Anu Ngagedur Dina Bubur
Unggal ngaduk bubur, Asri ningali pameunteu Apa ngalangkang dina pelendung
sangu éncér. Sabada bitu, pameunteu Apa ogé ngahiang ngajadi hawa panas. Apa
saperti amarah anu taya anggeusna, angger melendung, angger ngaburakeun hawa
panas. Meureun saukur lamun seuneu dipareuman eureunna téh.
Ema enya henteu katingali dina kalangkang pelendung-pelendung bubur téh.
Tapi Asri ngarasakeun ayana Ema dina hawa panas anu ngahéab nebak pameunteuna.
Sainget Asri, rasa siga kitu téh dimimitian tujuh taun katukang sabada
manéhna lulus SMK. Pasosoré bandar cau cunihin téh datang natamu, uplek ngobrol
sareng Apa nepi ka magrib. Peutingna Apa ngageroan Asri, ngajak ngabadamikeun akad
nikah bari sukuran manéhna jeung Pa Sutardi, bandar cau umur lima puluh lima
taun anu tadi soré namu.
Tangtu waé Asri reuwas. Manéhna nolak sapajodogan. Manéhna masih hayang
ngalaman gawé di kota. Atawa nuluykeun sakola lamun kabadanan mah. Tapi Apa
ngambek. Amarahna henteu kawadahan. Apa nyeukseukan laklak dasar.
“Lamun anjeun hayang ngalaman gawé, komo nuluykeun sakola, saenyana bisa
diobrolkeun, Geulis,” saur Ema isukna.
“Sanés saukur éta, Ma. Pa Sutardi téh apan tos kagungan tilu istri. Kumaha
lamun... “
“Apa téh ménta tulung ka hidep, Geulis. Apa téh kalibet hutang...”
Tangtu waé Asri kuciwa. Naha Apa anu kalibet hutang tapi manéhna anu
dikorbankeun? Ema ogé asa saruana. Ema henteu deui jadi tempat panyalindungan.
Lamun Asri henteu lunta nuturkeun Ceu Wawang, lanceuk sabrayna anu gawé di
Bandung, tangtuna Ema bakal terus ngolo sangkan manéhna daék dipihukum ku
bandar cau cetuk huis téa.
**
Salila dua taun ngumbara di Bandung, unggal Asri mulang, Apa jeung Ema
ngabagéakeun ku rasa sono. Pacéngkadan basa Asri kabur alatan nolak dipihukum Sutardi
bandar cau, teu aya tapak-tapakna acan, teu geuneuk maleukmeuk.
Tapi basa mulang kamari, basa obrolan ngaléok kana rumah tangga, Asri
ngarasa raheut anu kungsi ngagurat na jero haténa téh karasa peurih deui.
“Asri, Geulis, umur anjeun téh ayeuna dua puluh taun,” saur Ema. “Geus
waktuna pikeun kulawargaan. Tingali wé ka sakuriling lembur, babaturan anjeun
mah geus marangku budak. Ema gé jeung Apa geus hayang ngasuh incu.”
“Entong tungkul teuing kana pagawéan.” Apa nuluykeun. “Kasab néang rejeki
mah bagéan salaki.”
Asri baeud. Ceuk pikirna, Apa jeung Ema masih boga harepan pikeun ngarérémokeun
manéhna ka bandar cau riab anak malah geus incuan sagala. Asri teu némbal najan
sakemék. Papatah saterusna ngeunaan pentingna kulawargaan pikeun anu geus
manjing umur, saukur ngaliwat kana ceulina.
Isukna, subuh-subuh, najan peré téh saminggu, Asri amitan deui ka Bandung.
**
Asri leumpang sapanjang jalan lembur bari rarasaanana mah henteu puguh.
Ngambek, asa diteungteuingan, tapi ogé henteu puguh, ngambek ku naon jeung
diteungteuinganan pédah naon? Enya, da di bagéan haténa anu pangjerona mah,
Asri ngaku, naon anu diucapkeun Ema téh enya pisan. Di lemburna, di Rancaoray
anu jauh ka sisi jalan raya, awéwé dua puluh taun rata-rata geus mangku budak
dua atawa tilu urang.
Rancaoray téh lembur mencil di sisi leuweung Kareumbi. Butuh waktu tilu jam
leuwih pikeun badarat ka sisi jalan raya di handapeun Cadas Pangéran. Enya ogé
ayeuna mah réa ojég, tapi urang Rancaoray mah mimindengna badarat jalan motong
ka pakebonan.
Keur urang Rancaoray, Asri kaasup budak awéwé anu mahiwal. Lulus SD barudak
Rancaoray mah réréana henteu nuluykeun sakola. Maranéhna leuwih milih
ngabantuan kolotna tani di kebon, di sawah, ngurus sapi peres, atawa gawé di
kandang hayam anu beuki jlug-jleg di sabudeureun lembur.
Sataun dua taun sabada lulus SD, pangpangna barudak awéwé, mimiti aya anu
rumah tangga. Lamun aya anu nuluykeun sakola ka SMP, ampir kabéh barudak awéwé
di Rancaoray mah geus garumeulis néangan pisalakieun. Kolot ogé apan hariwang
lamun nepi ka umur dua puluh taun budakna acan manggih jodo.
Asri mah mahiwal lantaran hayang nuluykeun sakola ka SMK. Lulus SMP
saenyana Apa ngajurung Asri pikeun gawé di kandang hayam. Tangtu waé tujuanna
mah ngarah Asri bisa sagancangna ngabantuan kasusah kolot. Jeung pangpangna
ngarah deukeut jodona. Tapi Asri hayang nuluykeun ka SMK.
“SMK mah ayana di kota kacamatan atawa kabupatén. Lamun henteu di
Tanjungsari, nya kudu di Sumedang sakolana. Apa mah teu boga béayana pikeun
mayar ka sakola, indekos jeung sapopoéna,” saur Apa harita.
“Ibu Bidan kantos nawisan ka Asri, upami Asri hoyong sakola ka SMK, Asri
tiasa mondok di Panti Anak di Tanjungsari,” ceuk Asri sumanget. “Apa sareng Ema
mah henteu kedah nyayogikeun béaya nanaon deui. Apa sareng Ema mah cekap ngahadep
ka Ibu Bidan, carioskeun kahoyong Asri neraskeun sakola ka SMK. Ibu Bidan gaduh
kenalan di Panti Anak téa.”
Ku sakitu ogé Asri téh kaasup mahiwal pikeun barudak Rancaoray mah. Acan
kungsi aya barudak Rancaoray anu sumanget hayang neruskeun sakola ka SMK, nungtun
kolotna anu umumna henteu apal nanaon, pikeun néangan béja carana sangkan bisa
sakola haratis.
**
Salila genep taun ngumbara di Bandung, Asri sababaraha kali pindah kasab.
Kungsi gawé di Rumah Makan Sunda, jongko bubur, ngajaga warnét, Rumah Makan
Padang, jeung toko kuéh. Hasilna, salain keur kaperluan sorangan, ogé pikeun
ngabantuan béaya sakola adi-adina. Seragam sakola, buku, sapatu, tas, unggal
mulang ogé Asri sok mekel.
Ema sareng Apa tangtu waé bagja ningali Asri mandiri siga kitu. Asri téh
jadi kaagulan lamun keur reureuh di kebon atawa di pangajian saméméh ajengan
sumping. Tapi enya ogé jadi anu dipiagul, Asri teh angger jadi budak anu
dipikahariwang. Lain waé jodona anu siga acan mikir-mikir, tapi ogé kalakuanna
anu mahiwal.
Genep bulan katukang, gétréngna jeung Apa henteu bisa diperuhkeun ku basa
Ema anu leuleuy. Mimitina mah basa Asri mulang bébéja ngabismillahan usaha
sorangan. Asri téh hayang dipangdu’akeun, da cenah usaha sorangan mah béda
hawana, béda halangan-harunganana, béda kahéséanana.
“Asri téh asa tos wareg kasab di batur, Apa, Ema,” ceuk Asri ngamimitian,
sabada isya basa keur ngumpul di tengah imah. “Asri ayeuna téh ngawitan icalan
bubur rempah, bubur anu pagalo sareng bungbu rempah-rempah. Resép rusiahna mah
tos nimu, apan aya sataunna Asri damel di jongko bubur rempah. Du’akeun Asri,
mugi tiasa janten pengusaha, Apa, Ema.”
Tangtu waé Asri henteu nyangka Apa bakal ngabudalkeun amarahna. Amarah anu
saperti disidem ti jauhna.
“Manéh téh enya-enya budak anu kabalinger! Pinter kabalinger!” saur Apa
bari sorana semu ditahan. “Mindeng Apa téh nahan diri nempo kalakuan manéh.
