Katineung Tina Carita Basajan
(Apresiasi Carpon "Kado Keur Indung Budak" karya Agus R. Munggaran)
Lamun seug pirajeunan tumanya, tema naon anu can kungsi dijieun carpon? Sigana henteu aya hiji perkara ogé anu can kungsi dijieun carpon. Estuning carita téh meunang ngareka, ngarugal-rigel, nambah-ngurang, tina carita anu geus aya. Ceuk paribasa urang Arab mah, henteu aya anu anyar di kolong langit.
Lamun seug pirajeunan tumanya, tema naon anu can kungsi dijieun carpon? Sigana henteu aya hiji perkara ogé anu can kungsi dijieun carpon. Estuning carita téh meunang ngareka, ngarugal-rigel, nambah-ngurang, tina carita anu geus aya. Ceuk paribasa urang Arab mah, henteu aya anu anyar di kolong langit.
Aya ogé anu ngotéktak. Ngajangkungan lebah pamadegan,
ngalegaan lebah ambahan, ngajeroan lebah falsafah. Matak réa carpon anu terusna
kudu “dipesék” kalayan daria, perlu pangaweruh pikeun ngobét eusina. Tangtu ogé
réa pangarang anu geus apruk-aprukan hayang nepikeun perkara anu beurat jeung
jero, terusna balik deui, inget deui kana asal muasal carpon, nyaéta carita. Carpon
horéng henteu saukur kudu diteuleuman, dijeroan, dilegaan, tapi ogé kudu
dirasa-rasa, dipapantes, diwawaas. Ari anu dipamrih, matak nineung matak
ludeung.
Carpon Kado Keur Indung Budak karangan Agus R. Munggaran
(ARM) dina Mangle no 2669 éstuning basajan dina téma jeung cara nepikeunan.
Kuring, hiji salaki anu kurang romantis, hiji waktu mah hayang méré kado milangkala
pikeun pamajikanana. Enya ogé henteu biasa, henteu cop jeung lelembutan, tapi
jorojoy hayang ngado dina waktu milangkala téh kajurung ku kabiasaan
pamajikanana anu imeut jeung perhatian kana perkara sarupa kitu.
Di tungtung carita, sanggeus perkara méré kado téh disiapkeun
kalayan daria, pamajikanana kalah ngusulkeun pikeun muka kado téh bulan hareup
waé. “Naha kedah sasih payun?” pok téh bakat ku panasaran. “Apan milangkala
Mamahna ogé sasih payun,” pokna bari imut leleb naker.
Tema samodél kieu tangtu waé geus bulak-balik dekok
dicaritakeun. Meureun lantaran deukeut, nembrak, jeung basajan téa. Bisa jadi
réa pangarang anu geus henteu katarik ati pikeun nyaritakeun téma siga kieu. Malah
aya anggapan, saukur pangarang anyar atawa “kurang gaul” anu masih nyoba-nyoba
nyaritakeunana. Tapi ARM henteu bisa disebut pangarang anyar atawa “kurang gaul”
téa. Salaku wangunan hiji carpon, Kado Keur Indung Budak éstuning weweg. ARM henteu
kabéngbat pikeun nyaritakeun anu lain-lain. Lantaran dina carpon ieu anu
ngalalakon téh Kuring, ARM anteng ngadongéngkeun saha kuring. Anu séjénna,
kaasup pamajikan anu jadi kasang-tukang kahayang méré kado, saukur disampeur
pikeun nguatkeun karakter Kuring. Atuh di tungtung carita, anu maca pasti kéom
atawa imut.
Henteu gampang nyaritakeun téma basajan téh. Meureun lantaran
réa pangarang anu pikiranana geus ngacacang pikeun néang téma “anyar” atawa
cara nepikeun anu leuwih “canggih”, carita anu basajan ogé sok kakiruhan ku anu
disangka “anyar” jeung “canggih” téa. Sakuringeun, maca carpon ARM téh matak
nineung ku basajannna, ku henteu kabéngbatna téa.
Ras inget kana carpon ARM séjénna anu kungsi dibaca, upamana Basisir
Oésapa Mangsa Balébat (Manglé no. 2603), sarua pikanineungeun ku basajanna. Enya
ogé setting basisir henteu pati wawuh (meureun ukur sakuringeun anu urang
gunung), tapi cara nyaritakeun anu “saukur nyaritakeun” jadi kaunggulan pikeun
ARM. Béda jeung carponna Langit Nguyung Di Kuanino (Manglé no. 2590) atawa Lumpia
Basah (Mangle no. 2616), anu eusina aya “kahayang” pangarang pikeun nepikeun
sikep. Ari sikep, bisa jadi anu hébat ceuk pangarang, acan tangtu ceuk batur. Sikep
mah henteu ngarampa sakabéh eusi haté jeung pikiran.
Ceuk kuring, tangtu waé carpon basajan (téma jeung cara
nyarita anu basajan) entong saukur pikanineungeun. Tapi ogé kudu ngajeroan
jeung ngalegaan jadi “pikalewangeun”. Ras inget kana carpon pangarang anu
sababaraha taun ayeuna populer, nyaéta Haruki Murakami, apan témana sakapeung
basajan pisan. Maca téh sok sakapeung kerung, bobogohan di hareupeun kandang
kangguru di darentén geuning bisa jadi carpon (carpon Hari Yang Sempurna Untuk
Kangguru). Atawa sajak-sajak Maulana Jalaludin Rumi, apan réa personifikasi
tina anu sapopoé katingali jeung karasa ku saréréa.
Carpon ARM saperti Kado Keur Indung Budak, kahareupna, meureun
tempatna di dinya. Basajan témana, basajan cara nyaritakeunana, tapi henteu
basajan nineung jeung ma’nana.
Pamulihan, 9 Maret 2018
Mangle no 2671, 15-21 Maret 2018
0 Response to "Katineung Tina Carita Basajan"
Posting Komentar