Endog Sawen
Ieu mah pangalaman amang jaman nuju budakna. Taun tujuh
puluhan téh cenah di lembur masih kénéh tukuh kana tradisi. Saméméh dibuat sok
dipasang sawén di sawah anu bakal dipanén. Sawén téh biasana tina awi anu
jangkungna satangtung kolot, ditancebkeun kana sawah. Di luhurna aya wadah
paragi neundeun rurujakan, bubur beureum bubur bodas, puncak manik anu
dicongcloan endog kulub. Puncak manik téh tumpeng leutik. Anu sawahna lega mah
sok diémbohan ku kopi jeung bakakak hayam sagala. Atuh di gigireunana aya
umbul-umbul anu dihias ku janur.
Ari amang harita téh kakara umur salapan-sapuluh taunan.
Mimitina mah cenah diajak ku sobatna, pasosoré ngintip anu neundeun sawén.
Biasana anu neundeun sawén téh aya tukangna. Abah Darsa anu geus katelah tukang
neundeun sawén di sawah anu rék dipibuatan. Sanggeus sawén ditancebkeun,
dijampéan atawa didoaan atawa diparancahan naon bari ngaduruk tapas kalapa anu
diawuran menyan, léos wé Abah Darsa mah balik.
Sanggeus Abah Darsa jauh, amang jeung sobatna téa
ngadeukeutan sawén. Amang dipunglu, anu aya dina sawén téh dibawaan. Bubur
beureum bubur bodas, endog kulub, kupat dupi jeung tangtang angin. Lamun
kabeneran aya bakakak hayam téa.
Kitu kalakuan téh henteu kanyahoan da puguh harita mah
nyumputna ogé babari. Apan paré anu isukan bakal dipibuatan téh jangkungna nepi
ka sadada kolot. Budak mah laput moal katingali ti kadeukeutan ogé. Soréna
atawa peutingna sanggeus diteundeun sawén pikeun ciri sawah anu bakal
dipibuatan, jeung tanda hurmat cenah ka karuhun, sok diayakeun hamin. Hamin téh
sukuran, dahar balakécrakan jeung tatangga. Anu hamin biasana ngala lauk di
balongna jeung meuncit hayamna.
Amang gé tangtua waé sok milu lamun anu haminna tatangga
anu deukeut mah. Tah basa peutingna hamin, amang ngadangu laporan Abah Darsa ka
anu arék panén.
“Panén ayeuna mah pasti mucekil, Pa,” ceuk Abah Darsa.
“Tadi soré Abah ngaliwat ka sawah, geuning sawén téh geus ngurangan. Kopi
tinggal gegedohna, bubur beureum bubur bodas ledis, jeung puncak manik mah komo.
Éta téh tandana ditarimakeun ku karuhun.”
Anu hamin unggeuk-unggeukan tanda sugema. Nepi ka ayeuna
teu arapaleun cenah sawén anu sok leungit téh dibawa ku amang jeung sobatna,
tuluy didalahar di saung atawa tempat anu jauh. Kadieunakeun sanggeus masarakat
beuki apal kana agama Islam, sawén téh tara aya deui. Atuh hamin ogé tara aya. Éta
anu hanjakalna mah. Apan lamun hamin téh tatangga ogé ngarabarantuan olah. Atuh
rejeki anu bakal dipanén ogé kaasaan ku batur salembur mah. @@@
Mangle no 2578, 19-25 Mei 2016
0 Response to "Endog Sawen"
Posting Komentar