DIARI Carpon Mangle

 


Dina ngaheunggeu di hareupeun gapura hiji imah. Agréng saperti dina sinétron. Ratusan kali leuwih lega batan imah kontrakanna. Komo agréngna. Pager beusi aya dua méterna, patamanan asri diurus ku ahlina, aya opat tingkatna anu unggal balkonna dihias ku aggrék jeung aglaonéma.

Dina nangkeup buku diarina. Asa-asa rék mencét bél anu nyumput dina témbok gapura téh. Dina henteu nyangka imah anu ditujuna saagréng kitu. Tapi lain saukur asa-asa ku éta. Aya anu ngaguruh dina dadana. Sieun henteu sanggup nyubadanan kahayang anu ngangkirna. Jadi guru, enya ogé saukur guru nulis diari, pasti henteu gampang. Kumaha lamun muridna leuwih pinter, leuwih lega kanyahona, pangpangna ngeunaan kamajuan jaman. Apan manéhna mah muka ramatloka ogé ukur sakali-kali bari saperluna.

Tapi tékadna geus buleud. Naon waé anu bakal disanghareupanana, Dina kudu wani ngungkulanana. Pagawéan anu henteu kabayangkeun, honor anu ogé henteu kabayangkeun gedéna. Puguh asa dina impian.

Mimitina mah saminggu katukang, basa keur babantu di kios baso Mba Rum. Aya langganan bari jajan téh ngalobrolkeun lamaran pagawéan. Cenah gajihna lumayan, paling saeutik sapuluh juta rupiah. Tapi harita téh poé panungtung. Basa keur mérésan mangkok-gelas kotor, Dina manggihan keretas eusi pengumuman lowongan pagawéan téa. Inget di imahna masih aya dokumen lengkep pikeun ngalamar pagawéan, Dina bébéja ka Mba Rum rék balik heula, satengah maksa.  

Di imah Dina molohok basa kakara kabaca pasaratan pagawéan téa. Pendidikan S1 jeung kudu anu pangalaman. Mun apal kitu mah pastina moal ninggalkeun ngaasisténan Mba Rum anu tadi baeud jeung ngancam moal ngajakan deui. Enya, Dina mah apan saukur lulusan SMK. SMK di pasisian anu muridna ukur aya sapuluh urang. Pangalaman gawé ogé acan aya. Kajaba lamun babantu di kios baso, purah gégéroh di rumah makan, atawa nyeuseuh di laundry; bisa diasupkeun kana pengalaman kerja. Tapi unggal inget manéhna téh butuh pagawéan anu leuwih merenah jeung leuwih ngahasilkeun, gancang dokumen lamaran pagawéan téh dikirimkeun ka kantor pos.

Tangtu Dina henteu nyangka basa dua poé kaliwat aya anu ngahubungi. Emah, indungna, anu keur buburuh nyeuseuh di laundry balik. “Aya anu nelepon, geus dua kali,” saur Emah. Poé éta Dina henteu milu gawé di laundry, lantaran kudu nyiapkeun kaperluan sakola dua adina anu kakara kelas 1 jeung 3 Sakola Dasar. Atuh beurangna kudu masak pikeun sakulawarga.

Hp hiji-hijina di kulawarga Dina téh ngirining deui.

“Ieu sareng Dina Mahyana?” ceuk tina hp.

“Mu... hun,” jawab Dina asa-asa. Puguh kakaraeun aya anu nélépon ka manéhna.

“Enya karesep Dina nulis buku diari?”

“Mu... hun.”

“Besok ditungguan di kantor nya, pukul salapanana.”

“Ini... punten, tentang lamaran kerja téa?” Dina asa-asa nanya.

“Enya... tentang pekerjaan. Tapi tong hilap, bekel buku diarina, nya.’

Isukna, di kantor kontraktor nasional téh Dina dianteur ku satpam ka rohangan Bu Aminarti. Rohangan di lanté tilu téh aya ku lega jeung sarwa ngareunaheun. Hawana seger, seungit. Sofa dua stel aya ku empuk. Lomari tempat dokumen jeung cinderamata ngajajar rapih. Rohangan gawé anu henteu kabayangkeun ku Dina.

“Ti iraha Dina nulis buku diari?” ceuk Bu Ami sabada ngajak diuk dina sofa.

“Emh... kelas opat SD,” jawab Dina gugup.

“Ayeuna masih nulis diari?”

 “Masih.”

“Ow, asik pisan. Hébat.”

Dina henteu ngarti, naonna anu asik jeung hébat? Manéhna nulis diari lantaran euweuh deui anu bisa dilakukeun. Tivi 14 inc anu biasana nyiarkeun sinétron geus ruksak. Ulaheun nginjeum hp. Lantaran unggal Dina nyepeng hp, opat urang adina pasti nyalampeurkeun, milu nyepengan jeung mencétan tombol hp. Emah tungtungna ngambek lantaran pulsa gancang béak. Eta téh hp hiji-hijina. Sakapeung dicepeng ku Emah sakapeung ku Apa.

Sababaraha kali hp éta téh digadékeun keur meuli béas. Lamun geus kitu, Emah jeung Apa bung-beng buburuh ngarah bisa gancang nebus hp. Enya, lantaran hp téh penting pisan. Apan anu nitah gawé ka Emah atawa Apa sok ngaliwatan hp.

Hiji poé basa keur ngabantuan Apa nurunkeun barang rongsok tina roda, Dina nimu buku diari. Diari anu geus dieusian satengahna. Asalna diari téh bogana salah saurang murid SMP. Tapi lantaran biodatana geus disoékeun, ngaran katut alamatna henteu aya, Dina henteu bisa nyalabarkeun. Sigana diari téh ngahaja dipiceun ku anu bogana. 

Saminggu ti harita Dina mimiti nulisan diari panimu téa. Ampir unggal poé. Henteu bisa eureun.

“Orang tua Dina damel di mana?” saur Bu Ami ngagareuwahkeun lamunan Dina.

“Serabutan.”

“Maksudna?”

“Kadang jadi tukang nyeuseuh di laundry, kadang gégéroh di rumah makan, kadang mulung rongsokan.”

“Oh.”

Dina tungkul. Manéhna geus biasa ningali anu sinis, ngalélécé, sakapeung blak-blakan ngahina, basa ngadangu pagawéan kolotna. Tapi harita mah Dina henteu siap narimana. Manéhna ngan saukur hayang ditanya perkara pagawéan. Terus diputuskeun, ditarima atawa henteu. Matakna ti tadi manéhna guligah. Diari anu dicepengna baseuh ku késang.  

“Parasit atuh pami kitu mah,” saur Bu Ami bari seuri.

“Maksadna?”

“Aya film anu populér ti Koréa, Parasite judulna, film Asia munggaran anu kasinugrahan hadiah Academy Award, ngeunaan kemiskinan kronis anu....”

Dina beuki guligah. Manéhna embung ngadangu anu samodél kitu. Sangsara téh padeukeut jeung kriminalitas cenah. Dina ngaku, kulawargana paéh-poso ngajauhan kajahatan. Apa jeung Emah gawé ti subuh nepi ka peuting, sakapeung bari awak teu ngareunah, demi ngajauhan kajahatan.

Matakna Dina nyatet panjang dina diari ngeunaan adina anu kelas 3 SD maok hp tatangga basa ngadon lalajo sinétron. Nuliskeun adina anu kelas 1 SD mulung bangké hayam da geus lila cenah henteu dahar daging hayam, bari haté mah ngarakacak henteu puguh rasakeuneunana. Milu ambek nyedek basa adina anu kelas 7 SMP nginjeum sapédah babaturanana tapi embung mulangkeun. Tapi anu paling nyeuit kana haténa, anu moal bisa dipohokeun nepi ka iraha ogé, basa Apa peuting-peuting ngoréh sampeu di kebon batur terus Emah ngulub sampeu bari carinakdak jeung inghak-inghakan henteu katahan.

“Naon waé anu biasa dituliskeun dina diari téh?” saur Bu Ami deui.

“Ah, naon waé, Bu,” jawab Dina gancang. Dicepengna diari leuwih pageuh. “Ngeunaan kulawarga, sakola, cita-cita, ogé ngeunaan anu cégékan sapertos Ibu.”

“Maksudna?”

“Ibu nganyerikeun haté batur ku nyarios saperti tadi. Ibu henteu terang kumaha nalangsana, paéh-posona kulawarga abdi ngajauhan kajahatan. Tapi kulawarga abdi sanés parasit. Emah sareng Apa, ogé abdi, buburuh ti subuh nepi ka tengah wengi....” Sora Dina ngageter. Duka pangaruh naon bet wani ngabudalkeun eusi haté pangjerona.

“Oh, maaf. Punten. Maksud Ibu sanés kitu.” Bu Ami gancang motong. “Dina mojang anu luar biasa.”

“Janten, kumaha perkawis lamaran abdi?” ceuk Dina, halon. Diarina anu dicepeng pageuh dina lahunan beuki késangan. Manéhna ngarumasakeun diri, asa jauh pikeun ditarima gawé. Matakna saukur ditanya ngeunaan diari. Aya nu nyelek dina tikoro jeung haneut di tungtung panonna.

“Dina mojang anu hoki, beruntung. Nulis diari téh kabiasaan anu luar biasa jaman ayeuna mah. Kabiasaan anu bisa nyieuhkeun stress, panyakit jiwa, anu bisa nerap ka saha waé ogé. Kitu ceuk psikolog ngeunaan kaayaan barudak ayeuna. Réa budak anu kapahung ti leuleutik, di dunya maya, ramatloka, ngajadikeun maranéhna henteu kaopan. Lantaran kaleungitan ucing kameumeut dunya siga anu bakal runtuh, henteu bisa waé nganggeuskeun games terus nelasan manéh, diputuskeun kabogoh padahal saukur kabogoh di ramatloka terus nginum obat nepi over dosis, henteu bisa ngeusian PR terus ngajleng ti loténg. Jeug réa deui anu henteu sapira tapi ngabalukarkeun anu bahaya. Resep ngabuli tapi teu kaopan lamun dibuli.”

Dina anu beuki guligah, reuwas geus wani ngedalkeun kereteg haténa, ngarakacak ningali pameunteu Bu Ami anu alum. Siga anu nalangsa kacida. Duka naon lantaranna. Tapi Dina saenyana hayang gancang balik. Hayang nganggeuskeun obrolan anu pangrasana euweuh hartina. Mimiti aya kahanjakal dina haténa. Hanjakal geus ngirim lamaran pagawéan. Puluhan rébu rupiah, boa nepi saratus rébuna, anu dipupustina geus ngalayang ka kantor pos jeung ongkos. Mun dikana béaskeun mah meureun sabaraha kiloeun.

“Punten, Bu, abdi muhun peryogi pisan ku padamelan. Tapi abdi henteu gaduh waktos...,” ceuk Dina sanggeus lila patingharuleng.

“Enya, Ibu banget ku hayang Dina kerja ngabantuan Ibu. Tapi henteu di dieu, henteu di perusahaan ieu. Hidep mah tempatna di bumi Ibu, ajarkeun budak Ibu nulis diari. Hidep kudu apal, Ibu mah lain bagian personalia di perusaan ieu. Ibu mah ceo anu ogé pemilik perusahaan ieu.”

Dina leuleus ngadanguna. Enya manéhna yakin, moal mungkin kajaring anu dibutuhkeun perusahaan. Tapi jadi guru lés, lés nulis diari deuih, paling ogé honorna mahi keur ongkos.

“Gajihna mah disaruakeun, sapuluh juta rupiah sabulan. Tapi Ibu hoyong, hideup ogé sosobatan jeung Rianti, budak Ibu hiji-hijina. Kakara kelas tujuh SMP. Karunya, katingalina téh henteu boga sobat dalitna.”

Dina molohok ngadanguna. Leungeunna ngadégdég nyekelan diari anu kabaseuhan ku késang. Sapuluh juta sabulan? Ngimpi ogé asa henteu.

Ayeuna, basa rék mencét bél imah agréng, guligah jeung asa-asa téh aya deui. Bu Ami enya pastina beunghar, tapi Dina henteu nyangka bakal dijangjikeun digajih sapuluh juta rupiah sabulanna. Sarua henteu nyangkana bumina saagréng kieu, saagréng anu henteu kabayangkeun ku Dina.

“Ieu Téh Dina?” ceuk satpam awéwé anu muka gerbang.

“Muhun.”

“Tos diantosan ku Ibu.”

Dina unggeuk, terus asup ka gapura.

“Punten nya Téh, ari Tétéh ditawisan damel naon?” ceuk satpam anu maké seragam bodas téh.

“Naha aya naon, Téh?” Dina malik nanya.

“Tos limaan anu didamel ngurus bumi. Padahal Ibu apan tos papirak sareng Bapa.”

“Abdi mah badé ngajar putrana, Téh.”

“Non Rianti?”

“Muhun.”

Satpam ujug-ujug nyekelan leungeun Dina. Neuteup molohok.

“Aya naon, Téh?” ceuk Dina reuwas.

“Non Rianti, tos ngantunkeun, dua minggu kalangkung. Ngajleng ti balkon tingkat opat, saurna stress henteu tiasa ngerjakeun PR sakola. Tétéh henteu terang? Apan beritana ramé dina internét.”

“PR naon?”

“Nulis buku diari.”

Dina ayeuna mah anu ngembang kadu.  ***

 

Rancakalong, 13-2-2020 / 18-9-2020
Mangle no no 2802, 8-14 Oktober 2020

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DIARI Carpon Mangle"

Posting Komentar