Jejak Kata :
Home » » NU KAUL LAGU NOAH

NU KAUL LAGU NOAH

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 12.00


Pikiran Rakyat, 18 Nopember 2012


Kapaksa saenyana mah. Satengah digusur. Bari ditambahan ku: “Belegug manéh mah. Batur mah parebut bari kudu meuli tiket, jutaan hargana ogé. Ieu mah gratis, kudu dipapaksa.”
Tungtungna mah nuturkeun. Karunya ka ki sobat, ari balik peuting téh sok hariwang. Puguh ngontrak kamar téh milih di kampung. Tadina mah ngarah masih seger hawana, tiis tingtrim suasanana. Apan ka kota téh kudu ngaliwatan sawah anu masih kénéh upluk-aplak. Tengah peuting mah ngaliwatan sawah téh lumayan keueung. Sababaraha kali kabéjakeun aya anu dipergasa. Direbut motorna. 
Saenyana mah lain henteu resep lalajo konser grup band Noah téh. Apan ti baheula ogé basa ngaranna masih Peterpan sababaraha lagu mah apal. Ari tengah peuting ceuceuleuweungan di kampus, apan éta téh lagu Peterpan. Ngan teu panuju kana kalakuan vokalisna sabada geunjleung video porno téa. Ti harita mah tara wé nyetél lagu-laguna, enya ogé dina Winamp masih can didelet. Sakalina aya batur ogé anu nyetél dina komputer atawa ringtone handphone, sok gancang wé ngajauhan. 
Nepi ka tempat konsér, mani ngaliud anu rék lalajo. Anu ngantri ka jero mani ngaoray, panjang. Cenah mah ti isuk-isuk mula maranéhna geus daratang ti kota-kota anu jarauh. Uing luak-lieuk bari topi rada didedetkeun. Sieun panggih jeung anu wawuh. Pasti protés, atawa saeutikna nyeungseurikeun.
Apan uing téh kungsi démonstrasi di jalan-jalan. Ngadémo video porno téa. “Rajam penzinah...! Rajam...!” Ari pék ayeuna datang ka konsérna. Tapi tujuan uing mah apan lain rék senang-senang. Da ti saprak kasus vidéo porno ogé lagu-laguna téh teu ngareunaheun deui. Tujuan uing mah karunya ka ki sobat. Ngabaturan bisi keueungeun balik ngaliwatan tengah sawah.
Da puguh ki sobat mah wartawan, ningalikeun kartu jeung surat teuing naon deui ka panitia, bus wé ngaliwatan jalan husus.
**
Nangtung téh di sisi panggung. Ki sobat mah maju ka hareup, motrétan. Nu lalajo mani séah. Anu gogorowokan waé aya. Kaédanan téh lain heureuy. Awéwé atawa lalaki, taya bédana. Uing mah angger can bisa ngarti, naha kaédanan téh mani nepi ka kitu. 
Simpé. Asa simpé rarasaan téh. Simpé di tempat anu ngaguruh siga kieu. Pastina ogé simpé anu nataku. Meureun da haté uing mah henteu di dieu. Henteu dina musik, henteu ngahiji jeung anu lalajo. Di panggung anu nyanyi teuing geus sabaraha lagu. Tadi mah pirajeunan diitung. Tapi kaburu poho, da pikiranna henteu di dinya.
Reuwas sotéh basa anu nyanyina ganti. Ceuk MC, lain bintang tamu ieu mah. Tapi anu kaul, anu teu kuat hoyong ngahaleuang dua lagu waé mah. Ceuk haté, naon bédana? Rék vokalisna, bintang tamu, atawa anu kaul, sarua waé. Tapi barang sorana ngahaleuang, jep téh nu lalajo jempé. Jempé sapisan. Reuwas kitu nu lalajo téh? Reuwas saperti uing?
Usai sudah semua berlalu... biar hujan menghapus jejakmu...,” cenah dina lagu Menghapus Jejakmu. Asa wawuh kana éta sora. Asa raket. Asa sagulung-sagalang. Tapi saha? Basa ngabalikan deui dina “... biar hujan menghapus jejakmu...” haté mani nyérédét. Ujug-ujug sedih. Ras inget kana kalakuan sorangan. Enya kitu uing téh leuwih beresih? Siga anu enya hohoak bari tutunjuk. Boa anu ditunjukna mah terus éling, apan cenah “biar hujan menghapus jejakmu”. Ari uing, anu tutunjukna, boa kalah sasab dina rasa bener sorangan.
Anu kaul téh siga anu anteng. Anu lalajo ogé sarua. Uing ogé apan mani rancung ayeuna mah ceuli téh, nungguan lagu saterusna. Asa ngemplong basa anu kaul nuluykeun kana lagu kadua, lagu Separuh Aku. Uing mani ngadégdég. Asa kakara aya anu nyanyi siga kieu. Lagu anu tadi karasa ngageurina, lagu ieu mah karasa kangenna. Kangen ka saha atuh, nya?
Dengar laraku, suara hati ini memanggil namamu. Karena separuh aku dirimu...,” cenah. Kangen. Kangen anu nalangsa téa. Sigana pédah kangen anu henteu laksana. Saha atuh anu nyanyi téh? Moal kitu Vina Panduwinata? Apan Vina anu bisa ogo, ngageuri, jeung kangen dina lagu-laguna. Tapi ceuk haté mah lain. Kangen tapi nalangsa mah ngan boga anu ieu. Ongkoh deui asa dalit, asa wawuh, kana kangenna, kana nalangsana. Saha atuh?
Jéjéngkéan ogé ti sisi panggung mah angger henteu jelas. Ngan tonggongna wungkul. Erokna panjang samumuncangan, dijeket kulit hideung. Asa henteu biasa anu nyanyi dierok panjang. Tapi éta mah henteu penting kapan. Nu nyanyi mah diukurna ku sora. Apan ngageurina, ogona, kangen tapi nalangsana, anu nyababkeun uing jéjéngkéan ogé.
“Cik, uing hayang ka hareup, kumaha carana,” cekeng téh ka ki sobat.
“Bawa wé kaméra, jig ka hareup.”
Kaméra téh dikangkalungkeun. Tapi geus di hareupeun panggung mah asa henteu nyepeng kamera. Poho. Hilap sapisan. Haté asa beuki tagiwur. Enya, wawuh geuning ka anu nyanyi téh. Wawuh pisan rarasaan téh. Tapi urang mana, jeung di mana, wawuhna? Hanjakal manéhna keur ka panggung belah kénca, jadi can sidik kana pameunteuna.
Dengar laraku, suara hati ini memanggil namamu...,” cenah bari ka tengah panggung. Bet asa ditujukeun ka uing ayeuna mah nyanyina téh. Beuki ratug ieu jajantung. Barang rét ka uing, nu kaul téh ngarandeg. Hookeun. Siga anu kasima. Anu lalajo masih jempé, meureun ngadédéngékeun. Lantaran lila teuing anu kaul téh henteu neruskeun nyanyina, anu lalajo mimiti réang. Siga anu reuwas anu kaul téh neruskeun, “... karena separuh aku dirimu....”
**
Jangjian téh di warung kopi peuntaseun tempat konser. Manéhna masih maké baju anu tadi di panggung. Erok panjang warna biru kolot, kaos abu-abu ngora dituruban ku jaket kulit hideung. Aya ku geulis. Siga bulan anu mabra di langit beresih.
“Manawi téh henteu ngersakeun,” pokna téh.
“Satadina mah kapaksa. Tapi bet kapincut soanten salira.”
“Puguh waé da lami pisan henteu tepang. Boa salira mah nembé engeuh ka abdi. Saha cing abdi téh?”
“Rumaos henteu terang. Diémut-émut ogé angger lebeng. Enya ogé haté mah asa caket, asa dalit pisan. Wararaas nguping soanten salira. Asa apal ngageurina, ogona, kangenna.”
“Puguh waé da salira mah tambélar. Boa salami kumelendang di alam ramé ieu teu acan kantos ngalongok.”
“Naha di mana atuh salira téh linggih?”
“Di hiji taman, taman anu kahieuman, taman di lebet diri salira, taman di lebet manah salira anu kahieuman, taman anu saumur-umur salira teu kersa ngariksa.”
Meg téh asa aya anu nonjok kana angen. Nonjok ku karumasa, ku tambelar, ku lampah anu wangkelang.
“Iraha atuh salira ngersakeun ngalongok?”
Uing teu bisa cacarita deui. Haté ngaleketey. Komo basa manéhna amitan, leumpang ngalénghoy, ngajauhan. ***

Bandung, 15 Nopember 2012 / Tahun baru 1434 H   


Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni