KAMAR TAMU VILA VIKA

kamar tamu vila vika carmis mangle

Basa tugas produksi film diumumkeun, pikiran mah geus teng ka vilana Vika. Di kelompok téh kuring biasana sok kabagéan ngarang skenariona. Ari kelompok kuring aya limaan. Vika, Yana, Hersa, Edwin, jeung kuring. Ti kelas X SMU sosobatan téh. Basa dua bulan katukang di sakola diumumkeun dibuka ekstrakurikuler produksi film, saréréa mupakat ngariluan. Ari kituna, kana lalajo film téh apan karesep saréréa. Apan nyobat téh mimitina mah pedah resep lalajo film téa.
“Jadi arék film horor waé?” ceuk Yana basa pasosoré ngumpul di imah Hersa.
“Naha aya pilihan séjén?” kuring malik nanya. “Film cinta apan euweuh awéwéna. Maenya LGBT mah haha, teu sudi teuing.”
Saréréa seuri.
“Okéy, satuju wé saréréa gé nya temana mah horor,” Edwin milu mairan. “Tapi naon judulna jeung kumaha caritana?”
“Judulna mah Kamar Tamu Vila Vika,” ceuk kuring. “Timbanganana, uing apan kungsi ngéndong saminggu. Kabayangkeun kumaha hieumna sabudeureun vila, kumaha simpéna suasana kampung, kumaha muridingna di jero kamar anu lalangitna luhur tur lega. Aya eunteung antik, lomari jati cenah mah umurna ogé geus leuwih saratus taun, aya lampu gantung antik, ranjangna ogé masih dikulambuan da enya ranjang baheula, jeung piano jaman baheula. Tinggal dipolés saeutik artistikna, filmna bakal hébring.”
“Pamaénna?” Hérsa milu nanya.
“Biasana ogé apan urang mah merangkap-rangkap. Uing nya penulis skenario nya milu maén. Yana nya ngedit nya nyekelan lampu nya maén.”
“Maksud téh, kumaha lamun kudu aya tokoh awéwé?”
“Gampang, tinggal ajakan Ceu Onah. Sakalian jeung Mang Asipna. Lamun perlu anu leuwih ngora, ajakan ogé Téh Wening.”
“Ngambek atuh Kang Yayat, heug pangantenanna ogé kakara opat bulan.”
“Ajakan sakalian Kang Yayatna. Keur karakter patani apan Kang Yayat mah pantes da patani nyaan.”
Mang Asip jeung Ceu Onah téh suami-istri anu dipercaya ngajaga vila ku kolotna Vika. Ari Téh Wening, budak nunggal Mang Asip jeung Ceu Onah. Acan lila pangantenan jeung Kang Yayat. Boh imah Mang Asip boh imah Kang Yayat, henteu jauh ti vila.
**

Kampung Leuweung Tiis bener-bener tiiseun. Ari kituna, kampung téh siga pakebonan, lain paimahan. Kuring sabatur-batur nepi ka vila téh tabuh dua beurang leuwih tilu puluh lima menit. Poé saptu, balik sakola téh langsung berangkat ti Bandung. Rada gancang da nébéng mobil tatangga nepi ka Cileunyi. Ti Cileunyi naék angkot nepi ka Cadas Pangeran. Ti dinya mah tumpak ojég ogé ukur lima welas menit.
Nepi ka vila téh geus disampakeun sangu haneut, acar lauk emas, beuleum lauk asin, sambel jeung lalabna mah loba. Tadi téh saacan indit indungna Vika memang nelepon Mang Asip. Henteu lila dahar téh enya ogé saréré ponyo. Puguh atuh waktu shooting téh ngan satengah poé ayeuna jeung isukan. Ari durasi film sekitar dua puluh menit.
Der we shoting dimimitian. Mang Asip jeung Ceu Onah gé diajakan. Rada lila shoting téh da loba dibalikan deui. Éta atuh da Ceu Onah mah lieuk deui lieuk deui kana kaméra. Enya ogé kitu, shoting téh kaasup lancar. Reureuh heula kapotong ku magrib. Yana jeung Hersa solat heula. Ari kuring jeung Vika mah puguh keur horéam, tuluy nyieun cikopi di dapur. Edwin ngalangeu di buruan, hayang apal layung mimiti pareum cenah.
“Tadi ngelol ka jero kamar, asa rada geueuman kamar téh,” ceuk kuring bari nunda kopi dina méja makan.
“Wah, moal nanaon!” Vika anu keur motong roti bakar ngarérét. “Geueuman mah alus wé, artistikna henteu kudu alus teuing.”
“Basa urang ngéndong, apan henteu saré di kamar éta. Memangna saha anu sok saré di dinya?”
“Tara aya. Da kamar éta mah diajangkeun keur tamu. Asana téh geus lila pisan tara aya tamu.”
**

Rada muriding basa asup ka kamar téh. Sigana batur ogé ngarasa kitu, da euweuh anu nyoara sajongjongan mah. Saréréa puluhak-polohok ningalian kamar anu kesanna téh jaman baheula. Tapi henteu lila, der deui wé shoting saperti anu geus ditulis dina skenario.
Basa Edwin keur dishot mimitina téh. Edwin kalah muncereng basa dieureunkeun téh. Panonna molotot. Terus tutunjuk bari nyarékan.
“Sia geus ngabaribinan aing. Sia kurang ajar ka aing! Ku aing dikakalakeun siah!” pokna garihal. Panonna anu tadi muncereng katingali semu beureum.
Puguh atuh saréré reuwas. Terus mundur ngadeukeutan panto.
“Kat! Kat! Enggeus Win. Shotingna gé reureuh heula,” ceuk Hérsa.
“Aing lain akting, goblog!”
Saréréa silih pelong. “Si Edwin kunaon, kasurupan atawa api-api?” ceuk Hersa.
“Urang téwak wé ku saréréa, terus lékéték,” ceuk Vika.
Anu opatan téh terus ngadeukeutan Edwin. Kerewék wé Edwin ditaréwak ku opatan. Maksudna mah rék direjengan terus disarékeun kana ranjang bari dilékéték. Tapi naha tanaga opatan téh henteu mampuh. Sakali ngabantingkeun anu opatan pating gedebut. Kuring nyengir da tuur paadu jeung tungtung méja. Hersa mah nyekelan tarangna anu buncunur. Vika jeung Yana ogé sarua humarurung.
“Sia anu culangung! Ayeuna wani-wani siah ka aing mergasa!” ceuk Edwin bari tutunjuk. Panonna beureum, mureleng siga anu ambek pisan.
Kuring mundur ngadeukeutan panto. Hersa, Vika jeung Yana ogé sarua.
“Sigana mah bener euy, lain ékting,” ceuk Yana. “Kumaha atuh lamun geus kieu?”
“Sok atuh doaan ku énté. Apan énté mah rajin solat,” ceuk kuring.
“Huss. Solat ogé saukur bisa kulhu jeung anas. Barina ogé, maenya jaman ayeuna masih aya jurig.”
Vika kaluar ti kamar rék nyusulan Mang Asip. Edwin ngagolér dina lanté. Tapi lamun aya anu ngadeukeutan mah manéhna hudang bari muncereng. Teu lila Mang Asip datang. Tapi terus balik deui, rék nyusulan Ustad Wahyu cenah.
Tadina mah kuring sabatur-batur embung ngalibetkeun ustad. Bosen atuh da, ti baheula jurig dina film horor téh sok éléhna téh ku ustad. Matak dina skenario ogé euweuh tokoh ustad. Tapi sanggeus nyanghareupan Edwin anu muncereng unggal dideukeutan, ngabantingkeun unggal dicekelan, bingung ogé. Tungtungna satuju wé Mang Asip nyusulan Ustad Wahyu.
Enya wé ku Ustad Wahyu mah jurig anu mubus kana awak Edwin téh kaluar. Atuh Edwin ngagolér bangun anu lungsé naker. Éta ogé sanggeus si jurig téh paséa jueng Ustad Wahyu. Ku Ustad Wahyu diancam rék dicangkalak, kakara kaluar. Cenah manéhna téh anu ngageugeuh di handapeun tangkal sukun di buruan vila, ngarasa diteungteuinganan ku Edwin.
“Tah barudak, perkara anu gaib, jaman iraha ogé kudu percaya,” ceuk Ustad Wahyu. “Da aya kateranganana dina Al-Qur’an jeung Hadis. Rasulullah dina hadis anu diriwayatkeun ku HR Thabrani, al-Hakim jeung Baihaqi, nyaur: Jin téh aya tilu jenis, nyaéta anu boga jangjang tur bisa ngapung, jenis anu nyaraupaan oray jeung kalajengking, jeung jenis anu pipindahan. Éta hadis sanadna sohéh. Enya urang téh henteu bisa ningali jin dina wujud aslina, tapi lamun jin keur mangrupa naon waé nya bisa ningali. Anu ku masarakat disebut jurig atawa naon waé ngaranna, éta téh jin kénéh.”
“Upami hoyong ulah dicaketan ku anu kararitu, kedah kumaha Pa Ustad?” ceuk Hersa.
“Baca Qur’an. Aya kateranganana, sabangsa jin jeung siluman sieuneun ku bacaan Qur’an. Aya hadis anu nyebutkeun, jin anu jahat, siluman, sieuneun ku ayat kursi. Saha anu apal ayat kursi?”
Kuring sabatur-batur garideug.
“Ieuh, jadi rumaja ayeuna, meunang bangor anu wajar mah. Tapi Qur’an jeung hadis mah kudu apal, da éta mah pedoman hirup manusa sapanjang jaman. Malah kudu rada ningkat. Lamun kolot urang saukur bisa maca Qur’an, atuh urang mah kudu apal jeung hartina, apal tafsirna ti para ahli tafsir, apal asbabun nujulna. Lain ieu mah ngarasa moderen, ari apal Qur’an saukur kulhu jeung anas henteu éra sama sakali.”
Ustad téh enya siga anu nyarékan, nganaha-naha. Kuring sabatur-batur caricing. Rumasa. Sangges leler, Edwin ngadongéng cenah mimitina mah kahampangan di handapeun tangkal sukun, dipancerkeun kana liang. Éta ogé aya hadisna ceuk ustad Wahyu mah, henteu meunang kahampangan atawa nyéblokeun cai panas kana liang.
Sanggeus Ustad Wahyu amitan, shoting téh dituluykeun saperluna. Isukna pabeubeurang balik ka Bandung. Rada reuwas basa keur ngédit. Bet di jero kamar aya anu ngalayang sababaraha balikan. Terus malah maénkeun piano, sorana hawar-hawar. Beungeutna mah henteu katémbong. Ngan ngagayabag we maké baju bodas.
Basa diputer di aula, anu lalajo mungguh ramé. Malah aya anu ngajarerit bari meungpeun da sieun cenah, sieun anu maén piano némbongan beungeutna. Saur Pa Wardana, film téh alus pisan.
“Aya tokoh anu ngalayang, éta maké téhnik naon? Terus anu maén piano, saha anu merankeunana?” saur Pa Wardana basa diskusi.
Kuring sabatur-batur silih pelong. Aula jempling. Meureun papada hayang apal jawaban anu ditanyakeun Pa Wardana. 

Mangle no 2568, 10-16 Maret 2016

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KAMAR TAMU VILA VIKA"

Posting Komentar