Rusiah Panjang Umur

dongeng sunda majalah mangle

Jaman baheula, aya sodagar beunghar anu kataji ku béja ti hiji pasantrén. Cenah, kiai di éta pasantrén bisa nyieun ramuan pikeun manjangkeun umur. Atuh gancang éta sodagar téh ngajak sobatna pikeun ngadatangan pasantrén.
“Hayu, Ki Adi. Sugan wé ari jolna ti pasantrén mah nyaan éta béja téh,” ceuk éta sodagar anu ngaranna Atan téh.
“Hayu, Aka. Urang téh da pakaya geus lubak-libuk, kulawarga weweg pageuh, tinggal manjangkeun kasenangan,” témbal sobatna anu ngaranna Alan.
Atuh bring wé Atan jeung Alan téh ka pasantrén. Basa Atan jeung Alan nepikeun pamaksudanana, kiai téh tiba gumujeng.  
“Enya, di ieu pasantrén téh aya ramuan anu disebut Rusiah Panjang Umur,” saur kiai. “Henteu kedah dipésér. Saha-saha ogé anu ngahaja ka dieu bari mapaykeun ramuan éta, pasti dibekelan.”
Di pasantrén téh Atan jeung Alan mondok aya samingguna. Salila saminggu téh kiai réa ngajarkeun jeung ngadongéngkeun kawijaksanaan hirup anu kaunggel dina Al-Qur’an. Poé kadalapan basa amitan, Atan jeug Alan dibahanan peti leutik tina kai.
“Pilarian tanah anu ngahgar, pelakeun Rusiah Panjang Umur ieu, céboran lamun kaparengan halodo, gemuk sacukupnya saacan manjing diculkeun,” saur kiai deui.
Kencling wé Atan jeung Alan mulang. Di jalan Atan ngaharéwos, “Aka mah asa hamham ieu téh. Geuning Rusiah Panjang Umum téh saukur peti kai goréng patut siga kieu. Jeung deui mani diobral, saha-saha ogé bisa meunang. Lamun kitu mah hargana emas sababaraha cepuk anu jelema réa mah henteu sanggup mayar....”
“Huss... entong saengabna kitu, Aka!” Alan ngagebés. “Urang téh geus diajar rupa-rupa élmu kawijakan hirup ti Anjeunna.” 
Dua sobat téh kebat mulang ka imahna séwang-séwangan. Isukna maranéhna néangan tanah ngahgar, ngali lombang, brus wé gemuk kandang anu dibawana. Barang peti kai téh dibuka, horéng eusina pelok buah. Alan imut ningalina. Atan mah kerung henteu ngarti. Tapi pelok buah téh terus dipelakeun.
Lantaran usum ngijih, sababaraha poé ti harita pelok buah téh kacambahan. Pucukna mimiti nongtot, terus manjangan jeung ngajangkungan. Giliran halodo, tangkal buah anu geus sajeungkal téh dicéboran.
“Ki Adi, Aka mah jadi leuwih hamham kana Rusiah Panjang Umur ieu téh. Pelok buah téh geus pucukan, malah geus jangkung ayeuna mah, tapi Aka mah beuki mindeng nyareri awak ieu téh,” ceuk Atan.
“Turut wé heula, Aka. Urang mah henteu apal élmu naon anu aya di satukangeun tangkal buah ieu,” témbal Alan.
Tapi ti harita Atan mah tara datang deui nyéboran tangkal buahna. Atuh basa halodo anggeus téh, tangkal buah anu jangkungna geus dua jeungkal téh garing. Ari tangkal buah Alan, cur hujan téh beuki morontod. Basa didatangan ku Alan, pok téh Atan kalah jejebris, “Ah, anu kitu mah Rusiah Panjang Umur tai pedut!”
Halodo taun hareupna Alan mah masih nyéboran tangkal buahna enya ogé henteu samindeng baheula. Puguh tangkal buah geus ampir satangtung mah apan geus bisa nyedot cai ti handap. Atuh tangkal buahna téh beuki gomplok jeung jangkung waé.
Umur genep puluh lima taun Atan maot. Sataun ti harita Alan ogé nuturkeun. Welasan taun ti harita, aya dua urang jalma anu ngiuhan di handapeun tangkal buah.
“Untung aya tangkal buah di dieu, urang bisa ngiuhan. Panas téh mani mentrang kieu,” ceuk anu saurang. “Alah, geuning itu loba buahna anu geus gumading.”
“Urang atuh bisa ngala, nya. Tangkal di tempat hara-haraeun siga kieu mah meureun euweuh anu bogana. Dina aya anu bogana ogé, pasti dihempékeun keur anu ngaliwat,” témbal baturna.
Dua urang anu keur ngiuhan terus ngarala buah, ngadalahar buahna mani peureum beunta bakat ku nikmat.
“Manéh nyaho saha anu melak ieu tangkal buah?” ceuk anu saurang.
“Saha ogé Anjeunna, urang wajib nganuhunkeun jeung ngadu’akeun kana kahaatanana. Lamun téa mah Anjeunna tos ngantunkeun, satemenna umurna tetep manjang sapanjang tangkal buah ieu méré kahadéan.” @@@

Mangle no 2621, 23-29 Maret 2017

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Rusiah Panjang Umur"

Posting Komentar