DAGANG ONLEN

barakatak majalah mangle

Ti bubudak resep dagang téh. Sakola nepi ka perguruan tinggi, ih da dagang mah tara katinggaleun. Tara léngoh ka sakola téh. Sagala anu bisa dibwa  ti imah, dulur atawa tatangga mah didagangkeun. Kurudung, tupperware, buku, baju, kuring kungsi jualan.
Rada eureun téh sanggeus rimbitan. Gawé gé malah terus eureun. Sanggeus boga budak riweuh ngurus budak. Tapi sanggeus budak sakola ka TK, dagang téh maju deui. Ari dagang ayeuna, geuning béda jeung dagang baheula. Baheula mah dagang téh saukur nawaran ka kawawuhan jeung tatangga. Ayeuna mah bisa nawarkeun dina internét.
Dagang onlén disebutna téh. Mimitina mah saukur nawarkeun dina facebook. Terusna mah diajar nyieun blog, ngagrup dina BBM jeung promosi dina twitter. Dagang onlén mah bisa saling promosikeun bari nyiwit untung saeutik-eutikeun. Maksudna, lamun kuring boga barang, babaturan kuring anu sarua tukang dagang dina internét bisa ngadagangkeun ogé bari harga ditaékeun saeutik. Jadi lamun urang balanja barang dina internét kadang henteu apal produsér kahijina saha.
Enya ogé kitu, angger wé anu diutamakeun dina dagang onlén ogé kapercayaan. Kuring kungsi jualan baju anu babaturan, horéng batur kuring téh ngolés ogé ti batur. Atuh basa ka kuring aya anu mesen, ku kuring dipesenkeun ka sobat téa, horéng bajuna henteu siap. Ditungguan saminggu leuwih angger bajuna euweuh, produserna kalah malik ngambek pajar naha henteu meuli sakalian salosin ti anggalna. Produser siga kita mah ku saréréa ogé langsung dicorét. Resikona, kuring jeung babaturan téa kudu sanduk-sanduk ménta dihampura ka anu meuli bari mulangkeun duit anu geus ditransfer. Ku kitu mudah-mudahan anu meuli henteu kapok. Malah percayaeun yén kuring lain tukang tipu dina internét.
Sakali mangsa mah kuring diwawuhkeun jeung konfeksi bonéka. Atuh sabada tatanya kuring ogé bisa ngamaklun bonéka, der wé diiklankeun dina internét. Sobat-sobat kuring ogé loba anu milu ngadagangkeun bonéka. Bonéka anu payu harita bonéka ‘paha ayam’.
Hiji waktu keur nganjang ka tatangga, aya pakét ka tatangga, eusina bonéka ‘paha ayam’. Cenah manéhna resep kana bonéka ‘paha ayam’, matak pesen tina internét, hargana 110 rébu rupiah. Kuring molohok. Apan éta téh bonéka ‘paha ayam’ anu kuring. Ngan unggal aya anu meuli, bonéka mah dikirim langsung ti konkonfeksi.
“Bonéka anu sapertos kieu, upami mésér ti abdi mah ngan 70 rébu rupiah,” ceuk kuring
“Geuning langkung mirah?” tatangga teu pati percaya.
“Da anu ngadamelna ogé abdi. Abdi ogé upami ngical écéran mah sakitu, ditambih ku ongkos kirim.”
Tungtungna mah sareuri. Cara jualan ‘ngolés’ kitu dina intérnét lamun urang ngadagangkeun barang produksi produser badag mah disebutna affiliate. @@@

PPM TAMU ku: Lina Herlina
Mangle no 2533, 25 Juni - 1 Juli 2015

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DAGANG ONLEN"

Posting Komentar