MEKEL PAYUNG

barakatak mangle

Ieu mah pangalaman alo basa keur leutik. Taun 1980-an ahir kuring mah geus SMA. Ari alo mah kakara kelas 4 SD. Tapi najan geus kelas opat, éraanana béak karep. Geus puguheun lamun aya péntas mah pasti moal daék tampil, naha nyanyi atawa jaipongan. Padahal mah lamun di imah, jaiponganana mah da alus. Kecuali lamun ka panggung téh lobaan jeung papada baturna saperti rampak sekar. Éta ogé sok milih di jajaran tukang jeung di tengah, ngarah kahalangan ku lobaan.
Hiji poé dina usum ngijih, alo téh rada harééng. Tapi maksakeun ka sakola da cenah aya pelajaran ngagambar anu dipikaresepna. Indungna, lanceuk kuring, tangtu waé hariwang. Alo téh dibekelan payung.
“Ayeuna téh usum hujan. Urang kudu jaga-jaga. Ieu bekel payung ka sakola, da ku sakola ogé moal dilarang,” ceuk lanceuk kuring. Matak ngomong kitu ogé meureun pedah alo téh sok tara daék mekel payung.
“Da batur ogé tara aya anu mekel atuh, Mah,” ceuk alo.
“Batur mah keun waé da batur,” lanceuk kuring siga anu rada jéngkél.
Harita téh kuring ogé keur aya di imah lanceuk. Nya mantuan ngomongan ka alo. “Anggap waé payung téh bebedilan, Dé. Engké ogé batur pada nurutan,” ceuk kuring.
Alo téh nurut enya ogé bari baeud. Payung téh dijingjing, da ari tas mah apan digandong. Sanggeus alo indit, indungna mah angger kukulutus.
“Da kitu si Adé mah. Pira mawa payung ogé mani kudu paréa-réa omong heula,” ceuk lanceuk. “Padahal apan manéhna téh siga-siga anu arék inplensa.”
“Keun waé atuh Téh. Apan tungtungna mah daékeun ogé,” ceuk kuring.
Da puguh usum ngijih keur meumeujeuhna, jam sapuluh téh geus ceudeum, tuluy hujan ngecrek. Hujan anu gedé henteu raat ogé henteu téa geuning. Kituna téh nepi ka beurang. Bada lohor alo balik. Bajuna jibrug, rambut rancucut, bari siga anu kabulusan. Sedeng payung, masih dijingjing, henteu dibuka-buka sigana téh.
Puguh waé lanceuk kuring mani ngajenghok. Kuring ogé reuwas ningalina. Alo téh terus diburu ka baruan, sina gancang asup, diandukan jeung diganti bajuna.
“Ari Adé kunaon, apan ku Mamah téh tos dibekelan payung. Naha henteu dibuka?” ceuk lanceuk kuring bari mawa emih-endog panas. Cai entéh manis mah tadi geus tiheula dibikeun. Alo téh ngabetem harita mah. Awakna semu-semu ngadégdég. Sanggeus sababaraha huap emih panas kakara nyoara.
“Da isin atuh Mah, réréncangan ogé henteu aya anu dipayung,” pokna téh.
Harita mah kuring ogé milu jéngkel jeung henteu ngarti. Tapi ayeuna, unggal ngadongéngkeun kajadian harita, sok seuri tiheula. Alo ogé milu seuri bari semu anu éra. Puguh atuh alo téh ayeuna mah jadi tukang ngagambar anu laris dipesen ku penerbit buku. Atuh nyarita di hareupeun umum sigana téh geus biasa da sering diondang ngeusi acara work-shop. Teu arapaleun peserta work-shop mah anu ngomong di hareup téh baheulana mah éraan béak karep. @@@

Mangle no 2566, 25 Pebruari - 2 Maret 2016

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MEKEL PAYUNG"

Posting Komentar