Jejak Kata :
Home » » PA SUTAR JEUNG UCING

PA SUTAR JEUNG UCING

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 22.33



Tribun Jabar, 12-14 Mei 2015

Pa Sutar téh jelema beunghar. Kakayaanana aya di mana-mana. Angka tabunganana ngabring dina rékening. Surat-surat berharga, sertipikat, surat usaha, rapih dina lomari husus. Bumina aya lima. Bumi anu hiji ditempatan ku kulawargana, istri jeung dua putrana anu mangkat rumaja. Bumi anu dua mah dikontrakeun da tadina ogé minangka investasi, nyadiakeun keur barudak cenah lamun engké geus sawawa. Bumi anu hiji deui ditempatan ku Empi, istri anom anu ditikah sacara siri. Bumi anu hiji deui mah dikosongkeun, saukur dilongokan ku Mang Engkos jeung Bi Erum, ewe-salaki purah sasapu-ngepél jeung beberesih di buruan. Bumi anu ieu mah paragi niis ari Pa Sutar nuju baluweng manah, nuju hoyong nyalira.
Sapertos ayeuna, tos dua dinten Pa Sutar niis di bumi kosongna. Anjeunna téh nuju gering pikir nguluwut émutan. Diputer-puter ogé uteukna, kudu kumaha ngungkulan masalahna, weléh henteu kapendak carana. Nganggé jalan itu nganggé jalan ieu, sapertosna mah bakal mentok.
Mimitina mah pedah aya wartos ti Rudi, stafna di kantor. “Pa, abdi mendak wartos, bakal aya audit kana proyek-proyek taun ieu,” ceuk Rudi. “Upami salamet proyek taun ieu, proyék anu sanésna ogé moal diboker deui. Tapi upami aya indikasi penyelewengan, proyék anu kapengker ogé bakal diungkab deui.”
Béja éta anu matak Pa Sutar nguluwut téh. Sok kaduhung lamun geus kitu mah. Taun kamari téh kapikiran pikeun eureun. Geus waktuna pikeun beberesih kalakuan. Ongkoh deui apan beunghar mah enggeus. Pamaréntah apan ti pusatna keur ngahangkeutkeun clean governement téa. Ruput-rapat atawa acara apan dipahing pisan diayakeun di hotél.
Tapi unggal ngajukeun proyék, disatujuan, sok lebar lamun dileupaskeun ka batur téh. Komo bari jeung kudu nolak huduah-hadiah ti pengusaha. Huduah-hadiah atawa panyogok apan saukur béda istilah wungkul. Éta téh asup kana korupsi. Matak Pa Sutar ngarti basa ngobrol jeung Rudi, sagala rencanana téh bakal mubah.
“Rudi apal saha pengawasna?” ceuk Pa Sutar harita.
“Saurna mah ti Pusat. Gampil waé upami hoyong terang mah, kantun nanaroskeun, tapi kanggo naon?”
“Ajak atuh makan-makan, atawa jalan-jalan saperti biasana.”
“Ayeuna mah moal tiasa kikituan, Pa. Upami urang kitu téh malah tiasa malindes ka diri urang.”
Éta anu matak jadi bangbaluh Pa Sutar téh. Ari rék disanghareupan saperti anu henteu tuah henteu dosa, pasti kapanggih. Ti saprak jadi Kabid Sejarah dan Kepurbakalaan apan manéhna mah ngajukeun proyék téh saenyana keur sorangan. Ténder téh tungtungna mah dimeunangkeun ku perusahaanana. Perusahaan manéhna anu maké ngaran jeung alamat fiktif. Ceuk paribasana mah tukang béca ogé bisa dititah marap jeung datang ka kantor maké kaméja beresih. Buruhan waé sajuta dua juta mah. Komo deui proyék anu pangajina kurang ti saratus juta anu henteu kudu ténder, pasti leuwih gampang ngakalanana.
Enya, apan ku cara proyék siga kitu Pa Sutar bisa investasi dina kebon dina sawah dina bumi salima-lima, ogé sanggup ngabéayaan Empi anu boros saenyana hirupna. Tapi Pa Sutar henteu bisa miceun Empi. Eukeur mah boga budak hiji anu keur meumeujeuhna lucu, kakara dua taun, Empi mah geulis rancunit asa taya bandinganana, matak sono unggal waktu.
Tah, lamun diaudit hiji proyék wé, terus disusud perusahaan anu meunang proyékna,  pasti kanyahoan fiktifna. Lamun disusud proyék séjénna, proyék taun-taun anu kaliwat, pasti kanyahoan carana sarua. Pasti milyaran anu ditudingkeun ka manéhna. Boa terus ka pengadiln mah jadi tersangka, dipecat jadi pns, investasina boa dijabelan. Wirangna pasti kabawa nepi ka iraha ogé, jaba boa jadi sangsara deui, boa Empi ogé kapaksa ditinggalkeun.
**
Upami nuju gering pikir, niis di bumi kosong téa, Pa Sutar mah leuwih resep ngalangeu di balkon loténg. Calik dina korsi jati anu ngahaja dipesen ti Jepara. Ningalikeun barudak arulin sapanjang gang. Ibu-ibu balanja sayuran. Atawa nengetan kalakuan tukang dagang lamun henteu aya anu meuli. Ti balkon loténg mah atra katingali. Tapi ti handap pasti rada hésé nyidik-nyidik anu aya di luhur. Matak sok laluasa lamun ngintip batur téh.
Réa kalakuan jelema anu henteu waé pikaseurieun, tapi ogé pikangéwaeun, lamun keur nyorangan. Tukang céndol, tukang baso tahu, tukang cilok, kumaha kalakuan maranéhna lamun keur nagog nungguan roda sosoranganan, ah horéam ngadongéngkeunna ogé. Ibu-ibu anu keur nyorangan di téras, ngarasa buni da sakuriling imahna dipager, sok réhé ningali kalakuanana.
Tapi sababaraha kali niis kadieunakeun anu jadi puseur perhatian Pa Sutar téh bumina Pa Dedi. Bumi anu pahareup-hareup jeung bumi Pa Sutar. Sarua bumi anu mindeng kosong. Komo Pa Dedi mah da nganjrekna ogé di Jakarta. Henteu katitih sabulan sakali ngeusian bumi éta téh. Bumi agréng enya ogé ti saprak diréhab acan kungsi dieusian enya-enya. Ngan sabeulah témbokna rada hideung, kacérétan tai kalong anu patinggulantung di téras unggal peuting. Téhelna mah diberesihan téh herang deui. Tapi témbokna mah sigana kudu dicét deui.
Ti saprak sabulan katukang bumi Pa Dedi aya eusian, saurang bapa-bapa, duka saha. Naha badéga Pa Dedi, atawa dulurna, atawa saha, Pa Sutar henteu terang. Unggal Pa Sutar niis, éta bapa-bapa aya nungguan bumi Pa Dedi. Sigana nungguan anu nawar bumina da dina pager aya plang: DIJUAL, HUB: nomer télépon ini.
Pa Sutar apal pisan bumi anyar diréhab pangna arék dijual téh. Dua bulan katukang, basa Pa Sutar keur niis, peutingna jol Pa Dedi sakulawarga. Gembok pager dibuka, bus mobil ka garasi. Cetrék konci panto diputerkeun, tapi panto téh henteu muka. Didorong-dorong angger henteu muka. Tungtungna ngumaha ka Pa RT. Da puguh harita Pa Sutar gé keur di buruan tas ngeusi pulsa, Pa Sutar nyampeurkeun ka bumi Pa Dedi.
Panto téh terus didobrak. Pantes waé rék hésé muka ogé da di jerona rapang paku pamageuh. Korsi di ruang tamu acak-acakan. Kasur ti kamar parindah ka tengah imah. Runtah keretas nasi bungkus, botol inuman, cangkang kadaharan, pabayatak di mana-mana. Anu matak muriding, di handapeun kasur pabalatak kondom urut aya welasna. Sigana bumi Pa Dedi téh dijadikeun tempat pésta duka ku saha. Arasupna téh ngaliwatan jalan tukang, terus naraék kana témbok. Di luar témbok apan jalan simpé jeung poék.
Pedah kungsi kagiridig ku euwah-euwah meureun bumi Pa Dedi téh dijualna. Sababaraha urang katingali kungsi ngobrol jeung si bapa anu nungguan bumi Pa Dedi. Tapi sigana acan mupakat, jadi plang téh acan dicabut. Duka kumaha mimitian, Pa Sutar ogé bet kapikiran ngaluarkeun bumi paragi niisna.
“Gusti, abdi réla ieu bumi diical, hasilna dibagikeun ka panti-panti asuhan, asal kahariwang abdi énggal disirnakeun. Abdi moal deui ngalakukeun padamelan anu atos-atos,” gerentes Pa Sutar. Enya ogé ngagerentes ka diri sorangan, Pa Sutar ngarasa henteu yakin dirina ngadangueun. Terus ngodokan pulpén tina tas, geus kacepeng mah gutrut wé nulis, nuliskeun gerentes haténa.
**
Enjingna basa Rudi megat di tempat parkir, Pa Sutar reuwas. “Pa, nembé pisan abdi mendak wartos, audit ngadadak téh dinten ieu,” ceuk Rudi. “Tapi tenang Pa, auditna téh geuning acak. Anu diaudit di Dinas urang mah dipiliih Bidang Pendidikan Luar Sekolah.”
Duka Pa Sutar téh reuwas ku atoh. Duka reuwas ku inget kana gerentes haténa. Da mulang ti kantor téh terus ka bumi paragi niis téa. Anjeunna ngahuleng. Doa téh geuning diijabah, Gusti téh geuning nyaaheun, ceuk haténa. Tapi ngajual imah ieu terus hasilna disumbangkeun ka panti-panti, naha moal lebar? Pangaji bumi ieu téh moal kurang ti tujuh ratus juta. Harga taun kamari éta téh. Beunghar ogé atuh lalawora teuing ari sodakoh pangaji sakitu mah.
Pa Sutar téh ayeuna mah uleng mikir sanés ku kasieun. Tapi asa henteu tenang haténa margi kungsi ngagerentes téa. Lamun ceuk ustad mah meureun nadar disebutna. Tapi da acan pok ka sasaha. Lamun henteu dilakukeun téh asana moal nanaon. Anggap waé niat anu henteu jadi dilakukeun.
Kitu ulengna émutan Pa Sutar. Tapi unggal badé dipohokeun, gerentes haténa téh nguruncul deui. Henteu tenang rarasaan téh lamun henteu dilakukeun. Ari kituna, namina ogé gerentes haté, moal tiasa ical tina haté.
Nuju hulang-huleng ngarasa lebar sareng ngarasa hutang,  lar téh aya ucing ngaliwat dina suhunan, terus ka teras balkon, blus kana kaca nako. Pa Sutar émut, éta téh ucing piaraanana. Manéhna anu meulina gé sataun katukang. Tadina mah kado keur ulang taun putrana, ari pék henteu resepeun. Terusna mah dibawa wé ka bumi ieu, diurus ku Mang Engkos. Gancang Pa Sutar ngageroan Mang Engkos.
“Mang, ari ucing anu buluna hawuk téh anu urang?” saur Pa Sutar.
“Muhun, ucing candak Bapa téa,” témbal Mang Engkos. “Ku Emang téh sering dileupaskeun ayeuna mah. Karunya henteu aya baturna, mangkaning katingalina téh tos begér.”
“Kana kandangkeun, Mang. Tong dikencarkeun ayeuna mah.”
Basa ka bumi Pa Dedi aya anu kungsi nawar téa, balikna dipegat ku Pa Sutar.
“Naha teu acan mupakat kénéh?” ceuk Pa Sutar.
“Muhun. Mani keukeuh hoyong tujuh ratus satengah. Ari abdi wantunna mung tujuh ratus.”
“Tah, upami ka bumi abdi, wantun sabaraha? Ieu gé da ngaréhab mah teu acan lami.”
Anu nawar imah téh ngahuleng. Terus nengetan ka sakuriling bumi Pa Sutar. “Anu Bapa ogé badé dikaluarkeun? Hoyong sabaraha?” cenah semu atoh.
“Hayu waé tingalian ka lebet.”
Terus wé anu duaan téh ka jero bumi. Anu rék meuli téh nengetan ka sakuriling rohangan, sagala ditanyakeun. “Ka bumi anu Bapa ogé sami waé, abdi mung wantun tujuh ratus juta,” pokna téh sanggeus diuk pahareup-hareup.
“Kieu wé ayeuna mah,” saur Pa Sutar ragu-ragu nerangkeun. “Bumi ieu mah diicalna mung lima juta rupiah.”
“Lima juta?” Anu meuli téh ngajenghok, reuwas, henteu percaya kana dédéngéanana.
“Muhun lima juta rupiah. Tapi anu mésér bumi ieu, kedah sakantenan mésér ucing itu,” saur Pa Sutar bari nunjuk kandang ucing, terus déhém deui. “Kumaha kersa?”
“Sabaraha pangaos ucingna?” Anu rék meuli leuwih ati-ati nanyana.
“Ucing mah henteu tiasa ditawis, pangaosna genep ratus salapan puluh lima juta rupiah.”
Anu rék meuli téh nyéréngéh. Manéhna nyangka Pa Sutar téh heureuy. Tapi sanggeus sababaraha kali ku Pa Sutar dikeukeuhan kudu kitu hargana, anu rék meuli téh satuju. Enya, apan dijumlahkeun mah angger waé bumi jeung ucing téh tujuh ratus juta rupiah. Harga sakitu téh apan manéhna geus wani.
Énjingna transaksi jual-meuli téh disaksian ku notaris. Balik ti notaris Pa Sutar nyimpang ka panti asuhan, terus sodakoh lima juta rupiah, saharga bumina. Kaluar ti panti asuhan téh Pa Sutar sura-seuri. Pa Sutar ngarasa dirina pinter. Ceuk haténa, ngan jelema pilihan anu bisa ngakalan kaayaan rumit siga kitu. Enya ogé di jero haténa, di jero hatina anu pangjerona, Pa Sutar ngarasa bodo leuwih ti saacanna.
Dina saku Pa Sutar aya buku tabungan anu jumlahna genep ratus salapan puluh lima juta rupiah, ladang ngajual ucing. Basa ramo-ramona nyekelan buku tabungan téa, Pa Sutar seuri deui. Manéhna ngarasa tetep beunghar. Tabungan ieu mah henteu kudu disodakohkeun da ladang ngajual ucing. Enya ogé di jero hatina, di jero haténa anu pangjerona, Pa Sutar ngarasa sangsara leuwih ti saacanna. ***


Pamulihan, 20 April 2014

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni