Ngamen
Ngaliwat ka Lémbang sabada Lebaran kamari, ras inget
jaman keur sakola. Kungsi ngamén peuting-peuting di Lembang. Mun teu salah mah
taun 1991 kajadianana. Patalimarga di Lembang acan saramé ayeuna. Komo saminggu
saacan jeung sabada Lebaran mah, wah Lémbang mah kaasup raja macét. Kituna téh
ti terminal Ledeng kénéh.
Henteu inget ari tujuanna ka Lémbang mah. Tapi sigana
saukur ulin wungkul. Opatan jeung sobat ngadon malam mingguan bari jajan ketan
bakar di gigireun pasar heubeul. Kabeneran mekel gitar jadi bari hahaleuangan.
Pukul salapanan karasa lapar. Peujit téh asa henteu cukup
diparaban ketan bakar jeung kopi. Ari kituna ti beurang kénéh acan kararaban
deui sangu. Bébéja ka sobat anu tiluan, kabeneran euweuh anu mawa duit leuwih.
Malum ogé harita téh tanggal kolot, jadi can aya anu dibekelan.
“Kieu wé atuh ari lapar-lapar teuing mah. Urang ngamén wé
di warung ayam bakar. Hayu urang bébéja ka anu boga warung,” ceuk Irfan méré
usul.
Untungna téh anu dagang warung ayam bakar bageur. Kuring
sabatur-batur diidinan ngamen. Warungna téh kaasup lega, meja-korsina ogé aya
kana sapuluhna. Der wé ngamén. Kuring mah da henteu pati bisa ngagitar jeung
nyanyi, jadi kabagéan ngasongkeun topi, susuganan aya anu méré duit récéh.
Dikumpulkeun mah beubeunangan ngamén téh loba ogé. Éta wé
da diitung lamun jajan sangu ditambah ayam goréng jeung tahu ditambah jus
jeruk, picukupeun. Geus nyakuan mah duit eureun ngamén téh. Terus wé pesen opat
pingping hayam jeung jus.
Anu jaga warung mimitina mah molohok. Tapi terus
ngaladangan saperti ka anu jajan séjénna.
“Jadi ngamén téh keur ngabakar ayam nya,” ceuk anu dagang
bari seuri sanggeus kuring sabatur-batur warareg, da ongkoh dibonusan sirah
hayam hiji séwang.
Kuring sabatur-batur sareuri. @@@
Mangle no 2587, 28 Juli - 3 Agustus 2016
0 Response to "Ngamen"
Posting Komentar