Jejak Kata :
Home » » KALANGKANG BASISIR THUWAL

KALANGKANG BASISIR THUWAL

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 11.13

Tribun Jabar, 17-19 Februari 2015

Pasir Wening, Nopember 2014
Nepi ka pangkalan ojég lembur Pasir Wening haté mah kalah beuki guligah. Kari tumpak ojég, nepi ka Pasir Wening. Tapi nyatana mah henteu kitu. Tumpak ojég téh lumayan lila, aya kana satengah jamna. Jalanna ogé henteu saperti anu dibayangkeun. Rarinjul da loba batuna batan aspalna. Laleueur da girimis ti tadi mula. Motor sababaraha kali nyorodot. Lantaran katapisan tukang ojég motor henteu terus tisolédat.
Di hareupeun imah panggung ukuran kira-kira 4 X 5 métér ojég eureun. “Ieu bumi Aki Asip sareng Nini Uti mah,” ceuk tukang ojég. Kuring turun, mayar bari nganuhunkeun. Tas gandong gancang diécagkeun dina balé-balé. Ieu tonggong mani panas.
Imah téh ditengetan, satengah henteu percaya. Lukut héjo anu ngadagleg dina kenténg bocor kana sesela usuk. Cét bodas dina bilik geus teu mangrupa. Sigana mangtaun-taun henteu diayuman jeung henteu dicét.
Ieu bumi anjeun téh Téh Asiah? Bumi anu henteu weléh ngalangkang unggal beurang kaimpi-impi unggal wengi. Enya, da katineung mah henteu aya hubunganana sareng dunya brana. Najan kieu kaayaanana, mungguh tempat pangéndahna keur anjeun mah. Tempat anu matak lingsem jeung pinuh ku rasa. Matakna anjeun mah geuning aya ku beurat rék mulang ka Pasir Wening, ka bumi anu kaayaanana walurat kieu.
**
Aki Asip jeung Nini Uti mani reuwaseun basa apaleun aya tamu. Rurusuhan mulang cenah basa keur di kebon aya anu nyusulan téh.
“Nini téh mani reuwas. Néng téh saurna milarian Aki sareng Nini, naha aya kaperyogian anu penting?” saur Nini Uti.
“Baku manéh mah! Lain aku heula ka jero. Karunya capéeun!” témpas Aki Asip.
Kuring seuri. “Sawios Aki. Raos di dieu heula,” pok téh bari ngaluarkeun oléh-oléh tina tas. “Saleresna mah abdi téh hoyong pendak sareng Nining.”
“Baruk, Néng téh sobatna Nyi Nining?” Nini Uti beuki reuwas. “Aki, geuwat téang incu urang. Aya tamu kituh ti kota.”
Ti Nining kuring apal ngeunaan madrasah Miara Lembur. Namina masih Miara Lembur madrasah téh, Téh Asiah. Nami anu éndah, saéndah lelembutan anjeun.
“Ayeuna mah tos didaptarkeun ka Disdik Kabupatén, madrasah téh statusna bakal Diakui satata sareng Sakola Dasar. Karunya barudak, sakola ka SD téh apan tebih pisan. SD pangcaketna di Pasir Talang, tilu jam upami badarat téh,” ceuk Nining. “Ngan hanjakalna, Disdik nembé masihan ijin upami bangunanana tos permanén. Urang dieu, ti mana atuh aya biaya kanggo ngadegkeun wangunan anu permanén. Eh, upami Ibu, ti saha terang ngeunaan madrasah Miara Lembur?”
“Aya réréncangan anu masihan terang. Matakna ayeuna ka dieu, aya patula-patalina sareng pendanaan téa,” pok téh. “Aya anu badé nyumbang kanggo ngadegkeun bangunan madrasah Miara Lembur. Samentawis anu badé dipasihkeun téh dua ratus juta rupiah.”
Nining anu keur nyekelan gelas, leungeunna ngadégdég. Lambeyna molongo, siga anu sapok-pokeun tapi henteu kedal. Nini Uti anu keur meulahan sampeu, pésona murag.
Kitu hasil munggaran ka Pasir Wening téh, Téh Asiah. Abdi mah henteu pinter ngadongéngkeun perasaan. Saukur hareugeueun, aya anu nyelek dina tikoro, basa ningali Nining cirambay bari umat-imut. Terus ngagabrug ka abdi, nangkeup pageuh pisan.
**
Thuwal, September 2014
Henteu inget deui, ieu téh ngalongok basisir Thuwal anu ka sabaraha kalina. Basisir anu simpé, bararesih, ombakna saukur ngagilisir dina pasir. Jauh-jauh dijugjug ka Jédah, mondok sapeuting dua peuting, lantaran hayang ngalongok basisir Thuwal. Basisir pangéndahna anu aya dina lelembutan kuring.
Enya, lantaran éndahna hirup kuring mah di basisir Thuwal ayana. Karasa geterna dina daun-daun korma anu teu weléh gugupay diulinkeun angin. Karasa ambeuna dina pasir putih tempat barudak ulin iimahan. Karasa héabna dina panonpoé soré anu haneut. Ah, kuring henteu pinter ngadongéngkeun rarasaan.
Ieu haté aya ku ngeleter unggal peureum bari ngarénghap panjang. Kang Iwok siga anu ngalangkang. Asih jeung Arumsari lulumpatan di pasir putih basisir. Di handapeun tangkal korma basa nungguan barudak mandi, Kang Iwok ujug-ujug ngesun pipi ti tukang. Kuring reuwas. Untungna basisir Thuwal keur simpé, henteu aya anu arulin. Ngan aya sakulawarga di tungtung basisir.
“Nanaonan atuh, Kang?” pok téh protés.
“Ku Akang ditingali ti tadi, Néng téh mani geulis,” cenah bari neuteup mani anteb. Néng téh sesebutan deudeuhna lamun henteu aya barudak. Da lamun aya barudak mah nyebutna ka kuring téh Umi.
Tangtu waé rada bareureum pipi téh. Keur bobogohan anu ngan dua bulan ogé asa jauh ka kitu.
“Ka ditu ah, ibak heula, sakedap deui Magrib.”
Kang Iwok imut. “Akang badé ibak, tapi sun sakali deui, nya?”
“Ih, isin ah. Tuh, katingali ku batur.” Kuring gancang ngahalangan ku dua leungeun. “Engké wé di bumi, tiasa langkung ti sun.”
“Alim ah, da hoyong di dieu.”
Untungna barudak kalaluar ti jamban. Kang Iwok ngaléos bari ngahariring lagu Kabogoh Jauh-na Darso. Kuring imut. Rarasaan téh asa kakara ayeuna Kang Iwok réhé siga kitu. Aya-aya waé.
Tangtu waé kuring henteu nyangka, lamun disebut kila-kila mah, réhéna Kang Iwok téh kila-kila. Kila-kila mulangna Kang Iwok, ka kalanggengan, bari mawa dua jimat haté kuring. Harita téh geus direncanakeun pakanci ka Madain Saleh, tempat wisata gurun di kota Al-Ula. Lumayan jauh ti Jedah mah, kira-kira 800 kilometer. Ti imah téh henteu langsung ka Madain Saleh lantaran jauh téa. Reureuh heula sapeuting di Madinah. Kang Iwok jangjian jeung babaturan kantorna di hotél Madinah. Isukna, ti Madinah konvoy ka Al-Ula.
Duka kumaha mimitina, kuring ujug-ujug migrén. Ieu sirah mani lieur jeung beurat. Kang Iwok jeung barudak ogé tadina mah moal tulus indit. Tapi karunya ka barudak. Nungguan pakanci deui mah kudu taun hareup.  
“Umi mah henteu nanaon dikantunkeun ogé, istirahat waé di bumi,” pok téh. “Karunya barudak. Mung dua-tilu dinten ieuh.”
Kang Iwok ngesun, terus nangkeup mani pageuh. Barudak ajrag-ajragan bungah. Isukna, subuh-subuh ogé kuring asa séhat sabihara-bihari. Kaduga solat subuh bari henteu lieur henteu puyeng.
Bada solat lohor télépon téh ngiriningna. Asa dibéntar gelap. Asa tibalik dunya téh. Ti Madinah ka Al-Ula téh jalon tol lempeng. Ngareunah pikeun ngebut. Konvoy téh ngebut cenah. Ari pék, mobil Kang Iwok ngagiles batu, terus nabrak wates jalan, terus gugulitikan nepi ka saratus méter leuwih.
Kajadian éta anu ngalantarankeun kuring henteu bisa mopohokeun Jedah jeung basisir Thuwal. Enya ogé geus tilu taun kajadianana. Enya ogé Ambu sareng Abah, ogé dulur-dulur kuring di Bandung, sok rambisak ningali kuring siga anu langlang-lingling. Terus nyalegruk basa apaleun kuring hayang ka Jedah.
“Kanggo naon, Néng, ka ditu deui? Anggur istigfar,” saur Ambu bari nangkeup pageuh, cisocana murubut maseuhan pipi kuring. Meureun Ambu  kitu téh lantaran apal kuring moal bisa dicaram.
**
Thuwal, September 2014
Keur anteng ngangkleung-ngangkleung parahu katineung, ngawawaas Kang Iwok jeung dua jimat kuring, Asih jeung Arumsari; kuring ningali ibu-ibu diuk dina korsi basisir. Ibu-ibu anu diabaya arba’in, abaya pangsederhanana anu hargana biasana 40 real, jeung kaca mata hideung. Di hareupeunana, pasir putih manjang, dua urang budak keur anteng arulin. Meureun barudakna si ibu abaya arba’in éta.
Si ibu abaya arba’in téh anjeun Téh Asiah. Mimitina mah kuring nyangka anjeun téh TKW (Tenaga Kerja Wanita) anu réa jaradi babu di Arab Saudi ieu. Kuring api-api henteu ningali basa anjeun neuteup kuring terus imut. Hapunten Téh Asiah, kurng apan keur anteng nyorangan.
Tapi basa kaluar ti musola, anjeun siga anu nungguan. “Indonesianya dari mana, Mbak?” ceuk anjeun. Sakedapan mah kuring hareugeueun. Meureun lantaran kuring keur hayang nyorangan téa. Atawa kuring hookeun, geuning ti kadeukeutan mah, anjeun téh aya ku geulis. Kulit beresih, umyang konéng, lalemed matak resep anu neuteup. Soca cureuleuk, dihias ku bulu-bulu lalentik. Halis lir sireum hideung ngabaris.
“Saya dari Bandung,” pok téh pondok bari laun.
Kuring henteu inget naon anu diobrolkeun harita. Ngan basa mulang ka hotél, keretas sacewir eusi alamat blog jeung no télépon téh dibebeskeun kana dompét. Peutingna panasaran, alamat blog téh dibuka. Blog téh eusina catetan traveling ke tempat-tempat wisata di Hongkong, China, Jepang, Malaysia, Eropa, Amerika. Anu panganyarna, catetan ngeunaan Jedah, Arab Saudi.
Kuring hookeun di hareupeun laptop. Henteu nyangka sacongo buuk. Anjeun téh aya ku lampar, Téh Asih.
“Ari sibuk mah henteu, saukur ngasuh barudak ti enjing-enjing dugi ka siang,” ceuk anjeun isukna. “Upami Néng aya waktos, tiasa ameng ka apartemen Tétéh bada asar.”
**
Pasir Wening, Nopember 2014
Saung ranggon téh ngan saukuran 4 X 4 meter. Angin ngahiliwir seger. Kuring emok dina palupuh bari neuteup ka jauhna. Situ Ciwening dihias ku taraté. Situ anu caina hérang ngagenclang, dasarna katingali da henteu pati jero, lauk leutik arulin patinggurilap.
Bor leutik nangreu di juru saung. Di gigireunna, erak pinuh ku Al-Qur’an jeung buku. Enya, saung ieu téh apan madrasah Miara Lembur téa. Saung anu ku anjeun didongéngkeun, Téh Asiah. Saung tempat barudak ngaji pasosoré. Saung tempat anjeun ngadongéngkeun siroh nabawiyah ka barudak. Saung tempat anjeun ngaderes Al-Qur’an bari rambisak. Rambisak ari ras kana nasib barudak Pasir Wening anu walurat. Réa katuna, sarwa henteu boga.
“Aya ku nikmat keur nyorangan di saung téh, ngaderes Al-Qur’an nepi ka haté henteu kuat macana,” ceuk anjeun basa kuring ka apartemen.
Kuring henteu terang, naha aya anu ngagerakeun ieu léngkah ka apartemen anjeun.   Ah, geus kitu meureun kuduna. Gusti Alloh tos ngarencanakeun urang kudu silihjug-jugan haté.
“Pasir Wening téh kampung nu éndah, lembur anu tengtrem enya ogé nyingkur. Tapi matak peurih lantaran katalangsara, masakat taya kaboga, miskin,” ceuk anjeun. “Nami Tétéh téh saleresna Euis, Néng. Euis anu kapaksa ninggalkeun lembur, luluasan susuganan nasib bisa robah. Ari ku lunta mah ka nagara deungeun, apan batur ogé réa anu kabiruyungan mawa hasil.”
“Naha nami bet digentos janten Asiah?” ceuk kuring.
“Da Euis mah tos henteu aya di kieuna.”
“Maksadna?”
“Euis mah tos tamat umurna sabada ka Malaysia. Ceuk calo, Euis bakal diperenahkeun di rumah makan.” Harita, anjeun ngadongéng ku sora anu lempeng, siga anu henteu ngandung rasa nanaon. Ah, boa lantaran pinuh teuing ku rasa kétang. “Ari pék, Euis dijual ka tempat prostitusi. Cimata murubut taya eureunna. Nepi ka garing, nepi ka ngagukguk kanyenyerian téh henteu dibarengan ku cimata.”
Teuteup anjeun aya ku seukeut. Harita, kuring henteu wani ningali soca anjeun. Asa kabawa nyerina, peurihna, nyanyautanana.   
“Sanggeus cimata garing, haté baal ku rasa nyeri, Euis terus pindah ka Hongkong, China, Jepang, Eropa, bari nabung meunang nyisihkeun pangrampas germo. Tapi sanggeus tabungan cukup, leuwih ti cukup meureun, Euis henteu bisa mulang ka Pasir Wening.”
“Naha?”
“Lantara Euis mah lamokot teuing ku kokotor. Nya harita Euis palastra, lahir wé Asiah. Néng terang saha Asiah?”
Kuring gideug. Anjeun imut. Imut anu henteu jelas ngandung rasa naon.
“Asiah téh istri anu soléh, anu beresih manahna, anu dipikadeudeuh ku Gusti. Enya ogé carogéna Fir’aun anu lantaran sombongna dilaknat ku Gusti Aloh,” ceuk anjeun. “Asiah ieu anu terus bumetah di Jedah, sagawé-gawé saaya-aya. Lantaran anu utamana mah Asiah hoyong ka tanah suci, hoyong sujud di payuneun maqam Ibrahim, hoyong nyiram kembang cinta anu kagaringan enya ogé henteu kungsi layu.”  
Bari neuteup situ Ciwening anu ku anjeun sering didongéngkeun, kuring ngawawaas paguneman jeung anjeun, Téh Asiah. Kuring ogé apan asa dilahirkeun deui. Tapi kuring mah moal ngaganti ngaran. Ngaran kuring tetep Titin. Titin anu lain. Titin anu ngarasa dihadiahan kaéndahan ku Gusti Aloh mangrupa katineung ka Kang Iwok, Asih jeung Arumsari. Titin anu bakal ngaléngkah ludeung ka isukan bari henteu dibeungbeuratan ku kamari.
“Upami Néng kersa, panuhun Tétéh pangdugikeun tabungan kanggo madrasah sareng kulawarga di Pasir Wening,” ceuk anjeun. “Hiji waktu, Asiah pasti mulang ka Pasir Wening, ngawangun anu baheula kungsi dicita-citakeun.”
Titipan anjeun téh tos didugikeun, Téh Asiah. Ka kulawarga anjeun langsung, Nining adi anjeun, Aki Asip sareng Nini Uti.
“Ibu kunaon?” ceuk Nining anu ngabaturan ningalian saung madrasah ngagareuwahkeun. Meureun pedah ningali cipanon ngalémbéréh dina pipi kuring.
“Saha anu masihan nami madrasah Miara Lembur?” Kuring malah malik nanya.
“Téh Euis.” Nining ngabalieur. “Tos mangtaun-taun pun lanceuk téh ka luar negeri, janten TKW. Tapi bujeng uih, wartosna ogé henteu kantos aya.”  ***


Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni