MULANG
Barang
nincak landasan Bandar Udara Soekarno-Hatta, rénghap téh asa ngemplong. Anu salila ieu mentegeg
dina angen, siga anu rabeng haliber. Rénghap karasa seger jeung hampangna. Bari
neuteup langit lénglang, awan ngalayang ngabentuk gambar-gambar lucu. Ah awan,
salawasna jadi gambar anu éndah.
Di
ruang tunggu, panumpang anu kakara turun jeung anu ngajemput amprok,
sarasalaman, silihtangkeup, nyacapkeun rasa sono. Kuring gancang nyalingker,
néangan tempat suni. Dina bangku anu nyanghareupan taman bandara, kuring
néangan buku tina tas, terus maca. Api-api maca saenyana mah, da pikiran mah
ngalayang ka lima taun katukang….
Di
dieu, di bandara Soekarno-Hatta, suku kungsi beurat pikeun ngaléngkah. Abah,
Umi, Herlina, adi kuring hiji-hijina, nganteur kuring nepi ka dieu. Kuring
ditarima kuliah di Universitas Andalas, Padang. Tapi saenyana lain saukur Abah,
Umi jeung Herlina, anu matak beurat ngaléngkah. Da anu utama mah….
Euis
Maémunah imut basa kuring neuteup. Enya, imut Euis anu nyababkeun beurat
ngaléngkah téh. Padahal ngan ukur puluhan léngkah ka pesawat anu geus ngahiap
panumpang téh.
“Kang,
tong hilap uih nya,” ceuk Euis halon. “Margi di Dago aya anu ngadago, aya anu
sono.”
“Bagja
temen Akang margi aya anu sono,” pok téh ku sora anu satengah ngaharéwos, sieun
kadangueun ku Abah sareng Umi. “Saha anu sono téh, Euis?”
“Pokona
aya mojang Dago anu henteu weléh ngadago.”
“Enya
ogé ngumbara téh kakara badé jung, ari haté mah tos hoyong uih,” ceuk kuring
bari seuri. Euis imut ditahan. “Akang pasti mulang, Euis.”
“Mulang
ka mana, Kang? Apan ka Padang téh kalebet mulang kanggo Akang mah. Kumaha upami
pendak sareng mojang Minang anu cenah gareulis saroléh?”
Kuring
imut. Ditangkeup Abah, diusapan Umi, nangkeup Herlina, saacan ngaléngkah ka
jero pesawat. Puguh atuh saukur unggeuk ka Euis mah. Henteu sasalaman, komo
nangkeup bari ngusapan. Di kulawarga kuring mah agama téh anu utama. Salaku
muslim, henteu diwenangkeun kitu peta ka lain muhrim.
**
Henteu
salah naon anu disebutkeun Euis, ka Padang téh saperti mulang keur kuring mah. Lantaran
di Bukittinggi nganjrek dulur-dulur kuring. Nini, mamak, mak adang, mak etek,
uda, uni, nepi ka lieur kuring ngapalkeunana.
Basa
kuring ulin ka Nini, dulur-dulur anu séjén pada ngahiap. Enya ogé sama sakali
kuring henteu bisa basa Minang, tapi kuring enya-enya diaku salaku dulur.
Kabodoan kuring kana basa Minang malah jadi bahan gogonjakan. Matakna ampir unggal
poé peré kuring ka Bukittinggi, asa enya-enya jadi urang Minang anu daréhdéh
jeung akuan.
Enya
ogé kitu, kuring ngarasa ari lembur panginditan mah angger Bandung. Enya,
lantara ti mimiti brol kuring nyeuseup hawa Bandung, nginum caina, ngadahar
sanguna, nincakan taneuhna. Kuring malahan henteu inget kungsi dibawa Abah
jeung Umi ka Bukittinggi. Harita umur kuring kakara tilu taun. Ningali
potrét-potrét kuring di bumi mak etek Rani, rai Abah, kuring sura-seuri
sorangan.
“Hidep
resep pisan kana kuéh basung,” saur mak etek Rani. “Tapi sigana Abah tara deui
masak kaolahan has Minang. Enya ogé mimiti ngarantau mah Abah téh dagang saté,
tapi saterusna mah kalah digawé.”
Cenah,
Abah téh ngan dua taun dagang saté padang. Lantara upami hayang pasakan anu
nyaan-nyaan saperti anu diajarkeun ku Nini mah kudu mawa bungbu langsung ti
Minang, Abah tungtungna eureun. Abah terus ngalamar jadi guru di sakola swasta
bari ngalamar ogé mojang Sunda, nyaéta Umi. Sataun ti harita lahir si cikal,
nyaéta kuring. Heuleut tilu taun, borojol deui adi kuring, Herlina.
Ngeunaan
sékésélér ieu kuring kungsi heureuy jeung Euis Maémunah. Harita téh keur ulin
ka Bonbin. Kakara dua bulan papacangan. Istilah babaturan mah bobogohan. Tapi
kuring sok henteu wasa nyebut bobogohan. Enya, meureun lantaran didikan agama
di kulawarga kuring mah pageuh pisan. Enya ogé mupakat pikeun papacangan,
henteu kungsi ulin paduduaan. Upama ngadon ulin ka tempat wisata, pasti
ngabring ramé-ramé jeung sobat séjénna.
“Euis,
terang kunaon tempat ieu disebat Bonbin?” ceuk kuring.
