kuring nguriling. Lebah imah Jang Heri ngagorowok, “Cabbuuutt...!” Kitu minangka nyampeur di lembur kuring mah. Duka naon hartina. Kuring sorangan ogé sok ngagebeg lamun aya anu nyampeur kitu téh. Komo lamun anu nyalampeur sareuri. Sok gagancangan kaluar, bisi disangka acan dicabut, hehehe.
Tapi ditungguan téh aya kana lima menitna, Jang Héri euweuh kaluar. Kitu ogé basa nyampeur Kang Helmi, Pa Wawan, Guru Jaya, Kurdi jeung Acéng. Kamarana ari batur? Leumpang deui wé muru garduh ronda. Sigana mah geus ngarumpul di ditu.
Énya wé ti kajauhan katingali durukan hareupeun garduh ngagedéan. Katingali aya anu keur ngariung. Tapi mani reuwas barang geus sidik, geuning sakabéh anu ngaronda téh maraké teregos. Sarung diteregoskeun. Hiji, dua, tilu, opat..., aya sapuluh urang. Anu duaan ngajaga di hareupeun garduh. Anu dalapan urang keur baradami. Anu saurang curat-corét dina bor jadwal ronda anu geus dipupus, meureun gegedugna. Saha maranéhna téh? Boa-boa anu ngarencanakeun ngabangsat?
Hideng nyalingker ka tukangeun dapuran cau. Tuur nyorodcod basa ningali anu keur jaga di hareupeun garduh nyabut péstol ti jero bajuna. Péstol téh dielapan, dibuka eusi pélorna. Anu saurang deui ngalugas bedog panjang. Seuseukeut bedog patinggurilap katojo cahaya seuneu durukan. Geus dielapan mah bedog téh dibebeskeun deui kana sarangkana.
**
Kohkol dititirkeun teu eureun-eureun. Maksud téh sangkan urang lembur kalaluar ti imahna. Jeung anu ngariung di garduh ronda téh kalabur. Biasana bangsat mah ku sora kohkol dititirkeun sarieuneun. Anu ngariung téh enya patingcuringhak ngadéngé sora kohkol, tapi henteu kalabur.
“Tah, sora kohkol euy, poro...!” Anu jaga di hareupeun garduh ngagorowok.
Anu séjénna, anu keur ngariung baradami, ngarajleng kaluar ti garduh ronda. Bedog dilalugas. Kuring ningali ka sakuriling. Euweuh saurang-urang acan urang lembur anu kaluar imah. Basa anu ditareregos beuki ngadareukeutan bari ngamang-ngamang bedog, henteu mikir deui kuring ngajleng kana rungkun eurih, terus lumpat notog-notogkeun manéh ka kebon jagong.   
“Kabur euy ka kebon jagong...! Hayu urang asruk! Bawa Si Bopih sina nyusud!” Kadéngé sora ngagorowok, meureun gegedugna.
Beungeut peurih kasipat daun jagong mah henteu dirasa. Kuring terus lumpat. Jajantung ratug leuwih ti biasa. Komo barang kadéngé sora anjing ngagogog ti kajauhan. Pantesna téh anjing pamoroan keur mengpengan ngudag. Dituturkeun ku anu ngarudag bari marawa panakol jeung bedog.
Kapikir éta ogé, naha bet jadi kieu? Apan kuring anu ngaronda téh. Kuduna mah maranéhna anu diobrot téh. Naha bet tibalik? Kamarana ari ronda séjénna? Kamarana ari urang lembur? Tapi teu lila mikir téh da anjing pamoroan kaburu nyusul. Kuring dirontok. Enya ogé digiwarkeun, tapi anjing anu hiji deui ngagugunyeng jékét pageuh pisan. Atahadol téh, dua geuning anjing téh.
Geumpeur mah puguh deui. Tapi enya ogé tagiwur, pikiran téh rada ngemplong basa anjing anu dua téh bet ngagugunyeng kana saku jékét. Inget wé apan kuring téh tadi ti imah ngabungkus kéré lélé. Poé minggu kamari ngahaja marak jeung Jang Heri, hasilna rada mucekil. Maksud téh bari ngaronda rék ngaliwet. Béas mah tadi ditunda di garduh. Ari bungkusan kéré masih dina saku jékét.
Gancang bungkusan kéré téh dikodok, belewer wé dialungkeun. Bener waé, anjing anu dua téh ngarontok kéré anu dialungkeun. Dasar sato, enya ogé dilatih ku lebokeun mah éléh.
Berebet kuring lumpat deui. Geus jauh mah térékél wé naék kana tangkal manggu.
“Terus obrot, euy! Tong nepi ka leupas!” Sora anu ngaluluguan ngagareuwahkeun simpé peuting. Teu lila ti harita patingberetek anu ngudag bari ngamang-ngamang bedog. Anu nungtun anjing pandeurieunana. Siga anu dibebenyéng. Meureun anjingna masih hayangeun ngalétakan kéré lauk.
Anu pandeuri pisan, sigana luluguna, leumpang ngagedig. Bedog pasrén dijingjing ku leungeun kéncana. “Kudu kapanggih, euy! Cacag wé sakalian!” gorowokna. Manéhna ngajanteng henteu jauh ti tangkal manggu tempat kuring nyumput.
Atuh kuring beuki ngompod. Rénghap ditahan. Lamun kuat mah sajam sakali ngarénghap téh. Naon atuh ari salah kuring?
**
Janari leutik. Anu ngobrot masih patinggorowok di kajauhan. Sora anjing sakapeung ramé patingjaregug, sigana meunang careuh atawa lasun. Dasar anjing, dititah moro jelema gé angger wé méngkol manggil boroeun anyar mah. Anu ngaluluguan masih ngajanteng henteu jauh ti tangkal manggu anu dipaké nyumput ku kuring. Sakapeung manéhna ngagorowok méré paréntah.
Lamun diantep mah kaburu beurang, sigana cilaka. Kuring pasti kanyahoan. Duka kumaha nasib lamun seug kapanggih. Meureun saukur memenitan umur téh. Terusna mah pada ngababuk, pada ngaradék. Boa rangsak awak téh disasaak.
Keur bingung anu henteu manggih tungtung, sieun anu matak hieum kana haté, sok aya waé nu ngaburinyay jadi cahaya. Matakna putus harepan téh dipahing dina kaayaan kumaha waé ogé. Sakilat pikiran téh bet inget kana dongéng ustad Wahyu. Dongéngna kieu: aya cai walungan anu hayang meuntas sagara keusik. Tapi kakara nepi ka sisi sagara keusik téa, cai sakitu ngagulidagna téh bet lir anu disedot ku amparan keusik. Kitu terus nepi ka cai walungan téh putus harepan.
“Lamun manéh rido mah ngarobah wujud sakeudeung, tangtu manéh bisa meuntas sagara keusik,” ceuk panonpoé.  Cai walungan téh nurut. Manéhna terus jadi haseup, ngebul, ngapung, katiup angin nepi ka meuntas sagara keusik. Geus meuntas mah haseup téh ngumpul, piripis deui murag jadi girimis. Salamet cai walungan téh bisa meuntas.
Inget kana dongéng éta, kuring ngudar sarung, diteregoskeun, terus ngeteyep nyampeurkeun anu ngajanteng. Kuring kudu rido nyamur jadi maranéhna heula. Lulugu anu diteregos téh ngalieuk. Haté ratug. Sieun kapanggih modal.
“Bangsat naon saleresna manéhna téh, Pa?” pok téh rada ngadégdég.
“Ah, bangsat sagala wé. Tapi goblogna téh, henteu daék ngaku!”
Reuwas. Ngagebegna ogé sataker kebek.
“Ngalakukeun dosa sagala tah si kasebelan téh! Tapi mumul tobat!”
Kahayang mah kuring ngudupruk. Leuleus haté téh lir kapas kaibunan. Apal kuring téh saha ari lulugu anu diteregos téh. Apal kana sorana, kana geter sorana, kana amarahna. Kuring amitan, api-api rék nyusul deui anu diporo. Léngkah téh lalaunan, dipaksakeun, bakat ku leuleus.
Ti harita kuring apruk-aprukan. Ka ditu ka dieu henteu puguh anu dijugjug henteu atra anu diseja. Tungtungna ngudupruk dina tutunggul Indung. “Ema, kedah ka mana abdi buron upami anu ngungudag diri sorangan? Hirup salawasna diudag-udag mangréwu kahoncéwang....[1]
***

Pamulihan, Februari 2015 / Agustus 2015



[1] Bagian ieu ditulis bari inget kana sajak Buron karangan Acép Zamzam Noor (buku Dayeuh Matapoé) 

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "RONDA"

Posting Komentar