Sasab di Leuweung Tutupan

carmis majalah mangle

Peré sakola taun ayeuna mah henteu ramé. Keur kuring kitu sotéh. Apan kakara dua minggu putus jeung Anita. Pasti moal aya anu bisa diheureuyan. Sms, ngainbox, atawa nulis status facebook anu nyindiran, sigana ngilu peré.
Ari sobat séjénna, cenah peré téh saukur saminggu, henteu lila, jadi geus mupakat saréréa ulah panggih salila peré. Basa ningali akun facebook Osmon aktif, saenyana teu kuat hayang ngajak ngobrol. Tapi bisi cilaka, mangkaning taruhanana lamun ngajak panggih tiheula kudu nraktir lalajo film. Ari lalajo film hartina nraktir ogé jeung jajanna. Wah, alamat boborot atuh. Apan sobat ulin sagéng téh aya dalapan urang. Saurang dijatah lima pulu rébu ogé, tuh sidik geus dua ratus rébu.
Oh enya, kuring téh kakara kelas dua SMU. Ti leuleutik hirup di kota saramé Jakarta. Lamun peré biasana aya waé kagiatan jeung dalapan urang sobat téa. Miluan kajuaraan futsal, latihan teater, atawa milu tour ka tempat-tempat wisata jeung biro perjalanan. Ari ayeuna? Matak karasa asa tiiseun.
“Libur ka bumi Enin wé jig di Sumedang,” ceuk Mamih.
Kuring manyun. Maenya ka sisi leuweung. Palingna ogé ningalian sawah, walungan, ngala lauk. Apan baheula ogé keur SD mindeng. Usulan Mamih téh tangtu wé ditolak.
“Enin basa nélépon minggu kamari téa, apan cenah kangen ka Edwin,” ceuk Mamih deui. “Urang panén jagung manis.”
“Panén jagung manis mah ke super markét aja Mih,” témbal téh bari ngaléos ka kamar.
Asa kaingetan, Mamih miwarang kuring ka super markét balanja susu. Ari pék di super markét panggih jeung Alex.
“Ortuku gak punya duit,” ceuk kuring basa Alex ngajak miluan tour ka Raja Ampat anu inditna isukan. Cenah masih aya korsi anu kosong dua urangeun. “Ortuku malah nyuruh ke rumah Enin di kampung.”
“Wah, tawaran menarik. Enak keur istirahat. Hayu ke sana aja.” Teu nyangka Alex mani giak ngahayukeun.
**

Sukasegar téh kampung di sisi leuweung. Ti terminal di kota kacamatan ogé lumayan jauh. Ari ojég mah éta ogé aya. Tapi Alex mah apan maksudna ogé hayang leuleumpangan jeung niis di tempat simpé. Ti terminal kénéh geus karasa suasana kampung. Tatangkalan ngajajar sapanjan jalan. Malah aya tangkal sagedé dreum anu meureun umurna ogé geus ratusan taun. Satukangeun tatangkalan pakebonan ngaplak satungtung deuleu. Kebon jagong kebon hui, kebon kacang, matak seger tetempoan.
Reureuh di sisi jalan, ngaleguk jus jeruk bari ningali pamandangan, lat wé poho kana pangalaman ngungudag métro mini, macét, panas, di Jakarta. Enya wé kuring gé mimiti resep. Puguh atuh unggal tempat asa alus waé pikeun dipotrét. Ari kuring, karesep téh apan kana motrét.
Enin puguh wé atoh basa kuring datang. Bumi Enin téh lega. Di Jakarta mah ngan jelema baleunghar anu boga buruan salega buruan bumi Enin. Di tukang mah apan bisa dipelakan jagong jeung kacang sagala. Acan deui aya balong. Enin téh di bumi dibaturan ku Mang Asip jeung Bi Enah anu ti jaman Mamih budak cenah tos babantu di bumi Enin. Aki tos ngantunkeun.
Di lembur saenyana kuring ogé loba kawawuhan. Keur leutik ari peré apan sok ulin téh jeung Awit, Iwan, jeung Dudung, barudakna tatangga Enin. Kabeneran maranéhna ogé keur peré harita téh. Atuh sapeupeuting begadang di pengkereun bumi Enin dibaturan ku anu tiluan téa. Obrolan téh tungtungna mah ngaléok ka leuweung tutupan.
Di lembur téh aya leuweung Bésér. Dingaranan kitu meureun lantaran sirah cai aya di mana-mana, siga anu bésér. Kaasup leuweung tutupan. Boh tatangkalan atawa sasatoanana henteu meunang diala. Malah jarang pisan cenah anu ulin ka leuweung tutupan mah. Anu biasa ogé ari henteu dibaturan mah tara daékeun.
“Hayu ah, bésok kita maén ka leuweung Bésér,” ceuk Aléx.
“Moal ogé meunangeun ku Enin,” témbal téh.
“Nya atuh entong jujur teuing, Bro. Bébéjana mah arék ka sisi leuweung ningali kebon jagong.”
Isukna bring wé limaan ka sisi leuweung. Enin ngidinan, tapi saméméhna papatah heula, “Ulah ka jero leuweung, ulah miceun runtah di mana waé, ulah ngaganggu pepelakan, ulah ngaganggu sasatoan, ulah....”
Kuring jeung Awit ngagandong tas bebekelan. Hawa masih seger. Jam genep isuk-isuk atuh da indit téh. Mimitina mah enya ngaliwatan pakebonan. Anu tani geus araya ngadon ngaberesihan jukut atawa ngagemuk. Beuki ka luhur pakebonan téh diganti ku tatangkalan jarangkung. Pines, surén, sobsi, séngon, minuhan lahan sisi leuweung.
“Tapi nyaan, di leuweung tutupan mah ulah sompral,” ceuk Awit basa reureuh di sisi sirah cai handapeun tangkal loa. “Malah ceuk Mang Kardi mah motrét ogé ulah sembarangan.
“Ulah sompral téh ceuk kolot,” témbal téh gancang. “Ari urang mah da hirup di jaman moderen....”
“Huss...!” Dudung ngagebés. “Dasar urang kota. Matakna henteu sembarangan anu bisa ngalanto ka leuweung tutupan. Ayeuna ogé urang diidinan ku Mang Kardi salaku kuncén, lantaran aya urang dieu asli tiluan.”
“Apan kuring ogé urang dieu.”
“Enya Edwin mah turunan urang dieu, tapi sapopoéna mah apan di Jakarta. Matak henteu percayaeun pantrangan urang dieu. Sompral ngomongna ogé.”
Tapi kuring henteu nurut palebah popotrétan mah. Geus puluhan adegan diabadikeun sapanjang leumpang téh. Unggal dicaram ku anu tiluan, Alex sok mangmeunangkeun kuring.
“Henteu popotrétan mah atuh cumah urang jalan-jalan. Moal bisa narsis dina facebook,” ceuk Alex.
Anu tiluan saukur gogodeg. Sanggeus reureuh mah leuleumpangan téh dituluykeun deui.
“Kuring mah ti SD ogé asup kagiatan pramuka,” ceuk kuring ngadongéng, ngarah anu tiluan henteu mangmang lamun kuring motrét atawa ngomong sompral. “Kemping geus sering. Tanda jejak puluhan kali. Komo ngan saukur ngaprak leuweung leutik siga kieu mah....”
Rada ngendoran téh leumpang sanggeus ngocoblak lila henteu aya anu mairan. Barang ngalieuk ka tukang, enya wé teu aya sasaha. Bati hanjelu, dasar urang kampung ngaheureuyan téh teu sapira pisan. Nyumputan keur beurang kieu. Nya moal hariwang jeung sieun atuh. Tapi naha Alex ogé bet ngiluan?
“Lex, di mana kamu? Awit, tong heureuy atuh!” kuring gogorowokan tungtungna mah. “Dung, Dudung...! Iwan, hayu urang balap leumpang!”
Henteu aya jawaban. Angin anu ngahiliwir kadéngé sorana nebak dangdaunan. Simpé. Ah, mending nuluykeun leumpang tiheula. Engké ge pasti nuturkeun.
Tapi sanggeus leumpang jauh, kuring ngagebeg. Rarasaan tempat éta téh kungsi kaliwatan tadi. Késang ujug-ujug nyurulung. Suku mimiti karasa pegel. Hanaang jeung karasa lapar. Basa ningali ka luhur, enya we panonpoé téh geus manceran.
Leumpang téh lalaunan ayeuna mah. Di handapeun kiara anu ngaroyom ka jalan kuring diuk. Kakara ogé arék am, ngagebeg da di gigireun, kira-kira saméter ti kuring, aya aki-aki keur diuk. Hayang mah lumpat bari ngagorowok bakat ku reuwas. Tapi kuring nguatkeun manéh.
“Ngiring reureuh, Aki. Abdi badé neda,” pok téh rada ngadégdég. Si aki seuri bari unggeuk-unggeukan. “Upami Aki badé, ieu aya roti-meses.”
Si Aki mawa roti hiji. Sanggeus tatanya Si Aki henteu némbalan, kuring amitan. Meureun aki-aki téh henteu bisa nyarita. Kuring leumpang deui bari sakapeung ngagorowok ngagentraan babaturan. Maenya maranéhna ngaheureuyan, mani kamalinaan kitu.
Poé mimiti reupreupan. Bitis jeung pingping paregel. Leumpang téh ka tempat éta deui éta deui. Kuring beuki hariwang. Sieun mimiti karasa. Kumaha lamun nepi ka peuting henteu bisa balik? Tungtungna kuring ceurik. Kabayangkeun mopoék sorangan di leuweung. Wani sotéh beurang, keur caraang. Ari peuting, poék, kumaha lamun aya....
Keur luwa-lewé bari nginghak kadangu aya anu ngageroan. Kuring curinghak. Anu ngageroan téh beuki jéntré. Kuring gancang ngabales ngagorowok. Singhoréng téh Mang Asip, anu jaga di kebon Enin. Kuring atoh. Dibéjakeun wé kuring téh ditaringgalkeun ku babaturan.
“Sanés ditaringgalkeun. Réréncangan Encép Edwin ogé haréraneun. Sakitu digeroan téh Encép kalah mapah teras,” ceuk Mang Asip. “Untungna Emang dipasihan terang ku Aki. Hayu ayeuna mah urang turun.”
Nepi ka sisi leuweung téh geus paroék. Ti tadi ogé kuring leumpang nunutur léngkah Mang Asip. Di kajauhan katingali siga anu keur pawéy obor. Sanggeus deukeut, singhoréng maranéhna téh anu néangan kuring. Enin mani nangkeup bakat ku hariwangeun.
“Enin téh hariwang. Anu nyusul tadi téh cenah nepi ka sisi leuweung, tapi hidep acan kapanggih,” saur Enin.
“Edwin téh sasab, Enin. Untungna pendak sareng Mang Asip.”
Anu aya di dinya kalah silih pelong. Enin ogé molohok sakedapan. Cenah, Mang Asip mah geus saminggu rarieut, acan bisa ka ditu ka dieu.
“Muhun Enin, abdi dianteurkeun ka dieu téh ku Mang Asip,” ceuk kuring lantaran anu aya di dinya siga anu henteu percaya. “Upami henteu percanten, aya potrétna ogé.”
Di imah hasil motrét téh dipindahkeun kana laptop, ngarah saréréa bisa ningali. Potrét téh ditingalian hiji-hiji.  Sakabéh potrét ogé aya. Tapi potrét di handapeun tangkal kiara bet anéh, si Aki téh henteu aya, anu aya téh roti anu keur ngalayang. Potrét Mang Asip ogé henteu aya. Gantina aya potrér oray keur ngaléor. 
Kuring molohok. Rey wé bulu punduk cararengkat. @@@

Mangle no 2563, 3-10 Pebruari 2016

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sasab di Leuweung Tutupan"

Posting Komentar