CIMATA APA


Mangle, no.2489, 21-27 Agustus 2014
Ingin membaca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik saja DI SINI

Umur téh 14 taun 2 bulan 27 poé basa kuring dirogahala. Kuring ngagukguk ningali jasad sorangan teu walakaya. Tatu minuhan sakujur awak. Getih garing ngagaribleg maseuhan awak, maseuhan taneuh. Kuring gogorowokan ménta tulung, kakalayangan ka ditu ka dieu, tapi teu aya anu maliré. Kuring sadar, apan kuring téh geus paéh.
Kuring ningali Apa ka ditu ka dieu, pasti bari teu puguh rasa, pasti melang da kuring geus tilu poé henteu mulang. Poé kaopat anu ngarit manggihan jasad kuring dina rungkun di sisi leuweung. Manéhna lulumpatan bari gogorowokan: “Aya mayit… aya mayit!” Sisi leuweung téh atuh jadi ramé.
Basa Apa ningali jasad kuring mimiti digembrong laleur, salirana ngadégdég. Pameunteuna lir usum ngijih disaput pepedut. Apa téh nangis. Nangis henteu cimataan. Nangis henteu soraan. Nangis anu leuwih nyeri, leuwih ngagukguk, leuwih jejeritan.
Jasad kuring saenyana geus nyambuangkeun bau bangké. Jalma-jalma anu ngaliud hayang sidik kana jasad kuring, henteu wani deukeut teuing da bau, kitu ogé bari mengék irung. Tapi ku Apa mah jasad kuring téh dipangku saperti ka jasad anu aya nyawaan. Henteu nutup pangambung, henteu ngangge masker, henteu nahan napas. Apa sapertos anu hayang wareg nyeuseup bau bangké tina jasad kuring.
Bari mangku téh Apa ngaharéwos: “Geulis, Anaking, anjeun mah bagja, geus leupas tina tanggung jawab, tina kakuduan kasampurnaan hirup. Jung geura miang, Nung, miang ka salebeting ati anu pangresikna, ka taman pangéndahna, ka surga anu dijangjikeun ku Anjeunna.”     
Di sabudeureun imah jutaan urang anu takjiah ngaboro Apa anu mangku jasad kuring turun tina mobil. Aya anu henteu eureun ngusapan cimata anu hésé saatna. Aya anu ngajerit henteu kuat nahan kasedih. Ema ngaboro bari pameunteuna carindul. Basa Apa ngagolérkeun jasad kuring di tengah imah, Ema nyingkabkeun kaén anu nutup beungeut kuring.
Apa lebet ka kamarna, kamar paragina nyepén, kamar rusiahna, kamar anu nyidem sora, kamar anu ngan duaan jeung kuring anu meunang asup. Apa sujud, ngagukguk, midangdam, ngajerit, salirana ngadégdég. Lalaunan kuring nangkeup Apa, ngesun keningna.


**

Keur kuring mah Apa téh sagalana. Sobat, guru, jeung tempat sagala rusiah ditembrakeun. Rusiah Apa anu pangutamana, anu saurna ngan sababaraha urang anu terangeun, nyaéta Apa téh pamingpin Partéy Bodas. Partéy Bodas téh anu ngusahakeun sangkan dunya leuwih pikabetaheun pikeun sakabéh pangeusina. Partéy Bodas anu ngusahakeun ngaberesihan laut anu tercemar minyak, anu melakan gunung garundul ku illegal loging, anu merangan koruptor di sakabéh nagara, anu néwakan rampog-copét-bangsat, anu nulungan korban perang di unggal madhab dunya, jeung sajabana.
Rusiah kadua anu utama, anu ogé ngan sababaraha urang anu terangeun, nyaéta kuring téh hiji-hijina ahli waris makuta Apa. Ampir unggal dinten Apa ngajak kuring kukurilingan. Ka kota-kota tempat koruptor nyangsarakeun rébuan masarakat leutik, ka palagan perang tempat kakawasaan nyiptakeun kasangsaraan, ka leuweung-leuweung nyaksian bangsat ngababad jeung ngeduk kakayaan alam.
Sering Apa ujug-ujug nangis ningali anu katalangsara ku kakawasaan anu henteu amanah. Nangis anu henteu soraan, henteu cimataan, henteu katingali ngagukgukna, nangis anu leuwih nyeri.  
“Tingali, Anaking, dulur urang téh geuning kieu kaayaanana. Maranéhna téh tunggal sadulur jeung urang, sapapait samamanis, saperti anggahota tubuh. Lamun panon urang nyeri, apan saawak-awak kabawa nyeri,” saur Apa.
Kuring diajar ngararasakeun kasusah jeung kasedih maranéhna tina nangisna Apa. Naon anu ku Apa dilakukeun ku kuring diturutan. Mamanggul béas terus ditunda di hareupeun saung si nini jeung incuna anu remen ceurik da daharna henteu kungsi wareg, ngajar maca-nulis barudak andar-andar anu henteu sarakola, ngagali taneuh longsor jeung mulasara mayit anu jadi korban.
“Kasusah jeung kasedih dulur-dulur urang téh, Anaking, henteu saukur lantaran kawijakan alam. Réréana mah lantaran aya anu ngusahakeunana. Maranéhna mah bungah ningali batur susah. Maranéhna mah suka ningali batur cilaka. Maranéhna mah balakécrakan ningali batur kalaparan. Maranéhna mah geus dikawasa hawa napsu, ngahalalkeun sagala cara, kaasup cara anu nyangsarakeun batur. Maranéhna anu hayang sagala kakayaan alam jadi milik pribadina. Lamun bisa mah, bulan jeung béntang gé jadi milik pribadina. Maranéhna anu jadi musuh-musuh urang téh, Anaking,” saur Apa dina hiji waktu.
Tangtu waé mimiti aya rasa teu suka dina haté kuring ka maranéhna. Tekad pikeun ngalawan maranéhna mimiti buleud. Ngalawan ku ngupayakeun sagala kahadéan saperti anu henteu kendat dilakukeun ku Apa. Tapi ningali pameunteu Apa aya ku ngungun. Kunaon ari Apa?
“Maranéhna téh musuh anu sigana moal kungsi pérén, Anaking. Unggal urang ngalawan nepi ka maranéhna perlaya, maranéhna bakal hirup deui, leuwih licik, leuwih biadab, leuwih réa. Kakuatan jahat téh dilanggengkeun ku Partéy Hideung, Anaking,” saur Apa dareuda.
    

**

Aya rusiah katilu anu acan kungsi ditembrakeun ka Apa, nyaéta saha ari pamingpin Partéy Hideung. Kuring apal saha inyana. Salila ieu Apa ngutus teliksandi ka unggal madhab sakadar hayang apal saha pamingpin Partéy Hideung. Tapi nepi ka ayeuna teliksandi Apa can bisa nyusud saha inyana.
Kuring apal ka manéhna basa diwawuhkeun ku Ema. Kasép ngalémpéréng konéng. Imutna ngirut. Tangtu waé wanoja di unggal péngkolan henteu ngiceup ningalina. Saur Ema, istrina aya di mana-mana, gareulis, garaya, ngarora da unggal istri anu maju ka kolot sok ditalak diganti ku anu leuwih ngora deui. Tapi enya ogé istrina henteu kaitung jumlahna, komo budakna, kabéhanana hirup méwah. Imahna agréng, mobilna méwah, babuna sababaraha urang. Enya ogé papada apal istrina aya di mana-mana, rébuan wanoja pageulis-geulis di hareupeunana, harayang dilamar dijadikeun anu ngora.   
“Anéhna, enya ogé wanoja sadunya muja-muji ka anjeunna, ngan ka Ema anjeunna ngiriman kembang jeung sajak-sajak cinta,” saur Ema hiji waktu. Tangtu waé kuring reuwas. “Tapi ieu mah rusiah, tong dicarioskeun ka sasaha, ogé ka Apa.”
Kuring unggeuk. “Tapi Ema henteu ngalayanan cintana apan?”
“Nya henteu atuh, apan Ema mah geus aya Apa.”
Ngemplong ngadéngéna. Kuring jangji ka Ema moal ngabocorkeun rusiah ieu, jangji anu geuning matak nyilakakeun. Apa padahal geus ngawanti-wanti. Saurna, “Salaku calon pamingpin Partéy Bodas, ngan tiluan anu bisa dipercaya. Kahiji diri sorangan, kaduana Apa, anu katiluna mah Anu Murbeng Alam.”
Kuring mimiti curiga ka Ema basa sering ningali anjeunna rerencepan angkat nyalira. Basa ku kuring dituturkeun, horéng panggih jeung Si Kasép pamingpin Partéy Hideung téa. Maranéhna ka basisir, ngadon ocon, silihsimbeuh, silihtangkeup basa ngarasakeun neumbragna ombak. Ceuk pangrasa kuring, henteu sakadar sosobatan maranéhna téh.
Tangtu waé handeueul naha henteu gancang lapor ka Apa. Panyangka téh salingkuh biasa anu kudu gancang dihongkeun. Matakna kuring memekel kaméra pikeun ngahongkeun naon anu dilakukeun Ema jeung kabogohna.
Enya waé, henteu jauh tina panyangka, hiji soré sanggeus jalan-jalan di basisir, maranéhna ka hotel, mesen kamar pangméwahna. Basa kuring ngintip, horéng panto henteu nutup rapet. Disurungkeun saeutik ogé nembrak anu di jero kamar. Ampir coplok ieu jajantung basa ningali Ema guley dina kasur jeung kabogohna bari buligir. Basa tombol kaméra dipencét lalaunan, aya leungeun anu ngarebut.   


**

Jungjunan, budak bangkawarah téh ngintip-ngintip urang. Cilaka lamun manéhna ngucah-ngacéh carita cinta urang. Enya ogé anjeun mikanyaah, anjeun kudu réla, Sayang.” Si Kasép atah adol téh nangkeup Ema. Ema ngadégdég. Tungkul. Ema henteu wantun neuteup kuring.
Peutingna kuring dibawa ka hotél séjén. Leungeun diborogod. Sungut dilakban. Kuring dialungkeun kana kasur. Tali jeung lakban dibuka. Peurih dina pigeulang henteu karasa nanaon. Enya, dibanding kanyeri jeung kapeurih basa inget ka Ema, inget kana naon anu dilakukeun ku Ema.
“Naon kahayang manéh téh, Durujana? Leupaskeun kuring! Lamun seug Apa apaleun, manéh pasti dicangkalak! Tuulluuung…! Tuulluuuung…!”
Tapi si pikasebeleun téh kalah seuri. Ieu kamar apan nyidem sora.
“Manéh nyaho kunaon Déwék ngabogohan indung silaing? Lain… lain lantaran cinta. Kolot teuing atuh keur kasenangan Déwék mah. Déwék mah ngan nitipkeun orok dina rahimna. Orok anu bakal jadi intél. Orok anu bakal ngacak-ngacak kulawarga Partéy Bodas. Hahaha…!”
Tangtu waé keuheul. Ambek ka si licik. Amarah teu kawadahan. Leungeun anu ti tadi meureup téh ditonjokeun satakerna. Tapi acan ogé keuna kana beungeutna, peureup kuring ditéwak. Kuring dibantingkeun kana kasur. Baju jeung calana diporosotkeun. Kutang dibetot satakerna. Haté mah ngajerit maratan langit. Kuring diperkosa sababaraha kali. Terus ditémbak teuing sabaraha puluh kali.
“Putri Partéy Bodas palastra. Ancur Partéy Bodas! Aing anu ngawasa dunya mah, pamingpin Partéy Hideung. Ha ha ha…!”

**

Jasad kuring digotong, dianteur ku jutaan urang. Di sisi kubur, basa taneuh mimiti ngaruang jasad kuring, Apa ngeclakeun cimata. Bakat ku nyeri, bakat ku peurih, bakat ku ngajerit tangtuna ogé. Kakara harita Apa nangis ngeclakeun cimata disaksian ku jutaan urang. Ema ogé nangis. Kuring ningali patuanganana mimiti melendung teu kasumputkeun ku raksukanna. Anu ngalanteur narangis. Aya anu nginghak, anu ngagukguk, malah aya anu ngajerit sagala. Cimata ngareclakan maseuhan taneuh. Cenah, di unggal juru dunya, milyaran urang narangis basa ngadéngé béja tiwasna kuring.
Tapi kuring tetep gedé hate, tetep yakin, cimata Apa anu ngeclak mangaruhan saha waé pikeun nangis. Terus cimata maranéhna, cimata jalma-jalma anu simpati jeung émpati ka Apa, maraju ngadeukeutan cimata Apa, ngajiji, ngagedéan, ngagedéan, ngagedéan, terus megar, muncrat, ti jerona aya sora orok ngoar, saperti kajadian basa kuring dijurukeun, 14 taun 2 bulan 27 poé kaliwat. ***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "CIMATA APA"

Posting Komentar