SABADA LEBARAN


barakatak mangle

INGET WAE
“Anu inget waé bulan puasa kamari, lantaran poho terus ngahenggoy hui oven béak hiji anu sagedé pigeulang, emh aya ku amis jeung legit.”
“Wah, untung atuh.”
“Untung kumaha, puguh kasiksa.”
“Naha?”
“Béak hui hiji, acan nginum geus inget. Atuh eueuleugeugan sapoé jeput.”
“Edas...!”

BOLENDRANG
“Saminggu sabada Lebaran, Amang mah terus dirawat di rumah sakit.”
“Beu! Naha ku naon?”
“Pedahna mah ngahijikeun pasakan sésa. Digoréng wé. Bolendrang téa gening disebutna. Sapiring metung atuh dihanca ku Amang. Naha peutingna bulak-balik waé ka cai nepi ka leuleus.”
“Euh. Meureun pasakan haseum kahijikeun.”
“Tah, kitu pisan.”

KAKAREN
“Wa, cik manawi aya kakarén Lebaran.”
“Tuh dina kaléng.”
“Beu téga Uwa! Ari kaléng Khong Guan, eusi ranginang, jaba kantun bubukna, jaba tos leuleus.”
“Naha atuh nanyakeun kakarén Lebaran, apan geus genep bulan ayeuna téh ti Lebaranna ogé.”


BADA LEBARAN
“Bada Lebaran téh, baju weuteuh sababaraha setél, sapatu jeung sendal tilu pasang, hp ganti, motor anyar, pamajikan jeung budak garinding, korsi weuteuh, imah anyar dicét, ngan hanjakal....”
“Hanjakal kumaha?”
“Hutang beuki numpuk.”
“Tah, nu kitu anu matak ngariweuhkeun hirup téh.”

Yosep R. – Sumedang
Mangle no 2735, 20-26 Juni 2019

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

  • BOLU MAMAH Bulan puasa Romadon téh sok ras inget ka jaman baheula, kira taun 1980-an. Jaman harita mah tradisi kikiriman dahareun téh masih diaya-… Read More...
  • SABADA LEBARAN INGET WAE “Anu inget waé bulan puasa kamari, lantaran poho terus ngahenggoy hui oven béak hiji anu sagedé pigeulang, emh aya ku amis … Read More...
  • TERORIS TERORIS “Di lembur urang gé aya teroris.” “Wah, maenya?” “Ceuk saha?” “Lebah mana?” “Bisi henteu percaya, hayu urang jajan surabi… Read More...
  • Rampog Jeung Tukang KiosBi Wirna jeung Mang Kukna geus lila muka kios di hareupeun imahna. Kiosna mah saenyana leutik, tapi kaasup pepek barang daganganna. Ti mimit… Read More...
  • SALAH HARTI Mangle no. 2562, 29 Januari – 3 Pebruari 2016 Rais jeung Euis téh pangantén anyar. Kasebutna pangantén anyar, hayangna téh paantel-p… Read More...

0 Response to "SABADA LEBARAN"

Posting Komentar