MAEN BAL

Cerpen ini pernah dimuat Tribun Jabar, tapi lupa tanggalnya.

Belesat manéhna lumpat muru bal nu ditajong sataker kebek. Bal ngabelesur luhureun jukut. Sorana harus, bangbaraan, handaruan. Jujukutan pating garupay kaanginkeun. Manéhna geus nguntup. Bal téh sakilat kasusul. Habek deui ditajong. Belesat deui manéhna nyusul.
Teu nolih kénca katuhu. Bal téh digiring ku manéhna ti tungtung gawang. Gilek ka kénca gilek ka katuhu basa aya musuh nu ngahadang. Pating belesur nu nyléding. Manéhna ajleng-ajlengan bari nyapit bal. Musuh hareugeueun da najong tempat kosong ngahadang saukur kalangkang. Kiper musuh reuwas barang ningali nu mawa bal mani mengpengan. Kiper téh taki-taki. Legana gawang sakali deui dideupaan. Dampal leungeunna ditiup sababaraha kali.   
Saenyana manéhna téh kiper. Unggal maén bal manéhna kudu siap di handapeun gawang. Ngajaga ulah nepi ka boboléh. Enya manéhna téh kiper nu hébat. Can pernah sakali ogé gawangna kajeblosan. Sakumaha tarikna ogé anu najong anu ngaheden anu balikbandung, hih ku manéhna mah dianggap kaulinan. Bal téh pageuh dina dampal leungeunna. Apan lalandianana ogé Si Gegep, Si Leugeut, Si Solmetbal.
Tapi hiji waktu, enya dina hiji waktu, duka detik anu ka sabaraha dina maén bal ieu, manéhna ngarasa bosen. Bosen jadi kiper. Bongan kiper mah tara ngasupkeun. Apan sok aya kiper nu maju ka hareup, pangpangna dina detik-detik panungtungan, sabada kasawelasanana bobor karahayuan.
Nya manéhna ngagiring bal ti tungtung gawangna. Tapi lain pédah kasawelasanana bobor karahayuan. Manéhna mah maju ka hareup ngagiring bal sosoranganan lantaran didorong ku anu ngaguruh dina dadana. Ujug-ujug aya rasa anu ngajujurung pikieun lumpat, najong bal sataker tanaga, ngulinkeun bal ku suku, tuur jeung sirahna basa musuh megatan. 
Musuh anu kaliwatan henteu antepan. Maranéhna ngudag sataker kebek. Atuh bék nu can kaliwatan ngepung nu mawa bal. Tapi manéhna lain jago atah-atah. Boro-boro sapuluh urang musuh, sarébu urang ogé bakal diayonan. Nu nemprang bincurang nu nakol cecekolan nu muru tuur sakabéhna nyamos.
Kiper beuki reuwas barang ningali nu ngagiring bal mengpengan téh tinggal adu hareupan jeung manéhna. Suku, leungeun jeung uteukna rancingeus. Nu ngagiring bal beuki ngadeukeutan. Sapuluh meter salapan meter dalapan meter tujuh meter genep meter lima meter opat meter tilu meter dua meter deui paadu hareupan. Kiper téh réplék nubruk bal. Tapi bal kalah melentung ka luhur sababaraha sénti tina awak kiper. Bal téh dicapit ku anu ngagiringna.
Nu lalajo surak ayeuh-ayeuhan. Ngabobotohan. Pating corowok. Pating saruit. Arengklak-engklakan. Arajleng-ajlengan. Tukang baso nakolan mangkok, hilap ngaladangan. Tukang odading kalah ngibing, teu terangeun odading aya nu ngajingjing.  Sora angin dina pucuk awi taya dayana. Manuk-manuk calinutrung ngaraos kawon ku anu surak ti lapang maén bal.
Salengkah dua lengkah tilu lengkah bal tinggal diceploskeun. Ditajong saeutik atawa diantep ogé pasti ngaliwatan gawang. Nu lalajo ngabaretem. Nu surak nu engklak-engklakan nu ajleng-ajlengan nu gogorowokan  nu susuitan areureun sakedapan. Sadayana nahan ambekan. Bari dina hate siap surak leuwih ti nu tadi. Atuh bobotoh kasawelasan nu bakal bobor karahayuan leuwih jempling deui. Maranéhna pasrah. Sumerah. Leuwih ti siap pikeun carinakdak atawa paungku-ungku jeung papada baturna.
Saréréa ngantosan bal ngajeblos kana gawang.
Bal ngagulusur dina jukut. Sapuluh deupa salapan deupa dalapan deupa tujuh deupa genep deupa lima deupa deui bal ngaliwatan garis gawang. Tapi teu disangka ku saha waé ogé, ku nu lalajo ku pamaén ku tukang dagang ku wasit ku barudak ku aki-aki ku nini-nini, ngan sakilat bal méngkol ngaliwatan tihang di luar jaring. Bobotoh ngabaretem. Badé surak ngadadak sapertos gaang katincak. Sadayana reuwas. Parias. Bobotoh kasawelasan nu teu jadi bobor karahayuan bungah. Bungah kapaksa. Henteu ngabekas.
Enya ogé tos kaluar tina pakalangan, nu ngagiring bal téh henteu ngendoran lumpatna. Atuh buriak nu lalajo lalumpat ngarudag nepi ka kalang panungtung. Wasit gancang niup piriwit, tapi lantaran kagebah ku anu lalumpatan piriwitna kateleg, berekah teu aya anu terangeun. Sadayana marolohok, ngarembang kadu, marata simeuteun, caralangap. Demi anu ngagiring bal beuki tarik lumpatna. Ngendoran sotéh pédah kudu gulak-gilek ngaliwatan tatangkalan. Sakebonan tatangkalan kaliwatan. Réngsé pakebonan laju ngaliwatan pasawahan. Manéhna lulumpatan dina galengan. Rambutna ririaban. Anjog ka padésaan, kolot budak awéwé lalaki naringalikeun. Tapi manéhna henteu ébat. Bal dicoo. Dihédenan. Digorolongkeun tina sirah nepi kana tungtung suku. Bosen diulinkeun habek ditajong sataker kebek, belesat nyusul kadia paser kadia angin kadia cahaya. Teu eureun-eureun. Teu capé-capé. Béak désa ganti lembur béak lembur ganti leuweung béak leuweung ganti kota béak kota ganti laut béak laut ganti gurun. Napasna ngahégak. Késang ting kareclak. Tapi lumpatna beuki ngabelesat. Désa, kota, pulo, nagara, benua, kaliwat sakilat-sakilat. Tapi gawang kahayang nu diwangwang can tembong ngalangkang.
**
Gawang nu kumaha atuh nu dipikahayangna téh? Manéhna teu bisa nerangkeun. Mimitina, enya mimitina ku naon maén bal ieu ingkar tina aturan FIFA, basa ngajentul handapan gawang manéhna ningali anu imut ngagelenyu. Imut anu maut seuseukeut rasa dina manahna. Imut anu terus sumebar salapangan maén bal. Eunteup dina bal nu diarudag ku kabéh pamaén. Puguh wé sakumaha tarikna ogé bal ditajong atawa dihéden, ku manéhna katéwak. Da dina dadana aya sinyal anu ngagerakeun leungeunna sukuna panonna jeung nu aya dina sakujur badanna pikeun nangkeup imut anu aya dina bal. Kahayangna mah malah bal téh didedetkeun kana dadana ngarah awor jeung dirina.
Tah, basa angin gugupay dina pucuk-pucuk awi, basa langit mimiti kasumba, imut ngagelenyu téh napel deui dina lambey anu éndah taya papadana. Putri geulis kawanti-wanti endah kabina-bina ngajanteng di sagigireun gawang.
“Naha Putri mani téga seja ngantunkeun Akang,” ceuk manéhna. Sorana dareuda nahan rasa anu ujug-ujug nyaksrak dina badanna.
“Sanés ngantunkeun, Kang, mung tumut kana aturan.”
Manéhna peureum. Duh, éta soanten mani halimpu nyulusup ka lebet kalbu.
“Aturan saha, Geulis?”
“Aturan anu Kagungan Aturan, anu ngawasa dunya nyata sareng dunya rasa. Apan urang mah sanés muhrim, janten teu acan tiasa ngumbar cinta sakama-kama.”
“Geuning sapertos di dunya nyata, kedah ka KUA sagala. Apan cinta mah….”
“Kedah aya ijab kabul di dunya rasa ogé. Apan anu micinta sareng nu dipicinta téh kedah awor. Tah, dina ijab kabul éta ngawitanna awor téh.”
“Hayu atuh….”
“Sanés hayu. Sim abdi mah darma utusan anu ngawartosan. Cinta Salira mah geulisna ogé teu tiasa digambarkeun ku lukisan sareng sajak. Mangga waé geura pilari gawang anu aya dina wangwangan. Tah jebloskeun bal anu parantos dibuleud-buleud dina manah téh. Widadari anu dipilari ku Salira téh janten kiperna.”
Putri geulis téh teras gugupay. Aya ku lempay. Tapi cenah sakadar utusan. Kumaha geulisna widadari anu saenyana?
Tah, ti harita manéhna beuki kumejot hayang geura ngagiring bal manah ngotektak gawang cinta milari widadari anu nyamuni. Hayang geura nyeploskeun bal rasa anu beuki motah dina manah, teras sumarambah kana bayah kana jajantung kana salega badanna.  
**
Sabada mulan-malén mileuweungan mikotaan milautan migurunan manéhna reureuh di sisi dayeuh. Kesang pating garenclang dina tarang. Angin ngahiliwir mépéndé anu reureuh. Tapi manéhna teu bisa peureum sakerejep. Aya rasa nu beuki ngagalura dina dadana. Rasa anu nyedek kana tikoro kana panon kana sakujur badanna. Hayangna mah midangdam hayangna mah ngagukguk hayangna mah ngageuri. Duh, di mana atuh gawang Salira téh, Geulis….
“Diubek ge saalam dunya moal aya, da gawang mah ayana di jero dada,” saur hiji sora. Gebeg. Dirérét kénca katuhu, taya sasaha. Naha saha?
“Di antosan di dieu, Jungjunan. Sing hawatos ka anu ngantosan.” 
Sanggeus yakin mah éta sora téh ti jero badanna, habek manéhna najong bal satarikna. Belesat lumput muru urat muru getih muru tulang. Enya we gawang teh mimiti ngalangkang. Kiperna taki-taki, rambutna ririaban. Euleuh... geuning kiperna mani geulis. Geulis anu kareueut, giung, matak teu emut di bumi alam.
“Mangga lebetkeun,” saur kiper. Imutna maut. Maut haté anu teu kaopan.
Manéhna ngajengjen.
“Enggal atuh lebetkeun.”
Manéhna ngabalieur. Gawang téh ditinggalkan. Enya wé, sabada sapuluh léngkah, kiper anu geulis kawanti-wanti téh salin jinis jadi sétan anu pikagilaeun. Terus nyakakak, ngabiur ka alak paul.
Habek manéhna najong deui bal. Belesat lumpat. Manéhna yakin, hiji waktu mah, enya hiji waktu, gawang Cinta téh bakal kasorang. Haténa midangdam, ngageuri, ngagukguk, teu kiat nahan kangen anu beuki ngagalura. Unggal najong bal rasa kangen minuhan sakujur badanna. Duka dugi ka iraha manéhna bakal kiat nahan rasa. Duka di léngkob haté palebah mana rasa téh bakal bedah ka gawang Cinta.
Cenah, saur tukang dongéng, dugi ka rébuan taun ti harita, anu kawénéhan mah sok ningali anu ngagiring bal ngalangkang dina méga, kokolébatan sapertos angin dina pucuk tatangkalan. ***

Bandung, Désémber 2011


Tribun Jabar,

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MAEN BAL"

Posting Komentar