“Eta
mah akronim tina Kebon Binatang,” jawab Euis.
“Betul,
seratus kanggo Euis. Tapi upami urang nurutan nami ieu tempat, diakronimkeun, urang
bakal riweuh.”
“Maksudna?”
“Meureun
urang mah bakal jadi Mesum.”
“Mesum
kumaha?”
“Enya,
Melayu, Sunda, Minangkabau.”
Euis
seuri mani ngareunah.
**
Resep
ka Euis téh mimitina mah basa kuring kelas dua SMU. Euis harita kakara kelas
dua SMP, sobatna Herlina. Naon-naon anu aya dina diri Euis rarasaan téh teu
weléh nyari jeung éndah dina haté kuring. Imutna, rambutna, cureuleuk socana,
éraanana, sopan jeung akuanana, hésé pikeun dipohokeun.
Tapi
jauh saacan nyaah ka Euis, kuring geus nyaah ka Bandung. Ti leuleutik Abah sok
ngajak kukurilingan, jalan-jalan ka sabudeureun Bandung. Ti Puncrut naék ka
Lémbang, ti Lémbang turun ka Cimahi, ti Majalaya mapay-mapay Citarum. Lamun
cape terus kuring mah diakod. Moal poho kumaha marakbakna kota Bandung
ditingali ti Dago, ngararasakeun hiliwir angin Lémbang anu nyecep, lulumpatan
sawaregna di alun-alun Bandung, nataan ngaran sasatoan di Bonbin.
“Bandung
téh kota anu henteu saukur jadi kareueus pangeusina, tapi ogé kareueus
Indonésia,” saur Abah hiji waktu. “Apan sesebutanna ogé Kota Kembang, Paris Van
Java.”
Harita
kuring kakara kelas hiji SMP.
“Abah
mah ngumbara di Bandung téh. Tapi nyaah Abah ka Bandung, henteu éléh ku urang
dieu pituin,” saur Abah deui. “Ari hidep, hidep mah enya-enya urang Bandung.
Lantarn hidep mah lahir di dieu, mimiti nyeuseup hawa nya hawa Bandung, mimiti
nginum cai nya cai Bandung, mimiti ngalalanyahan sangu nya sangu Bandung.”
Kuring
saukur seuri.
**
Kuliah
kuring di Universitas Andalas kuduna mah anggeus salila opat taun. Tapi basa
ngaréngsékeun skripsi kuring elat sataun. Kahiji lantaran hasil skripsi téh hayang
bisa diterbitkeun jadi buku umum. Waktu ngetik skripsi téh, kuring ngetik ogé
dina versi anu leuwih populér keur dikirimkeun ka penerbit. Kadua lantara
kagiatan kuring dina dunya literasi lumayan ngabancang waktu. Kuring jeung
sobat-sobat literasi lainna, henteu weléh kontak jeung sobat-sobat di Jakarta,
Yogyakarta, Surabaya, Samarinda, jeung aktivis kota-kota séjénna. Kagiatan
rutinna mah ngayakeun pelatihan, pertunjukan, jeung diajar nulis di media
massa.
Tangtu
waé basa skripsi anggeus rarasaan téh asa bungah amarwata suta bungah
kagiri-giri, kitu ceuk ki dalang ogé. Tangtu waé kuring hayang gancang
ngabéjaan ka Abah jeung Umi di Bandung, dulur-dulur di Bukittinggi, jeung
tangtu waé ka Euis Maémunah.
Tapi
béja ti Euis geus miheulaan nepi. Euis saminggu deui bakal jatukrami. Kolot
Euis geus narima lamaran pengusaha rumah makan sea food. Tangtu waé awak téh
asa leuleus satulang sandi. Pipikiran ngadadak henteu panceg. Henteu percaya.
Tapi basa ditélépon Euis saukur ngajawab ku ceurik jeung ceurik, kuring kakara
percaya. Dada téh nyeri, ambekan asa beurat, asa saresek.
Herlina,
adi kuring, terus ngabéjaan, cenah unggal panggih ogé Euis ceurik balilihan.
“Euis téh henteu bisa nanaon. Kolotna ogé henteu wasa nolak lamaran lantaran
ngarasa kahutangan budi ku pengusaha rumah makan anu ogé cenah masih katalian
ku dulur,” ceuk Herlina.
Abah
jeung Umi ngalongok ka Padang. Aranjeunna nangkeup bari nyiuman basa kuring
diwisuda.
“Umi
mah ngarti lamun hidep henteu mulang ka Bandung,” saur Umi. “Mulang waé ka Bukittinggi.
Di ditu téh dulur-dulur hidep wungkul. Atawa bumetah di Padang ogé henteu
nanaon. Baktikeun élmu téh di dieu.”
Tapi
poé ieu, poé basa langit lénglang digambaran awan éndah, kuring turun di
Bandara Soekarno-Hatta. Abah, Umi, adi, henteu aya anu apal kuring mulang. Hawa
Bandung anu nyecep anu pangheulana ngabagéakeun. Naon anu ngabagel dina angen
rabeng haliber.
Ti leuleutik kuring téh geus nyaah ka Bandung,
nya salawasna bakal nyaah. @@@
Sunda Midang no 147 Taun ka-13, 25 Januari - 25 Pebruari 2017
0 Response to "MULANG"
Posting Komentar