EKOL PENGUSAHA

barakatak majalah mangle

Ieu mah saenyana kalakuan ki sobat anu henteu waé pikalucueun, tapi ogé kayungyun. Hayang sorangan ogé nurutan tapi henteu kahatéan waé jeung acan kumpul kawani. Urang sebut waé ki sobat téh Bejo, ngaran lalandianana.
Sosobatan jeung Bejo téh ti keur kuliah kénéh. Geus réngsé kuliah kaparengkeun tempat gawé ogé sarua, nyaéta di penerbitan buku bacaan pikeun barudak. Kuring mah ditempatkeun di bagian éditor, ari Bejo mah di bagian ilustrasi da pinter ngagambar.
Sataun gawé téh Bejo mah terus kawin. Imahna pindah, ngontrak di perumahan. Sanggeus kawin mah kuring tara ulin deui ka imahna. Atuh da gawé téh nepi ka soré, balik ka imah ampir magrib. Mun ulin ka imah Bejo téh atuh peuting, bisi ngaganggu ka pangantén anyar.
Hiji poé kira-kira jam sawelasan Bejo datang ka ruangan editor.
“Saha anu rék nitip nasi bungkus? Aya warung anyar, pasakanna ngeunah, hargana masih promosi, ditanggung murah. Jaba lamun meuli leuwih ti sapuluh bungkus dibonusan kurupuk,” ceuk Bejo.
Henteu réa anu nitip téh. Meureun unggal karyawan geus boga erongan hayang makan siang téh jeung naon. Saacan istirahat Bejo indit duaan jeung Ulé, OB di kantor. Enya wé salain nasi bungkus, aya bonus kurupuk lalaukan sapelastik gedé. Tah, bonus téh unggal poé ternyata ganti-ganti. Sakapeung sayur asem, gedang meunang ngeureutan, cau sasikat, goréngan kacang héjo.
Tungtungna mah ampir kabéh karyawan di kantor nitip keur makan siang téh ka Bejo. Tilu bulan ti harita Bejo eureun gawé. Cenah mah arék freelance waé. Lamun di kantor aya pagawéan gambaraneun anu henteu kaudag ku ilustrator, Bejo siap narima orderan.
Hiji poé kuring henteu ngantor da asa rarieut sirah. Kira tabuh sapuluhan anu rarieut téh leungit. Meureun pedah tadi isuk teh dahar parasétamol. Ka kantor kagok, di imah gé asa horéam gawé, nya kuring ulin ka imah Bejo da basa ditelepon téh aya di imahna.
Imah kontrakanana téh rada dirombak saeutik. Hareupna disorondoyan nepi ka satengah buruan béak, ngiuhan étalase jeung méja-korsi. Ki sobat téh geuning muka warung sangu. Pasakanana mah kaasup kumplit. Éta waé etalase anu panjangna dua méter leuwih téh pinuh ku pasakan.
Keur ngobrol bari nyanghareupan kopi, kuruncul téh Ule pesen 25 nasi bungkus.
“Oh, warung anu murah jeung aya bonusan waé téh di dieu,” ceuk kuring.
Bejo seuri. “Husus keur di dinya, malah haratis tah, bonusna ogé bébas naon waé tinggal milih,” pokna. 
Sataun ti harita imah kontrakanna téh geus kabeuli. Ayeuna mah Bejo jadi pengusaha anu sukses. Lamun ngobrolkeun kalakuan baheula, manéhna sok seuri ngagakgak. Dasar, ékol pengusaha mah aya-aya waé. @@@

Mangle no 2562, 28 Januari - 3 Pebruari 2016

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "EKOL PENGUSAHA"

Posting Komentar