SUSU MURNI

carpon susu murni yus r. ismail

“Héy... tukang susu... kumaha rasana meres bobogaan sapi, euy?” Anto ngagorowok basa kuring ngaliwatan gapura sakola. Babaturanana anu keur ngumpul di handapeun tangkal flamboyan patingbarakatak.
Kuring ngungkug. Henteu dirérét-rérét acan. Haté mah mentegeg. Di hareupeun kelas barudak awéwé keur ngarumpul. Maranéhna narempo ka kuring. Pasti saling haréwos, naha bener kuring tukang susu murni?
Anisa mah haré-haré waé. Pikasebeleunana téh api-api maca buku. Dasar, bangkawarah! Pangrasa téh di sakola ieu mah can aya anu apal yén kuring tukang susu murni, kecuali Anisa tangtuna ogé. Kakara saminggu Anisa nyahona ogé. Tapi biwirna nyaan célémbéngna.
Mimitina mah saminggu katukang kuring meunang langganan anyar. Manéhna nélépon ka kuring, ménta dianteuran dua léter susu murni unggal poé. Isuk-isuk basa kuring nganteurkeun susu ka imah agréng, kuring ningali Anisa keur megat di buruan. Manéhna imut bari nyampeurkeun basa kuring siga anu teu percaya ngakurkeun alamat dina keretas sacewir jeung imah manéhna. Jajantung mah ratug. Biasana kuring mah kitu, lamun panggih jeung babaturan keur kuring gawé téh sok curiga waé.
“Ieu téh murid enggal téa di SMU Harapan nya?” ceuk Anisa.
Kuring ukur unggeuk. Song pelastik susu murni  téh dibikeun ka manéhna. Ceg deui kana sapédah bari terus amitan. Anisa anu siga arék ngajak ngomong deui hareugeueun.
“Hey... ieu artosna!” Anisa ngagorowok. Tapi kuring geus jauh. Api-api henteu ngadangu. 

**

Ti leuleutik kuring mah teu tuman dihina batur. Matakna dua bulan katukang kuring pindah ka SMU Harapan téh. Lantaran di SMU Binaan anu perenahna di kota kacamatan, ampir kabéh babaturan sasakola nyaraho kuring téh tukang susu murni. Unggal poé meres susu sapi, nganteurkeun ka koperasi, ngarit, melak jukut gagajahan, ngakut hampas tahu. Ampir unggal poé babaturan ngageuhgeuykeun. Aya anu nyebut anak sapi, pemain film porno da cenah kuring ngusapan waé susu sapi, jeung duka naon deui. Anu penting mah maranéhna bisa seuri ngeunah ku ngalédék kuring.
Eta ogé henteu salah. Sapi téh jadi pangupa jiwa keur kulawarga kuring mah. Lanceuk-lanceuk kuring, apan barisana sakolah téh dibéayaan ku sapi. Sapi anu ngan dua hulu. Ti sabada subuh, kuring jeung dua urang lanceuk pilih genti meres susu, nganteurkeun ka koperasi, ngarit.
Ti SMP kénéh saenyana kuring geus biasa ngadéngé anu ngahina atawa sakadar ngageuhgeuykeun basa babaturan nyarahoeun yén kuring tukang susu. Tapi nepi ka ayeuna kuring henteu bisa narima. Sok aya waé perasaan nyelekit dina ati. Hayangna mah males némpas, “Rék tukang susu rék tukang naon, kumaha déwék wé! Naha silaing ngilu ribut teu pupuguh?”
Matakna dua bulan katukang kuring hayang pindah sakola. Apa mah henteu satuju. Cenah, sakola di kota kabupatén mah atuh béayana mahal. Kudu ngontrak kamar, dahar kudu meuli, jeung sajabana. Tapi kuring ngarenghik, ngolo ka Ema. Sanggeus diidinan ku Ema mah Apa ogé henteu bisa nanaon.
“Tapi kudu inget, Din, sakola manéh téh dibéayaan ku sapi,” ceuk Apa. “Enya ogé manéh henteu bisa padeukeut jeung kandang, manéh kudu boga usaha anu aya patalina jeung sapi.”
“Apan abdi badé icalan susu murni, Pa.”
Dianteur ku lanceuk kuring néangan kamar kontrakan anu rada lega tapi murah. Enya ka sakola mah rada jauh. Tapi henteu nanaon, kuring geus biasa sasapédahan jauh unggal poé. Apan saacan ka sakola téh kuring kudu nganteur-nganteur susu murni ka langganan.
Saminggu saacan asup sakola kuring mah geus ngoprék komputer jadul warisan ti lanceuk di kamar kontrakan. Nyeting penawaran susu murni, dicitak dina keretas sarim, terus ditémpel-témpel di témbok sakuriling kota. Atawa dibagikeun ka anu kakara kaluar ti swalayan. Lumayan hasilna, saminggu téh meunang lima urang langganan.
Lima urang langganan hartina sapoé tujuh liter susu, da aya duaan anu langganan dua léter. Pasosoré lanceuk kuring nganteurkeun susu murni anu harga saliterna Rp 6.000. Isuk-isuk kuring nganteurkeun ka langganan, hargana Rp 12.000. Untungna aya Rp 6.000 kali 7 léter sarua jeung Rp 42.000 sapoé. Dina sabulan penghasilan kuring Rp 1.2600.000. Tah éta téh kudu cukup keur béaya sakola, dahar katut mayar kontrakan.

**

Anisa tangtu waé budak anu beunghar. Bapana cenah mah ketua DPRD kabupatén. Imahna apan sakitu agréngna. Imah dua tingkat anu aya balkonan, cenah mah nurutan arsitektur imah méwah di Spanyol. Buruanana lega, ditamankeun. Pasti aya pagawéna anu husus ngurus taman. Indit sakola dianteur ku mobil CR-V.
Tapi kuring henteu sérab ningali pakayana. Ti minggu kamari hayang nyarékan bari tutunjuk kana irungna. Enya, ieu mah perkara harga diri. Ti saprak Anto ngageroan kuring tukang susu, anu ngahina téh mani merul.
Kabeneran Anisa mah sering nyorangan. Isuk-isuk saméméh bél asup, istirahat, atawa balik nungguan anu mapagkeun, jarang aya anu maturan. Sobatna meureun saukur buku. Mojang anu sombong. Meureun matak kitu ogé milih-milih sobat.
Ari kituna, unggal diajar di kelas ogé apan siga anu henteu serieus. Ampir sajam sakali ngacung, idin kaluar. Anéhna, guru-guru ngidinan kitu waé. Ogé kaasup Pa Asip anu galak. Ah, meureun guru-guru ogé sieuneun ku bapana Anisa.
Balik sakola kuring ningali Anisa nungguan mobil anu mapagkeun, nyorangan. Kasempetan keur kuring. Enya jajantung mah ratug. Tapi sirah sieun katurelengan lamun henteu dibudalkeun kakeuheul.
“Anisa..., manéh enya beunghar! Bapa manéh enya pejabat! Tapi uing moal sieun! Manéh pikasebeleun! Biwir manéh célémbéng alah batan tivi butut!” ceuk kuring bari tutunjuk, sora ngadégdég. “Uing enya saukur tukang susu murni, tapi harga diri uing mah luhur!”
Anisa reuwaseun. Manéhna molohok. Tarangna kerung. Biwirna siga anu sapok-pokeun tapi henteu betus.
“Manéh meunang seuri nyaksian uing dihina ku babaturan! Manéh meunang ngarasa senang. Tapi keur uing, manéh téh bangkawarah! Manéh téh sialan! Manéh téh borokokok! Manéh téh atah adol!” 

**
Sanggeus nyarékan Anisa, peutingna kuring ngahuleng di kamar kontrakan. Kumaha ari isuk, kirim entong susu murni ka imah Anisa? Dua léter sapoé hartina untung Rp 12.000 sapoé, Rp 360.000 sabulan. Aya rasa kaduhung geus nyarékan Anisa. Leungit untung Rp 360.000 lain saeutik. Néangan langganan téh hésé. Tapi aya ogé rasa sugema.
Isukna kuring henteu ngirim susu murni ka imah Anisa. Nepi ka beurang, soré, peutingna deui, henteu aya télépon anu nanyakeun kiriman susu. Ah, pasti manéhna geus pindah langganan. Tengah peuting kakara ogé ngalenyap, aya sms ti Anisa: “Lamun isuk henteu ngirim deui susu murni... AWAS!”
Atoh aya reuwas aya. Isukna subuh-subuh kuring ngirim deui susu murni ka imah Anisa. Maksud mah ngarah henteu panggih jeung Anisa. Era. Tapi mani ratug jajantung barang ningali aya anu keur diuk dina korsi téras. Anisa. Naha ngahaja nungguan kuring?
“Ngahaja, Nisa nungguan ti kamari!” cenah basa kuring mikeun susu murni. “Tapi manéh anu bangkawarah mah! Manéh borokokok mah! Manéh atah adol mah! Manéh henteu datang!”
Kuring ngabetem.
“Manéh nyaho, unggal jalma ogé boga kakurang? Manéh nyaho kunaon Nisa ampir sajam sakali kaluar kelas? Manéh nyaho kunaon Nisa sering nyorangan?” Anisa neuteup. Kuring gideug. “Lantara Nisa boga kakurang. Ampir sajam sakali Nisa kaluar kelas ngarah bisa laluasa... hitut! Henteu bisa ditahan. Babaturan ogé embung jadi sobat Nisa meureun lantaran éta. Maranéhna acan bisa narima kakurangan Nisa anu henteu bisa nahan hitut.”
Kuring molohok. Hayang seuri. Lucu. Tapi rarasaan téh Anisa henteu keur heureuy.
“Waktu manéh nyarékan laklak dasar, Nisa mah henteu ngarti. Tapi sanggeus ngahuleng kakara engeuh. Oh, meureun manéh embung disebut tukang susu, pemain film porno, balad sapi, jeung nu séjénna.” Anisa neuteup kuring. “Tapi Nisa henteu pernah comél ka sasaha ogé!”
Reuwas. Awak gé asa ngadégdég. “Nyarahoeun ti saha atuh?” ceuk kuring bari sora ngeleper.   
“Duka teuing!” jawab Anisa tegas. “Barina ogé, naha dianggap anu moyokan siga kitu? Maranéhna téh moyok tandana sirik. Anggap wé heureuy, jawab ku heureuy deui wé.”
“Atuh... hampura uing....”
“Ah, Nisa mah henteu kapangaruhan ku anu nyarékan, da Nisa mah henteu salah. Ti kamari gé geus dimaafkan.” Nisa neuteup deui ka kuring. “Nisa mah kapangaruhan pedah manéh henteu ngirim susu. Ceuk dokter, panyakit hitut waé bari henteu bisa ditahan téh saeutik-saeutik bisa cageur lamun rutin nginum susu murni.”
Kuring ngarénghap ngemplong.
“Udin, anu kudu apal mah, pagawéan meres susu, ngurus sapi, dagang susu, éta téh lain kakurangan,” ceuk Anisa. “Tapi kahébatan anjeun! Jaman ayeuna, rumaja daék diajar usaha bari sakola, patut dipikareueus.”
Harita, isuk-isuk harita, kuring kakara sadar, Anisa téh aya ku geulis. @@@

Mangle no 2567, 3-9 Maret 2016

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SUSU MURNI"

Posting Komentar