Lauk Emas Walungan



Hujan ngecrek ti isuk-isuk nepi ka pasosoré. Bari ngopi neuteup pasawahan, sok ras ka mangsa keur budak taun 1980-an. Mangsa hujan raat pasosoré, barudak silihsampeur. Lamun henteu ngurek di sawah, nya nguseup di solokan. Cai solokan semu kiruh, lébér nepi kana galengan. Kajeun solokan leutik, tapi sok meunang waé lélé sagedé pigeulng leungeun hiji séwang mah.

Anu arék didongéngkeun mah basa diajak ku Amang ngecrik di walungan. Puguh waé resep. Ngan sok keueung, apan tas hujan mah sok caah sagala. Ngan tenang sotéh apan jeung Amang anu geus kolot.

“Urang nungguan heula cai rada orot. Sugan wé hasilna mucekil, apan engké peuting rék ngalaliwet bari ngadangukeun golék (wayang) di saung,” saur Amang.

Kuring unggeuk. Enya waé, apan engké peuting téh malem minggu. Sok resep ari ngaliwet di saung téh. Kajeun saukur ngagolér diharudung sarung tapi haneut tina durukan.

Turun téh ti hilir. Mimiti mah beubeunangan téh seuseut. Beunteur hiji-dua sagedé-gedé cingir ogé diala. Tapi basa maju ka girang, kuring surak lantaran sakali ngarungkup maké meunang lauk jaér nila aya genepna. Beuki maju lauk téh beuki loba. Malah meunang lauk emas sagedé piring sagala.

“Kojana pinuh, Mang,” ceuk kuring ngabéjaan.

Amang katingalina siga anu bingung. “Sigana mah aya balong anu bedah,” saurna. “Urang balik heula wé, sigana masih loba laukna.”

Hanjat téh ti lebah sawah Pa Haji Kohar. Sajajalan loba anu maregat pédah nempo beubeunangan anu mucekil. “Hayu tarurun, euy, lauk emasna ogé sigana loba kénéh,” saur Amang.

Enya waé, ka walungan téh loba anu narurutan ngecrik. Amang jeung kuring anu balik deui bari mawa koja gedé, maké meunang lauk emas bibit sadua-dua sagala. Teu kaitung lauk nila sagedé dampal leungeun kolot mah.

Atuh di walungan téh jadi ramé. Puguh atuh kolot budak tarurun. Aya anu milu ngecrik, nyair, aya agé anu saukur lalajo. Beuki ka hilir lauk téh beuki loba. Ngan basa nepi ka lebah Leuwi Meri, Amang siga anu reuwas.

“Alah, Jang, boa-boa balong urang anu rempag téh,” saur Amang bari hanjat ti walungan. Tuluy ngagidig ka girangkeun mapay sisi walungan. Kuring nuturkeun bari ngajingjing koja pinuh ku lauk. Enya waé, anu rempag téh balong Amang. Sisi balong anu lébarna aya samétérna longsor ka walungan.

“Lamun kieu mah lain mucekil atuh,” saur Amang dareuda. @@@

RENGSE

Ilustrara: reportase.tv

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

  • Rampog Jeung Tukang KiosBi Wirna jeung Mang Kukna geus lila muka kios di hareupeun imahna. Kiosna mah saenyana leutik, tapi kaasup pepek barang daganganna. Ti mimit… Read More...
  • SABADA LEBARAN INGET WAE “Anu inget waé bulan puasa kamari, lantaran poho terus ngahenggoy hui oven béak hiji anu sagedé pigeulang, emh aya ku amis … Read More...
  • BOLU MAMAH Bulan puasa Romadon téh sok ras inget ka jaman baheula, kira taun 1980-an. Jaman harita mah tradisi kikiriman dahareun téh masih diaya-… Read More...
  • Lauk Emas WalunganHujan ngecrek ti isuk-isuk nepi ka pasosoré. Bari ngopi neuteup pasawahan, sok ras ka mangsa keur budak taun 1980-an. Mangsa hujan raat paso… Read More...
  • JANG NANA JEUNG PIRUS KORONA Mangle no 2774, 19-25 Maret 2020Jang Nana téh bujangan hapeuk. Kitu lalandian babaturanana anu sok ngaheureuyan. Tara ieuh dipaké nyer… Read More...

0 Response to "Lauk Emas Walungan"

Posting Komentar