Tapi ayeuna mah geus kaleuleuwihi. Pantrangan! Pamali pikeun kulawarga urang,
pikeun urang lembur Rancaoray, pikeun jual-beuli Nyai Sri! Manéh hayang disupata
ku karuhun?”
Asri molohok ngembang kadu. Bakat ku teu nyangka. Bakat ku reuwas jeung
henteu kabayang najan satungtung buuk. Keur leutik enya Asri kungsi apal aya
pamali di lemburna. Pamali nyésakeun sangu dina piring, pamali ngadagangkeun
paré anu disebut Nyai Sri téa. Tapi apan éta mah baheula. Pamali nyésakeun
sangu dina piring masih bisa kaharti. Ari pamali ngadagangkeun paré, béas atawa
sangu, pamanggih Asri saukur kabodoan karuhunna anu meureun kungsi bangkrut
basa balantik kadaharan tina paré. Asri saukur molohok basa Apa ngabamblam
ngeunaan pamali balantik Nyai Sri.
**
Isukna Asri ka Bandung deui. Dibaturan ku Ujang, adi sabrayna anu geus dua
taun lulus SMP, Asri ngamimitian dagang bubur rempah. Mimitina dagang maké roda
nguriling perumahan-perumahan. Ujang anu ngadorong roda, Asri anu ngaladangan.
Maju ka genep bulan mangkal di hareupeun imah tipe 22 anu dikontrakna.
“Bubur urang téh ngawitan katelah, Téh. Tadi aya nu mésér, saurna tos
sababaraha dinten ngantosan urang ngalangkung,” ceuk Ujang. “Saurna, kedahna
upami urang badé mangkal ngawartosan heula ku némpélkeun béwara dina témbok,
atawa ngadamel spanduk.”
Asri imut. Aya bagja jeung reueus dina dadana. Sanggeus hésé-capé
ngokolakeun anu leuwih ripuh batan gawé di batur, usaha bubur rempahna mimiti
karasa aya kamajuan. Mimiti aya langganan, mimiti aya anu mesen, mimiti aya anu
ngahaja balanja bubur pikeun oléh-oléh.
Tapi unggal ngadonan bubur, haté Asri mah beuki ngarakacak. Rarasaanana
beuki henteu pararuguh. Dagangna mimiti malaweung. Sakali mangsa mah kungsi
peré sagala bari alesanna teu puguh. Ujang henteu ngarti. Komo basa kontrakan
imah anu ngan sabulan sakali, cenah moal dituluykeun.
“Naha kunaon, Téh?” ceuk Ujang baluweng.
“Urang mulang heula, Jang. Satungtung Ema sareng Apa, enya Uwa manéh,
henteu ngaréstui, haté Tétéh henteu bisa tenang,” ceuk Asri. “Roda, kompor,
langseng, jeung sakumplitna, jual waé ka anu boga imah. Cenah Si Ibu téh hayang
nuluykeun dagang bubur.”
Ujang tangtu waé kuciwa. Tapi henteu bisa kukumah. Ongkoh deui manéhna
ngarti kana kasusah lanceuk sabrayna. Sanggeus réngsé mah urus-urus sagalana,
isuk-isuk maranéhna mulang naék beus jurusan Cirebon.
“Télépon Ema, Jang. Wartoskeun, Tétéh mulang ayeuna,” ceuk Asri.
Ujang ngahubungi Ema. Kitu salila dagang bubur mah, lamun aya kaperluan
téh, sok Ujang anu nélépon kolot Asri.
“Assalamualaikum, ieu sareng Ujang, Wa. Ujang sareng Téh Asri, ayeuna nuju
di jalan, nuju di beus, badé uih,” ceuk Ujang semu ngagorowok, da puguh
kasaweur ku sora beus.
Ema henteu némbal. Sanggeus hp ditutup, Ema neuteup ka Apa.
“Asri jeung Ujang mulang, ayeuna keur di jalan,” saur Ema.
Apa saukur molohok. Reuwas ngadangu béja siga kitu. Rét kana dus sadua-dua
di gigireun korsi diukna, dus pinuh ku bungbu-bungbuan. Sora beus mungguh
ngguruh.
“Pa,
atuh urang ogé kedah uih deui, nya?” @@@
Mangle no 2689, 26 Juli - 1 Agustus 2018
0 Response to "Anu Ngagedur Dina Bubur"
Posting Komentar