Ati Ampela Bumbu Bau

barakatak majalah mangle

Ieu mah pangalaman anu kaalaman ku babaturan. Didongéngkeun deui téh lain nguar-nguar kakurangan sobat téa. Puguh mah sono da geus taunan henteu panggih. Harita téh kuring masih gawé di rumah sakit, sarua papada gawe jadi perawat. Si Teteh, kitu wé urang sebutna sobat kuring téh, kabeneran saruangan jeung kuring. Meureun si Teteh téh tara masak, da kungsi paréa-réa omong jeung kuring ngeunaan masakan.
Mimitina mah basa rék makan siang, kuring arék ka kantin, biasana lamun aya anu ka kantin téh anu lain sok naritip.
“Baradé pesen naon yeuh... pesen... pesen... abdi badé ka kantin,” ceuk kuring.
“Abdi mah masakan Padang wé, biasa rendang pleus daun sampeu,” ceuk Iis. Anu lain ogé atuh langsung paresen, dituliskeun ku kuring da sieun kaweur diinget-inget wungkul mah. Bu Dian pesen gudeg ayam, Néng Ana pesen pingping hayam sareng sayur asem, Yanti pesen kikil.
“Tétéh mah rames wé,” ceuk si Tétéh, sobat anu rék didongéngkeun téa, basa kuring ngadeukeutan.
“Naon réncangna, Téh?”
“Samikeun wé sareng Lina, ngarah apét.”
“Okey pami kitu mah, abdi mah hoyong ati ampela,” ceuk kuring bari ngaléos. Acan ogé nepi kana panto, si Tétéh ngudag.
“Naon, Lin? Lina badé mésér naon?”
“Ati ampela bungbu kécap.”
“Iiiyy...,” Si Tétéh ngabirigidig. “Alim ah, Tétéh teu cios sami. Ati ampela mah gila, barau teu ical-ical.”
Kuring manyun. Pok wé, “Êta téh karesep abdi, Téh, mani nyebat barau.”
Si Tétéh seuri. “Punten nya, Tétéh mah sareng hayam goréng wé dadana.”
Bari ka kantin téh kuring ngahuleng. Ari kana ati ampela nyebut barau, ari kana hayam goréng henteu. Panasaran, sanggeus makan siang téh ditanyakeun deui ka si Tétéh, naha nyebut barau kana ati ampela ari kana daging hayamna mah henteu.
“Ieu mah pangalaman Tétéh, kantos masak ati ampela,” ceuk si Tétéh ngadongéngkeun rusiahna. “Bungbuna kumplit, mantap lah bungbuna mah, ati ampelana tos diberesihan. Tah saatos asakna, mani bau, komo basa ampelana dikeureut mah... ah tungtungna mah dipiceun wé.”
“Ke... ke... ari Tétéh masak ati ampela henteu dibeset heula?”
“Naha dibesét naonna? Siga kana lauk waé.”
“Dibesét ampelana, margi di lebet ampela téh ee hayam, iiiyyy...,” kuring gé jadi ngabirigidig ngabayangkeun bauna. “Berarti pami teu dibesét heula Tétéh masak ati ampela pleus ee hayam.”
Si Tétéh ngabirigidig. Tapi terusna mah kuring jeung si Tétéh sareuri. Komo basa dicaritakeun ka batur saruangan mah, teu aya anu henteu ngabarakatak bari ngabirigidig. @@@

PPM TAMU ku Lina Herlina
Mangle no 2457, 2-8 Januari 2014

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ati Ampela Bumbu Bau"

Posting Komentar