SI KOBRA NEANGAN KORONA - Carpon Mangle

 


Tungtung taun 2019.

Si Kobra sibeungeut ku cai keran WC. Gigisik sababaraha kali. Tuluy dikeureuceum-keureuceumkeun, siga anu kapireungpeunan. Sanggeus pangrasana béngras, nempo deui ka sakuriling pasar. Tapi terus sibeungeut deui, gigisik deui, keukeureuceuman deui.

Tadi di imah saenyana manéhnya geus sibeungeut. Tapi manéhna henteu ngarti ku téténjoanana. Pasar téh kosong. Molongpong. Entong boro di luar anu biasana mah pinuh ku anu dadasar nepi ka sisi jalan. Di jero pasar ogé ngan hiji-dua kios anu muka.

Tangtu waé ieu téh pangalaman munggaran pikeun Si Kobra anu umurna leuwih ti 40 taun. Téténjoan munggaran salila dua puluh taun “ngawasa” Pasar Malébér. Naha pasar molongpong siga kieu? Pasar Malébér anu hartina nu dagang lébér nepi ka luar wawangunan pasar, pinuh ka sisi jalan, kakara ayeuna aya ku simpé. Kamarana anu dagang jeung anu baralanja anu biasana pabaliut?

Geus saminggu Si Kobra henteu ka pasar. Mimitina lantaran loba teuing nginum oplosan. Teuing inuman nanahaon anu dioplos ku Si Codét, sobat dalit anu ogé minangka wawakilna tina sagala kaperluan. Sababaraha poé sirahna leneng. Poé ayeuna rada cageur téh. Tapi basa ngajeueung pasar anu molongpong, Si Kobra ngarasa pangaruh oplosan téh masih ngawasa awakna. Matakna manéhnna sibeungeut, gigisik sababaraha kali. Tapi pasar angger molongpong.

***

 

Si Kobra nyampeurkeun Mamat, tukang parkir, anu keur cinutrung dina babaléan handapeun tangkal nangka. Panonna mencrong buruan pasar anu biasana mah pinuh ku motor jeung mobil anu parkir. Ayeuna mah buruan pasar téh molongpong. Saukur aya gorobag runtah anu ngabagug.

“Mat, pagawéan saha ieu téh, euy?” Si Kobra ngagorowok.

Mamat ngarénjag. Kapilanceukna nu ieu mah unggal ka pasar téh leumpangna ngagaléong, tina sungutna bau naga. Matakna balad-baladna nyaram Si Kobra mindeng ka pasar. Lamun aya musuh anu hésé diperuhkeun wungkul Si Kobra kudu nyanghareupan.

“Pagawéan kumaha, Kang?” ceuk Mamat henteu ngarti.

Si Kobra diuk di babaléan.

“Saha anu nitah ngosongkeun pasar?”

“Si korona, Kang.”

Si Kobra ngajleng tina babaléan. Tuluy pasaang kuda-kuda, tuluy metakeun jurus-jurus silat andelanana. “Goblog! Bangkawarah! Atah adol! Wani-wani mangkeluk téh! Urang mana manéhna, Mat?” sengorna.

Mamat seuri maur. “Lain mangkeluk siga urang, Kang. Manéhna mah....” Mamat henteu nuluykeun omonganana.

“Urang mana, Mat? Jujur siah, entong sieun! Aing Si Kobra! Henteu sieun ku saha waé ogé! Manéh henteu percaya? Goblog silaing, Mat!”

“Lain kitu, Kang. Si korona mah henteu katempo.”

“Hah! Sebangsa jin, dedemit, jurig nyiliwuri? Entong salempang, euy! Silaing apan apal, déwék kungsi galungan jeung anu ngageugeuh imah kosong. Dibura ogé ku panglay bari diparancahan si ludeung teuneung, kabur anu kitu mah!”

“Lain mangkeluh sabangsa kitu, Kang. Pokona mah henteu katempo! Tapi bisa ngabinasakeun manusa kalayan gancang. Sapoé dua poé kaserang, terusna kacaritakeun paragat,” ceuk Mamat bari ngasongkeun salambar koran anu kucel. “Ceuk koran, henteu saukur di urang. Tapi ogé di sakuliah nagara, malah di sakuliah dunya.”

“Sétan! Goblog! Mangkeluk siga kumaha si korona téh!” Si Kobra gegebés bari ngajéwang koran. “Ah, sia gé pikasebeleun, Mat! Apan aing mah henteu bisa maca!”

“Réa anu kaleungitan pacabakan, Kang. Anu daragang ngangluh. Nasib kulawarga uing ogé duka kumaha, Kang. Anu boga kontrakan nagih terus. Tong boro mayar kontrakan, keur dahar engké beurang ogé acan aya.”

“Si Nyai jeung Si Ujang, alo déwék, kumaha baranghakanna?”

“Uing mah henteu masalah puasa, Kang. Si Nyai jeung Si Ujang mah apan budak kénéh pisan, kakara lima jeung tujuh taun. Sakapeung mah henteu kuat ngajeueungna lamun dalaharna henteu waregeun téh.”

Si Kobra meureupkeun leungeunna.

“Pamaréntah cenah rék méré bantuan, Kang. Tapi bingungeun, lantaran henteu pati apal saha anu katalangsara téh. Matakna salah ngaheulakeun. Anu carukup dibéré bantuan. Sembako jeung amplop apan réa anu dipulangkeun deui!” Mamat siga anu manggih batur ngedalkeun katugenahna. “Anu maok di sisi jalan, ngaku wé kalaparan, kakara di-PHK, dipalercaya. Apan maranéhna mah baroga imah, boga buruan anu bisa dipelakan sayuran. Sedeng uing anu katalangsara nyaan, acan kabagéan béas sasiki-siki acan. Kamar kontrakan, gawé beuki teu puguh, ti baheula katalangsara, komo mangsa korona siga ayeuna. Ku désa angger ditolak lantaran henteu boga KTP di dieu. Rék kumaha boga KTP, Kang, tempat nyiruruk ogé apan ngontrak. Naha pagawé désa téh henteu percayaeun ka RT jeung RW? Mangsana pemilu, pilbup, pileg, pilpres, surat-surat datang henteu tatanya KTP.” Mamat siga anu rék ceurik.

“Tenang, Mat. Entong diaku lanceuk lamun déwék henteu bisa mantuan. Ku déwék ditéangan tah si korona koplok téh! Can nyaho manéhna, Si Kobra can kungsi kasoran nyanghareupan musuh anu kumaha ogé!”

Si Kobra ngagégag teuing arék ka mana. Mamat muringis

**

 Anu peryogi majalah Mangle Tilas, kantun klik wae: Mangle Tilas 10 Rebuan


Si Kobra leumpang didangah-dangah. Beungeutna bangkenu. Kumis ngajedig siga hileud bulu. Leungeunna meureup. Dua batu ali sagedé muncang dina leungeun kénca jeung tilu batu ali dina leungeun katuhu, ngagurilap matak gigis anu nyanghareupan.

Si Kobra inget, Si Topi Pét anu sok ngomongkeun mahluk goib téh. Manéhna mindeng nongkrong di pasar. Ngadon neuteup anu baralanja, sakapeung ngadu bako jeung anu daragang. Si Kobra jeung balad-baladna, Mamat jeung tukang parkir séjénna, apan sakitu akrabna. Enya, Si Topi Pét téh bageur. Unggal nongkrong di pasar, pasti wé neraktir kopi, roko, sakapeung balakécrakan sangu pincuk apan. Henteu réa jalma anu dipihormat ku Si Kobra. Tapi ka balad-baladna, Si Kobra mindeng ngingetan pikeun ngahormat Si Topi Pét.

Si Kobra masih inget alamat imah Si Topi Pét. Harita Si Topi Pét ngajak Si Kobra sabalad-balad pikeun lalajo tipi di imahna. Bari balakécrakan sagala disuguhkeun, maranéhna lalajo sinétron Préman Pasar.

“Tah, sinétron ieu téh mimitina mah tina dongéng maranéh. Matakna, sok tah roko jeung lalawuhna. Hayang dahar naon, urang pesen ayeuna kénéh,” ceuk Si Topi Pét. Si Kobra mah henteu pati ngarti. Tiheula manéhna kungsi diajak miluan sinétron, tapi henteu nerus obrolanna lantaran  Si Kobra henteu datang ka tempat anu geus dijangjikeun. Puguh harita téh sirahna lieur deui lantaran loba teuing nginum oplosan.

Pager imah Si Topi Pét horéng digembok. Si Kobra gogorowokan. Si Topi Pét muka panto. Bahamna dibungkus ku masker. “Aya naon?” cenah ngagorowok sanggeus muka masker.

“Uing rék nanyakeun si korona, Kang. Naha éta téh anak buah Akang?” Si Kobra ogé ngagorowok.

“Maksudna?”

“Si korona téh apan goib, henteu kajeueung ku panon. Akang apan mindeng ngomongkeun mahluk goib.”

Si Topi Pét ngadeukeutan. “Manéh kungsi bogoh, Kobra?”

“Bogoh ka saha?”

“Ka saha waé.”

Si Kobra nyengir. Leungeunna hideng meureup. “Tong ngacapruk, Kang!” pokna asa diheureuykeun.

“Goib anu mindeng dicaritakeun ku Akang mah anu kitu. Henteu kajeueung, tapi karasa.”

“Tah, kumaha lamun uing hayang ngarasakeun anu goib kitu, Kang. Tapi entong nitah bogoh. Uing geus kolot, Kang. Uing mah hayang néangaan si korona si bangkawarah.”

“Tah... kabeneran,” ceuk Si Topi Pét bari maju ngadeukeutan pager. “Akang boga amplop keur bagikeuneun ka saha waé anu keur kasusahan lantaran si korona. Tungguan, amplopna di jero.”

Si Kobra henteu ngarti sagemblengna naon anu diucapkeun Si Topi Pét. Tapi manéhna nungguan Si Topi Pét anu henteu lila gé kaluar deui ti imahna.

“Ieu aya 100 amplop. Bagikeun ka anu enya-enya barutuheun. Ayeuna téh réa anu katalangsara. Lamun manéh butuh ogé, mawa waé saamplop. Entong disebutkeun ti Akang. Bikeun wé, kitu gé cukup. Jeung entong bohong! Lantaran lamun bohong, manéh moal ngarasakeun anu goib téa. Tah, rasa anu goib ieu, lamun leungit ti diri manusa, leuwih pikasieuneun batan si korona.”

Si Kobra unggeuk. Manéhna panasaran ku si korona anu goib, komo ayeuna aya ogé rasa anu goib saperti anu disebutkeun Si Topi Pét. Si Kobra gancang manggihan Mamat, lantaran cenah kapiadina téh acan boga irongan keur dahar beurang. Horéng tatangga Mamat ogé anu sarua ngalontrak kamar leutik di sisi walungan, sarua katalangsarana. Maranéhna kontraktor kamar-kamar leutik jeung barau, pacabakan henteu tangtu, keur baringung lantaran beuki hésé néang kipayah enya ogé geus biasa nahan lapar.

Basa amplop dibagikeun, Si Kobra molohok mimitina mah. Tapi haténa terus ngarakacak basa aya nini-nini nginghak bari ngeukeuweuk leungeun Si Kobra. Mamat nangkeup bari neueulkeun beungeutna kana taktak Si Kobra. Mang Ubéd tukang panggul di pasar mah malah nyembah sagala.

“Geus dua poé barudak saukur kararaban kulub sampeu, hatur nuhun, Kang,” ceuk Mang Ubéd bari deku terus siga nu nyembah.

Réa deui kalakuan matak ngarakacak baca Si Kobra ngasongkeun amplop. Basa manéhna balik masih aya saamplop dina sakuna. Lima lambar saratus rébuan nonghol basa Si Kobra nyoékeun amplop. Si Kobra ngagebeg. Henteu nyangka manéhna eusi amplop sakitu lobana.

Tapi Si Kobra henteu handeueul geus ngabagikeun 99 amplop. Enya, apan haté jeung pikiranana ngarasakeun anu goib, rarasaan anu kakara harita kaalaman, rarasaan anu nyababkeun awakna leuleus najan henteu nginum oplosan, rarasaan anyar anu matak nyelek dina tikoro jeung tungtung panonna.

Si Kobra gagancangan balik bari ngusap anu ngalémbéréh dina pipina. ***


Mangle no 2810, 2-8 Desember 2020


KANAGAN : kumpulan carpon pinilih Mangle, mung 50 rebu




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SI KOBRA NEANGAN KORONA - Carpon Mangle"

Posting Komentar