Jejak Kata :
Home » » CINTA

CINTA

Written By Mang Yus on Minggu, 17 April 2016 | 21.56

Mangle no 2440, 5-11 September 2013

Isuk-isuk. Kopi panas. Roti bakar. Maca koran. Aya ku éndah. Ceuk barudak tukang bangunan anu keur ngabangun pertokoan di tukangeun imah téa mah, hédod bin meredod cenah, duka naon hartina. Batur mah wanci haneut moyan téh keur babalapan di jalan anu renjulna audzubillah. Maksud téh babalapan indit ka kantor atawa tempat gawéna masing-masing. Lamun henteu babalapan sabar mengantri da macét di mana-mana. Ceuk barudak téa mah, nanya di wewengkon mana di Bandung anu macét téh tos henteu tepat deui ayeuna mah. Kedah dibalik nanyana, wewengkon mana di Bandung anu henteu macet?
“Ari Bapa, enjing-enjing tos hédod meredod. Kopi panas. Roti bakar. Maca koran. Wah, kenikmatan dunia ahérat éta mah, Pa,” ceuk si Sarjang hiji isuk. Kuring ukur ngahéhé.
Tah poé ayeuna. Isuk-isuk ayeuna. Ngahéhéh téh jadi ngahahah. Êta atuh da sakadang wartawan, nulis berita téh aya-aya waé. Kieu geura berita di pojok koran téh:
“Kahuruan di rumah sakit kamari soré. Seuneu ngabebela. Ampir sakabéh ruangan kaduruk. Tapi teu aya korban jiwa dina ieu kahuruan. Ngan hiji mayit kabur ngajleng kana kaca nako anu dipeupeuskeun. Êta mayit téh diuber ku satpam. Nepi ka ieu berita ditulis éta mayit acan katéwak.”
Sok, teu hayang seuri kumaha? Maenya aya mayit kabur? Koran téh ditilepan, lung wé ka kolong méja. Roti dicocog ku garpu, lep kana kopi susu, am bari peureum beunta.
Ampir ngajleng bakat ku reuwas. Karérét ku juru panon aya anu dedepongan di sisi pager belah katuhu. Saha? Keur naon? Disidik-sidik papakéanana, asa nyeplés jeung ciri-ciri anu ditulis koran. “Ciri-ciri éta mayit maké kaos oblong bodas, calana kamprét bodas, iket bodas, kulit jeung rambut ogé bodas. Jadi lamun henteu pangalaman mah, éta mayit téh moal katingali,” ceuk koran.
Kuring nangtung hayang beuki sidik. Geus yakin mah ngan gorowok wé, “Hey... manéh mayit anu kabur, nya?”
Anu dodongkoan téh reuwas. Kaciri ngagebegna. Henteu ngalieuk-lieuk acan ka kuring anu ngagorowok, ngan berebet wé nu dodongkoan téh lumpat. Lumpat sakalumpat-lampet téa sigana mah, da éta wé kotakan kekembangan anu di sisi jalan diajlengan. Mobil ngaerém ngadadak da rareuwaseun. Tud-tid sora klakson. Kuring ogé anu ngudag henteu asa-asa ngajlengan pot anthurium, laju ka tengah jalan bari disampakkeun kukulutusna anu tarumpak motor, supir mobil, panumpang anu medet minuhan angkot jeung beus kota, pulisi anu ti tadi prat-prat prit-prit teu puguh.
“Hey mayit... dicangkalak siah ku déwék!”
Saterusna mah siga adegan dina film Slumdog Millionaire basa Jamal Malik keur budak diudag-udag pulisi. Ngaliwatan tempat-tempat runtah. Imah-imah anu padémpét. Walungan anu caina hideung kintel paselang jeung runtah anu ngambang. Kantong plastik teuing eusi naon, bantal butut, kolor soék, bangké hayam, korsi plastik potong, dus donat. Manéhna lumpat babalicetan ka gang-gang leutik siga anu taya kacapé. Atuh kuring, maenya urut pamaén Persib éléh jajatén ku pantar kitu. Bédana téh, Jamal Malik mah apan di India. Ari kuring apan di Enonesa. Mun seug dipirig ku kendang jeung tarompét, sigana adegan ieu bakal sarua populer di sakuliah dunya.
Katéwak sotéh dibantuan ku anjing ngaliwat. Kuring naék kana suhunan-suhunan imah. Manéhna kakara kaluar ti gang pasangrok jeung anjing anu ogé lumpat da sieun dibalédog ku tukang béca. Teu diengkékeun deui kasempetan téh. Ngan gabrug wé dirontok. Atuh kuring jeung manéhna ngagulitik. Barang cengkat, nempo manéhna anu ogé kakara cengkat, ngan gebeg téh ngagebeg anu teuing kasabaraha kalina. Horéng manéhna téh... raga kuring anu kabur basa kuring keur saré.
“Geuningan... maneh?!” ceuk kuring padu engab.
Manéhna siga anu ngaherengan. Kecrot wé nyiduh. Reuwas deui waé.
“Kunaon ari manéh? Ambek manéh téh ka déwék?”
Manéhna muncereng. Pokna téh kasar jeung garihal: “Nya heueuh deuleu! Pantes aing mah rék ambek, rék ngamuk, rék maéhan ka sia ogé!”
“Jiééehhh... na ku naon kitu kasalahan déwék?” pok téh rada diheureuykeun. Maksud mah ngarah manéhna henteu garihal teuing.
“Jah-jéh jah-jéh ngabageuran, goblog! Aing moal beunang kaolo deui ayeuna mah. Sia anu ngacowkeun mah. Mangtaun-taun aing balem, ngantep kalakuan sia, siana lain mikir tapi kalah ngacapruk!” Cenah ceuk si mayit bari tutunjuk.
Mimitina mah rumasa kana anu dituduhkeunna téh. Tapi basa curukna mani bentik-bentik waé tutunjuk, ngan nyel téh ngilu ambek.
“Naon kasalahan déwék? Sia anu puguh salah mah. Sia kabur teu pupuguh. Euweuh dina kateranganana siah! Biasana ogé kudu gering heula, atawa kacilakaan, atawa gagal jantung ngarah téréh mah, kakara manéh bisa merdéka. Ieu mah déwék keur saré, keur tibra ngimpi anu araréndah, sia kabur. Nangtang kodrat siah! Matak dilaknat ku malaikat siah!”
”Dilaknat enggeus aing mah! Dilaknat ku kalakuan sia! Deuleu yeuh aing saenyana....” Manéhna ngabuka baju anu sarwa bodas. Bleg téh awak sabeuleugeunjeur anu hideung lestreng. Ngan rambut anu ngeplak bodas. “Tah, tarang siga areng kieu bakat ku sia dipake mikir anu teu araruni. Paribasa sia mah, tidak ada sahabat dan lawan abadi dalam politik, yang abadi adalah kepentingan. Nya, sia jadina mikir keur kapentingan sorangan. Asal ngeunah sorangan. Lain jelema siah anu kitu mah. Jadi wé maung, sia bisa nekuk saha waé. Maung mah nekuk téh keur baranghakan. Ari sia, nekuk téh keur kukumpul harta. Meuli imah di ditu di dieu, mobil welasan, usaha mangpuluh-puluh, pamajikan bacacar henteu puguh susuratanana. Keur naon, goblog! Sia paéh mah moal digubug anu kitu mah.”
Napas mimiti ngahégak ngadéngé pok-pokanana anu sompral garihal.
“Ieu leungeun lestreng kieu ku naon? Ku dosa deuleu. Unggal waktu ngan dipaké kutrat-kotrét teu araruni. Nipu siah manéh téh. Suku ieu, ngan dipaké ngaléngkah ka tempat-tempat pikarujiteun. Beuteung ieu tah bureuteu, naon eusina? Dosa deuleu da loba teuing nelegan barang haram. Mikir atuh sia téh, lain ngabetem waé!”
Mikir mah lieur. Ngan gajleng wé manéhna ditubruk. Atuh kuring jeung manéhna gugulitikan. Terusna mah silihcakar silihtajong silihtonjok silihtampiling. Késang ngoprot. Burad-baréd buhak-bohak ruhat-raheut, rarasaan téh di mana-mana. Tungtungna mah ngalungsar duaan di solokan saat. Pagigir-gigir. Geus kitu ger téh hujan. Nu peurih beuki kapanggih nu nyanyautan beuki karasa. Tapi anu leuwih  peurih jeung leuwih nyanyautan mah geuning ayana di jero. Di jero dada.
**
Ti harita tara patanya jeung manéhna. Pasangrok ogé di jalan ngabalieur. Maksud téh, kuring ngabalieur, manéhna ngabalieur. Terusna kuring mah ubar-aber ka ditu ka dieu. Da puguh haté téh asa jadi bayeungyang. Hareudang. Sakapeung hayangna téh ceurik ngagukguk. Asa nyeri haté téh. Nyeri teuing ku naon.
Mapalérkeun haté resepna téh ka tempat-tempat simpe. Asruk-asrukan mileuweungan. Ngadon ngaheruk dina batu demprak di tengah leuweung gerotan. Top maung top badak top oray top jurig nyiliwuri, ceuk haté. Da puguh baluweng. Teu puguh rarasaan.
Keur niis mah, keur ngararasakeun ciibun nyerep kana embun-embunan, bet tingkolébat manéhna. Naha maké kudu paréa-réa omong, salingtunjuk, papuket galungan. Asa henteu kudu nepi ka kitu. Bener sakabéh anu diomongkeunana téh. Bener pisan. Atuh kasar jeung garihal, meureun teu kaampeuh nyidem kateupanuju anu geus lukutan.
Rasa nyaah téh ka manéhna bray-brayan deui. Kuring meureun anu geus poékeun. Mangtaun-taun, boa sapanjang inget, hirup téh merekedeweng. Apan sakali aya anu ngingetan ogé kalah malik ambek. Padahal henteu sakuduna kitu. Manéhna téh boa nyaah. Nyaah saperti kuring ka manéhna.
Leumpang téh ngalénghoy. Taya tangan pangawasa. Mipir-mipir pasir mapay-mapay padesaan. Hayang geura amprok jeung manéhna. Hayang nangkeup tipepereket. Hayang nyuuh. Rek balaka, kuring anu telenges téa mah. Enya kuring.
Panggih téh di tempat gelut téa. Salila-lila kuring ngahuleng, neuteup palagan tempat papuket. Beuki inget beuki nyeri ieu haté. Asa henteu kudu nepi ka kitu. Êbat sotéh pédah karérét aya anu ngajanteng di handapeun tangkal kérsen. Anu ngajanteng ogé keur neuteup ka tempat anu sarua jeung kuring.
Sidik. Anu ngajanteng téh manéhna. Sakali séwang silihrérét. Ieu haté teu kuat hayang geura ngagabrug. Tapi bet kapiheulaan ku hujan. Hujan ngagebrét. Sorana séah. Teu mikir deui, berebet wé kuring lumpat. Manéhna ogé sarua lumpat, muru ka kuring. Terusna mah siga adegan slow-motion dina film-film baheula geuning. Kuring jeung manéhna silihgabrug. Paungku-ungku. Leungeunna meulit tipepereket.
“Geus waktuna urang téh silihsalametkeun,” ceuk manéhna. Kuring unggeuk. “Kukumaha ogé, urang téh silihpikanyaah.” Kuring unggeuk deui. Hujan masih ngagebrét. Séah.
“Menggeus... menggeus... tong épés méér. Kukumaha ogé maranéh téh bakal papisah,” ceuk anu ngaliwat. “Sakeudeung deui waktuna ogé.”
Kuring jeung manéhna silihrérét.
“Saha?” ceuk kuring.
“Meureun Izroil,” jawab manéhna.
Kuring ngagukguk. Hujan masih ngagebrét. Séah. ***

Juni 2013

Mangle, 5 September 2013


Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni