SASAKALA BATU KEWUNG
Mangle no. 2529, 28 Mei – 3 Juni
2015
Jaman baheula, di Banten aya sodagar
beunghar. Sodagar anu henteu disebutkeun ngaranna téh layeut pisan jeung Sultan
Haji. Ari Sultan Haji teh putrana Sultan Tirtayasa anu nyakrawati di Banten.
Lantaran layeut jeung Sultan Haji éta sodagar beunghar téh ngamonopoli
perdagangan béas jeung rempah-rempah di Banten.
Sodagar téh jadi tuan tanah di
pakampungan. Carana meulian tanah téh ku ngahutangkeun modal ka para patani.
Hutang anu bungana terus nambahan téh lamun henteu kabayar, nya tanahna
dijabel. Ongkoh deuih apan manéhna téh dipilih jadi kuwu. Pajeg anu diwajibkeun
ku manéhna leuwih gedé batan anu ditangtukeun ku pamaréntah Banten. Pikeun
ngajalankeun usaha jeung narikan pajegna sodagar téh ngagawékeun para jawara anu
taya ras-rasan.
Najan beunghar hartana henteu kaitung,
éta sodagar téh peditna kabina-bina. Tong boro méré mawéh ka sasama, sodakoh ka
anu katalangsara, keur dirina sorangan ogé diwatesan. Sodagar téh hirupna
nyorangan alias henteu kawin. Ari alesanana, kawin téh cenah sarua jeung
awuntah. Komo lamun boga budak mah. Apan kudu maraban, makéan, jeung béaya
séjénna pikeun pamajikan jeung barudakna.
Hiji poé ka hareupeun imah sodagar téh
aya aki-aki. Éta aki-aki kundang iteuk anu katingalina langlayeuseun téh uluk
salam.
“Sampurasun, salam pangersa,” ceuk
aki-aki téh bari alak-ilik nengetan panto pager.
“Aya perlu naon, Aki?” Salah saurang
jawara nyampeurkeun.
“Êta nun hoyong dipaparin piwelasna
sangu sakeupeul sareng cai sagelas mah.”
“Euweuh! Hayoh mantog ka ditu!”
Éta aki-aki téh ngaléos. Ngan duka
kumaha carana, basa sodagar téh keur moyan di buruan tukang bari nyanghareupan
bubuy hui sapiring, aki-aki téh nyampeurkeun.
“Juragan, aki téh langlayeuseun, hoyong
dipaparin piwelasna hui hiji mah sareng cai sagelas,” ceuk si aki.
Sodagar téh reuwas kacida. Manéhna
muncereng. “Ngeunah siah, punta-pénta teu pupuguh!” pokna garihal. “Kumaha bisa
asupna siah manéh, apan sakabéh panto pager dijaga ku jawara?”
Sodagar téh terus ngageroan jawara badégana.
Atuh jawara anu keur jaraga téh mani dagdag-dégdég nyampeurkeun.
“Deuleu siah, naha aki-aki nurustunjung
kieu bisa asup? Gancang bawa, sareukseuk nempona!” ceuk sodagar téh mani
bengis.
Henteu ngengkékeun deui, dua urang
jawara néwak aki-aki anu langlayeuseun. Si aki téh digusur, tuluy dialungkeun
ka jalan. Si aki téh nangtung, terus ngeprukan bajuna anu kalotor.
“Héy Sodagar, pedit téh kabina-bina
teuing. Enya manéh beunghar, tapi manéh kudu ngarasakeun kumaha rasana lapar
anu nataku. Enya ogé manéh loba kuda loba padati, moal bisa indit-inditan ka
mamana siah!” ceuk aki-aki téh, terus ngaléos duka ka mana.
Sodagar téh reuwas da puguh sora aki-aki
téh ngoncrang jelas. Manéhna nitah badégana pikeun nyusul, tapi aki-aki téh
taya tapak-tapakna acan. Terus manéhna diuk dina korsina. Tapi henteu bisa
hudang deui. Sukuna leuleus, satengah awakna siga anu paéh. Lamun jaman ayeuna
mah meureun stroke téa.
Sodagar téh ngagorowok reuwas. Para
badégana nyalampeurkeun ogé da henteu bisa kukumaha. Dukun jeung tabib anu aya
di lemburna didatangkeun, tapi taya hasilna. Mimiti diogan tabib ti kampung anu
jararauh. Tapi panyakit sodagar téh henteu aya mendingna. Mangtaun-taun kituna
téh. Sodagar téh mindeng ceurik. Kaduhung manéhna téh. Kaduhung ku kalakuanana.
Hiji poé mah sodagar téh ngagerentes ka
dirina sorangan, “Gusti, lamun seug kaula cageur sabihara-bihari deui, kaula
réla pikeun ngabagikeun satengah kakayaan pikeun saha waé ogé anu katalangsara.”
Isukna basa keur moyan di buruan tukang,
aki-aki anu baheula téa ngadatangan deui.
“Lamun anjeun hayang cageur, aya tilu
perkara anu ku anjeun kudu dilakukeun,” ceuk aki-aki téh. “Kahiji, anjeun kudu
ngarobah pasipatan pedit jeung nindes ka rahayat. Kadua, anjeun kudu indit ka
Gunung Karang. Téangan waé di puncerna aya batu kewung. Tah, di batu kewung téa
anjeun kudu tapa. Rasakeun waé kumaha rasana lapar jeung hanaang téh. Anu
katilu, lamun geus sabihara-bihari deui, ulah poho kana jangji anu geus
digerenteskeun.”
Aki-aki téh terus ngaléos duka ka mana.
Beurang éta kénéh sodagar téh indit ka Gunung Karang. Manéhna ditandu ku
opatan. Jalan satapak, bras ka jalan leuweung anu rembet, terusna mah ngaliwatan
jungkrang lungkawing jeung cadas leueur jeung jalan anu hara-haraeun. Nepi ka
puncer Gunung Karang badéga anu ngagotong tandu geus teu walakaya. Opatanana
ngagalolér carapéeun. Sodagar téh ningali aya batu kewung henteu jauh ti dinya.
Manéhna ngorondang nyampeurkeun.
Sodagar téh tapa salila tujuh poé tujuh
peuting. Lapar anu nataku karasa ku manéhna. Sodagar téh ceurik ngagukguk,
inget kana kalakuanana henteu miroséa ka anu katalangsara. Peutingna
disingsieunan jurig nyiliwuri, rarasaanana disiksa ku mahluk-mahluk telenges.
Sodagar téh ceurik deui, inget kana telengesna nindes ka rahayat.
Kacaturkeun tamat wé tapana. Ti jero
batu kewung téh kaluar cai panas. Sanggeus mandi di cai panas, suku sodagar anu
lumpuh téh cageur sabihara-bihari deui. Salain nedunan jangjina pikeun
ngabagikeun satengah kakayaanana, sodagar téh ngalamar mojang anak patani miskin.
Rahayat ogé jadi mikaresep.
Batu kewung téa nepi ka ayeuna
mancerkeun cai panas. Réa anu ngadon mandi, anu tatamba terus calageur,
pangpangna anu katerap panyakit kulit. Ayeuna mah batu kewung téh jadi tempat
wisata di Kecamatan Padarincang, Ciomas, di tutugan Gunung Karang. **
0 Response to "SASAKALA BATU KEWUNG"
Posting Komentar