RENGGANIS
Bagian Hiji
Meureun enya, cinta mah
saperti tatit. Ngan sakolebat, tapi matak ébat. Ébat tina kabiasaan naon waé.
Naha anu kalangsu dina kagoréngan atawa dina lampah wangkelang. Apan soré anu
meredong jadi caang. Atuh sora gelap anu ngagétkeun, matak sieun, tapi bisa
jadi sora anu nyadarkeun tina hiji perkara. Sora anu keur haté mah lir
galindeng, anu keur kasadaran mah lir hariring.
Unggal waktu kasadaran
siga kitu téh tumuwuh dina haté kuring. Enya, anjeun apan anu ngipuk jeung nyéboranana.
Terus pucukan, ngarandakah, kembangan, buahan, jadi tangkal anu éndah tur
mangpaat. Anjeun apan anu ngahiap sakabéh mahluk pikeun ngarasakeun nikmatna.
Anu kapanasan terus ngiuhan, barudak saruka bungah malédog buahna anu amis,
saabringan manuk reureuh malah terus aya anu nyayang, hileud jeung sireum jeung
rébuan sato séjénna anu ngaran jeung rupana ogé boa urang acan wawuh bakat ku
leutik; harirup, aranakan, saruka-bungah dina tangkal cinta téa.
Lantaran éta ampir unggal
soré kuring ka Lémbang, ka Punclut, ka Ciwidéy, ka tempat-tempat luhur séjénna;
saukur hayang ningali pamandangan soré. Warna kasumba mancawura di langit
kulon, jujumplukanana awan asa gambar keur sorangan, angin ngagilisir kana pipi
bet parat kana ati. Lamun kalalanjoan teuing, sakapeung sok aya anu ngalémbéréh
dina pipi. Enya, apan anjeun anu niupkeun rasa, anu ngagalindeng dina
pamandangan téh.
Ingetan téh sok terus
henteu katahan pikeun ngalanglang pangalaman sorangan. Pangalaman ka hiji soré
basa kuring naék kana tower kampus. Nengetan kota Bandung tina lénsa kamera.
Paimahan jujumplukan, patétéép. Patalimarga rarandegan. Jelema ngajajar di sisi
jalan, siga liliput dina dongéng anu cenah jangkungna saukur sajengkal. Boa
meureun enya, urang téh saukur liliput dina agréngna wangunan alam ieu.
Kaméra téh
jeprat-jeprét ka ditu ka dieu nuturkeun gerentes haté. Haté anu asa ngungun,
muyung, jararauh panineungan, ningali Bandung anu kasumba. Terus lénsa kaméra
téh eunteup kana pamandangan séjén. Pamandangan anu matak ngagebeg, anu
sakedapan kuring mata simeuteun. Enya, pamandangan di teras masjid kampus.
Saurang mojang keur anteng maca buku. Tas gandong nyarandé di gigireunana.
Erokna warna biru kolot nutupan nepi kana mumuncangan. Pameunteuna atra
beresih, sura-seuri umat-imut. Basa sakedapan buku ditutup, nyi mojang téh
neuteup ka jauhna, imutna ngabelenyéh lir kembang eros anu ligar. Sigana keur
kalangsu dina dunya buku, ceuk kuring. Saperti kuring anu mindeng kalangsu dina
dunya lénsa kaméra.
Enya, mojang anu
kalangsu dina dunya buku téh apan anjeun, Rengganis. Mojang anu siga mahnét
ngabetot kuring sangkan unggal soré naék kana tower, ngulincer siga anu enya
néangan potréteun, padahal mah nengetan anjeun. Hanjakalna anjeun siga anu
ngaleungit. Dina haté mah norowéco pananya; saha ari anjeun? Fakultas naon?
Jurusan naon? Saha sobat-sobatna? Naha salila dua taun kuliah di dieu kuring
kakara sakali ningali anjeun?
Mun seug jujur, anjeun
pasti moal percaya. Kakara harita kuring bet kapéngpéongan (lamun pas mah istilah
éta) ku mojang. Enya, apan biasana mah mojang mana atuh anu wani nolak
dideukeutan ku kuring? Tong boro dideukeutan, ditanya alamat imah atawa nomor
télépon, kakara diajak seuri ogé apan mani sok élékésékéng. Ari anjeun, kakara
ogé katingali tina lénsa kaméra, bet sanggup nyihir kuring sangkan nyileuk
sapeupeuting. Potrét anjeun dijajarkeun. Anu keur anteng maca buku, anu keur
imut, anu keur neuteup ka jauhna. Ah, keur naon waé ogé, anjeun asa beuki
deudeuleueun.
Basa hiji isuk lénsa
kaméra kuring nangenan anjeun keur leumpang di gapura kampus, kuring
gagancangan turun tina tower. Kuring ngudag anjeun anu geus naék kana tangga
ruang kuliah. Anjeun eureun, malik bari kerung, basa kuring gogorowokan bari
lumpat.
“Kenalkeun, sayah
paparazzi,” ceuk kuring bari rénghap-ranjug.
Anjeun imut. Leungeun
kuring anu nyolongkrong henteu ditampanan. Jariji anjeun anu beresih disidakepkeun
dina dada bari unggeuk. Meureun kitu salam anjeun.
Kuring gancang muka tas
gandong, ngaluarkeun potrét-potrét anjeun keur maca buku téa, terus
diasongkeun. “Ieu hasil tugas matakuliah fotografi. Canded camera, motrét rerencepan, henteu kanyahoan ku modél
potrétna. Tapi pasti peryogi data modélna.”
Anjeun nengetan potrét.
Sakapeung imut, sakapeung kerung. Terus satumpuk potrét téh diasongkeun ka
kuring.
“Abdi mah badé kuliah
heula, tos badé telat,” ceuk anjeun.
“Mangga. Eu... akang
mah henteu aya kuliah. Diantosan atuh nya di dieu, peryogi wawancara biodata.
Candak wé potrét mah, da seueur ieuh stokna.”
Anjeun ngucapkeun
salam, terus ngaléos.
**
Anéh. Ahéng. Enya, ari
hirup bet henteu bisa dibadé. Naha anjeun anu ahéng. Atawa kuring, haté kuring,
anu anéh. Asa henteu kabayangkeun saméméhna, kuring bet réla nungguan anjeun di
kantin bari dibaturan jus alpuket. Lantaran anjeun henteu ngelol waé, kuring
terus nungguan di teras gedung kuliah.
Mun seug anjeun apal,
can kungsi kuring kikieuan. Nungguan saurang mojang nepi ka jam-jaman. Anjeun
pantes ngarasa reueus, gumedé. Kuring sorangan hémeng, naha dadaékanan
ngalakonanana.
Naha lantaran anjeun
liwat saking geulis? Diinget-inget deui, dibayang-bayang deui, anjeun memang
geulis. Geulis anu mandiri, geulis anu béda jeung mojang umumna. Geulis anjeun
mah henteu diruas-rias, henteu diwedak-wedak acan sigana teh. Lambey semu
beureum sanés ku lipstik, halis ngabaris hideung sanés ku sipat, bulu soca da
lentik ti tadina. Pameunteu anu seger¸ hégar lir érmawar sumedeng ligar.
Lantaran éta meureun
kuring réla nungguan, sakadar hayang kenal. Eh, rarasaan téh henteu sakadar
hayang kenal, tapi hayang leuwih jauh, hayang ngararasakeun babarengan jeung
anjeun. Matak basa anjeun turun tina tangga gedung kuliah, kuring nyampeurkeun.
Rarasaan imut téh geus anu pangnyobatna, terus unggeuk bari pok: “Kenging
wawancara ayeuna? Mangga, Enden Putri anu milih tempatna, sim kuring mah badé
ngiringan waé.”
Anjeun ngodok tas, maut
salambar keretas, terus dibikeun ka kuring. “Biodata mah aya di dieu. Tiasa
dianggo kanggo kaperyogian kuliah. Tapi kanggo anu sanésna, henteu aya idin
sareng abdi henteu rido,” ceuk anjeun.
Kuring masih
hareugeueun basa anjeun ngucapkeun salam, terus ngaléos. Kuring henteu puguh
rarasaan basa neuteup tonggong anjeun anu terus ngaleungit dibawa angkot duka
ka jurusan mana. Biodata téh diimeutan; ngaran, tanggal lahir, jurusan, hobi, aya
sakabéhna. Alamat imah jeung nomor télépon anu henteu ditulis.
Henteu salah, anjeun
téh mojang anu ahéng. Boa mojang pinilih anu salila ieu ditéangan ku kuring.
Rarasaan, kakara sakali ayeuna kuring diteungteuinganan ku mojang. Biasana,
kakara ogé wawuh, ditanya nomor téléponna, langsung méré alamat imah jeung
kasanggupan pikeun daék diajak ulin ka mana waé ogé. Enya, biasana kitu, da
unggal mojang di kampus ieu, malah di kota ieu, apal saha ari kuring.
Ari anjeun naha henteu
apal saha ari kuring, Rengganis? Asa pamohalan. Sakanyaho kuring, ngan tiluan
mahasiswa anu ka kampus kungsi maké lamborghini. Isas, Duléh, jeung kuring,
Isas budakna Ketua DPR. Duléh budakna pengacara kawentar. Ari kuring, budak
pengusaha rékanan pamaréntah anu rutin meunang proyék-proyék miliaran rupia. Lamun
henteu dicaram ku si Papah, mobil anu hargana tujuh milar téh unggal poé dibawa
ka kampus. “Entong nyolok mata buncelik,” ceuk Papah, duka naon maksudna.
Nya sapopoé ka kampus
kuring maké BMW X6. Kakara ku mobil anu hargana hiji satengah miliar ogé, apan
sakabéh mahasiswa nyarisi. Ogé dosén, henteu aya anu wani méré niléy D, komo E.
Anjeun mah meureun
mahasiswi anu henteu gaul, Rengganis. Kakara anjeun anu wani nolak diajak kana BMW
X6. Basa anjeun keur nungguan angkot, kuring ngeureunkeun mobil di hareupeun
anjeun, terus nurunkeun kaca mobil. Tapi anjeun saukur imut, nyebutkeun nuhun
basa diajak, terusna mah lumpat nyampeurkeun angkot anu eureun di tukangeun
mobil kuring. Sableng...! ceuk kuring dina haté. Maenya mobil sagagah kieu éléh
ku angkot butut.
**
Bagian DUA
Lamun disebut kuring
kasinggung, enya mémang kitu kanyataanana. Haté téh asa henteu ngareunah. Beuki
ditolak asa beuki inget waé. Anjeun téh enya-enya mojang anu istiméwa,
Rengganis. Ngan anjeun anu henteu sérab ku guluburna mobil méwah. Atawa meureun
sakadar halangan, tangtangan pikeun meunangkeun anu rada istiméwa. Kudu aya
perjuangan saeutik mah. Da sanggeus méréan, terus nuturkeun kahayang kuring,
anjeun ogé henteu béda ti mojang anu séjenna.
Matak hiji soré mah
kuring megat anjeun, mikeun kado bonéka ‘paha ayam’ anu keur populer. “Selamat
ulang taun,” ceuk kuring.
Anjeun kerung. “Saha
anu ulang taun?” Anjeun kalah malik nanya.
“Apan dina facebook.”
“Eta mah ulang taunna
si Empus, ucing abdi,” ceuk anjeun bari imut. “Nuhun, tapi si Empus mah henteu
tiasaeun nangkeup bonéka. Candak deui waé nya.”
Kuring henteu bisa
ngomong nanaon deui basa anjeun ngucapkeun salam terus ngaléos.
Hiji isuk kuring
ngéngélék buku. Anjeun imut basa kuring ngasongkeun buku anu dibungkus keretas
kado.
“Kanggo saha?” ceuk
anjeun.
“Muhun kangga anjeun,
apan resep maca.”
“Kamari dina télévisi,
aya bupati ditéwak ku KPK alatan masihan kado ka Ketua MK,” ceuk anjeun. “Tah,
masihan hadiah, kado, tiasa janten haram upami aya kahoyong. Masihan mah kedah
ikhlas, sodaqoh kasebatna. Sodaqoh lebet kana salah sahiji perkara anu henteu
pegat ku maot.”
“Muhun, apan ieu ogé
sodakoh.”
“Upami sodaqoh mah
kedah ningali heula jalmina. Seueur kénéh anu langkung hak batan abdi,” ceuk
anjeun. “Engké ogé ngartos nyalira.”
Henteu weléh imut éta
ogé anjeun mah, tapi matak lieur, henteu pikahartieun naon anu diomongkeun ku
anjeun téh. Meureun anjeun mah moal éléh ku hadiah, ku mobil méwah, ku pakaya
séjénna. Anjeun mah leuwih ngahargaan omongan, jangji, atawa anu sabangsa kitu.
