DONGENG BEBENE

carpon dongeng bebene yus r. ismail

Ceuk saha ceuk saha ogé kuring téh jelema mujur. Pangpangna mah ceuk babaturan. Batur ulin, batur sakola, nyebutna kitu téh bari teu aya rindat sirik.
“Manéh keur aya dina kaayaan mujur pastina ogé,” ceuk Rian hiji peuting. “Ti semet ayeuna mah uing ngaku boboléh, uing moal ngaheureuyan deui Celine.”
Ari Rian, saha atuh anu bireuk ka manéhna di kampus kuring mah. Tong boro sajurusan-safakultas, sakampus ogé pasti arapaleun. Beunghar puguh deui, apan mobilna ogé lain waé harga ratusan juta, tapi aya anu geus liwat ti sa-M. Ari kituna, bapana téh apan salah saurang pingpinan di legislatif pusat di Jakarta. Kasép puguh deui, apan kungsi digosipkeun deukeut jeung artis sinetron sagala.
Ari di kampus, puguh deui Rian pada marebutkeun. Ulin jeung itu bareng jeung ieu téh lain mojang joré-joré, tapi anu ogé sohor jeung beunghar. Ngan hiji cenah mojang anu henteu bisa diperuhkeunana téh, nyaéta Celine.
Ari Celine, urang Bandung asli da ti umur lima taun nganjrek di Dago. Ngan dijurukeun mah di London, Inggris, nepi ka umur 5 taun. Indungna urang Inggris asli, bapana anu urang Ciwastra mah. Atuh puguh wé Indo antara Sunda jeung Inggris téa matak deungdeuleueun dédéngéeun ku halimpu soantenna.
Anu matak kuring disebut mujur, da ka saha ka saha, pangpangna ka anu ngadeukeutanana, Celine téh ngaku geus resep ka hiji lalaki.
“Anéhna euy, lalaki anu dipikaresep ku Celine, nyaéta manéh, Jang. Anéh bin ajaib, uing anu ngungudag  maneh anu dipikaresep,” ceuk Koswara.
“Ah, teu percaya!”
“Demina ogé. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon, sayah apan némbak manehna saminggu katukang. Jujur waé, ti sataun katukang sayah ngungudag Celine. Teu kabayangkeun manéhna bakal nolak, alesanana geus aya jajaka anu ngeusi haténa. Eta téh manéh, Jang. Maneh! Gancang deukeutan!”
Lamun saukur Koswara anu ngomong pastina ogé moal percaya. Tapi ogé Rian, Sandi, Bowo, Heri, Novan, pokna téh kitu. Atuh basa manggihan Celine keur diuk sorangan dina bangku taman, haté mani ngagebeg. Teu luas nyampeurkeun. Puguh deui kuring resep mah ka Celine. Geulis, bageur, pinter, saha anu henteu kataji ku mojang Sunda-Inggris ieu?
Tapi basa kuring rék balik deui, aya anu halimpu ngagentraan, “Ujang, badé ka mana?” Terusna mah ngobrol, terusna mah anteng, terusna mah mancawura sagala rasa.
**
Puguh waé reuwas, teu percaya, nyiwit kulitna ogé sababaraha kali basa ningali Celine neuteup mani anteb, imut mani manis. Pokna, saukur keur kuring cenah neuteup jeung imut siga kitu téh. Kuring atoh?
Anu puguh mah tagiwur. Kuring mah apan lalaki produk katinggaleun jaman. Teu wani huray-heureuy ka awéwé, komo ngarayu ngajak teu uni mah. Ka Celine ogé wani sotéh ngobrol, sakapeung nga-WA ngajak jalan-jalan lantaran dikolongan wani ku manéhna. Lain pedah kuring kungsi masantren sigana, tapi geus kitu waé diajarkeun di kulawarga téh.
“Entong bubuguhan-bobogohan, lamun hiji jajaka geus resep ka hiji mojang, kitu ogé sabalikna, mending langsung sahkeun waé ka balé nyungcung,” saur Ambu hiji waktu.
Tangtu waé aya anu nyiak dina pameunteu kuring. Ambu nyarios kitu sotéh pedah ningali potrét Celine dina hp kuring.
“Keun waé sakola mah tuluykeun. Matak wani resep tiheula ogé meureun wani tanggung jawab anu leuwih rosa deui,” saur Ambu.
Lantaran kitu, kuring keur ngitung-ngitung waktu anu mustari pikeun pok ka Celine ngajak rumah tangga. Lain ngitung waktu milang tanggal, tapi nyieupkeun jeung kawani diri. Di handapeun tangkal kérsen sisi balong, tukangeun imah Celine, kira pukul salapan peuting, kuring balaka.
Anu geulis bet ngarahuh. Ari kuring, puguh anu tagiwur dina dada téh beuki rosa.
“Tos kabadé ti ngawitan ogé, Ujang mah pasti kitu sikepna,” ceuk Celine bari neuteup langit anu angkeub. Cai balong kokolényayan kasorot lampu ti tungtung balong.
“Terang henteu, kunaon Celin bet anu tipayun kapanah asmara ku Salira?” ceuk Celine deui.
Kuring saukur neuteup. Terus gideug minangka jawabanna mah.
“Margi sikep Salira saperti kitu,” pokna halimpu, dédéngéeun, moal kapopohokeun.
“Tapi... Celine reuwas ogé ari dugi ka diajak ka balé nyungcung mah,” pokna deui. “Sateuacan ngawaler, Celin hoyong ngadongéngkeun hiji carios.”
“Hiji carios?”
“Muhun, kupingkeun waé heula...”
**

Hiji waktu di kota London, Inggris, aya hiji jajaka anu sikepna sapertos Salira. Alim bobogohan, tapi hoyong teras ka balé nyungcung. Bobogohan mah mending saatos resmi waé. Langkung bébas, langkung raos, langkung nyugemakeun; kanggo ngumbar sagala rasa.
Yuswana mah nembé 25 taun. Yuswa anu acan manjing disebut bujang kolot. Tapi nya kitu, sikepna kitu. Unggal caket sareng hiji mojang, sabada balaka aya rasa bari ditarima kalayan kabagjaan, éta jajaka téh sok teras waé pok: “Kersa upami urang jatukrami anu resmi?”
Di London, jaman harita, pernikahan téh sakral jeung mahal kacida. Henteu anéh anu papacangan ngarencanakeun pernikahan dugi ka mangtaun-taun. Matakna pangajak éta jajaka, enya ogé gandang, seringna ditolak. Henteu sakedik mojang anu bendu, majar kahoyong jajaka henteu asup akal.
Saenyana éta jajaka téh kalebet romantis. Apan saacan pok ngedalkeun maksudna, anjeunna téh sok ngajak jalan-jalan papacanganana ka tempat-tempat anu éndah. Contona di hiji patamanan mangsa bulan purnama ngempray di langit lénglang, apan éta téh kaayaan anu romantis?
“Geulis, handapeun bulan purnama ieu, Akang hoyong balaka,” pokna saperti kitu. “Saleresna Akang téh henteu milarian kabogoh.”
“Naha Akang nyarios kitu? Akang hoyong urang pepegatan?” Biasana kitu pokpokan nyi mojang bari bingung.
“Sanés kitu. Sanés hoyong pepegatan. Tapi Akang hoyong ngajak ka balé nyungcung. Akang téh saenyana sanés milarian beubeureuh, tapi milarin bojo, istri.”
Puguh waé atuh, di London taun 2000an, mojang mana anu daék dipihukum sabada dua minggu wawawuhan saminggu papacangan? Eta waé, 99 urang mojang anu ditanya téh milih mundur bari embung panggih deui. Ari éta jajaka, puguh waé raheut haténa mah, ngan henteu kapok.
Orokaya, mojang anu kasaratus mah mungguh matak ngenagkeun jajantungna. Allysa ngaranna téh. Mojang cicingeun, ngabales imut jeung unggeuk lamun aya anu neuteup téh. Saukur imut jeung unggeuk lamun aya anu ngaheureuyan téh. Geulisna, puguh béda ti mojang London jaman harita. Allysa mah siga putri geulis ti mangsa Inggris jaman baheula. Rambutna panjang satonggong, ngagurilap katojo ku panonpoé isuk-isuk téh.  Pameunteu beresih, lambey beureum henteu dipulas.
Matakna, basa éta jajaka panggih jeung Allysa di perpustakaan kampus, terus wawawuhan pedah buku anu ditéangan ku maranéhna sarua. Kadituna mah mindeng silihdongéngkeun ngeunaan Edward the Longshanks, raja Inggris anu kamashur gangas jeung telenges. Eta jajaka ngaku telat balaka ngalamarna. Da puguh dina haté geus aya anu rosa, rasa nyaah, deudeuh, anu sigana bakal béda ti anu enggeus-enggeus. Lamun téa mah ditolak ku Nadya, Margareth, Amanda, Rowling, saukur aya rasa heneg; sigana teu ngahiji jeung Allysa mah leuwih ti heneg.
Matakna sabada lahlahan balaka kahayangna hahadéan ditarima kalayan imut jeung tungkul, rasa anu aya dina dada éta jajaka beuki rosa. Kumaha, naha saminggu deui bakal diajak ka balé nyungcung atawa keun baé bobogohan siga batur, ngumbar rasa anu beuki ngagalura? Meureun dosa, meureun sikep diri téh éléh atuh ku rasa asmara anu kakara enya-enya karasa.
Bari teu puguh rasa, éta jajaka téh tungtungna ngajak jalan-jalan ka patamanan anu simpé. Harita téh peuting kakara tabuh salapanan. Sabada lalajo film di bioskop, maranehna leumpang bari nataan kembang dahlia anu mangkak warna-warni di tengah patamanan. Cahya bulan purnama  nyiptakeun pamandangan anu endah. Allysa mah dijékét anu nutup sirahna da meureun tiris. Ari éta jajaka bet hareudang, rasa paur jeung hamham anu nyababkeunana.
“Jungjunan, waktuna meureun ayeuna, di handapeun bulan purnama ieu, beurat saenyana, Allysa hoyong wakca anu saenyana, sajujurna,” ceuk Allysa teu dibadé ti anggalna.
Eta jajaka ngarahuh. Bet kapiheulaan. Tapi aya anu nyentug dina dadana. Bet jadi imut. Moal kitu Allysa, najan urang London di taun 2000an, ari ningali pamuluna mah, bet pantes nyepeng sikep siga manéhna, moal bobogohan tapi langsung jatukrami.
“Allysa saenyana henteu nuju milari papacangan,” ceuk Allysa deui.
“Milari naon atuh Salira téh?” ceuk éta jajaka bari imut. Inget pangalaman manéhna, 99 kali dialog siga kitu saacan ditinggalkeun mojang kakasihna.
“Milari... mangsa,” pokna jelas, ngoncrang, tapi éta jajaka teu ngarti maksudna.
Allysa terus muka tudung sirahna, neuteup kana bulan purnama anu ngempray. Sidik, écés, éta pameunteu anu geulis beresih téh lalaunan baruluan, sihungan,  terus babaung matak kukurayeun.
“Manusa... aa...jjaagg!” Ngan sakitu anu kaluar tina baham éta jajaka.
**

Kuring seuri sanggeus Celine ngadongéngkeun manusa ajag téa. “Teu ramé ah, nyingsieunan malem minggu,” ceuk kuring.
“Eta téh sanés dongéng samanéa. Terang saha éta jajaka anu didongéngkeun?”
Kuring gideug.
“Eta téh jajaka Sunda anu nuju ngumbara di London. Urang ditu mah nyarebutna Manusia Srigala, ari urang dieu nelahna Ajag Kajajadén. Lamun Celine, nyebutna ka éta jajaka téh... Bapa.”
Tangtu waé kuring ngarenjag. Komo barang ningali pameunteu Celine anu baruluan jeung sihungan. Kuring ngajleng terus lumpat satakerna. Anu ngobrot ti tukang, anu geus salin jinis jadi ajag, ngajenghok basa kuring malik bari taki-taki. Untungna jurus kungsi diajar ngaji kungsi tamat.
Ti harita kuring ngarasa jurig nyiliwuri téh ngungudag taya kacapé. Hirup téh jadi leuwih ati-ati, da puguh manéhna mah bisa mancalaputra-mancalaputri. @@@

Sumedang, 15 November 2018
Mangle no 2710, 20-26 Desember 2018

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DONGENG BEBENE"

Posting Komentar