KUKUPU



Mangle no 2533, 25 Juni – 1 Juli 2015

Néng Maya neuteup dingding kamarna aya ku anteb. Neuteup gambar patamanan anu minuhan dingding. Gambar kekembangan warna-warni. Eros, aster, lili, malati, dahlia, ngabaris dina rungkun-rungkunna. Minangka watesna kembang bakung anu nyacas manjang sapertos garis di lapang badminton.
Dina kembang eros anu mekar aya kukupu eunteup. Mung hiji kukupuna mah. Tapi Néng Maya asa gaduh réréncangan. Sering Néng Maya ngobrol sareng si Kukupu. Bageur si Kukupu mah. Matak unggal enjing-enjing Néng Maya mah neuteup gambar patamanan téh. Sok anteng. Haténa mah sablus-bluseun lebet ka jero gambar. Resep sigana upami lulumpatan di patamanan, ocon sareng si Kukupu.
Eta ogé lami-lami mah Néng Maya sok ngaraoskeun aya angin ngahiliwir. Angin ti jero gambar patamanan tangtosna ogé. Da éta wé dangdaunan apan oyag-oyagan. Si Kukupu mah apan hiber ka ditu ka dieu. Eunteup dina kembang srangéngé, aster, atawa hiber taya kacapé. Sakapeung mah sok ngaharéwos ka Néng Maya. “Hayu ka dieu Néng, urang ameng,” cenah.
Tapi unggal Néng Maya badé ngageblus téh Enin kakuping ngageroan. “Neng... Néng Maya, hayu urang ka sakola. Sarapanna ieu tos aya, séépkeun heula," saur Enin.
Teu resep Néng Maya mah ka Enin téh. Enin mah sok miwarang waé sasarap. Jaba ka sakolah téh kedah nyandak waé bekel. Roti anu diolésan selé kacang. Bosen Néng Maya mah. Tapi ku Enin henteu kenging bosen.
Matak Néng Maya mah hoyong ka Mamah Apong. Dianteur ka sakola téh hoyong ku Mamah Apong. Wengina upami badé bobo hoyongna mah dibacakeun buku ku Papah Ijal. Apan tos seueur buku dina erak. Aya komik cerita rakyat, aya dongéng si Leungli, Beurit Anu Hawek, Ekék Anu Hadé Haté, sareng seueur deui.
Tapi Mamah Apong sareng Papah Ijal mah sibuk waé. Tos janten orang-sibuk ayeuna mah. Bumina ogé apan ngalih ka Jakarta. Henteu di Bandung deui. Upami badé ka Bandung ogé apan di payuneun mobilna téh sok dikawal ku motor pulisi anu aya sirineuan. Sirineuna nguing-nguingan matak katorékan. Atuh mobil sareng motor anu sanésna nyarisi. Upami macét sirineu motor pulisi anu ngawal Mamah Apong sareng Papah Ijal mah angger disada. Angger matak katorékan. Atuh macét téh sakedik-sakedik nyingray. Mobil pulisi anu ngawal mobil Mamah Apong sareng Papah Ijal téh teras nyulusup. Tos ngalangkung mah macét deui wé.
Kituna téh saatos Mamah Apong sareng Papah Ijal kenging dina Pemilu. Nembé dilantik ogé teras wé sibuk rapat sareng rapat. Padamelanana langkung seueur deuih. Apan milih bupati, gubernur, sareng presiden ogé engké téh kedah ngiringan. Karunya saleresna ka Mamah Apong sareng Papah Ijal téh. Tapi badé dikumah deui. Mamah Apong sareng Papah Ijal mah da nyaah pisan ka nagara Indonésia téh. Nagara anu jibrug ku cisoca kabanjiran ku getih jutaan rahayat anu ngiring bajoang dina ngaproklamirkeun Indonésia Merdéka.
Tapi da Néng Maya mah alit kénéh. Nembé lima taun. Sakola ogé nembé di Taman Kanak-Kanak. Janten Néng Maya mah henteu hoyong terang kumaha sibukna Mamah Apong sareng Papah Ijal. Anu jelas mah, saatos Mamah Apong sareng Papah Ijal ngaralih ka Jakarta, Néng Maya téh asa cuang-cieung.
Matak Néng Maya mani nyobat sareng si Kukupu. Tos wantun mah ngageblus ka lebet gambar, apan Néng Maya mani sok hilap uih. Ngadon udag-udagan sareng si Kukupu. Tos capé reureuh di handapeun tangkal buah, bari ngupingkeun kembang eros ngadongéng. Mani sok ramé téh. Tiasaan ngadongéngna kembang eros mah. Papah Ijal ogé éléh. Ah, si Papah Ijal mah henteu aya nanaonan. Da bongan tara ngadongéng ayeuna mah.
“Néng Maya, engké mah urang ameng ka tempat anu tebih yu,” saur si Kukupu.
“Ka mana?” Néng Maya mani curinghak.
“Ka sisi leuweung. Atawa urang lebet wé ka leuweung. Resep geura. Da nyaanna mah sakadang kancil sareng sakadang maung téh ngabalad. Kitu ogé sareng sakadang buaya, ajag, kuya, monyét, sareng sadayana sasatoan.”
“Oh, balageur atuh nya, henteu sapertos dina dongéng Papah Ijal.”
“Ah, ngabalad sotéh pedah waé anu nuaran tangkal kai ampir di unggal leuweung. Gararundul leuweung di urang mah. Matak isin saenyana mah. Tah, sareng anu nuaran tangkal kai éta ngamusuhna téh.”
“Atuh upami kitu mah urang ayeuna waé yu ameng ka sisi leuweung téh,” saur Néng Maya.
“Hayu atuh. Udag sok upami tiasa mah.”
Si Kukupu teras hiber. Néng Maya nuturkeun. Pananganna ranggah mani badé sagep-gepeun. Mani ngésangan Néng Maya téh ngungudag si Kukupu. Tapi da henteu capé. Si Kukupa mah apan pinter nembang. Soantenna halimpu. Bari hiber téh nembang: “Hiber deui kukupu hiber teunangan.... “
Muhun henteu capé téa mah. Tapi Néng Maya mani hanaang sareng lapar. Alah mangkaning tos tebih ti bumi. Tos dugi ka sisi leuweung. Seueur bumi geuning di sisi leuweung ogé. Bumi aralit. Saung. Saung bilik anu tos barobo.
Ah, da lapar sareng hanaang, Néng Maya téh ngawani-wani manéh nyungkeun emameun ka anu aya di saung. Mani karunyaeun anu araya di saung téh. Teras masihan eueut cihérang. Mani ngalekik Néng Maya bakat ku hanaang.
“Ka dieu atuh Néng, urang emam sakantenan,” saur si ema anu gaduh saung. Isin-isin ogé Néng Maya téh lebet ka saung. Teras ngiring emam. Huapna mani ageung da lapar. Padahal réncang sanguna mung sareng kulub tutut diuyahan. Tapi nembé ogé dua huap, Néng Maya ngaraos lieur. Pangambungna ungas-ingus. Késang maseuhan acukna. Aduh, bau téh mani kacida. Bau hapeuk!
“Karunya teuing Bapana,” saur si ema. “Tadi mah enya nyangu téh henteu diséréhan henteu disalaman, komo konéng jeung bawang. Anteurkeun geuwat, bisi kaburu kapiuhan.”
Néng Maya teras digandong ku si emang, dicandak lumpat. Tos dugi mah ka patamanan di dingding kamar téa, dibobokeun waé dina karpét. Néng Maya masih katurelengan. Bau hapeuk tina tikoro lebet kana patuanganana. Teras ohék-ohékan luga.
Ti tadi kénéh Enin milarian Néng Maya. Mani badé nangis Enin téh. Atuh da ayeuna mah henteu aya batur pakumaha. Engki apan atos ngantunkeun. Waktos ningali Néng Maya luga dugi ka ohék-ohékan, Enin énggal nélépon Mamah Apong sareng Papah Ijal.
“Kadarieu ayeuna ogé! Karir... karir... wé diudag-udag, budak sorangan katalangsara!” saur Enin bendu.
“Aduh Enin teu kenging bendu, apan abdi téh nuju ngémutan rahayat. Rahayat téh apan sapertos budak nyalira,” waler Mamah Apong sareng Papah Ijal.
“Kadarieu ayeuna!” saur Enin bari nginghak.
Mamah Apong sareng Papah Ijal téh nguping Enin nangis mah langsung aruih. Mamah Apong sareng Papah Ijal bendu waktos ningali Néng Maya luga ohék-ohékan.
“Saha ieu téh anu ngaracun Néng Maya ku kadaharan saperti kieu? Bangkawarah pisan! Cik atuh lamun enya mah méré, anu bener, anu layak didahar jelema! Lain dahareun sato!” Mamah Apong sareng Papah Ijal nyorocos duka nyeuseulan saha. Teras nyarios ka stafna, “Cik pariksa luga Néng Maya, kadaharan nanahaon éta téh!”
Waktos éta kénéh luga Néng Maya dicandak ka laboratorium. Teras diparios. Waktos kepala laboratorium terangeun anu marios luga téh piwarangan Mamah Apong sareng Papah Ijal, kepala laboratorium ku anjeun anu masihan katerangan.
“Rupina ieu emameun téh sangu,” saur kepala laboratorium.
“Baruk, sangu? Sangu nanahaon?”
