SASAKALA


Tribun Jabar, 18-20 Desember 2013

Puruluk menyan. Peletek haseup nyambuangkeun seungit. Gereyem ngarajah:
Hung... ahung.... Neda widi ka anu suci, neda ampun ka karuhun, amit ka anu di wétan amit ka anu di kulon amit ka anu di kalér amit ka anu di kidul, kula seja ngalalana, ngalalana ka alam bahaya, alam padungdung nu taya tungtung, amit-amit éléh ku dedemit, palias ngababatang ku binatang, palias perlaya ku buta, palias istan, istan palias, ppuuhh... ppuuuhhh....
Nangtung. Sakedap neuteup alam éndah, alam éndah anu baris ditinggalkeun. Gunung-gunung atra katingali, teu kasaput ku pepedut. Langit lénglang. Tatangkalan ngémploh héjo, héjo seger. Cai nyirilik di curug leutik, angin mapay-mapay sampalan. Pileuleuyan.
Teu nolih deui ka tukang. Ngagedig. Reg hareupeun pager cahaya. Pager cahaya anu duka sabaraha kandelna duka sabaraha jangkungna. Teu aya anu kakuping teu aya anu katingali naon anu aya di lebet éta cahaya. Ieu. Pager ieu anu misahkeun alam tengtrem jeung alam hieum téh.  
Gajleng. Kadia maung pager cahaya téh ditembus. Gulitik dina amparan keusik. Ceuli rancung. Panon hurung. Renghap suwung. Sahéng. Sahéng di kidul sahéng di kalér sahéng di wétan sahéng di kulon. Tarompét nérétét. Pakarang patingbelentrang. Nu ngajerit nu ngocéak nu ngalengis nu susumbar nu ngagakgak nu ngagikgik nu ngagukguk. Minuhan langit. Kaangin-angin ka kaanggangan. Kabawa umpalan walungan ka lautan.
Rancingeus. Caringcing pageuh éling. Aman. Taya tanda-tanda musuh. Ngaléngkah lalaunan. Hiji dua tilu. Tilu léngkah. Borélak di langit segedé tatit. Ngabelesat. Ngajleng. Mun teu ngajleng ancur awakna. Naga sagedé tangkal kalapa notog embun-embunan, mebes ka jero taneuh. Pucunghul deui di hareupeun. Renghosna seuneu ngabebela. Huntuna beusi meunang meuleum. Sérépét bedog pasrén. Gurilap seuseukeutna.  
“Saha andika? Naga percona atawa naga bonar?”
“Waahh... tong loba tatanya. Teu penting saha-sahana di dieu mah.”
Belesat naga narajang ku jurus Nyamber Bangkong. Ngan orokaya bedog pasrén ngahadang ti ditu ti dieu. Lol ka kénca disampakeun seuseukeut bedog. Lol ka katuhu direuwaskeun gurilap bedog. Sirah naga jeung bedog pasrén siga anu keur ocon. Pareng dina hiji detik, enya dina hiji detik, naga anu ilang akal teu bisa waé nyamber, kasabet bedog pasrén, sapat sapisan. Awak naga gugulitikan ngababad tatangkalan. Getih nyebrot lir air mancur dadakan. Keusik beureum taneuh beureum jukut beureum tatangkalan bareureum. Sirah naga ancul-anculan. Panon buncelik. Tungtungna awak naga jeung sirahna ngalumbuk teu aya daya. Paéh sapisan.
Naga téh dicacag. Belewek belewek dihuapkeun. Eureuleu teurab. Kitu cenah kakedahanana. Anu paragat nyawana kedah diteureuy. Margi upami henteu diteureuy bakal hirup deui. Sadayana anu aya di dieu, di leuweung padungdung ieu, gaduh aji pancasona.
Bedog pasrén dielap ku daun cau. Bes kana sarangkana. Gedig ngaléngkah. Caringcing pageuh éling. Saringset pageuh inget.
**
Kitu cenah kakedahanana. Tos watek ti ajalina. Upami hoyong tenang kedah perang. Bari dina perang téh tong aya rasa karunya. Da musuh mah tetep musuh. Di alam padungdung mah teu aya unggulan kadu katilu sareng saterasna. Da sadayana parantos perlaya ku anu digjaya.
Mungguh anjeunna. Anjeunna téh utusan ti marcapada, ti alam pawenangan. Mangabad-abad dunya harénghéng. Di unggal benua unggal pulo unggal nagara, jalmi-jalmi parebut alas. Alas kadaharan alas kakawasaan alas kawanitaan alas kalalakian, janten sabab musabab silihintip pati silihala nyawa silihtugel jangga silihuber umur. Kocapkeun aya jalmi pinilih linuhung élmu gentur tatapa gentur puasa legok tapak genténg kadék. Saur éta kasepuhan, dunya téh parantos hieum, hieum sapisan. Di wétan meredong di kulon meredong di kalér meredong di kidul meredong. Dunya téh kedah diruat. Diruat ku anu kiat. Kiat tarung di gunung padungdung. Margi jurig nyiliwuri sétan marakayangan binatang barangasan anu aya di éta gunung, janten ulon-ulon kaawonan janten lantaran pacéngkadan. Nya, sadayana mupakat. Présidén ti Amerika présiden ti Eropah présidén ti Afrika présidén ti Australia présidén ti Asia, sami-sami mercantenkeun ka éta kasepuhan anu moal disebatkeun namina, kanggo milih utusan.
Murid éta kasepuhan pisan anjeunna téh. Jalmi linuhung élmu lahir élmu batin élmu paré anu wuwuh ngeluk. Enya ogé kitu, anjeunna téh kantos salempang, inggis ku bisi rémpan ku sugan. Sanés hariwang ku nyawa jejerih ku pati. Keun da éta mah tos aya anu ngaturna, aya anu kagunganana. Tapi salempang sotéh bilih tugas henteu tuntas.
“Tong dipikiran ka palebah dinya. Acan ogé miang geus hariwang. Atuh éta mah jejerih sieun dibintih kuméok méméh dipacok. Jung ayeuna mah geura miang. Caringcing kudu éling. Saringset kudu inget. Mama ogé moal ngantep. Mama nalingakeun ti kaanggangan. Ngabaturan hidep ku du’a.” Kitu kasauran Mama Kasepuhan ka muridna ku anjeun. Atuh saparantos direugreugan kitu mah murid kakasih téh amit miang. Léngkahna merenah, teu honcéwang teu hariwang.
Kitu kaayaanana. Di wilayah-wilayah harénghéng, di médan danalaga, aya waé anu ngatur siasat. Skenario ditulis ti anggalna. Apan unggulna Pandawa di danalaga Kurusétra ogé aya Batara Kresna. Enya ogé titis tulis ti ajali mah apan moal aya anu terang. Êta mah husus kagungan Anu Maha Rusiah.
 Di gunung padungdung ogé kitu kaayaanana. Dina hiji detik, dina hiji waktu anu nangtukeun, Mama Kasepuhan sumping mangrupa ilapat. Di hiji mumunggang utusan ti marcapada téh pasangrok sareng maung lodaya saageung gajah. Atuh tarung patutunggalan ampir-ampir teu aya tungtung. Sami-sami paséhat dina silat utama dina bitotama. Séréd sumérédan banting binantingan. Silihtajong silihcakar silihbongohan kaapesan. Sadinten dua dinten tilu dinten... tos saminggu nu bitotama teu aya anu perlaya. Dinten katujuh Sang Utusan téh ngaraos suda tanaga kadéséh setamina. Upami maung lodaya terangeun meureun sakali narajang ogé musuhna ngababatang. Ma’lum jalmi pinilih, suda tanaga sanés hartos leungit pangarti. Anjeunna ujug-ujug émut kana kasauran maneuh Mama Kasepuhan sabada ngadongéng: “Dongéng téh lain saukur ngabobodo budak céngéng. Tapi aya hartina anu jembar. Saperti dongéng sakadang kancil jeung maung....”
Sang Utusan anu parantos suda tanaga ngagakgak. Maung undur saléngkah, taki-taki bilih musuhna ngawatek ajian.
“Kunaon silang seuri? Nyeungseurikeun aing?” ceuk maung songong.
“Kula mah nyeungseurikeun kalakuan urang. Naha mani popohoan gelut téh. Padahal mimitina mah kula téh saukur kasieunan. Sieun andika ngarebut barang pusaka anu keur dijaga ku kaula.”
“Barang pusaka naon?”
“Jangji moal ngarebut pasti dibéjaan.”
“Moal. Sok wani sumpah.”
“Barang pusakana mah beubeur, beubeurna Kangjeng Nabi Sulaéman. Sing saha anu maké éta beubeur, titingalianana bakal plung-plong araréndah. Unggal poé téh ngan gumbira jeung gumbira. Atuh di médan perang bakal unggul jeung unggul.”
“Mana beubeurna?”
“Beubeurna mah itu dina dahan sélong.”
Tos kitu perwatekna maung. Abong préman di leuweung jéger tukang meres sasatoan, barang ditunjukeun beubeur pusaka, teu ngémut kana jangjina deui ngan gajleng waé ngarontok beubeur pusaka. Ari anu majarkeun beubeur pusaka téa nyaéta oray sanca anu keur reureuh. Atuh puguh waé oray sanca ambek. Barang beubeur téa dipakékeun kana cangkéng maung ngan reketek waé oray sanca mageuhan, beuki lami beuki tarik. Maung reuwas. Mata buncelik, teras adug-adugan, lumpat ka ditu ka dieu, tunggar-teunggar, gogorolongan. Tatangkalan rarubuh batu-batu balalencar. Maung eungapeun teu tiasa ngambekan. Tungtungna leuleus, ngudupruk lir kapuk kaibunan. Tos kitu mah, Sang Utusan mung sakali ngaheumbat, maung sareng oray sanca paragat nyawana.
**
Kocap kacarita, gunung padungdung mimiti simpé. Jurig nyiliwuri sétan marakayangan binatang barangasan, hiji-hiji perlaya alatan silihpergasa. Simpé. Tapi sidik aya kénéh musuh anu kudu disusul. Diobrot ka léngkob-léngkob diudag ka unggal tegalan diintip-intip di pasir, tapi weléh teu kapanggih. Sang Utusan tos taak mecak déngkak. Mama Kasepuan sumping dina hiji wengi. Anjeunna ngaluarkeun eunteung lopian.
“Enya, tinggal hiji deui alaeun téh. Tapi anu ieu mah licik taya paceklik nipu teu apal waktu. Mangka singati-ati. Tuh tingali, aya di belah wétan geuning. Nyumput dina rungkun. Ngadon ngabongohan. Ngantep téh nganti-nganti hidep lungsé kacapéan.” Kitu kasauran Mama Kasepuhan bari ningali eunteung lopian. Sang Utusan unggut-unggutan, nembé kaémut upami kitu kaayaanana mah.
“Pangabisana mah teu sabaraha. Tapi tong hélok ku naon nu nyésa téh manéhna. Banténg, gajah, dinosaurus, singa, kingkong, buaya, buta, vampir, pocong, perlaya ku dilicikan téa. Jig ayeuna mah téang ka wétan. Dua poé gé anggeus geura tugas téh.”
Sang Utusan reugreug saparantos nampi piwejang. Anjeunna kebat lumampah ka wewengkon wétan. Mama Kasepuhan ngantosan di luar pakalangan, di luar gunung padungdung téa. Sadinten dua dinten tilu dinten... tos jejeg saminggu murid kakasih téh henteu jol waé. Ditingali téh dina eunteung lopian geuning nuju diudag-udag ku bagong bayangan bari kokocéakan margi unggal ngendoran lumpatna imbitna disundul ku bagong. Mama Kasepuhan hémang teu aya papadana. Tapi ningali muridna dikakaya mah anjeunna ngaharéwos. “Jleng... ngajleng wé ka alam urang. Keun sugan tinggal hiji mah moal matak harénghéng alam dunya....”
Mungguhing perwatek jalmi linuhung élmu, haréwos Mama Kasepuhan langsung kakuping sareng kahartos ku manah muridna. Atuh gajleng waé Sang Utusan nembus pager cahaya. Clé kana lemah tos aya di payuneun Mama Kasepuhan.
“Jauh tina panyangka, naha hidep bet diudag-udag, ampir-ampir bobor karahayuan.”
“Ampun, Mama, putra téh teu tiasa namatkeun tugas sacara sampurna. Unggal tos dipergasa, éta bagong téh tos kantun bangkéna, teu wasa putra téh ngahuapkeunana.”
“Naha?”
“Apan bagong mah haram, Mama.”
Mama kasepuhan ngahuleng ngaragameneng. Nembé kaémut, murid anu ieu mah apan tos bénten ageman. Agemanana nyaéta anu ngaharamkeun kana daging bagong.
**
“Terasna kumaha? Bagong téh ngudag ka alam dunya?” ceuk saurang budak.
“Puguh wé bagong téh teras ngobrot, dugi ka ayeuna,” walon tukang dongéng.
“Geuning ka urang mah henteu ngudag. Aya ogé bagong di kebon binatang dikandangan.”
“Hiss... da sanés bagong sapertos kitu. Bagong ieu mah apan licik sareng jagoan. Tiasa mancalaputra mancalaputri, tiasa janten jalmi janten perhiasan janten artos janten acuk janten keretas janten télépon janten proyek janten naon waé ogé tiasa.” ***

Bandung, November-Desember 2012

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SASAKALA"

Posting Komentar