Matak hiji isuk ngahaja megat anjeun di buruan kampus. Anjeun ngarénghap
panjang pisan basa ningali kuring nyampeurkeun.
“Naon atuh maksad Akang
téh saleresna? Mani asa unggal dinten ngaganggu abdi. Sms, inbox facebook,
misscall, hadiah-hadiah. Abdi mah henteu ngartos,” ceuk anjeun. Ayeuna mah asa
aya nada ngananaha.
“Akang téh... cinta ka
anjeun, Rengganis,” ceuk kuring bari neger-neger manéh. Duka kunaon, kakara
adu-hareupan jeung anjeun kuring rampang-reumpeung siga kieu.
“Maksadna?”
“Cinta. I love you.”
Anjeun neuteup, terus
imut. Kuring henteu bisa ngabadé, naon hartina teuteup jeung imut anjeun. Da
kuring mah nyangka téh anjeun bakal ngambek. Terus nyeukseukan ku basa anu
henteu biasa diucapkeun anjeun. Tapi geuning henteu kitu.
“Sam, cinta mah ayana
di dieu,” ceuk anjeun bari nunjuk dada. “Sanés di dieu,” sambung anjeun bari
nunjuk soca. “Dunya urang téh béda. Naon anu ku anjeun dipikaresep, bisa jadi
malah nganyerikeun haté pikeun abdi. Naon anu ku abdi dinikmati, ogé can tangtu
bisa dinikmati ku anjeun.”
Sajujurna kuring henteu
ngarti naon anu ku anjeun diomongkeun. Atawa... meureun kuring henteu biasa
ditolak ku mojang. Lain henteu biasa, tapi acan kungsi. Matakna kuring hookeun
basa anjeun ngucapkeun salam, terus ngaléos.
**
Aya saenyana
pikiran pikeun mundur. Meureun enya, anjeun mah béda kelas jeung kuring. Mun
seug dibéjakeun ka sobat-sobat kuring, pasti pada satuju. Saha atuh anjeun, bet
wani nolak ka kuring? Pasti béda gaul. Apan liburan ogé kuring mah ka manca
nagara. Ngider Eropa, ngaprak Amerika, ngadon reureuh di Australia. Ari anjeun,
paling ogé niis di curug Cindulang, jalan-jalan ka kebon entéh Ciwidéy,
popotrétan di Lémbang.
Tapi ari ras
deui inget, maksud anjeun mah lain ka dinya. Béda kelas anu dimaksud ku kuring
mah saukur dibédakeun ku pakaya. ‘Naon anu ku anjeun dinikmati can tangtu bisa
dinikmati ku kuring,’ anu ku anjeun diucapkeun, lain urusan pakaya anu
ngabédakeunana.
Enya, kudu jujur
waé, kuring téh henteu ngarti naon anu ku anjeun diucapkeun. Komo diémbohan,
geuning kuring henteu bisa mopohokeun anjeun. Unggal waktu anjeun asa beuki
ngajungjurigan. Isuk-isuk, beurang, soré, peuting; anjeun asa beuki kumawani.
Keur kuring sarapan anjeun imut dina taplak méja. Keur mandi anjeun
ngagalindeng dina séah cai. Keur disapatu anjeun ngeurad dina tali sapatu.
Matakna saminggu henteu manggihan anjeun, henteu neuteup anjeun, asa kasiksa.
Saha atuh ari
anjeun, Rengganis? Keur kuring, henteu hésé hayang nyaho saha-sahana hiji
mojang. Tinggal kumpulkeun sobat anu asana téh leuwih pas disebut pakacir.
Isukna apan kuring ogé geus nyakuan catetan. Ngaran anjeun téh Rengganis Putri.
Imah anjeun di jalan Lokananta no. 2. Bapa anjeun Yana Bengawan, juragan cilok
anu boga saratus roda dorong.
Lantaran henteu
kuat, hiji soré mah kuring lahlahan nélépon anjeun. Sakadar nanyakeun
séhat-henteuna, jeung nepikeun kahayang... hayang panggih deui jeung anjeun.
Tangtu waé kuring reuwas basa anjeun ngamanggakeun. Biasana apan anjeun nolak
ku basa anu ngareunah.
“Pami hoyong
tepang mah, wengi ayeuna abdi aya kegiatan sareng réréncangan. Akang ngiring
waé atuh,” ceuk anjeun. “Upami hoyong ngiring pangajianana, sumping sateuacan
Isya. Tapi upami hoyong tepang, teras ngiring acara nasi bungkus cinta, sumping
waé kinten tabuh sapuluhan.
Saenyana kuring
hayang apal naon waé kagiatan anjeun. Tapi ngadon campego ngadéngékeun
pangajian mah asa beurat haté téh. Pangajian, kecap anyar éta téh dina hirup
kuring mah. Matak kuring mah datang jam sapuluh waé. Ti imah téh nyalsé. Jalan
aya ku simpé. Simpé anu biasa. Mun seug unggal beurang siga kieu, meureun bisa
babalapan unggal waktu.
Di teras masjid
anjeun keur ngariung jeung sobat-sobat pangajian anjeun. Basa kuring turun tina
mobil, kakara engeuh anjeun téh keur misah-misahkeun nasi bungkus. Diitung téh ku
haté aya kana dua ratusna nasi bungkus téh. Anjeun nyampeurkeun basa ningali
kuring. Terus ngenalkeun kuring ka sobat-sobat anjeun. Sobat anjeun anu lalaki
mah ngarajak sasalaman bari teu weléh sareuri jeung arunggeuk. Ari sobat anjeun
anu awéwéna, saukur unggeuk jeung imut. Asa inget ka anjeun. Apan anjeun ogé
unggeuk jeung imut basa diajak sasalaman téh.
“Unggal malem
Jumaah, saatos pangajian, kami biasa ngabagikeun nasi bungkus cinta,” ceuk
anjeun nerangkeun. “Nasi bungkusna mah ti saha waé anu badé nyumbang. Seueur
donatur anu unggal malem Jumaah masihkeun nasi bungkus ka dieu. Kami ti
pangajian remaja masjid ngabagikeun ka saha waé anu sakirana layak dipasihan.
Seueur di empéran toko atanapi di taman kota anu patinggalolér da teu gaduh
tempat anu matuh. Aya ogé anu damelna wengi sapertos pegawai kebersihan jalan,
penjaga pintu rél keréta api, sareng anu sanésna. Ah, pokona mah ngiring waé.
Wios mobil mah parkir waé di dieu. Sadayana ogé ngaranggé motor, urang konpoy
ngurilingan kota.”
Kuring diboncéng
ku Nathan. Rombongan motor téh ngabring. Di péngkolan misah samotor-samotor.
Réngsé ngabagikeun nasi bungkus cinta téh kuring mah mulang. Tapi bet
sapeupeuting henteu bisa saré. Peuting isukna kitu kénéh waé.
Ras inget basa
nuturkeun Nathan, ngageuingkeun saurang ibu jeung dua urang budakna anu umurna
paling ogé lima jeung tujuh taun, anu keur pating raréngkol di empér toko.
Sarung jeung bantalna anu ledrek kaangseu bau hapeuk. Basa maranéhna beunta,
ningali tilu pincuk nasi bungkus, belenyéh seuri. Seuri anu henteu weléh
ngalangkang dina ingetan kuring. Kuring hareugeueun, molohok ngarakacak, basa
ningali maranehna terus harudang, ngumbah leungeun ku cai mineral, terus
ngahuap nasi bungkus mani cecelebekan. Basa maranéhna ningali ka kuring anu
molohok, maranehna seuri siga anu éra. Duka kumaha rarasaan kuring harita. Naha
héran, sedih, asa aya anu nyelek kana tikoro, asa aya anu ngarakacak kana haté.
Ah, kuring henteu bisa ngagambarkeun rarasaan sorangan.
Sapanjang jalan
balik, pikiran kuring mah duka aya di mana. Ampir unggal peuting jalan-jalan di
kota téh diliwatan. Tapi si ibu jeung dua urang budakna anu patingraréngkol di
empér toko henteu kungsi katingali. Ah, pasti lantaran kuring henteu
merhatikeun maranéhna. Maranéhna téh euweuh dina uteuk kuring mah. Da mun seug
aya, kumaha carana bisa nikmat ajojing atawa suka-seuri di karaoké?
Saentas
pangalaman peuting harita saré henteu tibra dahar henteu puguh. Ngan ka anjeun
kuring balaka siga kieu. Kuring yakin, anjeun mah moal nyeungseurikeun.
Nyeungseurikeun pedah dina haté téh rabeng pananya; si ibu jeung dua budakna
anu patingraréngkol di émpér toko naha unggal peuting maranéhna peureum bari
beuteungna mah kukurubukan? Apan seuri siga anu éra maranéhna, carana ngahuap,
matak nyérédét ningalina. Sabaraha ratus, atawa ngarébu, malah ngajuta mungkin
waé; anu nasibna siga kitu? Basa kuring dahar lantaran lapar geus henteu
katahan, kabayang deui seuri si ibu jeung dua budakna. Kumaha bisana kuring
dahar ngeunah atawa ulin hura-hura saperti biasana lamun rarasaan siga kieu?
Ingetan ka
anjeun ogé asa éléh nyérédétna, Rengganis. Aya samingguna kuring henteu ka
kampus, henteu kamamana. Kuring asa jadi Sidharta dina film Little Budha.
Sidharta, putra raja anu kakara engeuh horéng di luareun agréngna istana
karajaan, rabéng kasangsaraan. Basa hiji isuk kuring ka kampus da aya jadwal
ujian, anjeun nungguan di tangga ruang kuliah.
“Tos lima dinten
abdi ngantosan,” ceuk anjeun. “Manawi téh rarieut da henteu biasa tumpak motor
wengi-wengi.”
“Ieu ogé masih
rarieut,” témbal téh.
“Alhamdulillah ayeuna
tos tiasa ka kampus. Asa hoyong ngadongéng ka Sam téh. Tapi henteu ngobrol
langsung. Asa beurat, henteu ngidinan ieu haté, upami kedah paduduaan. Abdi
ngintun email waé.”
Kuring unggeuk.
“Mangga. Tapi anjeun masih lepat. Akang téh masih rarieut.”
Anjeun imut,
duka naon hartina.
**
BAGIAN TILU
Assalamualaikum
warahmatullaahi wabarakaatuh
Sam, kamari mah
aya rasa kasieun, sieun anjeun kateterusan rarieut. Naha lantaran tumpak motor
tengah wengi? Abdi ngadoa, mudah-mudahan anjeun henteu kitu. Alhamdulillah,
anjeun tadi aya ka kampus.
Bingung ogé
saenyana, kedah ngawitan ti mana ngadongéng téh. Anu jelas mah, punten, sanés
badé takabur atanapi sombong, upami abdi ngadongéngkeun ngabagikeun nasi
bungkus cinta téa. Tos lami abdi sareng kelompok pangajian ngabagikeun nasi
bungkus cinta unggal malem jumaah. Sering abdi mah bari nahan anu nyelek dina
haté sareng kongkolak panon. Sabada ngabagikeun nasi bungkus cinta téh,
saatosna di bumi, sok teras solat tahajud. Tah nuju tahajud mah anu nyelek téh
tara kabendung deui. Abdi sok ngagukguk, kanyenyerian, bari henteu paham pisan
naon sababna. Haté téh henteu weléh guligah. Ah, kumaha atuh Sam ngadongéngkeun
perasaan sapertos kieu?
Malem Jumaah
kamari ngahaja ngajak anjeun téh. Ngarah anjeun terang sabagian dunya abdi.
Naha anjeun menikmati ngabagikeun nasi bungkus cinta? Maksadna, sanés menikmati
jalan-jalanna, atanapi sakadar terang yén seueur anu miskin di kota urang ogé.
Tapi leuwih kana perasaan terharu, guligah. Kumaha perasaaan anjeun, Sam?
Ah, meureun
anjeun mah biasa waé. Atawa malahan asa kasiksa, tiris, bari kutuk-gendeng. Anjeun
mah apan henteu biasa tumpak motor ngurilingan kota. Anjeun mah apan ka
mana-mana biasa tumpak mobil méwah, pésta-pésta, hiburan malam, diskotik,
kleub-kleub anu baleunghar. Lamun seug abdi siga anjeun, pasti abdi mah asa
kasiksa. Kumaha tiasana menikmati anu salami ieu biasa ku anjeun dilakukeun?
Asana téh moal tiasa da abdi mah kantos ngalémbéréh cimataan basa ningali
saurang aki-aki anu keur ngaréngkol di émpér toko ngoréjat gugah basa ningali
nasi bungkus anu disimpen gigireunana, teras ngahuap rusuh siga anu sono pisan
kana sangu.
Punten, Sam,
sakali deui, sanés abdi takabur atanapi sombong. Ngadongéng téh saukur hoyong
ngadugikeun wungkul, urang téh dipisahkeun ku dunya anu béda. Naon anu ku abdi
dinikmati teu acan karuhan tiasa dinikmati ku anjeun. Naon anu ku anjeun
dinikmati tiasa janten malah nyiksa keur abdi mah. Apan salain ngabagikeun nasi
bungkus cinta, abdi mah janten voluntir, sukarélawan, di rumah singgah, di
organisasi siap tanggap bencana. Abdi mah tos biasa berangkat rombongan ka
tempat bencana.
Rarasaan téh,
abdi mah moal tiasa ngécagkeun janten sukarélawan siga kitu. Da abdi mah
menikmati. Dasarna mah meureun urang ogé sami, Sam, réa kakurangan. Abdi mah
jalmi anu réa kakurangan. Meureun merhatikeun ka sasama anu katideresa téh
pedah pangalaman.
Abdi téh putra
kukutna Pa Yana. Ti umur tujuh taun abdi dicandak ka kota, disakolakeun,
dipikanyaah teu béda ti ka putra pituin. Aslina mah abdi téh urang kampung
manjang-munjung, kampung mencil di sisi gununung. Kulawarga abdi; apa, ema,
sareng saurang adi anu nembé opat taun, ngantunkeun basa aya longsor.
Di lembur abdi,
kampung Nangtawing katelahna, upami halodo garing téh karasa dugi kana tikoro.
Upami usum hujan, asa dina tungtung cilaka. Longsor, gelap, saperti tungtung
balati anu tiasa nancleb iraha waé.
Tapi pikeun
barudak Nangtawing, henteu aya lembur pangimpian iwal ti Nangtawing. Ti mimiti
dijurukeun, abdi ngarasakeun sangu huma Nangtawing, ngaleguk cai anu mancer
tina taneuhna, nyeuseup hawana. Samiskin kumaha ogé Nangtawing, dina haté abdi
mah nempatan bagian anu éndah.
Upami hiji waktu
anjeun aya niat ka Nangtawing, Sam, tong ngabayangkeun siga anjeun ngajugjug ka
pakampungan séjénna. Ti jalan raya téh naék angdés dugi ka jalan désa anu
batuna renjul téa geuning. Teras kana ojég, aya kana sajamna. Jalanna nanjak,
renjul, laleueur upami ngijih mah. Moal lebet mobil da lébarna ogé sed wé
sakedik ti jalan satapak.
Tapi jarang aya
urang Nangtawing anu wani tumpak ojég, da puguh mayarna ogé dugi ka saratus
rébuna. Artos sakitu téh mending dipésérkeun kana uyah, tarasi, tarigu, emih,
anu henteu tiasa dipelak di Nangtawing.
Upami badarat,
satengah dinten nembé dugi. Éta ogé upami henteu aya istilah kalangsu saperti
anu anyaran ka Nangtawing bari henteu dianteur ku urang dinya. Salaku barudak
Nangtawing, abdi henteu tiasa leupas tina kanyaah ka lembur. Matakna abdi mah
hoyong geura diwisuda, didamel bari ngumpulkeun artos kanggo engkéna ngajar
barudak di Nangtawing. Sakola anu ayeuna aya apan kedah dijugjug ngalangkungan
sisi leuweung, pasawahan, walungan, aya kana dua jamna. Barudak Nangtawing mah
tos biasa deui guyang meuntas walungan bari nanggeuy acuk seragam sareng buku
da sieun kabaseuhan.
Kitu Sam, abdi
mah meureun tos biasa menikmati perasaan anu katideresa. Matakna abdi téh asa
henteu pararuguh ogé dicaketan ku anjeun, malah terasna mah nyebatkeun cinta.
Cinta téh naon anu aya dina pikiran sareng perasaan anjeun, Sam? Cinta mah sanés
anu jolna tina soca, tapi anu karaos dina haté. Kukumaha ogé urang téh kedah
ngalatih cinta sapertos kitu.
Jujurna mah,
abdi kaganggu ku anjeun, Sam. Abdi mah gaduh impian téh hoyong geura wisuda,
geura tiasa milarian artos anu seueur, pikeun ngangkat darajat saha waé anu
katideresa. Barudak kalantar, yatim piatu, barudak kampung saperti Nangtawing. Janten,
hapunten Sam, abdi ngaharep, tong ngaganggu deui ka abdi upami saukur
katarik-ati ku penampilan abdi, pameunteu atanapi imut abdi. Tapi upami anjeun
milarian abdi, milarian perasaan anu aya dina haté abdi, abdi mah aya dina imut
sareng kasedih jalmi-jalmi anu katideresa. Abdi aya di antara maranéhna, dina
haté maranéhna. Upami anjeun peka mah Sam, perasaan kitu téh nyampak ogé dina
haté anjeun, dina bagian haté anjeun anu poék sareng kotor da boa anjeun tos
mangtaun-taun henteu nyaangan sareng ngaberesihanana.
Tong sedih upami
email ieu henteu nyugemakeun. Hapunten abdi.
Baktos
Rengganis
**
Kumaha carana kuring
bisa mopohokeun anjeun, Rengganis? Kuring apan geus kalangsu dina perasaan
anjeun anu nguwak-ngawik. Nasi bungkus cinta téh titik-balik keur kuring mah.
Apan saentas ngabagikeun nasi bungkus cinta kuring henteu bisa tibra henteu
ngareunah dahar. Sakabéhna kagantian ku cimata anu sering nyurudcud. Kumaha
kuring bisa mopohokeun anjeun sanggeus haté kuring ogé kieu? Kuring réla
ngaleupaskan kabiasaan salila ieu sangkan bisa menikmati perasaan anjeun. Ogé,
kumaha bisana menikmati ulin, hura-hura, sanggeus perasaan siga kieu?
Matakna kuring
guligah basa anjeun henteu aya waé di kampus. Kakara kuring sadar, kunaon
kampus jadi simpé, apan mimiti libur seméster. Lahlahan kuring ka imah anjeun,
ngobrol jeung bapa angkat anjeun anu bageur jeung akuan. Cenah, anjeun keur aya
di Nangtawing pakanci ayeuna téh. Ari kuring, hayang geura jonghok jeung
anjeun. Rarasaan téh asa réa rencana anu hayang ditepikeun ka anjeun.
Isukna kuring
miang ka Nangtawing anu petana dituliskeun bapa angkat anjeun. Hujan awal usum
ngijih ngecrek ti kuring turun di jalan raya. Ojég henteu bisa laju da sering
tisorodot. Kapaksa kuring badarat, dianteur ku si bapa anu bakal nuduhkeun
jalan. Harita téh adan lohor acan lila ngalanglaung.
Nepi ka
Nangtawing téh geus poék mongkleng. Adan magrib aya kana satengah jamna. Pakéan
sarwa baseuh da kuring henteu mawa jas hujan. Ngan tas eusi laptop jeung kaméra
anu kabunian téh. Sabataé, nepi ka Nangtawing ogé meureun bisa mandi terus
siduru, ceuk haté.
Tapi kumaha bisa
reureuh, siduru bari ngopi, da Nangtawing henteu waé masih diguyur ku hujan jeung
burinyay gelap, tapi ogé diguyur ku cimata jeung jerit kanyenyerian. Anu tadi
sora ngaguruh téh geuning longsor anu ngubur sababaraha imah. Ari anjeun di
mana, Rengganis? Kuring tumanya ka ditu ka dieu. Tapi ibu-ibu anu ditanya kalah
ngaringhak narikan. Lalaki ngagarali longsong ku pacul jeung alat séjénna.
Cenah, barudak maranéhna ogé acan kanyahoan nasibna. Barudak téh keur dialajar
di saung anu karuang longsor. Anjeun apan anu ngajarna, Rengganis.
Peuting harita
kuring ngilu ngagali taneuh, terus ngagali. Hujan tinggal girimisna. Gelap
tinggal burinyay di kajauhan. Tapi sora anu careurik beuki narikan, ngagukguk
kanyenyerian. Kuring terus ngagali longsor. Bari haté mah henteu puguh
rasakeuneunana. Enya ogé kuring yakin, yakin pisan, anjeun aya di dieu, imut
aya ku éndah, ngabaturan saha waé anu katideresa.
Dina haté
kuring.
****
Pamulihan, 6-7 Pebruari 2015
Mangle no 2530, 4-10 Juni 2015
0 Response to "RENGGANIS"
Posting Komentar