“Sangu tina béas raskin.”
Mamah Apong sareng Papah Ijal silihrérét.
Ah, kétang Néng Mayana ogé tos damang ayeuna mah.  Tos séhat sabihara-bihari. “Ayeuna mah urang weekand waé atuh,” saur Mamah Apong.
Dinten Jumaah teras wé arangkat. Nganggé mobil pajero sport da badé ka sisi leuweung. Supados lancar di jalan Mamah Apong sareng Papah Ijal nyungkeun bantosan pulisi pengawal anu motorna aya sirineuan téa. Nguing-nguing-nguing. Néng Maya ngawitanana mah ngaraos resep. Batur mah maracét, kukulutus, kakebulan, kapanasan, apan mobil Mamah Apong sareng Papah Ijal mah ngageuleuyeung raoseun. Ongkoh deui henteu panas da AC-na ogé saé. Tapi waktos ningali sareng nguping aya orok nangis kapanasan dina motor, késang nyurulung dina pipi supir angkot, luhlahna tukang dagang anu uih balanja; Néng Maya ngaraos sedih. Sedih duka ku naon.
Mamah Apong sareng Papah Ijal téh ayeuna mah seueur artosna. Mésér villa di kampung Cinenggang. Villa anu aya balongan, patamanan, pakebonan, pasawahan. Ah, duka kétang da seueur pisan mésérna téh. Eta ogé ari nami dina sertifikatna mah sanés Mamah Apong sareng Papah Ijal. Aya anu atasnami Wa Amas, Bibi Asut, Mang Andi, sareng seueur deui. Malih mah saurna Mamah Apong sareng Papah Ijal téh mésér ogé SPBU, hotél, PT-PT rékanan pamaréntah, saham sareng emas dina trading, sareng seueur deui perusahaan sanésna.
Duka kumaha Néng Maya mah henteu resep weekand téh. Hoyongna mah enggal uih deui, Mamah Apong sareng Papah Ijal arangkat deui ka Jakarta. Néng Maya hoyong énggal pendak deui sareng si Kukupu. Tapi mani sedih téh Néng Maya waktos terang si Kukupu henteu aya di patamanan gambar dingding kamarna. Blus wé Néng Maya téh ka patamanan badé milarian si Kukupu.
Tapi si Kukupu henteu aya di mamana. Waktos ningali ka langit, aya anu ngagulung hideung sapertos méga. Héy, geuning itu si Kukupu. Si Kukupu sareng jutaan kukupu sanésna. Badé kamarana?
“Di dieu mah bongan gunung tos garundul! Kapaksa kedah hijrah... pileuleuyan Néng Maya!” gorowok si Kukupu.
Néng Maya lewa-lewé ngupingna. Teras nangis bari gugupay. Nangis mani kanyenyerian. Ngagukguk. Eueuriheun. Hoyong teuing janten kukupu, ngarah tiasa ngudag si Kukupu, gerentes Néng Maya. Gerentes anu ngamalir sareng cisocana. Maseuhan pipi, maseuhan tenggek, maseuhan acuk, maseuhan sakujur badanna. Henteu karaoseun ku Néng Maya mah badanna sakedik-sakedik baruluan, sampéanna nyeueuran, mastakana tandukan, teras janten hileud.
Puguh waé saatos janten hileud mah Néng Maya téh henteu nguping waktos Enin ngageroan. Enin anu milarian kokotéténgan. Kokotéténgan bari nangis. Teras nélépon deui Mamah Apong sareng Papah Ijal. Mamah Apong sareng Papah Ijal ogé ayeuna mah geumpeur. Néng Maya henteu kapendak-pendak.
Teras wé Mamah Apong sareng Papah Ijal nepangan dukun lepus langgananana. Dukun anu saurna parantos nyukséskeunana dina Pemilu. Saur dukun téh: “Ieu téh ulon-ulonna mah kukupu. Pilarian wé di kamarna, da budak mah aya kénéh di dinya.”
Mamah Apong sareng Mamah Ijal teras ngajakan pa pulisi, pa menteri, sareng detektif-detektif sapertos dina film Hollywood. Sadayana milarian Néng Maya di kamarna. Waktos harita téh Néng Maya nuju ngagantung da tos janten kepompong. Teras kaluar janten kukupu. Diajar hiber gegeleberan.
Waktos harita Mamah Apong sareng Papah Ijal ningalieun. “Ieu meureun kukupu ulon-ulon téh!” saur Mamah Apong sareng Papah Ijal. Kukupu anu nuju diajar hiber téh ditéwak. Teras dicandak kaluar, dibeubeutkeun, teras dileyek ku sapatu kénging mésér ti Italy. Dugi ka pejét. ***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KUKUPU"

Posting Komentar