Ngaliwet Unggal Poe

barakatak majalah mangle

Ti keur leutik kuring mah diogo ku nini. Ene kuring mah nyebutna téh. Ti acan sakola kuring sok ngéndong di bumi Ene. Puguh atuh da resep. Isuk-isuk sok diagéhkeun endog hiji keur meuli surabi. Surabi diendogan hiji téh méwah pisan taun 1970-an ahir mah. Puguh atuh, apan lamun Mamah anu miwarang mésér surabi mah, hiji endog téh sok dibagi opat atawa lima surabieun. Ari Ene apan gaduh hayam petelor tilu puluh siki.
Salain hayam petelor, Ene ogé gaduh hayam kampung seueur. Hayam kampung mah sok diliarkeun. Minangka kandangna téh di buruan pengker aya sayang-sayangna tina bubututan. Éta téh keur hayam anu ngendog. Ari anu henteu ngendog mah sok ngarampihna téh dina tatangkalan. Tangkal cengkéh, sawo, sirsak, unggal peuting téh rapang hayam.
Keur kuring SMA sakola téh ka kota. Atuh saminggu sakali paling gancang atawa sabulan sakali paling elat sok balik. Hayam kampung Ene téh masih seueur, enya ogé henteu saseueur kuring keur leutik. Ari hayam petelor tos henteu miara deui da apan Aki tos ngantunkeun.
Keur pakanci, ulin téh sok tamat nepi ka peuting. Lamun beurang mah ngadon leuleumpangan ka sisi leuweung, atawa pasosoré méngbal, peutingna lamun henteu mondok di masjid nya ngadon kémping di kebon. Lain kémping meureun kasebutna da saré mah di saung. Atuh bari ngadarongéng téh sok ngaliwet. Laukna mindengna mah ngobor heula di sawah.
Kungsi keur libur téh paré keur sumedeng konéng. Henteu bisa ngobor atuh lamun arék kémping téh.
“Néwak hayam waé atuh, da anu Ene ieu,” ceuk si Sarjang méré usul.
“Lain maok ngaranna anu nini mah,” ceuk si Tian ngadukung. “Anu aki urang mah keur ngarendog euy, lebar. Pakanci seméster hareup tah bisa diala.”
“Nya jung atuh ari bisa néwakna mah. Keun bébéja mah ka nini isukan. Asal entong gareuwah wé,” ceuk kuring.
“Percayakeun wé ka Sarjang anu kitu mah,” ceuk si Sarjang.
Si éta mah enya pinter tuwuk-téwak ulu-ala mah. Ngan henteu nyangka saeutik-eutik acan, ari kuruncul téh Sarjang jeung Ogi mawa hayam geus meunang meuncit, lima hulu.
“Naha loba-loba teuing? Apan anu kémpingna ogé ngan opatan?” ceuk kuring reuwas.
“Kieu euy, dina cengkéh téh aya hayam lima siki ngajajar. Lamun ditéwak hiji pasti gareuwah. Jadi kabéhanana wé ngarah aman,” pokna énténg bari sura-seuri.
Atuh kuring katempuhan, isukna bébéja ménta hayam keur liliwetan bari kémping. Peuting isukna bébéja deui kitu. Atuh poé ka lima mah Ené téh ngagebés. “Ari manéh, kemping téh mani unggal peuting. Naha aya kitu hayamna?” saurna.
Tayohna Ené mah tara pirajeunan ngétang hayamna. Pami hoyong endog tinggal nyandak ka sayang. Pami aya tamu sok meuncit hayam. Tapi henteu terang hayamna sabaraha hiji deui. Beu, hanas kuring mani sieun. @@@

Mangle no 2626, 27 April - 3 Mei 2017

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ngaliwet Unggal Poe"

Posting Komentar