Jejak Kata :
Home » » KEMBANG HUI

KEMBANG HUI

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 11.29


Mangle, no 2461, 30 Januari – 5 Februari 2014

Ingin membaca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik saja DI SINI

Tempat paling kawentar di kampung kuring nyaéta Tanjakan Panjang. Jalan sapanjang ampir sakilo meter téh netek, henteu diselang ku datar saeutik ogé. Tong boro anu badarat, dalah rombongan sepéda-gunung anu biasana Sabtu-Minggu ngajajal kamampuhna, tara aya anu kuat bangblas. Pasti waé diselang ku reureuh sababaraha menit mah. Maranéhna murak bebekelanana, atawa sakadar nginum ngaleungitkeun hanaang jeung rénghap anu ngahégak.
Reureuh di Tanjakan Panjang saenyana genah. Tanjakan Panjang kaasup lébar keur ukuran jalan kampung, ampir opat méter. Tilu taun kaliwat, basa harénghéng pemilihan bupati, sapanjang Tanjakan Panjang diaspal. Sisi belah katuhu diwatesan ku tatangkalan garedé. Dapuran awi, séngon, surian, alpuket, di punclutna aya tangkal bungur nu ngarunggunuk ngabedega lir danawa. Urang kampung di sabudeureun Tanjakan Panjang nyieun bangku-bangku pangreureuhan tina awi. Sisi belah kénca mah pakebonan. Hui jeung sampeu ditumpangsarikeun. Di kampung kuring hui taya usumna, da unggal waktu pakebonan téh dipelak hui. Enya ogé halodo entak-entakan, hih da kajeun masang paralon ti sirah cai di gunung.
Kampung kuring, Ciwening, aya di tutugan gunung Bésér. Hujan ampir turun unggal waktu. Enya ogé halodo entak-entakan, sababaraha poé mah sok aya girimis. Lantaran kitu meureun Ciwening téh karasana jadi kampung anu ngungun. Isuk-isuk pepedut nyaput pakebonan, nyéos panonpoé anu kakara karasa haneut dina kulit karijut katirisan. Pasosoré panonpoé gancang surup sanggeus tunggang gunung. Enya, lamun girimis mépés poé, rasa ngungun téh lir anu némpél dina pameunteu Ciwening.
Ah, meureun saukur pangrasa kuring wungkul.  Rarasaan kuring basa hiji isuk ngaliwat ka Tanjakan Panjang, dianteur bapa. Kuring ngagandong rangsel jeung ngajingjing kantong plastik, bapa munglu karung eusi hui. Bapa nganteur kuring ka sisi jalan raya, megat mobil anu ka stasion karéta api, karéta api anu bakal mawa kuring ka Bandung.
Di tempat pangreureureuhan kuring eureun. Lain, lain capé, da biasana ogé ari turun mah tara reureuh. Tapi lantaran patani geus nyarampak di pakebonan. Puguh areuy hui geus waktuna dibalikeun. Kembang hui cul-cel warna wungu, matak waas. Barudak satepak lalumpatan basa nempo kuring.
“Téh Nining, badé ka mana, Téh?” cenah rada cadél, pating gorowok. “Ilaha uihna? Nyandak oleh-oleh, nya? Buku dongéng deui nya, dongéng anu lamé.”
Kuring unggeuk. Barudak téh nyalampeurkeun, harayang ditangkeup kabéh.  
“Mugia hasil, Néng. Ibi mah mung tiasa ngadoa,” ceuk Bi Inem ngawakilan anu séjén. Bi Karti, Ceu Mumun, Kang Rukman, Mang Êma, unggeuk basa kuring sasalaman amitan. Saréréa ogé ngabaretem, siga anu bareurat ngomong. Sarua jeung kuring. Lamun pok téh sieun lain girimis anu turun, tapi cimata anu henteu katahan.
Harita kuring ninggalkeun Ciwening anu haleungheum, sahaleungheum haté kuring. Ngan kembang hui, kembang hui warna wungu, anu cul-cel salega pakebonan, anu ngabeberah haté. Enya, hégar téh, sumanget téh, éndah téh, masih aya, narémpél dina kembang hui.
***
Tutugan gunung Bésér lir anu disupata ku alam anu éndah. Sirah cai patingburial di ditu di dieu. Pancuran cur-cor, caina ngagenclang hérang. Ngaran gunung Bésér ogé apan lantaran éta. Hawana seger. Alam éndah matak betah anu natamu.
Keur leutik kuring ngarasa alam éndah téh berekah. Ulin di Ciwening asa taya bosenna. Moro manuk puyuh, sosorodotan maké upih jambé, papanganténan anu panganténna dirias untunan kembang hui jeung kembang jukut, ngojay di wahangan anu enya ogé leutik caina hérang ngagenclang, nguseup beunteur atawa nyair hurang, jeung loba deui kaulinan séjénna.
Tapi sabada sakola di kota, salila genep taun, SMP nepi ka SMK, kuring ngarasa éndah jeung suburna gunung Bésér téh supata. Kebon hui, sampeu, jukut gagajahan, enya masih lega. Tapi rarasaan téh suku henteu bébas ngaléngkah, henteu sabébas keur budak. Ka ditu ka dieu asa mingkin loba tanah-tanah anu dipatok, dipager kawat atawa ditémbok. Tanah-tanah éta téh geus dibeuli ku urang kota ti Jakarta, Bandung, atawa kota séjénna. Tanah anu baheula mah hargana ngan tilu ratus rébu sabata, dina waktu genep taun jadi dua juta sabata.
Loba patani anu tadina pepelakan di tanah sorangan, terusna mah jadi purah melak wungkul. Duit ladang jujualanana dipaké ngongkosan budak-incu gawé ka kota atawa ka mancanagara. Ku urang kota, tanah anu geus dibeuli téa aya anu dijieun tempat wisata; penginapan, outbond, playing fox, kolam renang, pemancingan. Tanah anu aya sirah cai gedé dijieun perusahaan air-mineral.
Sababaraha urang lembur jaradi pagawé di tempat wisata jeung perusahaan air-mineral téa, pangpangna barudak. Tapi karéréanana mah, sanggeus lulus SD téh, barudak terus ka kebon ngabantuan kolot-kolotna. Bosen pepelakan, terus naréang gawé ka kota atawa ka mancanagara. Keur ongkos ka kota jeung ka mancanagara éta lolobana tanah dijual.
Kuring budak Ciwening anu kamilikan sakola nepi ka SMK. Ceuk kuring, supata téh mimitina tina kabodoan. Matakna sanggeus mulang deui ka Ciwening, kuring ngadegkeun sakola Taman Kanak-Kanak, ngajar maca-nulis patani anu buta huruf, ngumpulkeun ibu-ibu pikeun diajar nyieun kiripik, keremes, dodol, jeung ngawadahanana anu leuwih beresih jeung rapih, pikeun ngamangpaatkeun sésa kebon anu salila ieu loba kapiceun. Kuring biasa lar-sup ka kantor désa, instansi pamaréntah di kabupatén, kantor LSM, atawa ngamangpaatkeun rombongan mahasiswa anu keur kerja lapangan.
Tangtu waé kuring henteu sosoranganan. Babaturan di Ciwening, pangpangna anu kamilikan sakola rada luhur, ngarojong kana gawé kuring. Utamana mah pangrojong ti Kang Dadang, ketua Karang Taruna, anu kamilikan sakola bisa nepi ka perguruan tinggi, anu ti keur kuring di SMK kénéh jadi bébéné haté pangbeberah manah. Kang Dadang téh putrana kepala désa manten. Kebonna lega, sawahna lega, balongna réa, pabrik héler waé di sababaraha tempat. Rarasaan mah asa henteu kungsi capé matéakeun pangabisa ngabantu urang Ciwening sangkan hirupna leuwih hurip. Resep jeung bagja waé anu aya. Komo basa hiji peuting, bada Magrib, kulawarga Kang Dadang namu ka imah, ngalamar kuring. Bapa, ema, amang, uwa, dulur-dulur anu séjén jeung tatangga mani nararangkeup ka kuring, ngilu bagja jeung gumbira.    
Tapi acan ogé sabulan sabada ngalamar, kulawargana Kang Dadang ngutus tatanggana pikeun ngabolaykeun tunangan. Apa, ema, amang, uwa, dulur-dulur anu séjén jeung tatangga anu geus tatahar pikeun hajat, tangtu waé hanjelu. Komo kuring anu boga lalakonna. Utusan kulawarga Kang Dadang henteu ngadadarkeun naon alesanana bet mutuskeun tunangan. Dua minggu ti harita Kang Dadang diwisuda, saminggu tas diwisuda aya béja Kang Dadang tunangan jeung budak pengusaha air mineral. Cenah ceuk gosip, kolotna Kang Dadang ka saha ka saha nyarita; kitu pantesna, anu beunghar mah ngajodona kudu ka anu beunghar deui. Sedeng kuring apan sakieu kaayaanana, sakola nepi ka SMK ogé maksakeun bakat ku hayang. Cenah ogé, bulan hareup pengusaha air mineral téh rék hajat gegedéan, tatanggapanna ogé sagala aya, ngawinkeun budakna ka Kang Dadang.
  Kitu mimitina, nepi ka hiji peuting kuring nyuuh dina lahunan ema, bari pok nepikeun niat anu henteu kabayangkeun saméméhna. “Nining hoyong daptar TKI, Ma, ka luar negri. Sapertos Téh Isoh, Téh Marni, Téh Dédéh, Kang Darman,” ceuk kuring. Ema, ogé Apa anu calik henteu tebih, neuteup kuring mani anteb. Ema ngarawu kuring, nangkeup, ngusapan rambut. Isukna, sabada solat Subuh, Apa nyaur. “Minggu kamari saenyana aya anu nawar tanah urang anu di sisi Tanjakan Panjang, lima puluh juta. Sigana lamun Apa ménta ditambahan lima juta deui ogé masih wanieun,” saur Apa.
Kuring tungkul. Tanah tilu puluh bata téh hiji-hijina kagungan Apa.
***
Daptar jadi TKI pikeun gawé di luar negri nyatana henteu sagampang anu dibayangkeun. Aya daptar tunggu, latihan itu latihan ieu, kursus basa, jeung réa deui. Pikeun kuring anu pikiranana keur baluweng, tangtu waé matak beurat. Da kahayang mah harita kénéh ngabelenyeng ka luar negri. Ka mana waé berangkatna mah. Amerika, Arab Saudi, Malaysia, Koréa, Jepang, atawa nagara mana waé ogé henteu masalah.
Waktu téh asa ngarayap. Latihan, kursus, daptar tunggu, asa jadi panghalang. Nyatana kahéséan éta ogé anu nyalametkeun kuring. Salila di Bandung kuring nganjrek di bumina Bi Karsih, adi Apa anu tos welasan taun ngumbara di Bandung. Anu disebut bumi téh wangunan opat ka opat métér, patétéép di gang leutik di Cicadas. Mangkaning Bi Karsih sareng Mang Asip gaduh putra tilu. Atuh waktuna saré, barudak ngagalolér di tengah imah, di hareupeun télévisi 14 inc.
Lantaran kesel nungguan kursus jeung daptar tunggu téa di agén tenaga kerja, kuring unggeuk basa ditawaran gawé ngajaga warnét. Tangtu waé bari nungguan langganan warnét loba hal anyar anu bisa diulik, pangpangna ngeunaan dunya internét. Gaul dina facebook, tweeter, diajar ngarancang jeung ngeusian blog, surfing ka wéb-wéb anu mingkin matak pikatajieun, geuning dunya téh lega, leggaaa... pisan. Kuring ngobrol jeung urang Malaysia, Singapura, Jepang, Eropa, Timut Tengah, bari ngalalancar basa Inggris jeung basa Arab anu dikursuskeun. Teu karasa ampir sataun kuring nungguan daptar tunggu bari gawé di warnét téh. Tah harita, sabada ngobrol jeung urang Jepang, ideu téh ngaliwat dina pikiran terus digedékeun haté. Ideu téh ngaganggu waktu saré kuring da jadi mindeng nyileuk. Nepi ka hiji poé mah, sabada solat Magrib, pok wé dibéjakeun ka Bi Karsih sareng Mang Asip.
“Bi, Mang, Nining badé uih enjing,” ceuk kuring. Bi Karsih katingali kerung. “Sapertosna mah moal cios janten TKI ka Arabsaudi téh. Nining badé di Ciwening waé, ngokolakeun usaha di Ciwening. Nuhun kana sadaya kasaéan Ibi sareng Emang.”  
Mimitina Bi Karsih sareng Mang Asip seueur naros. Tapi sabada diterangkeun yén kuring aya karep pikeun ngokolakeun poténsi Ciwening jeung kampung di sabudeureunana dina pertanian, pangpangna hui, aranjeunna ngarojong. “Hui ti lembur urang téh bénten sareng hui anu dipelak di mana waé ogé. Urang Jepang, Malaysia, Singapura, anu kantos ngaraosan hui Ciwening di Bali, maranéhna deudeuieun. Maranéhna ka abdi nyungkeun dikintun conto, upami nyugemakeun pastina ogé malésér. Nining téh hoyong ngical poténsi urang sapertos hui téa, sanés harga diri urang.”
“Ibi jeung Emang ogé saenyana mah geus lila hayang mulang, Ning. Geuning gawé belasan taun di kota ogé hasilna mah ngan bisa ngontrak imah sagedé kieu,” saur Bi Karsih. “Ibi mah teu ngarti naon anu ku Nining diucapkeun, tapi Ibi ngadoa mugia anu ku Nining dicita-citakeun singtinekanan.”
Peutingna kuring teu saré sakerejep ogé. Anu kabayangkeun téh upluk-aplakna kebon hui, kembangna anu cul-cel warna wungu disaput pepedut warna bodas anu beuki ngipisan. Panonpoé henteu saukur nyorotkeun haneut, tapi ogé patinggurilapna ciibun basa katebak angin ngahiliwir. Isuk-isuk di Ciwening aya ku éndah.  
Kakara ayeuna kasawang, horéng Ciwening téh nyimpen poténsi anu tanpa watesan. Hui anu upama diopen ngaluarkeun peueut (apan disebutna ogé ‘si madu’ hui ti Ciwening mah), kawentar henteu waé di kota-kota di Indonesia, urang mancanagara ogé henteu saeutik anu kataji sabada ngasaan di Bali atawa Batam. Cenah, hui anu rasana amis legit siga hui Ciwening henteu bisa dihasilkeun di nagara mana waé ogé. Urang Jepang kungsi datang ka Ciwening, mawa binihna, nalungtik taneuhna, caina, tapi sabada dipelak di nagarana mah hasilna tetep béda, henteu saamis jeung salegit anu dipelak di Ciwening.
Dua puluh taun jadi urang Ciwening, kakara ayeuna ningali poténsi hui pikeun asup ka pasar internasional. Komo upama pasar apaleun, urang Ciwening mah leuwih percaya kana gemuk kompos jieunan sorangan daripada gemuk kimia ti pabrik. Komo upama pasar apaleun, kadaharan saperti kiripik, keremes, dodol, ngan saeutik ngagunakeun bahan gula jeung bungbu, lantaran huina ogé rasana amis.
Apa, Ema, dulur-dulur anu séjén katut tatangga,  ngabagéakeun basa kuring datang. Sanggeus tatamu marulang, Apa neuteup kuring. “Iraha Apa kudu ngaleupaskeun kebon téa?” saurna halon, siga anu beurat ngucapkeunana. Ku kuring dirawu pananganana.
“Henteu nanaon, da geus sakuduna kitu,” saur Apa deui bari ngusapan rambut kuring. “Geus waktuna Nining mandiri, mikirkeun keur diri sorangan. Salila sataun ogé ditinggalkeun, ku Apa mah karasana Ciwening téh kaleungitan Nining. Itu ieu pada nanya, cenah pada kangen ka Nining. Tapi henteu nanaon, da geus kitu kuduna, kitu kodrat alamna.”
“Nining moal ka manana, Pa, moal ngantunkeun Ciwening. Cita-cita Nining mah ngokolakeun Ciwening, ngokolakeun poténsina, tangtos waé sareng sadayana  urang Ciwening. Nining mah ngan peryogi komputer pikeun modalna.”
Ema nangkeup, nyeungceurikan kuring. “Moal cios ka Arab téh, Bageur?” saur Ema bari rambisak. “Ema ogé teu rido saenyana.”
“Ka Arab mah kedah atuh, Ma. Ema sareng Apa ogé kedah ka Arab, engké ari munggal haji. Atuh ka nagara anu sanésna, Nining ngajam hiji waktos mah bakal ka ditu. Tapi sanés jadi babu, jadi pembantu rumah tangga. Nining mah ka mancanagara téh salaku pedagang, atawa nganteur adi-adi ti Ciwening anu sarakola di ditu.”
Ema imut. Cai wening maseuhan pipina.
“Ema mah teu ngarti naon anu diucapkeun Nining. Tapi Ema ningali anu éndah dina pameunteu jeung soca anjeun, Bageur.”
****       
Tanjungsari, 28 Desember 2013


Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni