Jejak Kata :
Home » » CALON MINANTU

CALON MINANTU

Written By Mang Yus on Minggu, 17 April 2016 | 21.48


Mangle no. 2522, 9-15 April 2015)


Bungah jeung rada geumpeur ditélépon budak téh. Ari kituna, kakara ayeuna aya obrolan ngeunaan bébénéna, calon minantu kuring cenah. Rarasaan téh budak leutik kénéh. Asa kakara kamari diaakod dipupunglu bari ngurilingan kebon binatang. Sakapeung ngilu nganteur ka PAUD. Resep ningali budak wanteran nyanyi Cicak Di Dinding di hareupeun kelas. Reueus ningali budak ngagalontong macakeun surat Al-Asr. Ari ayeuna, bet ngajak ngobrolkeun bébénéna, calon minantu kuring.
“Upami Apa sareng Mamah badé ka dieu, saéna mah dinten minggu,” ceuk Kinanti basa nélépon. “Minggu mah abdi sareng Kang Sutardi apan libur.”
Tulusna mah minggu pasosoré indit téh. Naék karéta api KRD ti stasion Bandung. Tadina mah rék indit ti isuk kénéh. Ngan duka kumaha, éta sang jikan, ujug-ujug ngaburudulkeun deui bebekelan tina kardus. Ranginang, brownies, jeung puas-pais diudulan.
“Brownies sareng ranginang mah henteu sawios kénging mésér,” cenah rada dareuda. “Tapi ari puas-pais mah asana téh mani henteu ngarareunah haté. Henteu sabulan sakali nganjang ka budak téh. Ari Si Nyai mulang ogé apan sok dipangmaiskeun lauk emas jeung hayam. Naha ari ayeuna maké kudu mésér ti pasar.”
“Maksad Mamah téh kumaha?” témbal téh henteu ngarti.
“Miosna urang sonten waé. Mamah badé mais heula.”
Kuring seuri ningali anu luwa-lewé. “Muhun mangga hoyong mais nyalira mah. Santéy waé atuh da urang mah sanés orang-sibuk,” pok téh.
**
Sugan téh poé minggu mah kosong KRD téh. Ari pék ngantri di lokét ogé mani panjang. Ari kituna, KRD mah enya-enya angkutan rahayat téh karasa. Ongkosna apan ngan saréwu lima ratus rupiah. Enya wé, sigana ti stasion Padalarang kénéh KRD téh geus pinuh. Da enya ogé sababaraha gerbong dipapay, alhamdulillah henteu kabagéa bangku.
Nyarandé téh di tengah gerbong. Dua dus oléh-oléh dijajarkeun di handap. Pamajikan mah kabagén diuk enya ogé néwél. Éta ogé pedah aya budak awéwé anu ngéléhan.
“Mangga Ibu calik, wios abdi anu tatih,” pokna téh bari nangtung. Da meureun cangkeul, pamajikan terus diuk bari sababaraha kali nyebut nuhun.
Budak awéwé téh diteuteup. Asa leuwih geulis batan tadi. Meureun pedah bisa ngarampa saeutik lelembutanana. Bageur budak téh. Nyaahan ka anu leuwih kolot. Pamajikan mah meureun katingali ripuh lamun nangtung. Leuwih ripuh batan manéhna. Kayungyun ku kituna ogé.
Umurna mah paling dua puluh taunan. Boa saumur jeung Kinanti, budak kuring, pas dua puluh taun téh tilu bulan kaliwat. Lulus SMU téh henteu terus kuliah Kinanti mah. Keur mah kuringna riweuh. Tas katipu ku anu ngorder katering henteu mayar-mayar.
“Taun payun wé hoyong kuliah mah. Ayeuna Apa nabung heula,” ceuk kuring harita. “Kinan mah kursus waé heula atuh. Atanapi bantuan Bi Iis di kios baso.”
Tapi Kinanti hayang nyiar pangalaman cenah. Nuturkeun babaturanana tadina mah, ngalamar ka pabrik tekstil di Rancaékék. Pada nawaran langsung gawé, asal aya panyogokna cenah keur anu manguruskeunana, lima juta rupiah.
“Apa mah satuju pami Kinan hoyong damel naon waé ogé, itung-itung nyiar pangalaman, asal tong aya sasagak-sosogok. Sanés apa henteu mampuh, tapi ti kapungkur ogé Apa mah henteu satuju ka anu karitu,” ceuk kuring.
Kinanti henteu némbal nanaon. Haté leutikna mah meureun manéhna ogé henteu satuju kana sagak-sogok téh. Ari pék, ngalamar biasa ogé geuning ditarima. Mimiti gawé mah dialanteurkeun ku saréréa. Maksud saréréa téh, bibina, uwana, amangna, ngarilu sapiriumpi. Kios baso ogé apan nepi ka nutup. Dua mobil nganteurkeun téh. Hayang seuri mun seug inget, budak téh apan pindahna ngan ka Rancaékék.
Saminggu tas nganteurkeun, indungna mah geus hayang néang deui. Kitu wé nepi ka  sababaraha bulan mah. Ari kituna budak nunggal apan Kinanti téh. Budak bageur, singer, pinter, hormat ka kolot nyaah ka dulur.
Geus aya kana lima bulan mah pleng wé tara dilongok-longok. Sabulan sakali mah budakna anu sok mulang. Atuh kuring jeung pamajikan anteng deui ngurus kios baso bari dibantuan ku dulur-dulur.
Taun kadua meureun ayeuna téh budak gawé di pabrik. Éta ogé ditawaran pikeun kuliah, tapi kalah gideug. Nabung heula cenah. Ari kamari ujug-ujug ngadongéngkeun bébénéna, calon minantu kuring cenah. Kinanti téh hayang rumah-tangga heula cenah.
“Kuliah ogé hoyong, tapi bari rumah tangga ogé apan tiasa waé,” cenah. “Kinan mah hoyong nikah muda. Supados henteu aya fitnah, tebih tina dosa.”
Rada ngahuleng mimitina mah ngadangu pok-pokan budak téh. Disidik-sidik budak téh, enya papakéanana asa rada béda ayeuna mah. Kurudungna henteu siga baheula keur SMU. Ayeuna mah panjang, nutup nepi kana dadana. Unggal mulang ogé salawasna maké gamis. Boa budak téh ngiluan kana pangajian-pangajian barudak ngora téa. Atoh aya, sieun ogé aya. Sieun budak sasab kana aliran sesat.
“Doakeun waé ku urang. Da Si Nyai mah geuning kalah beuki hormat ka urang ogé,” ceuk pamajikan. “Ari aliran sesat mah apan ka kolot ogé henteu hormat. Malah kolot ogé dianggapna musuh.”
**
Di stasion Kiaracondong  KRD téh eureun. Panumpang anu turun mah can aya. Tapi anu asup geuning ngantay kénéh. Anu sésélékét aya, hayang ngaliwat duka arék ka mana, da di tukang ogé sarua pinuh.
Aya aki-aki kadorong ngadeukeutan ka kuring. Jen wé nangtung di tengah, henteu kabagéan nyarandé-nyarandé acan. Késang renung dina tarangna. Sababaraha kali kopéahna dicuplak, hareudang meureun. Henteu babawaan nanaon. Tapi nyorangan ogé katingalina geus ripuh. Sampéanna ngadégdég. Siga anu rék sabru-brueun labuh.
Kuring ngarérétan ka panumpang. Ampir kabéh karolot. Aya ogé si Neng keur nyusuan budakna. Karunya lamun kudu nangtung téh. Di hareup aya sapasang rumaja, keur bobogohan sigana. Leungeun budak lalaki anu dijakét jeans nangkeup kabogohna. Duanana bari ngamaénkeun games dina tablét. Henteu rarat-rérét duanana ogé. Anteng téh lain heureuy. Abong aya laguna aya caritana, keur anu mabok cinta mah dunya téh asa anu duaan. Henteu apaleun kitu di hareupeunana aya aki-aki rék ngudupruk?
Sapok-pokeun jeung leungeun mani ateul hayang noél anu keur ocon. Cing atuh tong kamalinaan, enya ogé hak manéhna nempatan bangku da pangheulana datang. Kuring déhém dua kali, rada tarik. Budak lalaki si jekét jeans ngarérét, budak anu awéwé ogé nuturkeun ngarérét. Tapi terusna mah aranteng deui bari silihharéwos.
Ceuk haté, anu keur ocon téh lain henteu ningalieun aya aki-aki rék ngudupruk. Tapi duanana henteu boga itungan, henteu ngarampa kasusah batur, henteu aya rasa nyaah ka anu ripuh. Matak kuring gancang noél si aki.
“Aki, mangga nyarandé palih dieu,” pok téh bari méré tempat pikeun nyarandé. Si aki ngarénghap ngemplong, terus nyarandé bari nganuhunkeun. Kuring mah nangtung ogé rarasaan masih jagjag. Umur téh apan kakara 47 taun. Enya ogé tara olah raga tara fitnes, apan ukat-akut balanjaan di pasar ogé sarua jeung sport.
**
Mani ngagabrug Kinanti basa panggih jeung indungna. Atuh indungna ngagalentoran henteu cukup sakali-dua kali. Henteu ngabibisani enya ogé bulan kamari budak téh mulang. Da kahayangna mah jeung budak téh saimah deui siga baheula. Tapi nyaah anu henteu wijaksana meureun lamun kitu.
“Mana si Aa téh, Nyai?” ceuk indungna. Kuring mah ti tadi ogé henteu wani ngamimitian ngomongkeun perkara éta. Tapi ceuli mah mani rancung hayang geura apal.
“Saurna bada magrib badé ka dieuna. Tadi énjing téh saurna jajap heula ibuna berobat ka Bandung,” témbal Kinanti bari sura-seuri.
“Naha mani acan kungsi diajak ka Bandung.” Indungna nyeleksek siga anu henteu sabar. “Kenalkeun heula atuh ka Apa sareng Mamah, jalan-jalan heula. Si ibi, amang, uwa, mani hayang geura pendak cenah jeung calon Nyai.”
Kinanti imut siga anu éra. “Da pendakna ogé teu acan lami, Mah. Saurna mah Kang Sutardi téh guru ngaos di mushola di Majalaya,” cenah mimiti ngadongéng. “Nembé kenal ogé teras nga-sms-an. Abdi sieun janten kaawonan. Pendak kadua kalina waktos pangaosan di masjid Raya Cicaléngka, ku abdi disaurkeun alim di-sms-an. Anjeunna kalah nyarios hoyong ngahitbah. Abdi ogé apan kahoyong mah sapertos kitu. Alim lami-lami ta’aruf, komo bobogohan. Saur abdi, mangga pasihan waé waktos badé solat istikharah heula. Kang Sutardi malah hoyong pendak sareng Apa sareng Mamah, saurna badé ngahitbah langsung.”
Kuring mah henteu némbal nanaon. Sieun salah pok. Apan di lingkungan barudak pangajian mah, jojodoan téh kitu lumangsungna. Henteu aya bobogohan, henteu aya ulan-ulin komo silihcepeng leungeun silihtangkeup mah. Apan gancang walimah ogé cenah keur nyingkahan anu kararitu.
“Ari Nyai, atos istikharahna?” Indungna nanya deui.
“Wengina ogé abdi mah teras solat istikharah, ngadoa téh dipanjang-panjang. Hoyong énggal dicaketkeun, dihalalkeun, upami leres jodo abdi. Tapi ogé énggal ditebihkeun upami sanés jodo abdi anu saé.”
Rarasaan, umur dua puluh taun téh kuring mah acan mikir siga kitu. Boa batal haram ogé can bener-bener nyaho. Matak enya ogé ka budak, haté mah hormat. Kukumaha ogé, si Nyai téh leuwih soléh batan kuring. 
Bada magrib solat jamaah tiluan. Terus ngadoa. Can anggeus ngadoa téh basa aya anu ngetrok panto terus uluk salam. Kinanti anu ngojéngkang muka panto. Haté mah tagiwur. Puguh atuh bakal boga minantu, boga budak anyar, bakal papisah jeug si Nyai boa bakal leuwih lila da kudu nuturkeun ka mana salakina indit.
Kuring jeung pamajikan ka ruang tamu. Tempat kost Kinanti téh mangrupa imah anu aya dalapan kamar. Aya ruang tamu keur saréréa. Budak lalaki anu diuk dina korsi téh nangtung, rengkuh, basa kuring nyampeurkeun.
“Ieu Kang Sutardi téh, Pa, Mah,” ceuk Kinanti.
Budak lalaki anu arék nyolongkrong sasalaman téh ngarandeg. Terus tungkul. Leungeunna ngageter. Sukuna ogé ngadégdég, siga aki-aki anu nangtung di tengah gerbong KRD anu pinuh. Puguh kuring ogé apal ka budak lalaki ieu mah. Apal kénéh kana jékét jeans-na. ***

Pamulihan, 9-10 Maret 2015

Koméntar Rédaksi Manglé:
 Dina carpon Calon Minantu, Yus geus mampuh nyieun alur carita anu matak ngendagkeun di bagian tungtung, suspense! Nu ngarang tayohna engeuh pisan kumaha carana nganteur pamaca sina meunang rénjagan di tungtung carita. Ti awal kénéh, carita ngeunaan tokoh lalaki nu di ahir horéng bakal jadi calon minantu téh ku nu ngarang dibéré gambaran nu ‘pikasebeleun’ dina paningal kuring, tapi mungguh ‘hadé’ dina paningal anakna. Basa anu maca ngeunteupkeun simpati sakumaha paningal tokoh anakna, nu ngarang gasik mungkas ku énding anu ngahadang hélok pikeun anu macana, da puguh tokoh ‘beubeureuh’ nu dina paningal anak hadé téh, horéng tokoh anu dipiceuceub ku tokoh kuring.



Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni