Tangkal Buah Apa

carpon tangkal buah apa yus r. ismail

Kuring keur di kantor basa narima béja téh. Apa teu damang. Téh Aisyah, lanceuk cikal kuring, anu nélépon.
“Omat nya, Bungsu kudu ka lembur!” saur Téh Aisyah lir anu penting kudu maréntah siga kitu. “Lamun arék bareng, ayeuna ditungguan di imah Tétéh.”
“Abdi nyusul waé, Téh. Masih aya padamelan anu kedah diréngsékeun.”
“Tapi omat nya, Bungsu kudu ka lembur!”
“Muhun, Téh, insyaallah.”
Téh Aisyah, sarua jeung kuring, bumetah téh di Bandung. Sedeng lanceuk kuring anu tiluan deui: A Akbar jeung Téh Zénab di Jakarta, A Hélmi mah sigana geus betah di Banjarmasin, Kalimantan.
Saptu soré, tilu poé sabada Téh Aisyah ngabéjaan Apa teu damang, kuring mulang. Lanceuk kuring anu opatan geus araya di bumi Apa. Ngan Téh Aisyah anu sumping jeung carogéna, Kang Soléh. Laneuk kuring anu séjén mah datang nyarorangan. Bumi Apa anu ublug-ablag di Cinenggang, kampung sisi leuweung di Sumedang, masih karasa molongpong. Béda jeung lamun Lebaran lanceuk-lanceuk kuring mudik, bumi Apa téh karasa ramé. Alo kuring waé apan aya welasna bari henteu daraék cicing.
Kabéh lanceuk kuring tangtu waé ngambek. “Manéh téh nganjrek henteu jauh ti Apa, tapi datang pangleuirna! Dasar, budak doraka!” ceuk A Hélmi. Kuring seuri maur ngadanguna, dianggap biasa waé, henteu ngabantah atawa ngalawan.
Apa nuju calik di risbang basa kuring ka kamarna. Socana cahayaan basa ningali ka kuring. Kuring sujud dina sampéanana, nangkeup, bari ngucapkeun pangapunpen elat datang. Tapi Apa siga anu henteu nguping. Apa ngusapan rambut, tonggong, tuluy ngesun taar kuring. Kajadian anu ahéng. Kajadian anu sanggup ngeureunkeun kekecapan pangapunten kuring anu saenyana saukur basa-basi. Enya, Apa ngusapan rambut, tonggong, komo ngesun taar kuring, kakara harita kajadian.
“Hampura Apa, Su. Apa anu salah, manéh anu bener,” saur Apa lir anu ngaharéwos.
“Perkawis naon, Apa?” ceuk kuring acan ngarti.
Tapi Apa henteu nyarios nanaon deui. Apa saukur neuteup témbok kamar.
**

Apa téh tos ampir sapuluh taun pangsiun ti pagawé negri sipil. Enya ogé tos pangsiun, kagiatan Apa mah sapertos henteu ngirangan. Gaduh usaha janten rékanan dinas pendidikan, ogé ngiringan janten pengurus di partéy politik. Pemilu kamari mah malah nyalonkeun janten DPRD tingkat kabupatén, enya ogé henteu kapilih. Enya ogé Mamah tos ngantunkeun ampir lima taun kapengker, sumanget Apa mah sapertos anu henteu ngirangan.
Ngawitanna Apa mendakan daging saageung pentul korék api dina gugusi luhur. Saur Apa, daging jadi téh didudut da paling ogé peurih saeutik. Nyatana daging nyentil téh meureun salahsahiji akar kangker mulutna. Getih ulawéran basa daging didudut. Apa reuwas, teras ngagorowok nyungkeun tulung.
Téh Aisyah anu pangheulana ngalongok Apa ka rumah sakit. Téh Aisyah anu ngawakilan kulawarga pikeun néken persetujuan oprasi pemotongan gugusi. Enya ogé ceuk dokter mah kangker téh geus sumebar, tapi oprasi téh katingalina mah matak ngareugreugkeun. Apa katingali seger sareng jagjag deui. Terasna mah Apa kedah kemoterapi rutin saminggu sakali. Tapi Apa alimeun. Apa langkung milih lalandong tradisional ku hérbal. Matakna ceuk dokter ka Téh Aisyah: “Lamun henteu kemoterapi, usia Bapa diprediksi paling ogé dua bulan deui.”
Kuring jeung lanceuk-lanceuk mulang poé mingguna. Salila di Cinenggang, Apa henteu nyarios nanaon ka barudakna. Unggal ditaros saukur neuteup minangka waleranana téh.
Enya ogé kitu, ampir unggal dinten Apa ngadaweung di téras. Anjeunna calik dina sofa anu mayun ka buruan. Tara robih calikna téh dugi ka Mang Asip nyandak emameun sareng obat hérbal. Untungna téh aya Mang Asip jeung Bi Konah, ewe-salaki anu ti mangsa kuring budak geus babantu di bumi Apa, ngurus buruan, bébérés, pepelakan di kebon jeung balong.
Téh Aisyah kungsi naros ka Mang Asip, naha Apa kantos nyarioskeun naon waé? Mang Asip saukur ngahuleng terus gideug.
**

Téh Aisyah sareng Kang Soleh ngahaja datang ka kontrkan kuring pasosoré poé Juma’ah. Téh Aisyah miharep kuring ngaréncangan Apa. “Lantaran Apa saukur nyebut ngaran anjeun, Su. Saukur nyebut Bungsu,” saur Téh Aisyah.
“Tétéh téh kumaha. Saréréa ogé apan terang, Apa tos lami henteu resep ka abdi.” témbal Kuring
“Tapi ayeuna mah saukur anjeun anu disebut, Su. Saukur Bungsu.”
Keur kitu, A Helmi nélépon. “Manéh kudu ngabaturan Apa. Manéh réa dosa ka Apa!” pokna garihal. “Tong mikirkeun pagawéan. Digantian gajih manéh unggal bulan ku Aa!”
Puguh waé teu resep kuring kana pokpokan A Helmi. Manéhna enya anu paling jugala di antara palaputra Apa. Salain gawé di Perhutani, cenah ogé bisnis perkayuan. Tapi henteu sakuduna A Helmi ngomong garihal kitu. Enya, meureun pagawéan kuring anu dianggap paling henteu nyugemakeun. Kuring téh marketing di perusahaan percétakan leutik. Lanceuk kuring anu tiluan mah apan pagawé negri sipil. Kawijakan pamaréntah ti sapuluh taun katukang basa SBY jadi presiden, apan ngawowoy PNS. Gajihna terus nérékél, ditambahan tunjangan, sertifikasi jeung duka naon deui istilahna. Sedeng gajih swasta beuki murungkut digorogotan inflasi
Kuring rék sapok-pokeun ngalawan lamun Téh Aisyah henteu buru-buru nangkeup mah. “Tong dianggap,” pokna bari cirambay. “Bungsu dipilih lain lantaran pagawén jeung ngan anjeun anu acan kulawargaan. Tapi lantaran Apa saukur nyebut anjeun, Su. Saukur nyebut ngaran anjeun.”
**

Kuring téh budak bungsu Apa anu lamun ningali umur mah kaasup jauh jeung lanceuk-lanceuk séjénna. Kuring kakara opat taun lulus ti salah sahiji paguron di Yogyakarta. Umur kuring dua puluh tujuh taun. Sedeng Téh Zénab, pangais bungsu, ayeuna téh tilu puluh tujuh taun.
Pagétréngna kuring sareng Apa, lamun sababaraha kajadian téh bisa disebut pagétréng, dimimitian basa kuring arék asup kuliah. Kuring daptar ka jurusan Bahasa Jeung Sastra Indonesia. Ari Apa maksa sangkan kuring asup ka jurusan Ekonomi atawa jurusan Kehutanan. “Jadi sarjana Ekonomi atawa Kehutanan mah leuwih ngajamin kahareupna,” saur Apa. “Meungpeung Apa acan pangsiun, Apa bisa nguruskeun jadi PNS asal sarjana Ekonomi atawa Kehutanan.” Tapi kuring keukeuh kuliah di jurusan Bahasa Jeung Sastra sakumaha kahayang ti keur SMU kénéh.
Pagétréng kadua kalina sabada kuring lulus kuliah. Apa ngajakan kuring itung-itungan. “Jalan tukang siga kieu téh enya méakeun duit leuwih ti saratus lima puluh juta, kahareupna mah duka jadi sabaraha. Tapi  sajumlah kitu téh jadi leutik pikeun PNS jaman ayeuna mah,” saur Apa. “Tong sok munapék, hirup téh butuh duit. Lanceuk-lanceuk manéh gé lamun henteu kieu jalanna mah can puguheun jareneng siga ayeuna. Apa bisa nyadiakeun duitna, apal jalan tukangna, batur mah can puguh nyarahoeun. Tapi ieu téh kudu digantian. Manéh bisa gampang nginjeum duit ka bank lamun SK geus kaluar. Lain Apa teu rido. Tapi ngarah manéh diajar, nanaon ogé aya tanggung jawabna.”
“Muhun, Apa ogé engkéna kedah tanggung jawab di ahérat,” témbal téh saukur némbal. Tangtu waé kuring henteu nyangka Apa bakal bendu. Bendu pisan. Nyarios panjang lébar, mapatahan, nyeukseukan, nyebut kuring kabalinger, bodo, teu ngarti, jeung duka naon deui.
Harita téh kuring keur persiapan miluan tés CPNS. Tapi tungtungna henteu miluan tés téh. Kuring ka Bandung, ngumbara bari sagawé-gawé. Sabada Mamah ngantunkeun, niat kuring geus buleud, mulang ka Cinenggang mah cukup sataun sakali ari Lebaran wungkul.
**

Kuring nyanggupan kana kahayang Téh Aisyah jeung lanceuk-lanceuk séjénna pikeun ngaréncangan Apa lain lantaran pagawéan kuring anu panghenteusapirana. Tapi lantaran aya kapanasaran, cenah Apa téh saukur nyebut ngaran kuring. Saukur nyebut ngaran kuring.
Ampir unggal dinten, sabada pukul tujuh, Apa ngadaweung di téras. Apa calik dina sofa anu mayunan buruan. Resep panginten neuteup kekembangan, bakung bodas jeung beureum keur meujeuhna mangkak. Dugi ka ngong adan lohor Apa saukur neuteup kekembangan di buruan. Saha waé ogé tamu anu ngalongok henteu aya anu sanggup ngolo Apa pikeun nyarios.
Basa kuring datang, Apa saukur ngalieuk, imut saukur ngarenyu. Basa ngong adan lohor, Apa henteu nyarios nanaon enya ogé kuring sababaraha kali naros itu-ieu. Basa dibéyéng ka lebet bumi, di kamar, Apa neuteup deui ka kuring. “Manéh anu bener mah, Su. Apa anu salah,” saurna lir anu ngaharéwos, malikan deui kekecapanana anu ti payun.
“Perkawis naon, Apa?” ceuk kuring giak.
“Beuki deukeut téh ka tungtung umur, harta téh beuki karasa euweuh gunana. Manéh pasti reueus, Su. Sedeng Apa, beuki kaduhung.”
“Maksad Apa?”
Tapi Apa henteu nyarios nanaon deui. Nepi ka saminggu kuring nungguan Apa nyarios deui. Tapi saukur paneuteup sareng imut sarenyu anu ngayakinkeun kuring yén Apa miharep kuring henteu tebih ti anjeunna.
Poé kadalapan, nuju ngadaweung di téras, Apa ngalieuk ka kuring. “Hileud téh aya ku nyah-nyéh-nyoh ngadahar dangdaunan, saukur persiapan nungguan paéh,” saurna siga anu ngaharéwos. Kuring ngahuleng sakedapan, tapi weléh henteu ngarti naon maksudna anu disaurkeun Apa. Tapi basa kuring nuturkeun naon anu ditingali Apa, dina tangkal taleus hias aya cacaka ngagantung. Kamari-kamari meureun cacaka téh mangrupa hileud.  
“Tap hileud mah, isuk-pagéto ngalaman hirup anyar jadi kukupu,” saur Apa deui. “Apa hayang bisa metamorfosis saperti hileud. Ngan kukupu anu bisa nyakséni éndahna patamanan.”
Kuring téh sarjana basa, diajar sastra ti mangsa lawas nepi ka mangsa ayeuna, tapi kuring henteu sanggup nangkep harti sagemblengna anu dicarioskeun Apa.
**

Hiji dinten Apa hoyong dijajap mésér binih tangkal buah. Binih tangkal buah anu kakara tilu puluh sénti méter téh dipelakkeun di buruan. Kuring anu ngali taneuhna jeung melakeunana. Apa aya ku sumanget nyaksian kuring macul, ningali ku paneuteup anu kakara harita kuring ngarasakeun.
“Apa hayang ngarasakeun metamorfois jadi tangkal buah, Su,” saur Apa ngaharéwos. “Tangkal mah siga anu henteu hirup, tapi nyatana beuki kuat, jauh leuwih kuat batan urang. Piara tangkal buah téh, Apa hayang metamorfosis jadi tangkal buah.”
Imajinasi kuring henteu sanggup néwak anu aya dina émutan Apa. Kuring saukur ngarasakeun, Apa téh nuju diajar deui ningali, diajar deui nguping, diajar deui ngararasakeun. Tapi basa kuring yakin, arék nyoba-nyoba nepikeun naon anu kapikiran, Apa kabujeng henteu kiat. Apa geubis di jamban. Di jalan ka rumah sakit, dina lahunan kuring, Apa ngantunkeun.
Lanceuk-lanceuk kuring daratang. Poé kadua sabada Apa dikurebkeun, lanceuk-lanceuk kuring marulang.
“Alusna mah manéh ayeuna milu ka Aa ka Kalimantan,” ceuk A Helmi. “Aa rék muka usaha percetakan. Manéh anu kudu ngokolakeunna. Sabaraha waé modalna, ku Aa disadiakeun.”
Tapi kuring leuwih milih miara tangkal buah anu jangkungna kakara satuur. @@@

Pamulihan, 16 Maret 2016 / 17 Februari 2017

Mangle no 2669, 1-7 Maret 2018

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Tangkal Buah Apa"

Posting Komentar