Jejak Kata :
Home » » KAHADEAN JAPATI

KAHADEAN JAPATI

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 10.53


Usum halodo taun ieu aya ku lila. Unggal poé panonpoé mani morérét. Pasti sasaha ogé horéam indit-inditan. Ogé hiji japati anu nyayang di sisi leuweung. Manéhna hayangna mah males-malesan ngiuhan dina tangkal anu ngarandakah. Tapi henteu bisa kitu. Apan manéhna téh boga anak anu masih parabaneun.
Ti isuk kénéh éta japati gegeleberan ka ditu ka dieu. Maksudna mah néangan sugan aya sésa bungbuahan anu bisa dibikeun ka anaknya. Tapi di sakuriling sayangna mah geus euweuh anu bisa dipulungan. Tungtungna mah manéhna hiber ka jauhna. Bakat ku nyaah ka anakna kitu peta téh.
Tapi henteu bisa kebat hiber téh poé éta mah. Japati téh reureuh dina tangkal mahoni. Langlayeuseun tayohna mah pedah kamari kurang dahar jeung panas mani morérét.
Rada nundutan japati téh di tempat anu iuh mah. Tapi kagareuwahkeun ku sora anu ngabeledag tarik pisan. Japati téh nepi ka tikoséwad bakat ku reuwas.
“DOR...!” Sora bedil tayohna mah. Di handapeun tangkal mahoni aya paninggaran anu keur pupurilitan ngagaro tonggongna.
“Kasebelan siah! Sireum atah adol!” Paninggaran téh kutuk gendeng.
Japati téh sanggeus sadar mah gancang hiber deui. Jantungna ratug. Reuwas manéhna téh. Pasti paninggaran téh asalna mah nojokeun congo bedilna téh ka manéhna. Ngan lantaran aya sireum anu nyoco tonggongna, bedilna jadi henteu puguh sasaran.
Nepi ka soré éta japati anu langlayeuseun téh henteu manggih dahareun. Tong boro keur anakna, dalah keur manéhna ogé sakadar keur nguatan tanagana pikeun balik henteu manggih kakacangan sahiji-hiji acan. Sawah jeung pakebonan anu biasana dipelakan paré jeung palawija ku patani ngahgar, taneuhna bareulah.
Lahaola japati téh nyimpang ka pakampungan jelema. Sugan waé aya anu miceun sangu sésa atawa naon waé anu bisa didahar. Di hiji suhunan imah japati téh eunteup. Panonna mah ngulincer ka ditu ka dieu.
Mani reuwas japati téh basa di handapeun imah aya jelema ngalung-ngalungkeun kadaharan. Jagong jeung kacang héjo sigana mah. Tikorona langsung turun naék. Masih kapikiran ku manéhna, kumaha lamun kadaharan éta téh saukur pangbibita? Da maksud éta jelema téh saenyana mah néwak manéhna.
Ah, henteu nanaon ditéwak ogé. Henteu ditéwak ku jelema ogé manéhna mah bakal paéh langlayeuseun. Japati téh terus ngageleber nyampeurkeun jelema anu ngalung-ngalung kadaharan téa. Geus dina taneuh mah terus wé nyorokcok macokan jagong jeung kacang héjo. Macokna rada rusuh da puguh lapar geus ti tadi.
Sanggeus beuteungna karasa pinuh japati téh kakara inget deui ka jelema anu marabna. Geuning dirina henteu ditéwak? Eta jelema téh kalah ngasongkeun baskom leutik eusi cai. Japati téh nginum sawaregna. Komo apan manéhna téh apan keur nyusuan, kudu rada loba nginum. Boa ieu jelema téh apal ka dirina. Da biasana mah jelema jarang anu apal yén japati téh hiji-hijina manuk anu sok nyusuan anakna.
Geus seubeuh bari mekel kacang héjo jeung jagong saeutik dina bahamna, japati téh terus hiber. Eta jelema geuning boro-boro néwak, manéhna hiber ogé kalah gugupay.
Nepi ka sayangna anak-anak japati mani récét. Bari ngalolohan anak-anakna, japati téh ngahuleng. Aya ku ahéng pangalaman poé ieu mah, gerentesna. Dua kali nyawana ampir ngalayang. Manéhna geus pasrah. Tapi bet aya anu nulungan, bari manéhna henteu apal kumaha jujutanana. Paninggaran anu keur ngokang bedil ngadak-ngadak tonggongna digégél sireum. Jelema anu marab ku kacang héjo jeung jagong, tayohna mah nulungan, lain arék néwak saperti kalolobaanana jelema.
“Henteu kudu héran, Japati,” ceuk hiji sora. Oh, malaikat leuweung geuning aya di gigireunana. “Eta téh hadiah pikeun kahadéan anjeun salila ieu.”
“Maksadna kumaha?” Japati téh kalah nanya.
“Inget meureun basa aya sireum keur gugurayangan dina jukut di biwir balong. Eta sireum téh ragrag ka balong da angin ngadadak ngagelebug. Sireum téh ampir-ampiran tiwas da unggal ngojay ka sisi kabawa deui ku angin. Apan anjeun muragkeun salambar daun ka deukeut éta sireum.”
Japati téh unggeuk.
“Baheula aya manusa tukang dagang anu dirampog bari dirogahala di leuweung. Eta tukang dagang téh langlayeuseuh kalaparan, tungtungna ngalungsar di handapeun tangkal kai. Apan anjeun anu muragkeun jagong ka lebah bahamna, nepi ka éta tukang dagang téh jagjag deui.”
Japati téh nginget-nginget naon anu kungsi kaalamanana. Da unggal nulung ogé apan manéhna mah henteu pamrih nanaon.
“Nulung ka anu butuh nalang ka anu susah téh saperti tabungan. Hiji waktu, naha di dunya kénéh naha engke di ahérat, tabungan téh bakal jadi bekel anu munel,” ceuk malaikat leuweung téh.
Japati téh unggeuk bari dina haténa mah ngucap sukur ka Yang Agung.  ***

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni