MANIK ANGKERAN
Mangle no 2518, 12-18 Maret 2015)
Jaman baheula, di karajaan Daha, aya
brahmana anu sakti mandraguna. Ngaranna Sidi Mantra. Lantaran taat kana tetekon
agamana, Sanghyang Widi ngahadiahan harta banda jeung mojang geulis. Sanggeus
mangtaun-taun laki-rabi, nya boga budak anu ngaranna Manik Angkeran.
Manik angkeran téh budak anu pinter,
calakan, ogé gagah. Awakna bangbang, kéwés-pantes. Kasép. Hanjakalna, sanggeus
rumaja Manik Angkeran kabawakeun ku sobat-sobatna, resep kana ngadu. Ngadu
sintir, ngadu hayam, maén kartu; geus ngabaju.
Béak duit, béak banda, Manik Angkeran
mimiti unjak-anjuk ka ditu ka dieu. Tungtungna raweuy hutang, diudag-udag anu
nagih. Geus kitu mah Manik Angkeran balaka ka bapana.
“Ku Bapa ditulungan, tapi tong
sakali-kali deui,” ceuk Sidi Mantra.
“Nuhun Bapa, nuhun,” témbal Manik
Angkeran bari ngarawu leungeun bapana. “Putra moal sakali-kali deui.”
Sidi Mantra terus menekung ka Hyang
Agung, mujasmédi bari puasa. Nya aya piunjuk ka lebet manahna. “Di kawah gunung
Agung aya harta karun anu dijaga ku naga. Pénta wé ka Naga Besukih saeutik, mo
burung dibéré,” ceuk anu ngaharéwos bari henteu katingali téh.
Isukna Sidi Mantra miang ka gunung
Agung. Sagala halangan-rintangan sanggup diperuhkeun ku kasaktianana. Anjog ka sisi
kawah, uluk salam ka Naga Besukih bari nakol loncéng. Terusna mah Sidi Mantra ngabalakakeun
pamaksudanana.
“Ku kaula dibéré salembar sisit, muga
anak anjeun eureun tina uda-aduna,” ceuk Naga Besukih. Sisitna terus molonyon
salambar. Salambar emas murni anu hargana mahal kacida. Di handapeun sisit aya berlian
anu patinggurilap. Sanggeus nganuhunkeun mah Sidi Mantra gura-giru balik.
Manik Angkeran kacida atohna. Salambar
emas tina sisit naga téh salain cukup mayar hutang-hutangna, ogé masih nyésa
loba. Lantaran idek liher waé di témpat ngadu, ogé sobat-sobatna tukang ngadu,
nya Manik Angkeran nyobaan deui. Hartana béak deui. Terus unjak-anjuk deui.
Sanggeus hutang ka ditu ka dieu manéhna kakara reuwas. Tungtungna mah bébéja ka
bapana.
“Bapa moal nulungan anu kadua kalina,”
ceuk Sidi Mantra. “Da éta mah salah manéh, bet henteu pengkuh, éléh ku panggoda
euwah-euwah.”
Manik Angkeran mangwajarkeun kana
panolak bapana. Tapi manéhna kungsi ngadangu yén harta karun anu dipénta ku
bapana téh aya di kawah gunung Agung. Isukna, sanggeus maok loncéng bapana, ber
Manik Angkeran ka gunung Agung.
Manik Angkeran téh enya pinter jeung
calakan. Tapi apan sagala élmu panemu ti bapana henteu hatam diulik. Sakabéh
élmu bapana saukur taram-taram. Enya ogé kitu, ari nyanghareupan
halangan-rintangan kayaning rampog kampung jeung rembetna tatangkalan mah,
manéhna masih sanggup.
Sanggeus nepi ka sisi kawah Manik
Angkeran sila. Loncéng téh ditakol, sorana ngoncrang, ngaweuhan ka sakuriling
kawah. Ti hiji guha ngahéos angin, lol
téh naga anu gedéna lima kalieun tangkal kalapa. Manik Angkeran tangtu
waé ngagebeg ningali Naga Besukih.
“Aya perlu naon anjeun ka dieu?” ceuk
Naga Besukih, sorana handaruan, matak keueung.
“Kaula téh Manik Angkeran, putrana Sidi
Mantra.” Manik Angkeran balaka. “Kaula téh bet kalalanjoan ku ngadu. Tulungan
kaula, sakali deui waé. Kaula téh perlu keur naur hutang.”
Henteu loba mikir Naga Besukih téh.
Paménta Manik Angkeran dicumponan. “Asal anjeun eureun tina uda-aduna,” ceuk Naga
Besukih. Manik Angkeran satuju.
Basa salambar sisit Naga Besukih
molonyon, Manik Angkeran hookeun ningali berlian patinggurilap. Sanggeus méré
salambar sisitna anu mangrupa emas murni, Naga Besukih asup deui ka guhana.
Tah, harita, basa Naga Besukih malik, euwah-euwah nyusup deui kana haté Manik
Angkeran. Manéhna hayang ngapimilik berlian anu patinggurilap di handapeun
sisit Naga Besukih.
Basa Naga Besukih ngaléor ka guha,
buntutna disabet ku Manik Angkeran. Tangtu waé Naga Besukih reuwas. Getih ulawéran
tina buntutna. Manik Angkeran diobrot. Tapi enya ogé Manik Angkeran henteu
hatam ngalap élmu bapana, ari sakadar kabur tina udagan Naga Besukih mah
manéhna sanggup.
Ari Naga Besukih lain saukur naga biasa.
Manéhna kaleungitan udaganana. Tapi basa nimu tapak Manik Angkeran, éta tapak
téh dilétak. Harita kénéh Manik Angkeran anu keur ngabelesat kabur ngudupruk
taya tangan pangawasa. Terusna mah nyawa Manik Angkeran henteu bisa ditulungan
deui.
Sidi Mantra tangtu waé sedih ngadangu
béja budak hiji-hijina paragat nyawa. Manéhna ngadatangan Naga Besukih. Sidi
Mantra ngahelas melas-melis sangkan anakna dihirupkeun deui.
“Bisa dihirupkeun deui da acan waktuna,”
ceuk Naga Besukih. “Tapi ieu buntut kaula pangnyageurkeun.”
Sidi Mantra ngawatek sakabéh
élmu-panemu, jangjawokan, jeung pangabisana. Enya wé buntut Naga Besukih téh
nyambung deui. Atuh imbalanana, Manik Angkeran ogé dihirupkeun deui ku Naga
Besukih.
Manik Angkeran sungkem kana lahunan
bapana. Pok deui manéhna ménta dihampura ka bapa jeung Naga Besukih.
“Dihampura manéh ku Bapa,” ceuk Sidi
Mantra. “Tapi urang henteu bisa reureujeungan deui. Sok anjeun ngamimitian deui
hieup. Di ditu, di tempat anu misah.”
Tina iteuk anu dicabut
ku Sidi Mantra ngaburial cai, beuki lila beuki gedé. Terusna cai anu ngaburial
téh jadi walungan, terus ngahiji jeung laut. Jadi selat anu misahkeun Sidi
Mantra jeung Manik Angkeran, misahkeun pulo Bali jeung Jawa. Ayeuna éta selat
téh katelahna Selat Bali. ***
0 Response to "MANIK ANGKERAN"
Posting Komentar